Galura, Minggu ka-II Januari 2017
Ku Iwan M. Ridwan
Satutas aya kasapukan mah bral sarèrèa
bubar. Jana mah gura-giru asup deui ka jero taksina anu ngahaja parkir di
saluareun gerbang balè kota. Ceuk pikirna sangkan gampang kaluar deuina. Dirina
boga karep buru-buru nyiar deui pangasilan keur nutupan pangabutuh kulawargana.
Teu niat-niat teuing milu ngagimbung di balè kota tèh. Ngan piraku teuing dirina
teu ilubiung mun seug anu lian sareundeuk saigel ngariung di balè kota. Nembrakeun
bangbaluhna ka gegedèn anu
jadi papayungna. Ngungkabkeun sagala rupa karupek anu disanghareupan satutas
taksi online mahabu. Bet ku harianeun
upama dirina ngulayaban sosoranganan ngurilingan dayeuh nèangan panumpang. Nya atuh sanajan
teu bari milu ngomong atawa orasi ogè Jana aya dina èta riungan mangratus-ratus
supir taksi.
Karasa mèmang keur dirina ogè mahabuna
taksi online tèh mawa rereged kana
usahana. Sababaraha bulan katompèrnakeun
rèa kabèjakeun nu baroga taksi online.
Supir taksi konvènsional kawas anu ilang dangiang. Panumpang jadi corèngcang. Teu saladar kana hal èta
mimitina mah. Sabab nya kitu tèa karèrèanana
mah geus taringgaleun jaman. Nyaho-nyaho ceuk bèja wè yèn aya
mobil pribadi anu naèkeun panumpang.
“Bah, ayeuna mah aya taksi online nya,” omongn Warsih nu jadi
pamajikanana.
“Kumaha taksi online tèh?” Jana
panasaran.
“Cenah mah bisa mesen dina hapè.
Kateuing kumaha carana mah, kurang apal. Maklum geus kolot mah tinggaleun jaman,”
omong pamajikanana kawas anu ngarasa hanjakal. “Kè geura urang tanyakeun ka
Hana,” sambungna. Demi anu disebut Hana tèh budakna anu panggedèna anu kiwari
keur meumeujeuhna biayaaneun. Teu rèk kitu kumaha atuh kelas dua semèa mah
cacakan keur rèrèana pangabutuh.
Obrolan tèh teu kungsi cacap
sabab duanana teu pati timu kana naon anu keur dipadungdengkeunanana.
“Amih nyaho ti saha aya taksi online?” Jana tetelepèk. Panasaran ti
dituna mah.
“Eta ceuk Ceu Midah,” tèmbalna.
“Kumaha pokna?” Jana beuki pogot.
“Manèhna nanyakeun Abah, kumaha
taksina ramè kènèh ayeuna? Cenah,”
“Tuluy Amih ngajawab naon?”
“Ah nya kitu wè.”
“Kitu kumaha?”
“Enya maksud tèh semu tiiseun,”
Jana ngarahuh. Jep wè teu ngomong
deui. Regot kana cikopi anu ngebul kènèh. Gap kana gorèng sampeu. Am didahar.
Kawas anu ni’mat pisan.
“Pindah atuh jadi supir taksi online, ceuk Ceu Midah tèh, Bah, cenah
sapoè ogè bisa meunang tepi ka lima ratus rèbu sèsa bènsin sèsa dahar tèh,” Warsih
nuluykeun caritaanana.
“Ah kumaha carana bisa meunang
lima ratus rèbu sapoè,” Jana nèmpas.
“Duka teuing atuh da ku abdi gè
ditanyakeun,”
“Ditanya naon?”
“Enya saha anu bisa meunang lima
ratus rèbu sapoè? Cenah mah anakna anu ka dua, pan boga mobil.”
“Kutan? Kumaha carana?” Jana
ngajenghok.
“Kateuing nyaèta teu ngarti,”
Warsih semu bingung.
Teu kungsi panggih jeung Hana,
Jana indit deui ti imah ngajugjug taksina anu parkir di hareupeun supermarkèt
anu teu jauh ti imahna. Kitu puguh biasana, pasosorè tèh manèhna nyelang heula
balik ka imah keur ngareureuhkeun kacapè. Nyaneut saaya-aya. Geus ngarasa cukup
mah indit deui ka jalan seja nèangan panumpang luyu kana panuduhan operator. Malah
kalan-kalan manèhna ngahaja ngetèm di hareupeun hotel sabab ngulayaban ogè
kateuteu ari mèakeun bènsin.
