Tuesday, October 21, 2014

Pangantén



(Iwan M. Ridwan)
Mangle No. 2496, 2 - 8 Oktober 2014


“Naha badé réréndéngan téh teu aya riuk-riuk bingah, Néng?” ceuk Tanteu Maya sabot masangkeun gelung dina buuk Narti. Nu diajak cacarita ukur maut imut. Teu hayang balaka kanu nanya. Teu hayang loba omong naon alesanana manéhna bet nguluwut. Dina héhérang panon aya kelemeng teuteup lalakon panjang kahirupanana. Teuteup katineung anu bisa datang sok sanajan lain mangsa ngadaweung. Euweuh nu nyaho saurang ogé lian ti dirina. Mungguh pinter Narti mah dina nyumputkeun rusiah diri. Hamo saurangg oge anu apaleun kumaha kaayaan haténa harita. Mungguh buni. Mungguh tabéat diri. Dina nandangan kahirupan tara ieu neuteuli, éstuning tamprak tumarima kana kanyataan. Lain ngandung harti ipis burih atawa leutik haté. Tapi prinsip hirupna anu ngajadikeun kitu. Cenah sagala nu kajadian di alam pawenangan ieu kabéh lumangsung mapay kadarna. Hal ihwal nu katarima ku unggal jalma éstuning sakuduna. 

Nu katémbong ku saréréa éstuning dirina anu beuki lingsig tandaning senang jeung bungah haté. Komo nyaksian sakuriling imah nu ublug-ablag téh ayeuna ramé kacida. Unggal dinding-dinding rohangan dilapisan kulambu hérang pulas kayas. Méja parasmanan geus sadia jeung kadaharanana. Nu gareulis témbong paciweuh nyadiakeun sagala rupana. Nyampakkéun kariaan nu geus datang. 

Di buruan ténda biru geus masang ti kamari soré. Korsina geus ngabaris nyanghareupan panggung ukuran tilu ka lima meter. Mahi pikeun nataharkeun alat-alat orgen tunggal jeung gamelan ancokeuneun upacara adat. Dalah mun rék dipaké jogged oplosan ogénan geus pasti untupan. Tukangeun panggung téknisi geus nabeuh Hayang Kawin, Mawar Bodas, Tanda Cinta, jeung sajabana. Sorana awor tina sound nu nyanghareup ka jalan tempat melengkungna janur konéng.

“Nyaéta ieu téh teu kiat hoyong kahampangan. Tiasa liran heula dangdosna?” cenah. Pinter Narti mah mungkal-méngkolkeun paguneman téh. Atuh nu araya ogé taya nu bisa nahan piseurieun.  Ger saréréa ngadadak sareuri, sawaréh mah aya nu dipengkek meureun sieun disangka nyeungseurikeun. Atuh keur dangdan téh kaselang heula ka kamar cai.

Di jero kamar mandi, Narti neuteup beungeut sorangan dina kaca eunteung. Anteb nakeranan. Kawas aya nu keur ditéangan. Tina tarang turun kana halis, panon, cukang irung anu lengkung, biwir ipis, huntu nu ngdadak ngégél biwir handap, gado, beuheung tuluy kana pinereup.

“Enya kitu nu diomongkeun Kang Darma téh awak aing jadi kambuy?” gerentes haténa kawas nu nanya diri sorangan. 

Mungguh panjang pisan lalakon cinta nu karandapan ku dirina. Ti mimiti Sméa, kuliah, tepika digawéna di dua tempat. Sagala rupana dilakonan ku duaan jeung Darma. Sagala rupana dijalanan kalayan kaikhlasan jeung kajembaran haté duaan. Rék kitu rék kieu teu weléh babarengan. Senang jeung susahna ditanggung ku duaan. Mun mah nincak kana paribasa “kacai jadi saleuwi ka darat jadi salogak” lain bobohongan. Lian ti ka kamar mandi jeung saré anu tara bareng téh.   

Bapana, enya Bapa Narti, geus percayaeun pisan ka Darma. Manéhna bisa ngaping ngajaring Narti nalika jauh ti imah. Mun mah Narti can mulang jam sapuluh peuting, tara Narti nu ditelepon, tapi Darma. Ditanyakeun dimana jeung keur naon kénéh? 

Ari mamahna, enya Mamah Narti sok nyebutkeun tong kudu melang majar téh salila Narti jeung Darma mah, teu sieun itu ieu. Keun waé sing saralamet da geus puguh jinisna téh pada-pada kuliah bari gawé, tangtu waé waktuna béak di kampus jeung di kantor, reureuh sakeudeung di kontrakan Darma kitu ogé mun kongang waktuna. Uyuhan majar téh isuk-isuk kudu gawé soréna tepika peuting kudu kuliah. Mun mah Narti sorangan, melang kacida. Sajoroning jauh téh apan kudu mawa motor sorangan. Ari aya Darma mah, motor disupiran ku manéhna, balik ka imah katémbong jinisna. Saréna paparisah. Darma sorangan di kamar hareup, kamar ajangkeuneun mun seuga aya baraya anu nyemah. Ari Narti apanan di kamar tengah, kitu ogé mimindengna mah saré jeung manéhna. Kajeun bapana nu ngéléhan saré di kamar Narti atawa di ruang tengah bari ngahaja lalajo bola. Ogo puguh gé Narti mah, mun teu ka Mamah, nya ka Darma. 

