Galura édisi IV Nopémber 2017
Ku Iwan M. Ridwan
Naha akang karék kedal ayeuna
sanggeusna urang pada-pada jauh. Mun mah ayeuna rék dianyam deui, malah mandar
lain jadi kabagjaan, anu aya mah nyieun
bibit berewit ka urang saréréa, Kang. Enya atuh da kakaraeun kuring mah tepung
jeung lalaki kawas akang, romantis, tapi matak pikawatireun. Kuring seuseurian téh
kuat ka nyeri kulit beuteung, cireumbayan, lain alatan sedih, tapi bakat ku
hayang seuri satengahing bungah. Haté bungangang bet inget ka mangsa-mangsa
katukang. Sono pisan. Komo ngabandungan cariataan Akang cik kénéh ngaliwatan
messenger.
Bet teu kusangka geuning Akang téh
boga haté kadua leutik ka kuring, padahal naon anu jadi alesanana kuring teu
apal. Naon deuih anu matak Akang kairut ku kuring. Nu geulis mah seueur apanan,
Kang. Urang kota nu garinding. Kuring mah ngan ukur wanoja urang lembur anu
hayang icikibung ka kota. Hayang kuliah malah mandar boga pangaweruh. Sedeng
ari pangaweruh pan bisa ngangkat martabat manusa. Anu matak bisa panggih jeung
Akang ogé apanan kuring téh sakampus jeung Akang. Safakultas deuih. Bédana téh
akang mah leuwih tiheula asup ka kampusna. Leuwih senior.
Bagja tinemenan mun éta carita téh
langsung dikedalkeun ku akang basa urang masih kénéh aya di kampus, cacakan
ukur maca chattingan ogé sakitu
pikalucueunana, komo deui lamun akang nu nyaritakeunana bari jeung dipéragakeun
kawas harita basa Akang merankeun tokoh Jumena Martawangsa dina sandiwara Sumur
Tanpa Dasar. Lucu pisan meureun Kang. Harita deui basa akang keur mérankeun
tokoh Si Apin dina sandiwara Sunda, Akang sakitu matak pikaseurieunana, teu
sirikna unggal nu lalajo téh haben ger-geran surak bari keprok. Enya harita mah
Akang mémang keur ngalucu. Ngahaja. Teu kucem kawas keur merankeun Jumena. Eumh
tada teuing matak resep mun kanyataanana Akang téh kawas kitu. Teu weléh seuri
jeung seuri wé meureun mun kuring aya di sagigireun Akang.
Tapi naha enya kang, Akang téh
kungsi neundeun haté ka kuring? Naha
atuh lain kedal harita téh, geuning Akang mah kalahka kedal ayeuna bari jeung
ngucapkeunana ogé kawas budak cacarita ka indungna sanggeus nyaksian kajadian
anu matak reueus kana haténa. Meureun mun Akang harita cumarita, kuring téh
moal cuwék bébék ka Akang. Ceuk Akang mah kuring téh super cuwék, pangpangna ka
Akang. Malah mah kawas anu sombong. Naha Akang ningali urat sombong dina
beungeut kuring kitu, Kang? Atawa aya urat haré-haré di diri kuring ka Akang
harita? Ceuk pangrasa mah kuring téh akraban ka sasaha ogé, kaasup ka Akang
sorangan. Geuning sakalieun Akang nanya ka kuring mah teu weléh dijawab bari méré
pasemon anu hadé. Mémang sakieu Kang pasemon kuring mah, tara leuwih.
Ah, Akang. Aya ku anéh ari Akang,
boga rasa téh bet disidem saendengna. Lain kalah leungit perasaan mah, Kang, disidem
mah kalah beuki lintuh, baranahan jadi loba. Mangga wé raoskeun ku Akang
nyalira. Mémang sakapeung mah kuring gé surti kana paneuteup Akang. Tapi anu
katarima ku diri kuring mah kanyaah Akang saruwa jeung kanu lian. Geuning Akang
mah sakitu bageurna, éta wé geura anu cikénéh disabit ku Akang masalah ngangkat
ransel basa keur ospék di Rancaupas, keur kuring mah lain hal anu istiméwa.
Sabab kuring ogé remen nyaksian Akang nuntun tongkat pramuka peserta séjén, awéwé
utamana mah, anu sakirana lungséeun nalika jalanna nanjak.
