Saturday, May 13, 2017


Galura, Edisi Minggu ka-II Mei 2017
Ku Iwan M. Ridwan
Aè bati sumegruk luhureun gundukan taneuh beureum. Cimatana juuh maseuhan pipi jeung biwirna. Leungeunna tipeperèket ngeupeulkeun peureup. Neueul kana taneuh. Rènghapna naèk turun. Panonna peureum kawas anu micangcam mangsa nu geus kasorang. Irungna rebèh mèh-mèhan mèbèr. Ingsreuk, ingsreuk. Pikeun sakitu kalina manèhna nyusutan kèsang pacampur cai hèrang tina jero irung anu maseuhan ruruncangna. Panonna anu peureum tèh carindul balas sapeupeuting ceurik teu beunang diupah-apèh.
“Hampura kuring, Ma. Hampura,” sorana ngageter. Segruk deui kawas anu kanyenyerian.
Taneuh  beureum kaibunan nu disanghareupan bet kawas nu nganaha-naha ka dirina. Aya ku luas lunta ninggalkeun indung samangsa keur teu walakaya. Aya kurupèk hatè ngalajur nafsu hayang miang ka kota. Nyiar nu can puguh alang ujurna.
Tetengger nu ngabigeu lir pakarang seukeut nu nandon dirina salaku jalma nu bobolokot ku dosa. Mangrebu-rebu dosa ka indungna. Kembang-kembang nu bacacar lir sarebu anak panah nu melesat narajang dirina. Rungseb kana jero hatèna. Tangkal hanjuang nu nanceb hareupeunana lir tumbak nu ngalempag dadana. Niruk jajantungna.
“Ampun, Ma, ampun. Sing sumpahna gé moal sakali-kali deui. Moal.”
Cimatana bedah teu katahan. Panon tipeperèket peureum. Sakedapan mah ngagukguk ceurik balas ngarasa leungiteun. Ramo anu neueul kana taneuh beureum dirarameus. Dipeureupkeun. Kasedih anu nyangkaruk dina batinna ngadalikeun sakujur awakna. Ngaranggeum pageuh jiwana. Dirina kawas nu teu inget kungsi meunang bagja. Kungsi boga rasa bungah.
Rèk saha jalmana nu moal ngarasa gumbira hatè dihèroan ku mojang geulis campernik bari luhur pangatik. Urang dayeuh nu can lila dipiwanohna. Saban sorè melakeun imut dina biwir Aè. Imut nu sumebar kana bayah. Mekarkeun hatè anu salila ieu langlayeuseun. Sorana anu halimpu mèh saban peuting ngeusian rohang simpè tempat sarèna.
“Kopdar, yuk, biar lebih asyik!” Ceuk sora anu jauh dina tungtung telepon.
Sora nu matak gantung dèngèeun saban lalaki nu keur kaeunteupan papatong cinta. Bet asa jeung enyana manèhna sagulung-sagalang jeung Si Manèhna. Isuk sorè. Beurang peuting. Lir anu teu bisa dipisahkeun. Najan ukur hirup jeung sorana, jeung potrètna, jeung tulisan-tulisanna anu hiber dina dunya maya. Kacinta anu nganteng ngaliwatan sinyal jeung satelit beuki ngarampidak ti poè ka poèna. Tepi ka hiji mangsa manèhna kedal jangji seja nepungan jinisna.
Kota anu cahayana sumirat mubur mubyar matak bagja kana mamaras rasa. Nyieun geter istimewa keur jajaka urang lembur bisa diangkir ku widadari lenggik. Rupa anu hèrang mèncrang dipasieup mangpirang pulas hias. Dina buuk. Dina kongkolak panon. Damis. Lambey. Samalah sakujur awak kawas anu geus meunang ngaulasan mangpirang panyeungit nu matak kapèngpèongan. Kawasna. Ramo-ramo lèncop nu kungsi katènjo dina jero video sakapeung robah warna kukuna. Lambey luway-liwey. Rambut ngaromanis. Nyeungseungna pinareup reujeung suku lebah puhuna remen kawènèhan. Ukur dialing-aling salambar lawon. Matak kalengger nu nyaksian.
Lèngkah Aè beuki gandang. Hatèna gumuruh lir caah dèngdèng di walungan Niagara mangsa ngandago jinisna nu baris nepungan dirina. Di hiji mall. Lebah wangunan anu gambarna putri duyung nyepengan buntutna. Teu asa-asa sup ka jero. Rasa laparna mimiti ngulisik. Ambeu mangpirang kaolahan sumelengseng kana irungna. Aè culang-cileung di antara jalma anu tèmbong suka-bungah. Aè nyampeurkeun mèja bar. Baristana keur tihothat. Jen ngadon ngajajanteng nyidik-nyidik menu anu ngajajar dina tèmbok luhureun pelayan nu keur tihothat mopolahkeun kadaharan.
“Cinnamon dolce latte, double chocolaty chip, caramel ribbon crunch” biwir Aè nataan ngaran-ngaran menu kadaharan anu aya di èta café. Aè mesen salah sahiji menu. Barista unggeuk. Tuluy nyebutkeun hargana. Song duitna dibikeun. Teu kungsi lila pesenan diasongkeun. Aè nampanan tuluy dibawa ka tempat diuk tamu. Aè ngulincer nèangan tempat diuk anu rada merenah. Maksudna mah rèk nyayagakeun tempat diuk keur nu dianti-anti. Lagu-lagu pop marengan dirina anu geus teu sabar.
Rèt kana jam tangan. Geus peuting geuning, ceuk pikirna. Kusiwel kana hapè. Muka salah sahiji aplikasi massager. Nu dipaluruhna tèh kontak si manèhna, Corin Neoly. Ngaran anu teu welèh ngait dina sanubarina.
“Nomor yang anda tuju sedang diluar jangkauan, silakan coba beberapa saat lagi. The number you are calling is out of reach, please try again later,” ceuk sora dijero telepon. 
 
Aè nanggeuy gado. Suruput kana inumanana anu geus kari saparapatna. Paneuteupna ngulincer ka sakurilingeunana. Atra dina panènjona nu keur suka bungah jeung batur-baturna. Iwal dirina anu nyorangan. 
 
Peuting beuki ngangsreg. Hawa tiis tina asè beuki sumelesep kana tulang. Lagu-lagu pop teuing anu ka sabaraha marengan lamunan dirina. Arloji dina leungeun kencana geus nembongkeun liwat wanci tengah peuting. Dina sieupna peuting tengahing kota nu ngahariring, beungeut indungna anu keur teu walakaya di pangkengna nèmbongan. Lir anu nganaha-naha dirina lunta. Indungna anu kacipta sasambat horèng minangka ilapat seja amitan nu panungtungan. Pamustunganana dirina mulang mawa hatè anu pinuh ku kahanjelu. Nu dianti-anti taya embol-embolna. Teu bèja teu carita.
 
“Hampura, Ma,” Aè ngaheruk dina luhureun taneuh beureum.
 
Panglawungan 13, Mei 2017


0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com