Saturday, November 10, 2012

Sajak Kamelang



Galura - Edisi I Agustus 2010
Handapeun Sora Sit-uncuing
(Iwan M. Ridwan)

Sit-uncuing ngelak maseuk kota
Nyelangan gerung kored mesin
Memeh pindah kana gurat jukut sejen

Handapeuneunana balawiri nu ngulon ngetan
Tuturubun ngudag jeung diudag waktu
“Bisi teu kasampeur nu lebah pengkolan!” ceuk hatena
Ngomong ka panon poe nu teu malire

Renghap ranjug dayeuh beuki sumpeg
Katarajang panyakit mengi sabab paru-paruna geus karancang
Dina tikorona menet reuhak peradaban
Ngagulung jeung teknologi
Jeung runtah

Handapeun sora Sit-uncuing manglaksa kacangcaya teu kungsi mulang
terus ngamalir ka rorotek jalan nu brasna ka poe kiamat

Bandung, 24 Mei 2010

Hirup Ngan Ukur Cenah
(Iwan M. Ridwan)
Cenah hirup teh jalan nu pagaliwota
Sedeng cinta ngan saukur teteguhan
Urang bebas leumpang mapay nu can kasorang
Nyorangan atawa babarengan teu jadi sual
Di mana aya kacinta di dinya urang bakal ngalalana

Cenah hirup teh kabel nu pakuranteng
Sedeng cinta ngan sakadar layar monitor
Sing nyalse. Sing daria. Tumaninah.
Sabab jaga teuing kumaha boa
Di mana aya tunggara di dinya urang eureun ngalalana.

Cenah hirup ayeuna teh di dunya
Sedeng cinta teuing di mana ngancikna

Bandung, 11 Juli 2010


UkurJadi Kalangkang
(Iwan M. Ridwan)
Bulan ukur jadi kalangkang dina peuting ngabangingik, jadi tumbal dina réwuan juta lampu nu moncorong. Beureum, konéng ngagindingan kota, sawaréh lalumpatan di jalan-jalan patakonan. Ting garerung bari ting sérépét meupeus lamunan. Langit beuki alum némbongkeun kaceuceub. Kuring beuki anteng ngelun-ngelunkeun haseup filter, sumarambah ngalimpudan jomantara. Nyéh, bulan seuri basa kuring ngajak sasalaman, ngajak ulin lulumpatan dina kecap-kecap nu ngawangun puisi...

Bandung, 19 Pébruari 2008

0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com