Ngadèngè bèja aya taksi online
tèh Jana natanyakeun ka baturna anu biasa ngetèm hareupeun hotel
berbintang, tapi nya kitu anu ditanya tèh teu mèrè jawaban anu nyugemakeun.
Pajar manèhna malah leuwih teu apal kana istilah online anu kiwari keur remen kadèngè. Tetelepèk kaditu kadieu
meunang bèja tèh ti Duki salah saurang supir taksi anu sagerup jeung dirina,
bubuhan manèhna mah kungsi kuliah tur masih kawilang ngora.
“Taksi online tèh mobil pribadi anu dipake antar-jemput.
Jirimna mah nyamuni dina rèbuan mobil mewah. Teu sagawayah jalma bisa apal nu
mana nu manana iwal ti anu pesen reujeung anu bogana,” omong Duki bari pepeta.
“Panumpang jeung supirna pada-pada makè hapè pinter sabangsa
android jeung sajabana, anu bisa
dipasangan aplikasi taksi online. Sing saha waè anu butuh taksi kari mencèt
dina hape, moal burung ngurunyung mobil pribadi anu dibutuhkeunana,” sambung
Duki deui.
Sanajan kudu bari uleng mikir ogè
ngadengekeun pedaran Duki, Jana surti ari kana prakprakanana mah. Dirina bisa
ngerong jeung ngijir-ngijir. Ngan èta anu lebeng kènèh tèh nya kumaha bisa
manggihanana èta taksi online upama
hayang maluruh raratanana. Duki anu ngadadarkeun ogè teu bisa mèrè bongbolongan
kana nganyahoankeun ayana di mana jeung anu kumaha waè cirina èta taksi online, puguh ogè taya ngaranan.
“Lamun hayang nyaho mah kudu boga
hapè canggih. Kuring ogè lamun pareng boga mobil weuteuh mah moal burung eureun
jadi supir taksi kieu tèh,” cèk Duki deui.
“Bakal tèrèh beunghar, Mang, jadi
supir taksi online mah. Pèk wè
itungkeun, jero sapeuting aya antek tepi ka meunang lima ratus rèbu bawaeun ka
imah sèsa bènsin katut dahar tèh. Paling copèlna dua ratus atawa tilu ratus rèbu,”
Duki sumangetna kawas anu geus sakop-kopeun jadi supir taksi online.
Jana ngarenghap jero nakeranan.
Uleng salila-lila ngabandungan naon anu dipedarkeun ku Duki. Bet aya ku babari
geuning taksi online mah nyangking
untung tèh. Enya teu salah anu dicaritakeun ku pamajikanana sakumaha anu cenah
kaalaman ku anak Ceu Midah. Gampang kacida meunang duitna ari kitu mah. Teu
kawas anu kiwari kaalaman ku dirina. Setoran anu sakitu ratus rebu tèh bet
matak seuseut seuat pikeun nyumponanana. Mun mah jero sapoè tacan kasetoran
dirina kapaksa ngahutang kanu jadi dununganana. Atuh jero mangpoè-poè kungsi
teu pisan mulang ka imah sabab kudu ngudag hutang setoran jero sababaraha poè.
Geus uyuhan bisa mawa duit samet lima puluh rèbu ka imah tèh, aya keur meuli bèas
sapoèeun.
“Naha cenah bisa laris manis
taksi online tèh, Jang?” Jana masih
panasaran.
“Nyaèta cenah, Mang leuwih murah
batan ongkos taksi urang,”
“Naha bisa kitu, Jang?”
“Tah èta anu kuring can nyaho,
Mang, naha bisa leuwih murah. Nya atuh orokaya panumpang anu biasana ngalanggan
ka urang tèh parindah ka taksi online.
Keur mah murah, mobilna aralus. Pan mobil kolot mah teu bisa ngadaptar jadi
taksi online Mang,” Duki nyaritana
mani nyoroscos.
