Wednesday, May 24, 2017

ALMINA

Mangle, No. 2630, 24 - 31 Mei 2017

Ku Iwan M. Ridwan

Almina. Pangawak jangkung lenjang. Papakèan tangan panjang, handapanana sakapeung calana chino atawa harem pans pulas coklat. Raray anu teu welèh marahmay tèh dicindung lengkung. Mungguh katingalina matak pikaresepeun balaréa. Tong boro jajaka saumuranana dalah kaum wanoja ogé teu sirikna matak bètah nènjo. Unggal isuk miang ka tempat pagawèanana tumpak hartop beureum ati. Hartop leutik anu umurna teu jauh jeung dirina. Mungguh keur ukuran mobil mah geus kaitung teu ngora deui. Ngan sanajan èta hartop geus umuran, katèmbongna mah masih hèrang mencrang mèh-mèhan mapakan dununganana. Atuh keur nu nyaho ngeunaan mobil mah hartop jenis kitu mesinna kawilang bandel najan geus leuih ti opat kali ganti èstèènka. Nu matak makè mobil jenis hartop tèh apan sangkan teu barabe ninggang di ngajugjug ka pilemburan anu jalanna reumpil tur tarahal.

Lain teu kabèdageun mobil yaris atawa Honda jazz, da geuning di jero garasina mah aya Mercy B200. Ngan èta mah husus dipake mun dirina keur miang ka puseur dayeuh, ka kantor pusatna. Ceuk anu pareng nènjo mah kasampurnaan wanoja dunya téh aya di manéhna malah jeung ahératna kawasna mah. Widadari surga meureun anu ku Pangeran teu kahaja ditempat di dunya pikeun pepeling ka jalma anu arembungeun tuhu ka Mantenna. Sangkan daraek migawè hal-hal anu bisa mawa dirina ka sawarga, yen di sawarga tèh rèa widadarina.

Almina tèh lulusan sarjana kedokteran héwan di salah sahiji universitas anu kamashur di ieu nagri. Lulus nyangking gelar drh. langsung diangkat jadi pagawè di dinas peternakan provinsi. Tugasna ngontrol kaayaan peternakan di pakidulan provisina rukun gawè jeung pausahaan obat ternak. Ari ngantorna mah di puseur dayeuh, ngan miangna ka kota tèh ukur dua poè Senèn jeung Jumaah minangka laporan kana hasil digawèna salila tilu poè di tempat tugasna.

Isuk kénéh Almina geus singkil. Tumpak hartop beureum ati anu satia marenganana. Sinarieun mangkatna rada nyubuh. Cenah mah tempat anu baris dideugdeugna kawilang lampar jeung mencil. Dirina nampa bèja aya panyakit anu narajang ingon-ingon di hiji kampung. Dina sapoè téh aya welasna hayam jeung èntog anu paèh. Kitu ibar nu katampa ti kantorna ngaliwatan telepon. Ceuk ti pusat, upama teu sagancangna diungkulan, inggis panyakitnya sumebar kamamana. Nu dipikamelang mah tatalèpa ka jalma. Nu matak satutas nampa èta bèja tèh Almina langsung ngadeugdeug ka tempat kajadian.

Sanajan waruga wanoja campernik lir widadari, tapi ari ngajalankeun mobil mah teu éléh ku nu sok offroad. Da éta manéhna ogé teu  teu béda ti offroad atuh. Cacakan jalan pakampungan anu sawaréh ukur dibalay ku batu, ngajalankeun mobilna teu ieu leod kawas tutut. Ieu mah éstuning muru waktu malar bisa sagancangna anjog ka tempat tujuan anu nenggang.

Sapanjang jalan tèh taya nu maturan. Nyorangan lain bobohongan. Keur dirina nyorangan tèh teu jadi soal cacakan bur-ber kaditu-kadieu sugan aya ras ainggis ku bisi rémpan ku sugan. Ieu mah éstuning dijalanan kalayan ikhlas lillahita’ala. Nu majar pagawèan anu ayeuna dilakonan téh itung-itung nyiar pangawèruh di lapangan. Babakti ka sasama. Meungkeut silaturahmi kaditu-kadieu. Tutulung kanu keur meunang kasusah, boh nu baroga ternak boh ka warga di kampung-kampung. Enya ari kitu téa mah bet arang langka pisan aya wanoja anu siga dirina. Teger dina nyandangan sagala pasualan. Kuat pisik kuat batin. Sugan aya paribasa ngangluh atawa luhlah. Sagala pagawèan tèh estu dibawa enjoy ceuk barudak ayeuna mah. Kitu anu katèmbong ku batur mah. Ku tatangga, ku baraya. Ogè ku jalma-jalma nu kungsi amprok jeung dirina. Teu arapaleun anu nyangkaruk dina batina mah.

