Wednesday, January 11, 2017

NU NAMPA PIALA



Mangle, No. 2610 | 4 - 11 Januari 2017
Ku Iwan M. Ridwan
Jajang. Ukur sakitu-kituna ngaran budak tèh. Urang lembur. Lungguh. Ka sasaha ogè teu welèh hadè, boh sikepna boh basana. Ka sahandapeun  teu welèh haat. Ka saluhureun komo deui teu kurang-kurang hurmatna. Komo ka nu jadi guruna mah, handap asor jeung katurutna ku sasaha. Daèkan bèak karep. Mun mah sakalieun aya kaperluan guru di kelas, tara ieuh nungguan dititah. Malah remen manèhna anu nawaran tanaga pikeun ngabantu-bantu naon anu jadi kaperluan guruna.
“Pa, moal ngiuhan heula. Hujanna geuning ngaageungan,” Jajang anu titatadi diboncèng ku kuring nyeuleungkeung.

Kuring ngaenyakeun bari ngalaunna laju motor. Reug motor eureun hareupeun warung sisi jalan. Jrut manèhna miheulaan turun. Leungeunna nangkeup pageuh babawaanana.

“Ngiring ngiuhan, Bu, Pa!” pokna ka tukang warung basa manèhna katèmbongeun ku nu di jero. Kituna tèh mani dodongkoan.

Tukang warung anu harita nyèrangkeun ti jero ngaenyakeun bari seuri. Kawas anu geus boga kayakinan bakal meunang rezeki ku datangna kuring jeung Jajang. Padahal di jero ogè rèa jalma anu keur ngiuhan bari ngararasakeun haneutna dadahareun anu disampakkeun ku maranèhna.

Satutas ngeureunkeun motor kuring gasik nyampeurkeun Jajang anu harita ngèpès-ngèpèskeun cai tina barang anu ditangkeupna. Awakna semu ngadègdèg kawasna mah tiris ku hawa gunung, ongkoh deui awakna baseuh ku cihujan.

“Ka jero Jang, urang ngopi. Atawa rèk dahar deui?”

“Masih wareg, Pa, tuang mah,” tèmbalna.

“Enya hayu atuh urang ngopi wè. Mesen beuleum jagong, nya!” kuring miheulan ngalaan sapatu. Kalacat unggah ka jero warung. Jajang karèrèt nuturkeun.

Tukang warung anu nyanghareupan daganganana ku kuring disampeurkeun. Mesen kopi dua gelas jeung beuleum jagong dua. Satutas mesen mah koloyong ka jero nèangan pitempateun diuk.

Kuring jeung Jajang brek dariuk dina samak lèsèhan paranti dalahar. Jajang mah saharita mukaan kèrèsèk babawaanana anu samèmèhna kahujanan. Rapiana dibuka. Eusina dikaluarkeun. Piala. Map batik anu dikèrèsèkan dikaluarkeun. Diteundeun hareupeunana. Rikat dibuka kawasna  mah kasieunan baseuh ku cihujan.

“Teu kabaseuhan, Jang?” kuring muka obrolan.

“Alhamdulillah henteu, Pa,” tèmbalna bari ngarèrèt nèmbongkeun eusi map.

“Sukur atuh.”

Manèhna unggek. Geus kitu sup deui piagam katut piala tèh diasupkeun deui kana kèrèsèk anu geus dielapan. Sabot Jajang anteng mèmèrès barangna, kurunyung Si Bibi warung mawa cikopi dua gelas. Sok diteundeun hareupeun kuring jeung Jajang. Diteundeunana tèh jeung bakina. Satutas neundeun cikopi tur kuring nganuhunkeun mah Si Bibi warung ngalèos deui muru tempat ngaladanganana.

“Kopina diinum heula! Haneut geura,” kuring nawaran bari gap ngarongkong gelas cikopi anu ngebul kènèh.

Nu ditawaran teu talangkè. Gap kana gelas hiji deui. Regot diinum bangun anu teu panas-panaseun. Sababaraha kali ngaregotna tèh. Mèhmèhan bèak satengah gelas, cag diteundeun. Talajak kituna tèh ku kuring ditengetan. Aya gurat-gurat kapeurih dina paromanna. Gurat anu ngembat nyamunikeun kanyataan hirupna. Sanajan kitu keur kuring mah aya rasa reueus anu kacida rongkah nyaksian manèhna kiwari bisa gumbira. Enya, gumbira kawasna mah. Pisakumahaeun gedèna kabungah kulawargana nampa beja dirina kasinugrahaan panglèlèr siswa motekar ti Pa Menteri. Hiji prèstasi anu kacida gedè hartina pikeun dirina katut kulawargana.

