Mun nyaho rék kieu, meureun moal daék
diolo ku sasaha. Rék cicing wé di Enin. Keun baé dipikangéwa ku saréréa ogé.
Kajeun indung unggal poé ceurik barintit. Éra kalura imah da puguh geus jadi
omong balaréa. Bapa nya kitu kénéh teu sirikna kawas nu béak déngkak maké jeung
ngancam-ngancam rék megatkeun tali anak jeung bapa. Kawas lain lalaki. Kawas
lain pangawak nu belekesenteng bari jeung loba luang pangalaman. Pira gé nyanghareupan
kuring kawas nu teu katanagaan.
Nya salah saha atuh kuring boga
kalakuan kieu? Salah didikan maranéhna kénéh meureun anu kurang merhatikeun
kuring salila ieu. Naha salah mun kuring hayang sagala apal sagala nyaho?
Hayang ngarasa puas ulin-ulinan jeung babaturan atawa jeung kabogoh? Kawas nu
teu ngalaman ngora waé.
Majar kalakuan kuring téh teu
wajar. Pangawak awéwé sagala hayang nyaho sagala hayang loba pangalaman. Padahal
mun mah sakali mangsa kuring geus rumah tangga meureun moal ngalaman kawas
rumaja deui da teu boga idin ti salaki atawa katungkulkeun ku ngurus kawajiban
rumah tangga.
*
Enya mun nyaho rék kieu, meureun
moal daék diolo ku sasaha. Rék cicing wé di Enin. Moal ngadéngé papatah Ua
atawa bibi nu éta-éta kénéh piwurukna mah, ngan béda cara nepikeunana. Béda
omongna. Moal daék diolo ku si Amang nu ngahaja datang ti Bandung. Enya atuh nu
matak daék leumpeuh téh rumasa nyieun kasalahan ti heula. Ka indung bapa
pangpangna mah. Teu wasa geuning nyaksian indung unggal poé ngerem di kamar
bari panon carindul balas sapopoé ceurik mikiran kuring. Teu téga tuntungna mah
nempo bapa anu sakitu keur meujeuhna buta tulang buta daging ngadadak leumpeuh
yuni. Ngadadak huleng jentul bari jeung ngancam-ngancam rék megatkeun iketan
kolot ka anak. Sok sanajan éta téh moal bisa pegat ku omongan.
Eum dosa meureun nya kuring téh
ngageringan haté indung jeung bapa. Ngéra-ngéra kulawarga. Saheunteuna Kang
Dian téh masih kénéh katalian baraya. Enya ku alatan éta kuring daék diolo ku
Si Amang dibawa deui ka Malangbong téh. Ku sabab éra jeung ngarasa dosa. Tamahana
bet daék narima. Mémang nu ngaranna jodo pati bagja cilakan téh geus aya di
dituna bari jeung ti dituna téh teuing ti mana. Jodo mah jorok cenah. Teuing
naon maksud jorok éta téh, weléh teu ngarti kana babasaan kolot téh, kuring
mah.
Bisa waé nu disebut jorok téh teu
pipilih padahal urang téh geus wawuh ti anggalna mula. Hiji mangsa kalayan teu
disangka-sangka éta jalma téh bisa jadi salaki urang. Kitu pisan nu kaalaman ku
kuring. Cacakan mun geus apal jodo kuring téh Kang Dian, meureun moal daék
bobogohan jeung si Angga tepika der matak paséa jeung kolot. Cenah si Angga mah
budak baong. Teu nembongkeun rasa hormat ka kolot jeung ka batur. Dangdanana ogé
kawas jalma weureu. Ceuli dianting, buuk dibeureuman. Teu puguh hirupna. Ngaji
hanteu sakola komo deui. Unggal poé ngan ukur galandang dilinding ka kulon ka wétan
bari teu puguh tujuan. Ngedul. Kabisana téh gelut jeung mabok.
Nu matak dina hiji mangsa kuring béak
karep dicarékan ku si Bapa pédah kapanggih keur paduduaan dina motor jeung manéhna,
di Cipeundeuy. Harita téh kuring rék jalan-jalan nempo pasar malem sakalian
hayang malemmingguan ari si Bapa balik ti Tasik narik keusik Galunggung, éta
mah dadak sakalak dititah balik bari jeung dipaksa kudu milu kana treuk. Diuk
pasesedek jeung dua kenékna bari awak bararau késang. Sapaparat jalan dipaké
nginghak. Sakapeung diselang ku némbal carék si Bapa. Untung wé teu pati jauh
antara Cipeundeuy jeung Muncang Agung mah.