Nya mangsa keur nyorangan kitu dirina sakapeung dieuntreupan ku rasa anu sapapanjangna dibubuni. Omongan tadi peuting anu kedal ti nu jadi indung tèh bet kadèngè deui. Dina hakèkatna èta kekecapan indungna tèh matak ngagenuk dina tikoro. Sasatna mah anu ngedalkeun èta kalimah tèh indungna sorangan. Lain si itu lain si èta anu geus aya kana welas urangna mun seug kongang pikeun ngitung mah. Tapi ninggang èta omongan kedal ti indungna sorangan bet kawas nguniangkeun dosa dina jero batinna.

Hidep tèh meureun moal salalawasna nyorangan, hiji mangsa mah kudu ngarundaykeun turunan. Geus puguh atuh Ema tèh ukur boga hidep, bet asa cuang-cieung salila ieu tèh. Hayang diriung ku incu,kitu pokpokan.

Sedih majarkeun mun seug ras inget ka lebah dinya. Ras deui ingètanana tèh ujug-ujug euntreup ka Radhit. Hiji lalaki anu kungsi maling hatèna tujuh taun katukang. Lalaki anu diwanohkeun ku Tineu batur sakampusna. Majar Radhit tèh lalaki mandiri, anak jalma jugala anu nyaahan ka sasaha. Bukti naon anu dicaritakeun ku Tineu tèh. Radhit mèmang hiji lalaki anu mandiri. Cacakan kakarak umur dua puluh tilu taunan manèhna geus boga usaha sorangan. Tepi ka sagala kaperluan dirina mah teu kungsi namprak ka nu jadi kolot. Samalah leuwih ti èta manèhna bisa hirupna mandiri dina kaayaan bisa disebut leuwih ti cukup. Teu hèsè nyumponan pangabutuh itu-ieu. Ku kamandirian èta hatè Almina kairut ku Radhit. Pasualan pakaya mah ceuk dirina lain hiji hal anu utama.

Kolotna nya kitu tèa jalma jugala tèh lain sesebutan. Kangaranan kepala pejabat di salah sahiji dinas teu kakurangan itu ieu. Nu matak diwanohkeun ka dirina, ceuk Tineu, Radhit mah bisa sababad. Bisa mapakan Almina. Ceuk Tineu ukur Radhit anu pantes meunangkeun dirina. Kasèp tur beurat beunghar.

Anu katilu nu dicaritakeun ku Tineu tèh ngabukti ogè. Radhit mah nyaahan. Sugan tèh nyaahan kumaha. Horèng sakumaha nyaah ka dirina, anu dipikanyaah ku Radhit tèh cul-cel di ditu di dieu. Tepi ka hiji mangsa mah Almina kungsi nampa telepon ti salah saurang wanoja anu ujug-ujug kukulutus. Nyarèkan dirina lak-lak dasar. Majarkeun dirina awèwè murahan, awèwè teu uni anu ngarebut kabogoh batur. Anu karasa ku dirina, kekecapan anu murudul tina hapè tèh bet kawas hinis anu nyebitan hatè. Saumur nyunyuhun hulu kakara harita dirina aya anu nyacampah sarupa kitu.

Tatu anu merejih dina hatèna balukar kajadian samèmèhna tèh beuki parna. Kekecapan Radhit jeung kekecapan awèwè dina telepon kawas anu dijieun tina partikel-partikel anu saruwa, pada-pada rungseb kana bayah.

“Mani teu total mikabogoh tèh. Rèk sakadar ngobrol mah geus wè jeung tukang warung, bisa, bisa ngudud atuh,” pokna harita.

Murel kadèngèna ku Mina mah. Meureun bèda deui lamun èta omongan tèh kadèngèna ku nu sèjèn. Ku nu nyarèkan dirina utamana. Radhit ngomong kitu tèh satutas leungeunna dikèpèskeun sabab mimiti nyangkèh kana cangkèngna. Ti saprak harita Mina teu kungsi daèk deui manggihan Radhit. Samalah leuwih ti èta, saban aya lalaki anu ngadeukeutan, manèhna kawas anu geugeumeueun.

Kungsi manèhna nyebutkeun teu hayang deui hahadèan jeung lalaki. Rujit nu aya pokna tèh. Geuleuh ka nu ngaran lalaki tèh. Mun seug pareng ngalanto ka hareupeun riungan barudak lalaki heug nu diomongkeunana tèh nyabit-nyabit kana nu teu pararuguh, dirina geus pasti ngajauh ti nu keur ngariung.