Kulutrak. Narti kaluar ti kamar cai. Gura-giru muru kamarna nyampeurkeun Tanteu Maya anu keur ngadangdanan pager ayu. Nénjo pangantén geus ngurunyung deui mah geuwat nuluykeun hancana. Masang sanggul, susuk kondé, kembang. Make up mah geus bérés ti tatadi. Teu katinggaleun sagala rupana. Ti mimiti foundation, compact powder, lipstick, eyes shadow, bulu mata, eyes liner, mascara, blush on, jeung sajabana-jeung sajabana. Mungguh geulis pisan Narti téh didangdanan mah. Nyeplés pisan bidadari ceuk anu kungsi nempo. Ceuk Darma, meureun. Tapi lain bidadari anu ragrag pédah ngambeu parfum lalaki. Ieu mah éstuning geulis bawaning lahir ti kudratna. Diguratkeun ku Nu Kawasa kaéndahanana sok sanajan béda jeung lalakon cintana.
*** 

Jam sapuluh. Rombongan pangantén pameget tos sumping. Dibagéakeun ku Mamang Léngsér jeung Ambuna, gulang-gulang katut pager ayu. Gamelan geus ditabeuh bareng jeung ngagurudagna mobil rombongan. Protokol ngahiap mapag kanu ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut.

Pangantén pameget kaluar tina sédan. Digandéng ku para sepuhna muru gapura nu brasna kapakarangan panggung. Papayung anu ngajaga di gapura hideng mayungan pangantén. Mamang léngsér katut ambuna cedok nyembah. Laju mapatkeun rajah kasalametan keur sadayana. Sing aya dina kalancaran, mulus rahayu berkah salamet. sanggeus dirasa cukup, bagéan gulang-gulang anu maju. Mawa tumbak jeung umbul-umbul. Leumpangna gandang gagah simbar dada. Sanggeus mintonkeun kamonésan tuluy dareku di sisi-sisi jalan. 

Giliran pager ayu anu maju. Léngkahna ngagandeuang anca, bareng taya nu paheula-heula. Leungeun kénca mawa mangkok almuniem dibungkus kertas hérang. Eusina kertas hérang meunang ngaguntingan campur kembang. Diawurkeun sakeprul-sakeprul bareng jeung léngkah nu dangdak-déngdék. Sanggeus anjog ka hareupeun pangantén pameget, cedok nyarembah ku leungeun sabeulah. Méré tanda yén manéhna geus disambat. Dihiap ku kulawarga pribumi.

Mamang léngsér ngahiapkeun nganggit pangantén pameget seja dibagéakeun di tempat anu parantos disayagikeun. Mamang léngsér jeung ambuna di hareup, dititurkeun pager ayu ngawur-ngawurkeun kembang jeung kertas hérang meunang ngaguntingan. Pangantén di tengah dipayungan, dikawal gulang-gulang. Srog ngadahup ka sepuh pangantén istri. Laju dikalungan mangle. Sepuh sareng sepuh pataréma. 

Calon pangantén saterasna digéndéng ku sepuh istri. Dicalikeun dina korsi gading mayunan panggung. Nu araya pada-pada hidmat nganti lumangsungna akad. 

Prung acarana dikawitan. Bubuka. Qiroah. Sambutan. Sérén-sumérén. Laju ka akad tikah. Ti dua pihak geus sapuk akad dilaksanakeun di luhur panggung. Mungguh laluasa. Pangantén pameget diréndéngkeun jeung pangantén isteri. Duanana mayunan penghulu nu ngaréndéng saréng wali miwah saksi ti dua belah pihak. Duanana manco kapayuneun penghulu, ditudung karémbong kayas. Kaméra jeung hénpun tingjaleprét ngabadikeun momen. 

“Kang Darma, sakuduna mah akang anu ngaréndéng jeung abdi, nampi papagah bapa panghulu, ikrar mihukum, jangji pasini, hirup salulut sauyunan, disaksian ku balaréa, bagja tinemenan ieu diri mun mah laksana jeung akang. Nyorang lampah jeung nu haat mikacinta. Bagja bisa babarengan salalawasna, nyambungkeun lalakon genep taun katukang mangsa urang itikurih babarengan mupuk kaasih.” Haté Narti ngocoblak sorangan.

“Hapunten abdi, kang. Rumasa dosa tos nyalénggor ti akang. Nafsu nu puguh mah kang, abdi teu sabar nganti kulawarga akang sumping, nya geuning abdi kagémbang ku ieu lalaki anu teu apal hideung bodasna. Geuning kabuktianana mah akang anu bener-bener mikanyaah abdi téh. Salami ieu akang teu weléh nganti. Néangan kabar ngeunaan diri abdi. Enya. Perhatian akang mah kawas baheula geuning. Deudeuhna. Nyaahna. Tapi naha akang bet téga buka rusiah urang ka ieu lalaki basa abdi anyar ngajadi, atuh puguh wé nu ngaranna buaya darat, apal abdi kungsi ngalambang sari, manéhna beuki wani ngagulanggapérkeun ieu diri. Geuning sabenerna mah mangsa jeung akang abdi téh masih suci. Ceuk ieu lalaki. Hapunten abdi, Kang.” Batin Narti jumerit maratan langit. Cimatana ngeclak maseuhan lahunan. Nu nyaksian rungah-ringeuh teu bisa nyurahan naon nu keur disanghareupan.
Bandung, 2014


Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com