Datang ka imah hayo ditambahan ku
haok jeung polotot. Dijagragkeun ka si Ema nu ngan ukur bisa ngembang kadu. Teu
téga meureun nyaksian anak sorangan diceurikan ku nu jadi bapana. Rék
panglawankeun da puguh teu kawasa. Antukna ngan ukur ngupah-ngapéh kuring bari
jeung meus-meus mantuan nginghak.
Isukna si Angga ditepungan ku si
Bapa. Ngahaja dipegat di jalan. Di bawa ka imah. Diomongan ulah hayang
ngadeukeutan deui kuring. Alesanana mah teu pira pédah manéhna jalma teu puguh.
Si Bapa mah enya gé gejul bari hirup di
jalan, boga anak mah teu rido kudu dibabawa ku jalma nu teu puguh alang ujurna.Cenah
mun teu daék ninggalkeun kuring, kapaksa si Bapa nu bakal misahkeun manéhna ti
kuring. Duka téh teuing ku cara naonana mah, teu kebat kuring ngadéngéna sabab
teu kuat hayang muragkeun cipanon ngerem di jero kamar.
Tilu poé ti kajadian harita
kuring nampa SMS ti si Angga. Cenah manéhna lunta ka Bogor. Indit bari mawa haté
peurih. Anu jadi tujuanana mah seja
usaha nyiar pangasilan. Milu ka nu jadi amang dagang cilok. Manéhna hayang
ngabuktikeun diri bisa hirup mandiri ku pangusaha sorangan. Miceun kamandang
batur nu salila ieu ngahinakeun dirina, kaasup si Bapa nu pajar lalaki teu
guna.
Inditna si Angga ka Bogor téh
geuning teu ngajadikeun si Bapa ngabebaskeun kana hakirupan kuring satuluyna. Malah
kapanggih ogé SMS-SMS ti manéhna nu keur aya di Bogor. Montong hayoh dilayanan
cenah jalma cucungah kitu mah euweuh araheun. Si Bapa mémang teu
ngajurung-jurung kuring deudeukeutan jeung hiji jalma, ogé teu ngarep-ngarep
kuring meunangkeun jalma jugala. Sabab boh si Bapa atawa si Ema pada-pada surti
kana kaayaan. Pada-pada nalipak manéh. Mustahil meureun jalma cacah kuricakan
pantar kuring meunangkeun jajaka nu kasép ngalémpéréng konéng bari tumpak mobil
sédan. Nu dipikahayang ku maranéhna éstuning basajan, wajar jeung lumrah.
Kuring ngahiji jeung lalaki anu bageur tur bener. Nilik dina pergaulan teu
sakaparan-paran. Teu kabawa ku sakaba-kaba. Hirup boga dadasar élmu agama jeung
darigama. Geuning ti heula gé kungsi deudeukeutan jeung Kang Andri teu ieu
diulah-ulah. Datang ka imah éstuning dibagéakeun bari dituangleueutkeun
saaya-aya. Majar manéhna mah katémbong gawéna najan can apal dimana dumukna. Nu
jelas manéhna téh salah saurang sales nu nganteur-nganteurkeun mi instan ka
tokona Ceu Haji Mimin dunungan kuring. Ari ceu haji Mimin apanan lain sasaha. Manéhna
téh dunungan si Bapa ti babaheula nu geus nganggap kulawarga. Satamatna
Tsanawiyah kuring ngalalanyah gawé di tokona di pasar terminal Malangbong.
Ngan hanjakal manéhna téh lain
jalma bener dina urusan haté mah. Kabéhdieunakeun kanyahoan geus boga
kulawarga, anak jeung pamajikan. Kéna-kéna lalaki teu katingali mana bujang
mana nu boga pamajikan, teu burung wé ngamangfaatkeun bodona awéwé. Saprak
katohiyan Kang Andri boga anak pamajikan si Ema jeung Si Bapa nyaram kuring
reureujeungan jeung manéhna. Keur mah kuring ogé ngarasa dihianatan ku manéhna téh
nu matak gampang pisan ngaleupaskeunana.
