Ku Iwan M. Ridwan
Téknologi nu beuki maju geus mawa kahirupan manusa
ka nu leuwih motékar. Ku ayana téknologi sagala nu aya di dunya méh taya nu
luput tina kanyaho manusa, boh nu lawas boh nu tacan kasorang. Upamana baé kajadian
di alam pawenangan nu geus bisa dilelebah atawa diprédiksi saméméhna, contona samagaha.
Mun mah baheula saméméh aya téknologi, karuhun urang tara nganyahokeun iraha
datangna samagaha.
Kiwari urang geus pada nyaho yén tanggal 9 Maret
taun 2016 bakal aya samagaha panon poé total di lemah cai urang. Sakuliah dunya
milu ibur. Réa wisatawan nu ngahaja ngadareugdeug hayang pada-pada nyaksian
lumangsungna samagaha total anu karandapan di nagara urang. Samalah kapal
pesiar ogé geus disayagakeun pikeun mapag samagaha nu bakal lumangsung
isuk-isuk. Éta kapal téh baris ngangkleung di tengah laut Indonésia nuturkeun poékna
panon poé. Dumasar kana erongan Lembaga Penerbangan dan Antariksa Nasional
(Lapan), anu enya-enya ngarandapan poék mangsa samagaha total téh karandapan di
11 provinsi nyaéta Bengkulu, Jambi, Sumatera Selatan, Bangka Belitung,
Kalimantan Barat, Kalimantan Selatan, Kalimantan Tengah, Kalimantan Timur,
Sulawesi Barat, Sulawesi Tengah, katut Maluku Utara.
Upama samaga panon poé total
lumangsung, langit bakal poék pikeun sawatara waktu (sanajan ukur memenitan),
boh isuk kénéh boh geus beurang. Panon poé bakal siga-siga
lélépén alias cincin, ari tengah-tengah
panon poé ngabelegbeg hideung, ukur témbong sisina kawas cincin, ku kituna
réa
nu nyarebut Gerhana Matahari Cincin.
Éta kajadian alam téh geus dipiwanoh ku sakumna pangeusi
dunya di saban bangsa, pangna kitu samagaha mah geus ti babaheula karandapan. Réa
kamandang ti papada manusa jaman baheula ngeunaan samagaha di saban nagara,
upamana baé ceuk urang Vietnam kuno, samagaha panon poé karandapan balukar aya
bangkong raksasa ngadahar panon poé. Ceuk urang Cina, cenah éta panon poé teh
diteureuy oray naga anu saméméhna ngocorkeun getihna ka walungan.
Ku kituna urang Cina nyebut samagaha téh “chih” anu hartina ngahakan.
Ari kaum Viking di Éropah percaya yén ajag anu boga tanggung jawab kana
leungitna panon poé. Panon poé anu didéwakeun ku kaom Viking, dipercaya éta
Déwa
Sol atawa panon poé téh, salalawasna diudag-udag ajag nu
ngaran Skoll. Upama éta ajag bisa ngerekeb panon poé, mangka karandapan
samagaha. Ku kituna supaya Si Ajag ngaleupaskeun panon poé, kaom Viking kudu
narakolan panci jeung katél sangkan éta ajag sieuneun tur
ngaleupaskeun panonpoé.
Kacaritakeun rakyat Koréa jaman
baheula mah percaya yén samagaha téh kajadian balukar aya sakadang anjing
mistis maling panon poé. Ari masarakat Yunani kuno percaya, samagaha panon poé
mangrupa siloka yen déwa-déwi keur ceuceub. Ari éta samagaha
hartina méré tangara rék aya balahi atawa mamala turta bakal
aya kajadian anu matak tumpur ludes. Kecap “eclipse” tina basa Yunani kuno
“ekleipsis” anu dina basa Sunda “samagaha” atawa “gerhana” dina basa Indonésia,
ngandung harti “diantepkeun” atawa “ditinggalkeun.” Maksudna mah manusa ditinggalkeun
ku panon poé.
Ari di India, aya sawatara kaom nu
percaya kudu ngalakonan puasa. Pangna kitu arinyana ngarasa lewang tur percaya,
pasakan atawa dahareun anu diasakan dina mangsa poé samagaha bakal robah jadi
racun.
Pikeun Bangsa Arab, utamana kaum
Quraisy, samagaha téh dipatalikeun kana
kajadian-kajadian husus, kawas ayana nu lahir jeung nu maot. Jaman Nabi
Muhammad saw ogé karandapan kénéh éta kapercayaan téh. Kawas anu kungsi karandapan dina hiji
poé, samagaha panon poé mareng jeung pupusna putra Kangjeng
Nabi anu wastana Sayid Ibrahim. Harita masarakat percaya éta samagaha téh
karandapan lantaran putra Kangjeng Nabi tilar dunya. Atuh éta kapercayaan téh
langsung ditolak ku Kangjeng Nabi, yén samagaha boh bulan boh panon poé,
mangrupa tanda-tanda kakawasaan Pangéran. Samagaha lain balukar tina aya nu
maot atawa nu lahir. Upama aya samagaha mah leuwih hade ngadu’a, takbir, solat
turta sidekah.
