Friday, December 29, 2017

PANON POÈ TAUN ANYAR

Galura, Minggu Ka-1 Januari 2018
Ku Iwan M. Ridwan

“Malem taun baruan tèh hoyong di puncak abdi mah, bosen di kota waè, kitu-kitu kènèh, ukur lalajo anu macèt, lieur ku gerungna kendaraan anu patèmbalan jeung tarompèt,” ceuk  May ngomong ka salakina, Adrian.
Pikeun Adrian, èta kekecapan tèh lir kalangkang riwan anu ngajungjurigan. Kahayang sarupa kitu tèh bet ngabalukarkeun hatèna seseblakan. Teu buru-buru ditèmbalan, manèhna ngadon ngahuleng kawas anu samar polah. Luk tungkul kana layar monitor anu disanghareupan ti tatadi luhureun mèja digawèna, leungeunna ngaragamang kana keyboard laptopna.
“Ih, mani teu diwaro,” May kawas anu kesel. Gap leungeunna kana rèmot tivi. Jempol katuhuna neken tombol rèmot satakerna. Bray layar tivi hurung. Ramo-ramona anu lèncop tèh kawas anu keur leuleumpangan dina tombol channel. Layar tivi tèmbong gunta-ganti. Cag rèmot diteundeun dina mèja hareupeunana. Kop kana kiripik sampeu dina kèler anu pagèdèng-gèdèng jeung kèler sèjèn eusi mangpirang caneuteun, aya kana limana ngajajar dina mèja.
Lain teu kadèngèeun, tapi hatè anu teu mikeun kudu ngawawaas deui. Nu matak anteng wè dina laptopna. Padahal geus taya pigawèeun. Sajoroning kitu dihenteu-henteu oge hatèna mah kumacacang, rus-ras kaditu kadieu, utamana mah inget mangsa ngareuah-reuah peuting bagantina taun jeung Hèrty.  Hatèna teu welèh ngeleketey saban inget kana èta pangalaman. Dirina lir anu diririwaan ku rasa salah. Rasa dosa jeung hanjakal anu mohaka.
“Ah mani euweuh lalajoaneun tivi tèh,” May semu bangkenu. Cetrèk tivi pareum. Jung manèhna cengkat tina pangdiukanana.
“Hoyong spagèti teu?” pokna deui, kituna tèh bari ngalieuk ka Adrian. Anu ditanya tungkul kènèh kana layar monitorna.
“Ih siga anu kasurupan jurig tunduh,” sambung May bari ngalèos. Sup ka dapur.
Ditinggalkeun ka dapur ku pamajikanana, Adrian ngalieuk bari ngawaskeun. Teu burung ngolèsèd tina pangdiukanana. Nyampeurkeun anu keur buku-buka kana erak kitchen set. Leungeunna ngaragamang kana mangpirang bungkusan dahareun instan. Gap kana spagèti. Dicokot, dibawa nyampeurkeun kompor gas. Gen, tèflon jangkung anu samèmèhna dieusian cai ditagogkeun dina biwir kompor gas. Kenop kompor diteken bari dipuirkeun ka kènca. Cekès. Sorana kadèngè dituturkeun ku geburna seuneu anu kaluar tina burner.
Ardian nyèrangkeun tina lawang panto dapur. Tangtungan anu keur kaprak-keprek di dapur bet nguniangkeun kalangkang Hèrty anu harita kungsi mamaksa hayang taun baruan ka Puncak. Percis kawas anu keur disanghareupanana, merenying hayang mapag pabaru di Puncak.
“Hidep ayeuna mah dipahing angkat tebih-tebih. Pan kedah dipingit heula. Tuh taroskeun ka Yayang!” sora indung Hèrty harita basa mamatahan dirina bari nunjuk ka Adrian, atra kènèh dina pangdèngèna. Bet dumadak ngolèbat èta kajadian tèh.
“Ka Villa, Mah. Teu ka tempat anu sanes, sareng Yayang ongkoh, sareng Nèndèn, sareng Yuka, sareng Zèna, seueuran,” Hèrty keukeuh.
Rèa deui pangolo Hèrty ka nu jadi indungna harita, anu pamustunganana indungna èlèh dèèt. Papagah ka duanana samèmèh miang tèh teu kurang-kurangna. Majarkeun sing tartib lebah ngajalankeun kendaraanana, ulah kekebutan. Pariksa heula kaayaan motorna, jeung sajabana-jeung sajabana.
“Gusti, sugan tèh aya mahluk ti gubrag ti langit, ujug-ujug ngajega dina lawang panto,” May semu ngarènjag sabot malikeun awakna mireungeuh Adrian aya dina lawang panton.
Lamunan Adrian ngadadak buriak. Dirina ogè teu burung ngagebeg, asa kagebah. Keur mah anu dilamunan tèh panineungan anu aya patalina reujeung pangalaman batinna. Ngan kituna tèh teu katutuluyan, Ardian nyèh imut tuluy nyampeurkeun. Ragamang leungeunna kana cangkèng May. Seungit parfumna kaambeu kènèh najan kahèab ku saab godogan emih spagèti anu ngaguguplak. Anu disangkèh semu ngiser bari ngaharèwos.
“Kè atuh tos emam!” pokna bari ngajait tèflon tina kompor.
Cai godogan emih spagèti anu masih panas dicicikeun kana wastafel paranti gègèroh. Tuluy emihna dieurihkeun kana lodor anu geus eusi samara. Leungeunna ngarongkong sumpit tina rak piring, tuluy dipakè ngagalokeun spagèti.