Béda deui jeung ka Si Angga anu
masih kaitung perjaka tingting tur boga dedeg pangadeg anu teu joré-joré. Jalma
pahatula lalis. Hirup ngan ukur jeung nini bari jeung teu bisa mihapékeun diri.
Maklum atuh pergaulanana gé di lingkungan anu cenah sakabéh jalma di éta lembur
mah ampir weureu kabéh. Kacap tukang bobok tukang tarok tukang nyingkab-nyingkabkeun
androk. Nu matak si Bapa mah ngéwaeun pisan ka Si Angga téh da paur
ngareuneuhan kuring leuwih tiheula.
Manggihan mangrupa-rupa kajadian
dina masalah nu kieu, kuring beuki linglung. Gawé di dunungan kaluar.
Ulin-ulinan beuki mahabu. Najan Si Angga geus di Bogor, kuring ulin
sosoranganan. Babaturan salembur euweuh nu bisa diajak, ampir kabéh geus
rimbitan, reuay ku anak.
Sakapeung ulin téh ka Uwa di Bandrék.
Enya Uwa ti si Bapa anu bubuara di dinya. Dibawa ku salakina ti mimiti rumah
tangga kénéh. Ngariung jeung dulur manéhna. Lanceuk si Uwa lalaki. Enya kolotna
si Kang Dian téa. Eum da sugan téh moal bet panjang lalakonna. Sugan téh moal
boga picaritakeuneun antara kuring jeung Kang Dian téh. Sakapeung mah mun manéhna
datang ti Bandung sok ngadon ngobrol ngalér ngidul. Sagala dicaritakeun.
Pangpangna mah manéhna nu cenah di Bandung mah loba pisan kaanéhanana. Mindeng nonton
konsér artis jeung grup band, atawa
atraksi sasatoan anu anéh, kawas lumba-lumba, dogér monyét jeung sajabana.
Kuring gé atuh sakapeung mah asa kabébénjokeun hirup ngadéngé pangalaman manéhna.
Nya tina éta kasempetan jeung
kadeukeutan, teuing kumaha mimitina si Kang Dian bet nyebutkeun suka ka kuring.
Cenah urang ngawangun rumah tangga wé sabab naon deui atuh hirup mah mun seug
boga gawé jeung teu katalian ku nyuprih elmu mah. Ceuk manéhna ti baheula kénéh
manéhna geus nyimpen rasa ka kuring. Ti keur leutik kénéh. Ari kuring da puguh
gé asa ka lanceuk, teu boga rasa naon-naon. Nu matak mun seug pareng ulin ka
Bandrék atawa manéhna ka Malangbong teu ieuh mikir nu lain éstuning tepung
kulawarga.
Teuing pédah naon kuring bet daék
narima lamaran Kang Dian basa datang ka imah di Malangbong. Cenah méh teu palid
cai angeun. Teuing atuh naon hartina éta kecap téh. Weléh teu ngarti kuring
mah. Ah barina gé teu hayang ngarti. Kuring sorangan teu ngarti ka diri
sorangan. Teu ngarti maké jeung daék nampa cincin sagram bawa manéhna. Kuring daék
unggut basa indung bapana nanya naha kuring daék jadi anak maranéhna. Kuring daék
unggeuk basa diajak kawin dina waktu anu deukeut.
Béda deui jeung kaayaan jalma di
sabudeureun kuring jeung Kang Dian. Si Bapa, si Ema. Si Uwa, Nini, Amang jeung
bibi. Maranéhna éstuning bagja tur lugina. Majar kulawarga baris beuki raket.
Majar kulawarga bakal remen sili anjangan. Bakal kitu bakal kieu. Tangtu anu
tangtu kitu. Tapi naha kuring bet reuwas ka reureuhnakeun. Pikiran bet inget
deui ka Si Angga nu aya di Bogor. Beungeutna nembongan semu alum. Majar kuring
ngahianat. Majar kuring teu nyekel jangji basa manéhna ménta kuring satia
satuhu kana iketan nu geus nyangreud pageuh dina haté séwang-séwangan. Naha
ayeuna kuring bet megatkeun simpay.
Ti dieu haté kuring mimiti sabil
deui. Bet hanjakal daék narima panglamar Kang Dian anu sacongo buuk ge teu boga
rasa nanaon ka manéhna téh. Meureun pédah sok remen panggih. Meureun pédah sok
rajeun curhat, kuring loba nanggap manéhna pon kitu deui sabalikna. Tapi naha
kadieunakeun Kang Dian téh asa jadi cunihin. Hayang deudeukeutan waé. Léléndéan.
