Buuk ( Rambut ) = Bulu anu aya dina luhur sirah.
Huis ( Uban ) = Buuk anu
warnana bodas, biasana nandakeun nu geus kolot.
Embun-embunan (Ubun-ubun) =
Tulang anu aya di tengah – tengah sirah di luhureun tarang.
Kulincir = Tengah – tengah sirah (
puseurna buuk) jumlahna hiji, tapi kadang aya anu nepi ka lima na.
Buntut
Kasir =
Tungtung buuk anu ngucir saeutik anu ayana dina paleubah punuk. Buntut kasir
sok di paribasakeun anu pelit.
Amis
cau =
buuk anu laleuleus biasana sok aya dina tungtung jadina buuk saperti dina
tarang atawa punuk.
Beungeut (muka ) = Sirap bagian
hareup
Tarang
(kening
) = Bagian bengeut anu ayana di luhur. Antara halis jeng tungtung jadina buuk.
Panon ( mata ) = bagian bengeut
di handap tarang, kaasup panca inra guna na kanggo ningal.
Irung ( Hidung ) = Bagian
beungeut ayana antara panon sareung biwir, gunana kanggo ngangseu sareung
nafas.
Baham ( mulut ) = bagian
beungeut antara irung sareung gado, gunana pikeun dahar, jeung ngomong.
Ruruncang = bagian beungeut nu
ngalegok antara biwir jeung irung.
Gado ( Dagu ) = Bagian beungeut
anu aya bagian handap, lamun di pameugeut tempat tumuwuhna janggot.
Palipisan (pelipis) = Bagian
beungeut anu aya antara panon sareung celi.
Pipi = bagian beungeut anu aya
di sisi kenca katuhu.
Ceuli = bagian anggaota sirah
bagian sisi anu aya di kenca katuhu sajajar jeung panon. Bagian tina panca inra
anu gunana kanggo ngadangu.
Bagian-bagian
anu aya dina ceuli :
- Daun ceuli = Bagian luar tina ceuli bentukna saperti daun atawa supa.
- Puhu ceulu = bagian daun celi kapuhuna anu nempel jeng sirah.
- Liang ceuli = liang anu aya dina ceuli.
Panon
- Halis = bulu anu jadi luhureun kongkolak panon ( dina tungtung tarang ) bagian handap.
- Kongkolak panon = Bagian anu ngalegok dina tulang beungeut handapeun halis, gunana na tempat panon.
- Bulu panon = Bulu anu jadi dina tungtung kongkolak panon gunana pakeun ngajaga panon tina anu matak ngabahayakeun kana siki panon saperti kebul jsb.
- Siki panon = bagian bubuledna panon anu bisa nempo.
- Siki panon bobodasna = bagian siki panon anu warna bodas.
- Siki panon hihideungna = bagian siki panon anu warna hideung.
- Juru panon = bagian anu aya di tungtung biwir panon .
Irung
- Cukang irung = bagian irung pang luhurna nepika nu ngalegok handapeun tarang.
- Tungtung irung = bagian irung anu nyungcungna.
- Liang irung = liang dua anu aya dina irung.
- Bulu irung = Bulu anu aya dina jero liang irung.
Baham
- Biwir = Bagian luar tina baham, nu luhur jeung nu handap
- Huntu = paranti ngegel nu jadi dina gugusi.
- Careham = huntu anu aya di bagian sisi, kencakatuhu, paranti nyapek / ngaleumeuskeun dahareun.
- Letah = bagian baham paranti ngabulakbalik dahareun, ngalancarkeun (ngarah jelas) nyarita, oge jadi bagian tina panca inra nyaeta ker ngarasakeun rasa, saperti pait, amis, asin, jeung sajabana.
- Gusi = daging tempat tumuwuh na huntu.
- Elak-elakan = cecentel dina tungtung lalangit, luhureun tikoro.
- Lalangit = kulit baham anu bagian luhur.