“Jagongna, Cèp!” Si Mamang warung anu ti tatadi meuleum jagong ngurunyung, mèh waè ngarènjagkeun kuring.

Beuleum jagong geus nyampak hareupeun. Lamokot ku mantèga jeung bumbu barbeque. Ngebul kènèh. Wadahna ku kuring dideukeutkeun ka Jajang bari ditatawarkeun. Gap manèhna kana gagang paniir jagong. Beuleum jagong dikokos bangun anu ni’mateun pisan. Gep deui, gep deui manèhna ngokosan jagong.

“Mani raos beuleum jagong barbeque tèh, Pa. Nembèan abdi mah,”

Neg. Tikoro asa ngadadak seuseut. Mèh-mèhan teu percaya kana naon anu diomongkeunana. Cacakan Jajang tèh urang kampung, naha beuleum jagong waè kakara harita ngadaharna. Hatè kuring galècok sorangan.

“Kantos meuleum jagong mah, tapi da sanès kèngèng mèsèr sapertos kieu,” sambungna bari am deui.

Gap kuring kana cikopi. Regot diinum. Kuring ngarahuh. Nyèh seuri. Panon mah neuteup kana beungeutna. Luk Jajang tungkul. Èraeun kawasna mah. Geus kelas dua èsèma kakara harita ngalaman dahar jajanan anu biasa dibareuli ku para wisatawan di tempat-tempat wisata. Enya ogè sisi jalan apanan jajalaneun ka tempat wisata.

Jajang. Budak calakan lir batu permata anu gular-golèr. Pagiling gisik jeung batu barangkal. Teu loba anu mireungeuh sabab kabawa kalimpudan ku taneuh kebul. Sakapeung kahujanan. Lamokot ku leutak cileuncang. Katokèr. Katajongan ku nu lalar liwat. Ampiran-ampiran kagerus caah sabab kabawa ku cai lilimpasan. Enya cai anu limpas tèh kaayaan anu keur disanghareupan ku dirina. Harita geus leuwih ti dua minggu dirina teu bèja teu iber suwung teu asup sakola. Matak ringrang keur kuring salaku anu kungsi jadi wali kelasna. Kungsi kuring natanyakeun ka batur-baturna. Lebeng taya anu nyaho. Cenah pindah imah. Lemburna ogè mencil. Rèk ditelepon nya kudu nelepon ka saha? Dulur jeung barayana taya anu boga telepon. Geus puguh ari manèhna mah.

Bu Wini anu kiwari jadi wali kelasna teu èlèh ringrangna. Samalah sababaraha kali dirina digeroan ku kepala sekolah patali kana èta hal. Bu Wini teu bisa mèrè jawaban anu cindek ngeunaan iber Jajang. Antukna malah natanyakeun ka kuring. Bororaah kuring, Bu Wini anu sakuduna nyaho salaku wali kelas, malah leungiteun raratan.

Leuwih ti dua minggu Jajang taya waè datang ka sakola. Teu bèja teu carita. Pamustunganana kepala sekolah ngayakeun gempungan. Anu diperdih ngaluuhan tèh Bu Wini salaku wali kelas, bagian kesiswaan, bagian keuangan, wakil kepala sekolah jeung sababaraha urang guru kaasup kuring anu kungsi jadi wali kelasna.

“Dina catetan abdi mah ieu siswa tèh gaduh tunggakan èspèpè, Pa. Èta panginten anu janten margalantaranana teu lebet waè tèh,” ceuk Bu Wita bagian keuangan dina èta rapat.

Aya nalangsa keur kuring mah mangsa rapat harita tèh. Bu Wini nya kitu deui. Basa  dirèrèt tèh tèmbong rambisak. Komo basa bagian keuangan nembrakeun anu kudu dibayarna tèh geus liwat dina waktuna tur leuwih ti hiji. Upama nilik kana aturan anu lumaku di sakola, Jajang geus wayahna kudu dikaluarkeun ti èta sakola.

Kuring jeung Bu Wini anu ngarasa manglebarkeun kana prèstasi Jajang satèkah polah mondah kana èta putusan. Kuring mènta ombèr keur maluruh marga lantaran Jajang teu sakola. Keun pasualan tunggakan sakola mah meureun bisa ditèangan bongbolonganana. Keur kuring Jajang tèh salah sahiji siswa anu prèstasina teu bisa dibabandingkeun jeung siswa sèjèn. Lebar kacida upama sakolana kudu kateg alatan pasualan teu bisa mayar waragad sakola.