Hanjakal nya, Kang, baheula téh méntor
kuring lain Akang. Meureun lamun Akang harita nu ngaméntoran tada teuing diogona
kuring téh, cacakan Akang ngaméntoran kelompok nu sejen ogé Akang sok
pirajeuneun ngadeukeutan kelompok kuring, sautak-saeutik téh teu weléh
merhatikeun kana kondisi barudak, pang-pangna mah kuring meureun. Duka kétang
da ceuk pangrasa mah keukeuh Akang téh saruwa waé perhatianana jeung kanu séjén.
Enya inget kénéh pisan Kang, kana
naon anu dicaritakeun ku akang bieu. Basa ténda bocor sabab hujanna teuing ku gedé,
hawa peuting beuki karasa tirisna. Haté mah teu weléh manteng kanu Kawasa,
sabab asa rék harita datangna nu ngaranana pati téh. Sumpahna ogé, Kang, asa rék
sahos-hoseun maot. Akang terang meureun kuring boga kasakit di jero awak, anu
pantranganna ulah katirisan ulah kalaparan, kari-kari harita bet ngarempak ugéran.
Mun Akang nyaksian harita kaayaan kuring tada teuing ngahelasna, Kang. Moal wasa
nyaksianana kawasna mah, beungeut sepa, biwir geunteul, huntu noroktok bakating
ku tiris. Dada mah eungap lain meumeueusan. Ku harianeun nya ari senior, dibawa
ka ténda P3K lain jadi cageur kalahkah nambahan parna. Kuring mah sieun Kang ku
haok polotot maranéhna téh. Nyebutkeun kuring ogo, anak mamih, pira gé
katirisan di gunung geus kawas nu dilelepkeun dina sagara és di Kutub Selatan majarkeun
téh. Jadi kalah nambahan dungdeng kana sirah. Bau gandapura bet kalah nambah
sebel kana beuteungna. Meureun nu rada genah téh basa divisi konsumsi mawa wédang
jahé jeung bubur kacang, kitu ogé ngan saparapat gelas séwang. Eum, bet
harianeun kénéh waé.
Mun harita kuring surti kana haté
akang, meureun kuring téh bisa ménta dibaturan ku Akang salila di pos P3K, rék
ngaku lanceuk misan wé atawa Amang. Sugan ku cara kitu mah kuring téh teu
keueung teuing. Moal sieun deui rék ngabohong ngaku dulur, Akang ogé moal
burung nyatujuan. Moal meureun kuring téh dikekesek ku maranéhna, sahenteuna éraeun
ku Akang. Enya atuh akang mah pada ngajénan ku senior-senior nu lain ogé,
buktina waé nu lain téh sararopan ka Akang mah.
Bet teu matak bétah, Kang,
lila-lila aya di ténda P3K téh, kapaksa atuh najan tiris ogé ninggalkeun éta
tempat muru kémah peserta. Aya ku pareng geuning panitia divisi logistik keur
ngahurungkeun seuneu. Cukup ngahaneutan leungeun sabab hurungna teu pati gedé.
Enya hésé pisan geuning suluh baseuh mah hurungna najan hantem waé dibanjur
minyak tanah jeung spirtus ogé.
Salila siduru téh kuring mah teu rumasa aya nu nyérangkeun ti ka
anggangan, mun bieu Akang teu cacarita mah. Kuring mah tonggoy wé, barina ogé
rék naon alak-ilik ka
sakuriling bungking, kasieun-sieun ningali nu kawénéhan, sasatna wanci geus manjing
janari leutik. Iy bararaid. Akang mah lain nyampeurkeun atuh basa keur siduru téh,
kalah olohok waé kawas anu manggih kaanéhan nempo kuring téh. Kuring mah sama
sakali teu apal Akang harita aya di dinya bari hantem ngeunteupkeun paneuteup
ka kuring, enya apal sotéh tina carita akang bieu. Horéng matak akang colohok waé
téh aya sababna.
Sing sumpahna ogé kuring mah meni
cireumbayan bakat ku hayang seuri. Naha atuh akang bet bisa kitu. Bet bisa
kasalahan ténjo kasalahan rampa. Pédah poék meureun nya kang. Maklum wé keur di
leuweung mah ningali sasaha téh siga kuring wé meureun Akang mah. Padahal mah
asa pajauh antara kuring jeung Si Nuni téh. Apanan awak kuring mah leutik, teu
pati jangkung deuih. Sedeng Si Nuni, sakitu jangkung lenjangna. Pédah éta
meureun pakulitanana ampir sarua jeung kuring. Buuk mah puguh moal apal najan béda
gé da pada-pada maké kupluk.
