Wanci
sareureuh budak, Giri mah geus ngaguher. Sanajan ukur diamparan samak saheulay bari
diangel kucel, saréna bangun anu tibra. Kawasna mah dipépéné ku kaayaan hawa
anu sepi jempling. Kalan-kalan sora gaang jeung caricangkas patémbalan.
Sakapeung sora daun awi pating saléor katebak angin peuting. Mungguh matak
tibra keur anu ngareureuhkeun kacapé mah.
“Budak téh
mani katémbong hideungna, karék ogé sababaraha poé ka sawah téh” omong Mih
Surmi bari neuteup anteb ka anakna.
Bérés solat
isa téh Mih Surmi sok tuluy ngaderes quran. Awas kénéh ari kana aksara mah
sanajan ukur dicaangan ku damar gembréng. Bérés ngaderes sok tuluy saré. Béda
jeung harita. Rérés ngaji téh tuluy nyeueung anakna anu geus saminggu aya di
imah. Teuteupna pinuh ku deueuh. Geus diteuteup kitu téh bet tuluy dideukeutan.
Disimbutan deui sabada témbong sarung anu dipakéna semu ngaliglag.
“Deudeuh, kasép,
anak Ema,” pokna ngagerendeng kawas ngajak ngobrol ka nu keur saré. Celengok dicium
tarangna. Tuluy diusap sababaraha kali.
Giri téh anak
bungsu Mih Surmi anu mangtaun-taun hirup di kota. Anak hiji-hijina anu anu
jujur sakolana. Nasib dirina anu kuat boga milik bisa lulus sarjana.
Lanceuk-lanceukna mah lain teu hayang nyakolakeun, tapi nya timana atuh
waragadna, anu beuki dieu waragad sakola téh beuki ngajaul baé.
Lulus SMA téh
bet luluasanan ngumbara di kota. Cenah mah hayang ngudag béasiswa di hiji
universitas. Nuluykeun béasiswa anu kungsi katarima mangsa SMA. Mih Surmi
melangeun pisan mimitina mah. Ceuk pamikirna rék cicing jeung saha di kota téh
sasatna teu boga baraya. Atuh apanan lamun indekos gé boga duit ti mana
kangaranan béasiswa biasana gé ngahaja ancokeuneun keur waragad sakola, tara
bisa ditarima duitna bari jeung meunang dipaké kaperluan sapopoé. Acan deui
meureun keur kaperluan dahar paké. Kitu anu kabandungan basa Giri meunang
béasiswa ti sakola ogé.
Deui-deui
kahariwang Mih Surmi téh ukur aya dina sawanganana. Kaparigelan Giri dina
widang tulas-tulis mingkin kapeto ku sababaraha media citak. Samalah bisa
kabeuli kaméra poto keur nggawewegan eusi tulisanana. Di kampusna atuh teu
kurang-kurang aktifna. Manéhna ngokolakeun bulétin kampus, ti mimiti jadi
wartawanna tepi ka jadi pimpinan rédaksi.
Lulus kuliah tuluy
jadi wartawan surat kabar. Lantaran ngaranna geus dipikawanoh ku redaktur média
masa, manehna mah teu kungsi ngalaman kumaha susahna kuar-kieur nyiar pagawean.
Kaayaan kitu teh kacida disukuranana boh
ku dirina boh ku kulawargana, utamana mah Mih Surmi.
Opat taun
hirup kumbuh jadi wartawan antukna aya pamerdih jadi staff kepala daérah dina
widang publikasi jeung humas ti kepala bagian humas. Majar ceuk kapala bidang
humas mah Giri téh pinter dina hubungan sosialna, utamana dina masalah ngadokumentasikeun jeung nyumebarkeun informasi. Bisa mawa diri dina pergaulan ti mimiti jalma
cacah kuricakan tepika hambalan pajabat. Éta anu ngalantarankeun Giri diperdih
sangkan jadi staff bidang publikasi jeung humas téh.
Mimitina mah
Giri nampik kana éta pamerdih. Icikibung dina system birokrasi pamaréntahan
tangtu bakal ngabaktikeun diri sagembelngna pikeun kapentingan nagara. Lain
hartina Giri teu boga rasa nasionalismeu, tapi ceuk pikiranana, jadi birokrat
lain hiji-hijina cara ngabuktikeun nyaah jeung cinta ka lemah cai. Loba cara
séjén anu leuwih merenah keur ngawujudkeun rasa nasionalismeu ka lemah cai
tinimbang jadi birokrat. Ceuk dirina jadi babagian tina birokrasi réa pisan
cocobana. Dirina boga rasa inggis ku bisi kabaud kana pasualan anu teu
dipiharep. Geuning dina enas-enasna anu teu baroga salah ogé ujug-ujug dicerek
KPK.
Éta angkeuhan
téh teu burung wowotan. Pamustunganana Giri narima kana éta pagawéan sabab
kajurung ku pangabutuh sapopoé. Tantri pamajikanana anu ngaomat-omatan kudu
nampa éta pancén. Enya rék saha jalmana atuh anu rék mondah kana paménta pamajikan
ari lain jalma anu teu nyaah ka kulawarga mah, utamana dina pasualan keur
nyumponan pangabutuh. Kaharti ari kitu téa mah pamerdih Tantri téh. Ngandelkeun
buburuh wartawan mah teu matak bisa nutupan sagala kaperluan anu beuki
mararahal. Komo keur nyanghareupan bulan alaeun.
Geus tilu taun
manéhna icikibung jadi staff di bagian humas jeung dokuméntasi. Geus boga ari
imah leutik waé. Anak pamajikan bisa kararaban kalawan bisa disebutkeun cukup.