Teu sadayana pameget kitu, anaking. Geuning bapa hidep mah sakitu nyaahna ka ibu. Ti keur hahadèan ogè bapa hidep mah teu welèh adab. Sopan santun jeung tatakrama tèh teu welèh marengan dina tindak-tandukna,” omongan indungna tadi peuting kadèngè deui.

“Ulah salempang geulis, jodo mah kumaha urangna. Mun urang pulas kayas, nya pijodoeunana ogè anu resep kanu kayas. Mun urang pulas hideung nya nu bakal mihukum ka urang ogè jalma anu resep hihideungan,” indungna mindo carita. Almina mah anu teu sakemèk-kemèk acan hayang mairan.

“Geulis, takdir Pangèran tèh aya dina kereteg hatè urang. Upama urang boga pamikiran gorèng ka lalaki, hartina urang geus mènta ka Pangèran sangkan diwanohkeun ka lalaki-lalaki anu teu uni. Ibu mah lain manghanjakalkeun ka hidep anu lalagasan waè, tapi sakuduna hidep tèh aya anu nuluykeun mikanyaah. Satutas Apa ninggalkeun, nya ukur Ibu meureun anu mikahaat tèh, upama Ibu geus nuturkeun Apa, nya rèk saha anu mihaat tur jadi batur pakumaha?”

Teu karasa sabot nyupir tèh dina pipi Almina aya anu baseuh. Ngecalak kana lahunanana. Cipanon anu sapeuting ngeclak mangsa dirina nyuuh kana dada indungna merebey deui. Biwir kawas anu beurat piomongeun. Kekecapan duka teuing kamarana, sapeupeuting Almina ukur bisa nyegruk cerik dina tangkeupan indungna. Harita gè hayangna mah nyegruk nyuuh dina stir. Ngan inget perjalanan anu dijugjug masih jauh.

Pepedut mimiti peuray. Kaliarkeun saab panas. Panon poè anu samèmèhna meletèk geus nyaangan sabuana. Dipapagkeun sora manuk anu rècèt dina dahan-dahan kai. Ciibun dina tungtung daun patingborèlak basa ngeclak kaoyagkeun suku manuk anu pindah pangeunteupan. Kaèndahan alam lir anu ngabagèakeun Almina anu ngambah ka pilemburan handapeun suku gunung Cikuray.