Heuheuy deuh, nu matak akang
yakin éta téh kuring mah pédah basa Akang nyalukan ngaran kuring di haréupeun ténda,
bet aya nu muka nya. Teu kabayang pisakumahaeun dariana Akang nyalukan ngaran
kuring ka Si Nuni bari dirampaan rarayna saur Akang mah, hayang sidik meureun
nya panas atawa henteuna raray nu dirampaan téh. Saur Akang mah nyelecep tiis.
Alah siah bet jadi muringkak bulu punduk. Pisakumahaeun hariwangna Akang harita
sabab panyangkana anu ngalelempréh bari katirisan kitu téh kuring.
Kabayang bari susulumputan Akang hayang
ngadatangan kuring téh nya. Ngahaja mamawa sarung ngarah kuring teu katirisan teuing.
Aya kubageur ari Akang, ngan hanjakalna waé Kang, Akang téh bet salah sambung,
kalah sasab ka Si Nuni. Éta deui Akang mah bet teu boga pangrasa, meureun béda
beungeut anu dicabakan téh. Mémang moal bisa ngabédakeun kétang sasatna dampal
leungeun jeung ramo-ramo Akang mah teu kungsi euntreup dina beungeut kuring. Keur
mah deui piirahaeun teuing kaalaman, kuring jeung Akang téh anyar wawuh. Enya
diwawuhkeun ku kaayaan.
Akang mimiti bingung sanggeus
ningali kuring di luar keur siduru jeung babaturan. Ceuk Akang, naha ganti jadi
warna ungu mantel anu dipaké ku kuring téh, lainna tadi mah basa dibéré sarung
di jero ténda mantel nu dipaké pulas beureum, naha ayeuna jadi pulas ungu. Hag
siah Kang, kuring aya dua. Palias teuing aya kuring mamalihan. Puguh kétang éta
mah Si Nuni. Kuring mah karék datang ti ténda P3K.
Naha karék ayeuna atuh
nyaritakeun éta kajadian téh, Kang, lain ti baheula. Dasar Akang mah pahlawan
kabeurangan. Akang mah boga rasa téh disidem ku sorangan. Naha ka unggal wanoja
anu dipikaresep kawas kitu, Kang? Tada teuing kasiksa meureun, nya Akang unggal
ngalaman tibelat kawas kitu. Disidem
ku sorangan bari taya nu nyaoheun saurang-urang acan komo jinisna. Naha mémang
bener ari Akang téh éraan? Naha geuning éraan téh bisa asup kuliah di Prodi
Drama. Lainna anu arasup drama mah taya nu ngukut kaéra? Komo deui Akang mah
resep maca sajak jeung pentas drama.
“Justru lantaran éraan, abdi
lebet Prodi Drama téh,” ceuk akang harita.
Anéh pisan akang mah, alesan asup
ka dunya seni téh keur ngaleungitkeun kaéra, enya ngaleungitkeun sifat éraana akang. Sakuduna mah nyiar elmu téh
keur ngaleungitkeun kabodoan, ieu mah keur ngaleungitkeun kaéra. Ari ayeuna masih
éraan kitu, Kang? Meureun tos henteu nya sabab Akang geus wantun balaka wengi ieu
ka kuring ngeunaan haté akang baheula, sanajan teu sacara langsung. Ngaliwatan
jejaring sosial anu keur ceuyah ayeuna. Enya da rék irah panggihna atuh urang téh
apan geus pada-pada jauh. Kuring gé ninggalkeun kampus téh lain sabab geus
lulus kawas akang, tapi ku kereteg haté sorangan anu kurang méréan aya dina ieu
lingkungan. Tapi lain nganggap dunya kasenian négatip atawa teu hadé, sagala
rupa gé da aya positif jeung négatifna. Hirup mah sagala gé pilihan tur pasti
aya piliheun, teu bisa dipaksa-paksa kudu ka ditu kudu ka dieu. Nu penting mah kajujuran
jeung tanggung jawab. Atuh masalah boga kaéra jeung henteu mah éta masalah
kabutuhan séwang-séwangan, salila aya dina bebeneran tong maké éraan, tapi nya
ari rumasa salah mah maenya wé teu boga kaéra.
Enya mun ti baheula kénéh akang
leungit kaéra téh, meureun kuring apal kana dagdigdugna haté akang, apal kana
warna-warnina pipikiran akang nalika inget ka kuring. Sedeng ayeuna ucapan
akangna gé geus teu daria, sabab sakeudeung deui baris mungkas mangsa
lalagasan.
Bandung, 2017
0 comments:
Post a Comment