Tapi nya kitu téa mindeng ditinggalkeun da kudu milu nyanyabaan jeung
pingpinan. Saban kagiatanana kudu ditungkulan. Leuheung basa lamun sakur
kagiatan sabudeureun wewengkonna, kapan ieu mah remen ka luar kota.
Tantri bisa
ngamaklum, sabab manéhna sorangan ogé ngarti kana tugas anu dilakonan ku
salakina. Ditinggalkeun téh geus jadi hal anu biasa. Nu matak basa Giri mulang
ka lembur geus saminggu ogé panyangka Tantri mah keur tugas di luar kota
sakumaha anu dibejakeun ka dirina. Padahal mah sidik keur aya dina kamelang
indung. Sasatna manéhna keur aya dina ramat lancah.
Peuting téh
teuing ku jempling. Anu nyaba ka alam pangimpin beuki lampar. Boa meureun di
dinya manéhna meunang kabungah. Pinanggih jeung katimtriman. Tiis ceuli hérang
mata téh lain bobohongan. Teu ieuh manggihan rereged kahirupan anu matak
seuseut seuat. Teu teusing ngadéngé kaharénghéng anu sorana matak totos kana
ceuli. Téténjoan matak rumeuk jeung sareukseuk. Sakapeung matak silow. Hawa
sesek jeung haseup mulek remen ngarupekan dada. Teu. Di alam pangimpian mah teu
kawas kitu. Tatangkalan gé masih ngarampidak. Handapeunana cai walungan
ngagenyas hérang. Angin leutik ngahiliwir matak tingtrim kana batin. Matak waas
anu nyawang. Enya, impian. Bet ulah jadi kanyataan upama hayang tetep éndah
mah.
Mih Surmi anu
tungkul nundutan bari ngusapan anakna téh ngoréjat. Kagareuwahkeun ku sora anu
tinggerendeng di luar. Mih Surmi cengkat ngadeukeutan panto. Kituna téh bari
ngeteyep, inggis anu keur saré kagareuwahkeun atawa anu diluar nganyahoankeun
ringkang dirina. Sanajan geus kolot ari panona mah masih awas nempo ka luar
tina liang konci. Katénjo sababaraha
urang ngaliwat handapeun lantéra imah tatangga anu cahayana beureum semu
konéng.
“Jang Érté,”
gerentes haténa.
Panénjona nuturkeun
ringkang anu beuki ngadeukeutan. Reg opatanana areureun hareupeun imah Mih
Surmi. Atra nakeranan ayeuna mah sabab opatanana kasorot lantéra anu ngagantung
dina tungtung usuk imahna.
“Jang Érté,
Hansip Dayat,… dua urang deui mah teu wawuh,” pokna masih kénéh ceuk haténa.
“Salamualaikum!”
ceuk anu di luar.
Anu disebut
Jang Érté ku Mih Surmi hanjat kana téras imahna. Pok anu uluk salam sakali
deui. Mih Surmi teu geuwat ngajawab, manéhna ngeteyep nyampeurkeun anakna, geuwat
dihudangkeun sina pindah ka kamar.
“Alaikum
salam. Saha?” pokna sabada Giri pindah ka kamar.
“Abdi Érté
Ahrom, Mih.”
“Oh Jang Erte.
Antosan sakedap!”
Kolotrak tulak
panto dibuka. Blang, pantona muka. Érté
Ahrom ngajega dina lawang panto.
“Ka lebet,
Jang Érté!” omong Mih Surmi bari miheulaan ka tengah imah. Gur ngahurungkeun
damar gembréng. Ajug anu saméméhna alakanéot mah dipareuman.
Saréréa unggah
ka tengah imah. Dariuk dina papan anu leucir balas unggal poé dielapan.
“Aya naon ieu
téh Jang Érté, mani asa rareuwas Emih
mah?” omong Mih Surmi bari neundeun damar gembréng hareupeun anu sarila. “Ké
ari ieu anu duaan saha sareng ti mana Encép sareng Adén téh?”
“Ieu téh
réréncangan Cép Giri Emih, saurna mah badé nyusulan. Dupi Cép Giri kamana asa
teu katingal?” omong Érté Ahrom.
“Oh kutan
kitu. Keur saré nyaéta, ke cuang hudangkeung,” Mih Surmi ngojéngkang ka
pangkéng tempat anakna ngaréngkol.
Anu
dihudangkeun karacam-keureuceum bubuhan damarna jadi mabra. Gigisik bari
memener buuk. Solongkrong ngasongkeun leungeun. Teu burung kagétna keur Giri
mah sabab dua jalma anu aya di hareupeunana teh wawuh pisan. Jalma anu mindeng
panggih jeung mangsa manéhna jadi wartawan kénéh.
“Pa Baban,”
Giri satengah neger-neger manéh. Geus neg waé dirina bakal kabaud kana pasualan
anu keur disanghareupan ku dununganana. Giri satékah polah némbongkeun paroman anu
wajar. Padahal mah haténa mah ka lebah dinya.
“Muhun wayahna
waé Sép Giri kedah ngiring ayeuna kénéh,” ceuk anu disebut Pa Baban.
Hansip Dayat
ngadeukeutan. Gap leungeun Giri dicekel sabeulah. Jung saréréa nangtung.
Mih Surmi anu
ngan ukur bisa ngembang kadu, reuwas lain dikira. Panonna jadi buringas
nganaha-naha kanu disebut Jang Érté. Mungguh geus teu walakaya, anu aya malah
ngaleketey. Cipanon juuh. Hing Mih Surmi ceurik.
“Teu kedah
salempang, Mih, Jang Giri dicandak sotéh kanggo disungkeun kateranganana,”
omongan Érté Ahrom minangka mungkas méméh amitan ka Mih Surmi. Tuluy opatanana
ninggalkeun Mih Surmi anu inghak-inghakan.
Panglawungan
13, 2016