Gumasép. Gumeuleuh kétang pantesna gé keur manéhna mah. Gumasép mah jang nu kasép.
Meureun rumasa geus ditarima lamaranana.
Eum. Hanjakal teuing bet daék
diolo ku si Amang. Mun harita cicing di Cianjur, moal tepi ka ayeuna laki rabi
jeung manéhna. Moal kawas kieu. Éta da nu jadi kolot duanana meni kagegeringan
basa kuring ngejat ti imah téh. Majar kuring ngamomorékeun. Majar kuring
lanca-linci. Horéam atuhda nyanghareupan Kang Dian anu asa beuki ogo cacakan karék
tunangan, kumaha mun geus rapalan. Kawin maksud téh. Palangsiang kahariwang téh
jadi kanyataan. Cenah ceuk si Bapa, Kang Dian mah geus mandiri, boga usaha di
Bandung, bageur tara ngaroko. Tara
heureuy ka awéwé. Boga rasa téh ka kuring hungkul bari geus ti babaheula. Atuh
indung bapana teu kurang ku dahar paké sasatna kolot duanana arusaha. Daragang.
Mun teu jadi rumah tangga téh kudu diteundeun dimana kaéra kolot.
Naha geuning sawangan éta téh
jauh tina kanyataan. Cicipta maranehna jauhna lir langit jeung bumi tina
kabuktianana. Ayeuna, sanggeus sataun, sanggeus kuring boga si Sikal, kaayaan
nu aya dina angen-angen téh jauh mela-melu jeung kanyataan nu karandapan. Kang
Dian dipecat tina gawéna, cenah perusahaan teu bisa deui mayar pagawé sabab
usahana bangkrut. Antukna balik deui ka lembur, milu cicing di imah. Nyiar
usaha ka ditu kadieu geuning mani rupek. Tatanya ka Si Amang susuganan aya
beja, tapi weléh taya ibar harepan. Majar téangan we dina koran. Ah nya kitu
atuh si Kang Dian geuning embung nyiar deui pagawéan. Majar susah lumur-lamar
mah. Hayangna aya nu mawa bari jeung gawéna teu ripuh. Antukna cicing di imah. Gawé
saaya-aya. Kula-kuli bari jeung teu bisa nyukupan kaperluan. Geuning Kang Dian kalah
sumérah. Majar takdir nu ngarubah ieu kaayaan. Sapopoé ukur ngarengkol di jero
kamar hayang diusapan. Dipépéndé. Cenah ulah pilih kaasih, kéna-kéna geus aya
si Cikal, hantem wé manéhna nu diperhatikeun. Sedil. Sebel. Si Bapa jadi
rungsing. Awakna meusmeus gering. Capé teuing ngabanting tulang. Cenah
kawajiban ngabiayaan jadi nambahan.
Di imah mindeng hog-hag. Mindeng
paréréa omong. Antara kuring jeung Kang Dian. Kuring jeung si Bapa. Kuring
jeung si Ema. Si Ema jeung Si Bapa. Jeung Kang Dian. Jeung sarerea.
Pamustunganana Kang Dian ogé lunta teuing kamana boa.
**
Ukur bisa cireumbayan mun ras
inget kana nasib diri. Naha baheula téh maké jeung daék diolo ku Si Amang
dibawa balik ka Malangbong. Meureun mun cicing mah bisa meunangkeun urang
Cianjur anu puguh-puguh kasép, anak ajengan. Tapi nya kitu geuning kuring bet
kapiheulaan nampa lamaran si Kang Dian.
Ayeuna, sagala pangharepan jeung
kahayang baheula téh lamur dina tungtung teuteup. Asih nu teu pernah dibeuli
carem tilem diranggeum ceudeum. Kecap-kecap nu baheula mapaes haté geus robah
jadi tarahalna jalan pitapakéun. Ngemplad handapeun mata poé éréng-éréngan,
ngaduruk taneuh, ngaléntab tangkal-tangkal nu salawasna ngarangrangan. Suku
ngasruk ngarurud catang ngagerus cucuk alimusa. Luwang. Bimbang lumampah
nyorangan. Si cikal dina aisan teu kendat gogoakan nyambat di mana ayana pitulung
Gusti Nu Mahasuci
Réngsé, 13 Januari 2011
0 comments:
Post a Comment