Thursday, September 13, 2012

Leuweung Katineung


(Galura edisi II September 2012)

Keclak! Cipanon kahiji mimiti ragrag. Meuntasan jungkrang lungkawing dina batin Sofi. Ngalémbéréh kana lamping damis nu geulis. Meulah sukma nu geus teu puguh rasa. Peurih jeung balilih geus jadi kabiasaan mumuluk unggal isuk. Jadi kadaharan sapopoé. Mun mah diri geus ngarasa seubeuh, kanyataan bet kudu maksa neureuy kapeurih anyar nu teu kendat rerep. Ti waktu ka waktu bungkleukna beuki lintuh kawas nu diangon di kebon tatu. Cucuk rungkangna ngajejembrung moékan panyérang di kajauhan. Mun mah di kaanggangan aya bagja nu geus kalarung, susah pikeun disawangna.

Miara bagja ngan sakedet nétra. Ayeuna ilang teuing kamana. Karasana sabot harita basa manéhna anyar miwanoh jalma nu ayeuna jadi salakina. Enya. Bet geuraheun aya wanoja nu moal kabandang ku lalaki kasép ngalémpéréng konéng anak jalma jugala salah saurang pangawasa di hiji kota. Liliaran teu weléh tumpak sédan bari ngabagikeun imut kasasama. Boga pausahaan sorangan. Agama jeung darigamana teu tinggaleun dina nyorang kahirupan. Nya harita pisan Sofi milih ninggalkeun Agus geusan nyorang kahirupan jeung manéhna.

Agus kacida ceuceubeun pisan kadirina. Mangtaun-taun papacangan. Kasusah jeung kapeurih ditanggung ku duaan. Bagja jeung lugina teu weléh dibagi rata. Karasa pisan pait jeung peuheurna hirup di kota anu saruwa pada-pada asing keur maranéhna. Enya. Bisa kasebut ngumbara Sofi ogé sok sanajan lain pendatang. Meureun anu disebut ngumbara téh pédah jauh jeung indung bapa. Manéhna milih ngontrak sorangan salila kuliah di puseur dayeuh. Anu satuluyna tepika meunang gawéna manéhna ngarasa betah hirup mandiri.

Nya dina waktu éta Sofi hirup babarengan jeung Agus sok sanajan henteu sagebrus. Pada-pada ngontrak di tempat séwang-séwangan. Silih tutupan kakurangan, silih cumponan kabutuhan, silih rasakeun kabungah. Pait jeung peuheurna estuning ditanggung ku duaan.

“Ah. Bet jadi leuweung katineung!”

Kitu babasaanana haté Sofi mun ras inget kana mangsa lalakon ka tukang. Mangsana keur meujeuhna silih cacapkeun kanyaah. Kacinta anu bener-bener datang tina sakutri ati anu pang iuhna. Pangsimpéna. Mun mah rék digambarkeun kaéndahanana meureun katumbiri nutug curug ogénan asa can bisa mapakan kana warna-warni kahirupan maranéhna. Mun mah dilarapkeun kana hiji kecap teuing naon pibasaeunana. Éndah. Lugina. Bagja. Geugeut. Meumeut. Kalandep. Bet moal cukup ukur dikedalkeun. Dilamunan. Disawang. Dibabayang. Geuning jadi kalah leuwih éndah. Leuwih tiis. Leuwih seger. Lir ibarat leuweung nu ngahaja ditaratas. Enya leuweung katineung téa. Leuweung nu moal aya nu ngagunasika ari lain maranéhna duaan mah. Enya Sofi jeung Agus. Sabab éta leuweung téh ayana dina batin maranéhna. Moal ieuh bisa katoél kunu lian.

Ayeuna. Leuweung katineung téh ku Agus mah dibebenah deui. Saliara jeung rungkunna diberesihan. Tangkal-tangkalna digemuk sina beuki linduh. Sakapeung dioyos mun teu kebat hujan. Walungan katrésna nu kungsi saat ayeuna geus dibuka deui sungapanana. Caina masih ngagenyas. Hérang.  Boborélakan mantulkeun cahaya panon poé nu norobos sela-sela dangdaunan. Kembang-kembang geus  mimiti sarirungan. Rampak ku rupa-rupa warna, gambar haténa. Beureum. Konéng. Bungur. Bodas. Gandola. Dalah kembang angsoka ogénan rebung marucunghul.