Rèa hal anu matak kuring maksa hayang merjuangkeun dirina tèh, utamana mah dina widang pangajaran. Sakumna widang atikan tèh manèhna mah bisa ngungkulan. Gancang paham. Jero sataun salila kelas hiji manèhna rèngking ka hiji. Malah mah jadi juara umum basa hasil ujian ahir taun sakola diumumkeun. Kuring anu harita jadi wali kelasna bungah kacida.

Sanggeus nincak kelas dua, kuring geus lain wali kelasna. Kuring ukur bisa babarengan di kelas saminggu sakali dina mata pangajaran Seni Budaya salaku guru widang atikna. Sanajan kitu, ari kanyaah mah teu kawatesn ku jadi wali kelas atawa henteuna.

Kuring jeung Bu Wini harita ngahaja maluruh alamat anu aya dina catètan data kesiswaan anu cenah geus pindah. Najan jauh ogè dijugjug. Bari kudu badarat dina jalan anu reumpil kacida tur matak paur anu ngalanto, pamustunganan kuring jeung Bu Wini anjog ka imah Jajang satutas dituduhkeun lebah-lebahna ku warga kampung samèmèhna. Hiji imah ngupuk anu nenggang ti Jajangga. Kasampak Jajang suwung. Indungna anu harita keur ngahuapan salakina anu teu walakaya dina pangkèngna, ngagentraan budakna nitah nyusulan Jajang.

Nyaksian kaayaan kulawargana, kuring kebek ku karupek. Teu loba anu bisa kedal. Sajongjongan mah ukur ngembang kadu kana naon anu kanènjo. Hiji lalaki geus kolot ngajojoprak teu walakaya dihuapan sangu karo uyah ku awèwè tengah tuwu. Rèt ka Bu Wini, dina pipina cimata teu bisa dipondah. Merebey. Irungna ungsrak-ingsreuk sakapeung ditungkup ku sapu tangan. 

Jajang. Teu loba anu dibejakeun ku èta budak basa kuring  jeung Bu Wini aya di imahna. Dirina ngeluk tungkul kawas anu boga salah dumèh disusulan ka imahna lantaran teu waè asup sakola aya kana bulanna. Kawas anu geus pegat harepan sakola.

“Pa, raat panginten hujanna, nya?” Jajang ngagareuwahkeun lamunan kuring.

“Raat kawasna mah. Rèk ngeureuyeuh ayeuna? Atawa rèk pesen deui?”

“Uih waè, Pa, pun biang bilih deudeupeun,” tèmbalna.

Geus kitu mah gura-giru kuring ogè. Nyampeurkeun ka Si Bibi warung, laju babayar.

“Ti abdi atuh, Pa, pan ieu aya artos!” Jajang nyeuleungkeung ti tukang. Tapi ku kuring dihulag. Geuwat kuring mayar. Watir temenan duit tina piala dipakè jajan di jalan, sanajan ukur pikeun mayar cikopi reujeung beuleum jagong.

Satutas ngarasa cukup aya di dinya, kuring jeung Jajang tarumpak deui motor. Nuluykeun lalampahan seja mulang. Hawa tiris anu karasa kana awak lira nu ngabèbènjokeun hatè kuring anu marudah. Inggis Jajang teu daèkeun deui sakolana sabab nyaho dirina rèk dikaluarkeun. Lebar temenan budak calakan anu prèstasina nyongcolang kudu kateg alatan pasualan administrasi anu dina enas-enasna ukur jadi bangbaluh pikeun rahayat kawas kulawarga Jajang.

“Pa, hatur nuhun nya tos kersa dirèrèpot,” Jajang mimiti cumarita deui.

“Naha da teu ngarasa diririweuh, Bapa mah, Tang.”

“Muhun pan upami teu dijeujeuhkeun ku Bapa ngiring lomba krèasi budaya pelajar mah moal tiasa gaduh prèstasi anu sapertos kieu, Pa,” pokna deui.

“Prèstasi Jajang mah lain ayeuna wungkul. Kahirupan Jajang ogè geus jadi hiji prèstasi keur Bapa mah. Nilik jaman kiwari mah di mana boa aya budak ngora anu hirup merih bari jeung bakti ka indung Bapa. Lamun seug Bapa kepala sekolah mah moal rèk masualkeun Jajang,”

Jep manèhna teu ngomong naon-naon. Palangsiang hatèna kagerih. Kuring narik napas panjang. Sanggeus sababaraha lila kuring cumarita deui.

“Rek dibeulikeun naon duit hadiah ti Pa Menteri tèh?”

“Kanggo lalandong Pun Bapa waè, Pa, mugia Alloh marengkeun enggal damang,”

Kuring narik napas panjang pikeun anu sakitu kalina. Hatè mah mungguh ngaleketey ngabandungan dirina anu sakitu bèlana ka nu jadi kolotna.
Muharam 1438 H

0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com