Lian ti mangpirang mitos di luhur,
aya mitos anu dipercaya ku sajumlahing bangsa di dunya kaasup di Sunda, nyaéta
upama samagaha keur lumangsung ulah kaluar imah. Utamana nu keur kakandungan,
sabab matak bahaya boh keur indungna boh keur orokna. Cenah upama nu keur
kakandungan aya di saluareun imah mangsa samagaha, orok anu dikandungna bakal
lolong turta biwirna suwing saméméh gubrag ka alam dunya. Pon kitu
deui barudak dipahing pisan ngulayaban di saluareun imah mangsa samagaha. Nu
nulis kungsi dicarék ku indung sangkan teu kaluar ti imah mangsa samagaha,
cenah aya Batara Kala keur ngarewég panon poé, ulah kaluar bisi lolong.
Ngerem manéh waé di kamar, ulah taang-toong ka luar.
Kaharti ayeuna nu matak kuring dipahing kaluar mangsa samagaha panon poé téh. Keur budak mah apan sok sagala
hayang apal, kumaha lamun kuring panasaran hayang nyaksian samagaha, tuluy nénjo panon poé, nya pasti ruksa ieu
panon. Nu matak para ahli atawa ilmuwan mah enya-enya nataharkeun pakakasna pikeun
nyaksian lumangsungna samagaha téh. Maké téléskopna ogé kudu anu enya-enya aman, filterna kudu
kuat. Pangna kitu ogé matak bahaya upama disaksian ku
panon langsung mah.
Nya naon atuh ari samagaha téh? Kumaha prakprakanana éta
samagaha?
Éta patalékan téh kawasna barudak ésdé ogé geus bisa ngajawab. Dumasar kana paélmuan astronomi, samagaha panon poé
atawa gerhana matahari karandapan mangsa posisi atawa cicingna bulan
aya di antara bumi jeung panon poé, ku kituna éta bulan nutupan panon poé boh
sawaréh
boh sakabéhna anu disebut gerhana matahari total téa. Sanajan ukuran bulan leuwih
leutik, tapi kalangkang bulan bisa nutupan sakumna cahaya panon poé anu nyorot
ka dunya. Ari pangna kitu, bulan mah leuwih deukeut ka dunya ti nimbang panon poé.
Anggangna bulan ka dunya rata-rata 384.400 kilométer, ari panon poé anggangna ka
dunya rata-rata 149.680.000 kilométer. Ku kituna upama bulan mareng
sagaris jeung panon poé, otomatis bakal ngahalangan sakumna cahaya panon poé
pikeun sawatara léngkob di dunya.
Ari samagaha atawa gerhana bulan, kajadian upama cahaya panon poé anu nyaangan bulan
kahalangan ku bumi, ku kituna kalangkang bumi bakal neueul kana bulan, anu
antukna bulan jadi poék. Ari bulan mah apanan satelit alami bumi alias benda
langit anu teu bogaeun cahaya sorangan, tapi ngandelkeun tina panon poé, tuluy
diténgtogkeun
atawa dipantulkeun ka dunya, tah éta nu matak cahaya bulan mah ukur cahaya
pantulan, ku kituna hawana tiis. Hal éta ogé anu ngabalukarkeun bungkleukanana
bulan teu angger buleud dina sabulanna, tapi papasian luyu kana sudut anu
kakeunaan ku cahaya panon poé tur mantul ka dunya.
Dina émprona kiwari samagaha téh geus teu dipercaya deui jadi hiji
kila-kila, tapi geus dibuktikeun kanyataanana. Éta téh satutas élmu pangaweruh ngeunaan astronomi
beuki nguniang, utamana satutas ayana téléskop kira-kira abad ka-17 anu
dipitembeyan ku Galileo. Satutas aya pakakas téléskop pikeun nitenan langit katut
eusina, réa ilmuwan anu ngahaja naritenan prakprakan samagaha, upamana baé
Johanes Kepler ilmuwan anu ngayakeun panalungtikan munggaran kana samagaha
panonpoé total taun 1605. Satuluyna tanggal 3 Méi 1715 Edmund Halley geus mampu
ngijir waktu katut jalur samagaha anu kawilang gemet. Tepi ka kiwari ayana téknologi
bisa ngijir iraha jeung di léngkob dunya mana waé anu bakal ngarandapan poé balukar
samagaha.
Téknologi bisa ngungkab kanyataan
dina kajadian alam anu sabenerna, tur nyieuhkeun kapercayaan manusa anu karéréaanana matak lewang balukar tina
ayana samagaha téh. Cindek mun rék dipatalikeun kana dawuhan Kangjeng
Nabi mah samagaha téh –boh bulan boh panon poé, mangrupa salah sahiji tanda-tanda
kakawasaan Pangéran. Ku kituna bakal leuwih hadé upama urang salaku ummatna tuhu
kana naon anu kungsi didawuhkeun ku Kangjeng Nabi, heunteu kudu boga kasieun
kawas anu dicaritakeun ku kapercayaan jalma-jalma baheula. Nu matak tanggal 9
Maret ieu urang teu kudu hariwang atawa ringrang dumeh aya samagaha. Lian ti éta
nu nulis gé
percaya di
antara para wargi tos pada apal kajadian samagaha nu saenyana tur teu aya anu
percaya kana mitos di satukangeun samagaha. cag.