Jana jempè. Inget ka lebah dinya Jana
ngadadak rus-ras ka nasib diri. Mun mah baheula basa nu jadi kolot araya kènèh
manèhna junun sakola, meureun moal nandangan nasib kawas ayeuna. Meureun geus
jeneng di hiji pausahaan atawa teu pamohalan jadi pagawè negeri ogè, sabab ku
jaman baheula mah tacan loba lulusan sarjana tèh. Katambah nu jadi indung bapa tèh
pagawe di salah sahiji lembaga pamarèntah. Tapi nya kitu Jana teu kungsi
ngerong kawas kumaha jaman anu bakal disanghareupan saterusna. Mangsa nu jadi
kolot lugar-ligur ku harta banda tèh lainna hayang meurih bari mikir, nu aya
ngadon ngumbar karesep jeung papada batur saumuran. Rumasa nu jadi kolot raja
kaya. Duit kawas anu ngarawuan ti ditu ti dieu. Hayang naon wae ogè dirina teu
kungsi ngadagoan lila, tangtu nu jadi kolot nyomponan naon anu dipènta. Kawas
anu karandapan ku adi-adina. Ngan nya kitu geuning dirina teu kungsi nyangka
hiji mangsa mah indung bapana bet kadatangan penyidik kapèka. Saharita duanana
dibawa kana mobil husus anu satuluyna dipaksa kudu makè rompi pulas gedang
asak.
Aya nu leuwih peurih satutas
indung bapana leungiteun kalungguhan tèh, harta banda anu aya bet kudu ledis
diangkut sabab kudu ngagentian dengda mangmiliyar-miliyar anu cenah pikeun
nutupan duit nagara anu geus dirugikeun ku maranèhna. Mobil, imah, tanah jeung
sagala rupana ilang tanpa karana. Mun
ras ka dinya mah hatè manèhna sok ngadadak cumalimba. Tapi teu bisa majar
kumaha, mangsa nu geus kalarung moal ieuh bisa kasorang deui. Kiwari kari hanjakal
anu nyangkaruk dina diri Jana.
“Jang Duki mah teu jadi supir ogè
boga ijasah universitas, Jang. Moal hararèse nyiar deui pagawèan, teu kawas
kuring,” ceuk Jana harita minangka nyadarkeun diri tina lamunan.
“Ah nya kitu tèa wè Mang, pagawèan
mah geuning hèsè ditèanganana. Buktina kuring teu welèh nyamos unggal ngalamar
ka pausahaan tèh lebeng wè taya laratanana,” tèmbal Duki.
“Tapi sahenteuna Jang, ari kungsi
diuk dina bangku kuliah mah meureun loba luang pangalaman. Geuning buktina Jang
Duki mah bisa bari dagang sagala rupa,” omong Jana deui.
“Nya kitu wè, Mang, èta gè bari
jeung sakapeung mah kateug da kagejed ku teu boga modalna,” omong Duki.
“Aèh, naha bet kudu teu boga
modal? Kapan sakuduna mah boga bati, Jang,” Jana semu hèlok.
“Nyaèta boga pamajikan teu
beunang diandelkeun, Mang, duit tina jujualan tèh lain dibalikeun deui kana
modal ngadon hayo dipakè meulian baju jeung make
up. Matak leneng,” Duki nepak tarang.
“Kitu nya, sugan tèh anak kuring
hungkul anu resep dangdan tèh. Horèng pamajikan Jang Duki gè kitu nya. Paingan
atuh geulis jeung asa ngora waè pamajikan Jang Duki mah,” Jana mèsem.
“Nya kana kitu tèa, Mang, jaman
ayeuna mah,”
“Hadèna wè anak kuring mah loba
dipahugina ku papacanganana. Lamun teu kitu mah meureun ngerenying wè ka indung
bapana,” Jana neruskeun omonganana.
“Sukur atuh, Mang,” tembalna
kawas anu harorèam kapapanjangan. Sup ka jero taksina. Bari amitan manèhna
tuluy ngabèngbèos ninggalkeun nu keur ngaretèm.
Ngabandungan nasib kahirupan
Duki, Jana asa kabangbrangkeun. Ceuk pikirna Duki anu lulusan sarjana ukur jadi
supir taksi kawas dirina. Saleuheung dirina mah ukur boga ijasah èsèma sabab
kungsi kuliah ogè pan teu puguh alang-ujurna. Leuwih-leuwih nasib Duki mah,
ibaratna tèh katurug katutuh, keur mah pangasilan anu teu sapira, nu jadi
pamajikanana emos pisan kana duitna. Inget ka lebah dinya mah Jana sok ngadadak
poho kumaha ngarenghikna nu jadi pamajikan mangsa nyumponan pangabutuh sapopoèna.
Lat poho kana setoran anu saban poèna kudu dicumponan. Keur mah meureun mana
kitu ogè geus jadi katangtuan Gusti, dirina mah ukur darma wawayangan.
Bandung, tungtung taun 2016
0 comments:
Post a Comment