Béda deui. Leuweung katineung dina haté Sofi ayeuna geus jadi leuweung luwang-liwung. Jembet ku kakayon. Rungkun jeung saliara ngarambah di mamana. Poék. Bala. Jadi panyumputan sato galak nu teu ilahar. Oray jangjangan. Méong tandukan. Jeung sabangsa sasatoan anu ngagalaksak kana sagala rupa. Kabeh bumén-bumén. Euweuh nu ngaroris. Euweuh nu miara. Enya rék bisa ngariksa kumaha sasatna manéhna aya dina jero sarigsig beusi. Weweg tur wedel. Dibarogod rante katalangsara batin nu ditimbulkeun ku jalma anu cenah haat jeung mikanyaah manéhna. Salaki anu cenah bakal nyenangkeun téh geuning antukna kalah ngararaca batinna. Ngageuri haté nu beuki kumareumbing. Pucuk-pucuk baluas mimiti rebung sarirungan. Nyaksian pagawéan salaki unggal peuting balik subuh. Sungut bau arak. Dalah mimindengna mah dianteurkeun téh ku wanoja anu maraké gaun peuting. Gaun anu ngan ukur nutupan babagian sensitifna hungkul. Mun mah pareng pasanggor manéhna nu mukakeun panto, maranéhna ukur méré imut nu matak maut.  Imut kapaksa nu malah nandasa. Sedeng dirina beuki teu wasa.

Sabulan dua bulan mimitina memang can kagambar bakal kaalaman. Sataun dua taun geuning kalah beuki nyirorot. Panyakit berewit teu bisa leupas tina kahirupan kulawargana. Tina alam kahirupanana. Langit beuki angkeub. Sakapeung mah hujan dordar gelap. Pausahaan anu asalna  jadi kacapangan, horeng dijabel ku nagara. Mitoha nu dipahing bakal bisa nangtayungan dina sagala pasuaalan bet kalah kaguis dina gilinding korupsi nu mingkin ceuyah di ieu nagri. Korupsi nu geus jadi sindrom keur sabagian para pajabat tinggi. Cul cel di ditu di dieu. Nu itu nu ieu kaciwit kulit ka bawa daging. Singhoreng pasualan nu kitu mah teu bisa ngalibetkeun ukur saurang dua urang, tapi pihak itu pihak ieu téh kudu aya andilna. Anu antukna KPK geus bisa ngabongkar hiji perkara bet ngarambah ka mamana. Enya kawas anu kaalaman ku mitoha Sofie harita. Ninggang di ngalaman burakrakan kulawarga, salaki kalah weureu. Meupeuskeuyang ka dirina. Nyalahkeun ka dirina anu rumasa teu walakaya dina eta pasualan. Sofie ukur bisa narima kanyataan. Sakapeung mah sok ras inget kana dosa nu dijieun ka Agus lantaran geus ninggalkeun. Geus ngaruntagkeun harepan jeung cintana.

Tapi sagala panineungan eta geuwat disieuhkeun tina pikiranana sabab manéhna geus apal Agus ngahampura. Tapi deui deui manéhna bet boga rasa hanjakal. Horeng kabagjaan mah teu bisa dibeuli ku dunya barana. Ninggang di tumpes sagalana, kabagjaan bet kalah tijungkir. Bagja téh jadi kuciwa. Bungah téh jadi susah. Ras deui inget kana kekecapan Agus baheula yen hirup mah lir ibarat cicing dina sisi gilinding anu teu eureun-eureun muter. Sakapeung aya di luhur. Sakapeung aya di handap. Kalan-kalan di tengah-tengah. Ngajalanan hirup lir naek tangkal. Beuki luhur urang naek, beuki leutik cecepengan sedeng angin beuki tarik neumbraganana. Mun mah sakalieun ragrag ka handap tiangtu cilakana leuwih rongkah.  

Mun mah Sofie teu inget kana eta darma, meureun dirina geus teuing kumaha. Sabab pangharepanana geus peunggas katinggang tangkal lalakon nu rungkad dituar nasib. Balilih ukur ngalindih. Cimata nu dirasa seger teu matak mawa haté kateger. Manéhna ukur bisa ngabébénjokeun diri sorangan lunta deui ka leuweung katineung nu mingkin keueung.  

(Rengse. Bandung, 1 September 2012)

0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com