Sajeroning kitu tèh Adrian mah ukur ngawaskeun. Implenganana ngomlèmbar deui ka Hèrty anu di bawa indit ka Puncak, diboncèng dina motor. Mangbring opat motor jeung pada baturna. Indit ti sorè mula, anjog-anjog geus rèk maju ka tengah peuting. Genep jam waktu anu nganteng dipakè ngajugjug ka Puncak harita, padahal biasana mah ukur tilu jam. Makè jalan anu saruwa tur ngajugjug ka tempat anu saruwa, villa. Kolot Hèrty ngahaja nyieun tempat paniisan anu teu pati jauh ti jalan utama. Mungguh lain sakali dua kali maranèhna ngajugjug ka èta tempat tèh. Nu matak teu burung lèah ogè hatè nu jadi kolot Hèrty waktu nu jadi anak hayang nyacapkeun mangsa lalagasan di Puncak jeung pada baturna mapag bagantina taun.
Hawa tiris ngabagèakeun nu anyar daratang. Sora tarompèt kawas anu ngawilujengkeun. Miheulaan rèang sili tèmpas tina paniup barudak, dina motor anu ngalangsam, di jero angkot anu pagegelek, ti nu laleumpang sisi jalan, sakapeung paselang jeung sora-sora garogonjakan. Tingcakakak kawas anu manggih kabungah. Kabagja tepung deui jeung taun anyar. Hatè bungangang masih dipaparinan umur anu lana geusan mitapak èndahna alam pawenangan. Kagumbiraan mudal wanci tengah peuting. Tabuh 00.00 anu pada nganti-nganti. Diitung babarengan. Itungan mundur. Kabungah bedah jadi mangpirang sora reujeung warna anu sumirat. Mancawura di langit luhureun suku Gunung Gedè.
Kembang api kawas anu keur paheula-heula muru langit. Nyumiratkeun warna burinyayna sèwang-sèwangan. Paèndah-èndah. Paceuyah-ceuyah. Sarèrèa keprok mangsa nyaksian kembang api raksasa anu teu eureun-eureun tingbarasat di jauhna. Ting belesur ti saban juru lelewek. Kawas di mèdan jurit. Ti jalan. Ti buruan hotèl. Ti tempat parkir buruan masjid. Ti villa-villa anu ancal-ancalan. Ti pilemburan. Nu di jalan surak ambal-ambalan. Nu di lapangan parkir hotèl pating kaleprok. Nu ting pucunghul dina jandèla kamar lotèng ajrag-ajragan. Nu di pilemburan ayeuh-ayeuhan. Nu di villa saleuseurian. Kabagja sumarambah ka saban hatè anu nyaraksian peuting bagantina taun.
Cacap kahayang para nonoman nungkulan peuting anu baganti. Di salah sahiji villa. Dina kaayaan hawa anu tiris kacida. Opat pasang nonoman ngangon kacinta. Galumbira dina buana nu saruwa. Kumalayang ka alam pangumbaraan dina lelembutanana. Saab alkohol nyambuang sakurilingeunana. Haseup roko ngelun minuhan rohangan. Pada-pada bagja jeroeun dadana. Patinggolèpak sakarepna. Dada reujeung dada patinggumuruh. Hègak jeung haroshos pada-pada nompo. Duka saha jeung saha anu keur jadi raja reujeung permaesurina. Duka teuing kumaha warna asmara anu ngamalir dina getihna. Teu sidik duriat eunteup ka mana. Peteng. Hatè kebek ku kabungah. Mongklèng. Pikir eundeur ku geter halabhab. Pungkas tepi ka srangèngè meletèk muka poè taun anyar.
“Suta, geuning manèh ieu tèh!” Hèrty jumerit ngeuit ati mireungeuh lain Adrian anu nyalopa dina awakna.
Sarèrèa ragrag tina alam kumalayangna. Kagareuwahkeun ku sèrabna mata poè anu norobos kana jero hatèna sèwang-sèwangan. Kareuwas mimiti sumarambah. Kahanjakal ngagugunung dina saban jiwa anu katalangsara. Sadar. Sadrah yèn jodo, pati, bagja reujeung cilaka ukur rusiah Gustina. Lèah jeung tumarima buah hatèna kudu dipihukum dina waktu pisaminggueun deui ku nu jadi baturna. Adrian nyangsaya dina guratan nasib werit dirina. Pasrah.
“Diemam geura, teu raos tiis mah,” May ngagareuwahkeun lamunan salakina pikeun anu kaduakalina.
Adrian unggeuk. Leungeunna mimiti ngaragamang kana garpuh dina alasna. Tilu lambar spagèti ngaranggeum pageuh seuseukeut garpuhna. Am dihuapkeun. Capèkna anca. Kawas anu sieun emihna aya cucukan.
“Teu raos?” May muka deui carita.
Adrian gideug. Nyèh seuri. Leungeunna ngaragamang kana ramo leungeun May. Lalaunan dikenyang. Diteueulkeun kana biwirna. Nyèh deui seuri. Paneuteupna anteb nyusur leungeun tina tungtung ramo anu dicekelna, mapay kana peupeuteuyan tuluy parat tepi kana mamaras kageulisan nu keur di sanghareupanana.
“Ku naon ih, asa sararieun?” May kerung bari nahan piseurieun.
“Urang taun baruan di Puncak. Duaan,” pokna.
Ciyus?”
Adrian unggeuk.
Kabungah May bedah dina peuting anu masih nyaring.

Bandung, tungtung taun 2017

0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com