Panglawungan 13, April 2017

Saturday, May 13, 2017


Galura, Edisi Minggu ka-II Mei 2017
Ku Iwan M. Ridwan
Aè bati sumegruk luhureun gundukan taneuh beureum. Cimatana juuh maseuhan pipi jeung biwirna. Leungeunna tipeperèket ngeupeulkeun peureup. Neueul kana taneuh. Rènghapna naèk turun. Panonna peureum kawas anu micangcam mangsa nu geus kasorang. Irungna rebèh mèh-mèhan mèbèr. Ingsreuk, ingsreuk. Pikeun sakitu kalina manèhna nyusutan kèsang pacampur cai hèrang tina jero irung anu maseuhan ruruncangna. Panonna anu peureum tèh carindul balas sapeupeuting ceurik teu beunang diupah-apèh.
“Hampura kuring, Ma. Hampura,” sorana ngageter. Segruk deui kawas anu kanyenyerian.
Taneuh  beureum kaibunan nu disanghareupan bet kawas nu nganaha-naha ka dirina. Aya ku luas lunta ninggalkeun indung samangsa keur teu walakaya. Aya kurupèk hatè ngalajur nafsu hayang miang ka kota. Nyiar nu can puguh alang ujurna.
Tetengger nu ngabigeu lir pakarang seukeut nu nandon dirina salaku jalma nu bobolokot ku dosa. Mangrebu-rebu dosa ka indungna. Kembang-kembang nu bacacar lir sarebu anak panah nu melesat narajang dirina. Rungseb kana jero hatèna. Tangkal hanjuang nu nanceb hareupeunana lir tumbak nu ngalempag dadana. Niruk jajantungna.
“Ampun, Ma, ampun. Sing sumpahna gé moal sakali-kali deui. Moal.”
Cimatana bedah teu katahan. Panon tipeperèket peureum. Sakedapan mah ngagukguk ceurik balas ngarasa leungiteun. Ramo anu neueul kana taneuh beureum dirarameus. Dipeureupkeun. Kasedih anu nyangkaruk dina batinna ngadalikeun sakujur awakna. Ngaranggeum pageuh jiwana. Dirina kawas nu teu inget kungsi meunang bagja. Kungsi boga rasa bungah.
Rèk saha jalmana nu moal ngarasa gumbira hatè dihèroan ku mojang geulis campernik bari luhur pangatik. Urang dayeuh nu can lila dipiwanohna. Saban sorè melakeun imut dina biwir Aè. Imut nu sumebar kana bayah. Mekarkeun hatè anu salila ieu langlayeuseun. Sorana anu halimpu mèh saban peuting ngeusian rohang simpè tempat sarèna.
“Kopdar, yuk, biar lebih asyik!” Ceuk sora anu jauh dina tungtung telepon.
Sora nu matak gantung dèngèeun saban lalaki nu keur kaeunteupan papatong cinta. Bet asa jeung enyana manèhna sagulung-sagalang jeung Si Manèhna. Isuk sorè. Beurang peuting. Lir anu teu bisa dipisahkeun. Najan ukur hirup jeung sorana, jeung potrètna, jeung tulisan-tulisanna anu hiber dina dunya maya. Kacinta anu nganteng ngaliwatan sinyal jeung satelit beuki ngarampidak ti poè ka poèna. Tepi ka hiji mangsa manèhna kedal jangji seja nepungan jinisna.
Kota anu cahayana sumirat mubur mubyar matak bagja kana mamaras rasa. Nyieun geter istimewa keur jajaka urang lembur bisa diangkir ku widadari lenggik. Rupa anu hèrang mèncrang dipasieup mangpirang pulas hias. Dina buuk. Dina kongkolak panon. Damis. Lambey. Samalah sakujur awak kawas anu geus meunang ngaulasan mangpirang panyeungit nu matak kapèngpèongan. Kawasna. Ramo-ramo lèncop nu kungsi katènjo dina jero video sakapeung robah warna kukuna. Lambey luway-liwey. Rambut ngaromanis. Nyeungseungna pinareup reujeung suku lebah puhuna remen kawènèhan. Ukur dialing-aling salambar lawon. Matak kalengger nu nyaksian.
Lèngkah Aè beuki gandang. Hatèna gumuruh lir caah dèngdèng di walungan Niagara mangsa ngandago jinisna nu baris nepungan dirina. Di hiji mall. Lebah wangunan anu gambarna putri duyung nyepengan buntutna. Teu asa-asa sup ka jero. Rasa laparna mimiti ngulisik. Ambeu mangpirang kaolahan sumelengseng kana irungna. Aè culang-cileung di antara jalma anu tèmbong suka-bungah. Aè nyampeurkeun mèja bar. Baristana keur tihothat. Jen ngadon ngajajanteng nyidik-nyidik menu anu ngajajar dina tèmbok luhureun pelayan nu keur tihothat mopolahkeun kadaharan.
“Cinnamon dolce latte, double chocolaty chip, caramel ribbon crunch” biwir Aè nataan ngaran-ngaran menu kadaharan anu aya di èta café. Aè mesen salah sahiji menu. Barista unggeuk. Tuluy nyebutkeun hargana. Song duitna dibikeun. Teu kungsi lila pesenan diasongkeun. Aè nampanan tuluy dibawa ka tempat diuk tamu. Aè ngulincer nèangan tempat diuk anu rada merenah. Maksudna mah rèk nyayagakeun tempat diuk keur nu dianti-anti. Lagu-lagu pop marengan dirina anu geus teu sabar.
Rèt kana jam tangan. Geus peuting geuning, ceuk pikirna. Kusiwel kana hapè. Muka salah sahiji aplikasi massager. Nu dipaluruhna tèh kontak si manèhna, Corin Neoly. Ngaran anu teu welèh ngait dina sanubarina.
“Nomor yang anda tuju sedang diluar jangkauan, silakan coba beberapa saat lagi. The number you are calling is out of reach, please try again later,” ceuk sora dijero telepon. 
 
Aè nanggeuy gado. Suruput kana inumanana anu geus kari saparapatna. Paneuteupna ngulincer ka sakurilingeunana. Atra dina panènjona nu keur suka bungah jeung batur-baturna. Iwal dirina anu nyorangan. 
 
Peuting beuki ngangsreg. Hawa tiis tina asè beuki sumelesep kana tulang. Lagu-lagu pop teuing anu ka sabaraha marengan lamunan dirina. Arloji dina leungeun kencana geus nembongkeun liwat wanci tengah peuting. Dina sieupna peuting tengahing kota nu ngahariring, beungeut indungna anu keur teu walakaya di pangkengna nèmbongan. Lir anu nganaha-naha dirina lunta. Indungna anu kacipta sasambat horèng minangka ilapat seja amitan nu panungtungan. Pamustunganana dirina mulang mawa hatè anu pinuh ku kahanjelu. Nu dianti-anti taya embol-embolna. Teu bèja teu carita.
 
“Hampura, Ma,” Aè ngaheruk dina luhureun taneuh beureum.
 
Panglawungan 13, Mei 2017


Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com