Wednesday, February 17, 2016

BÉCA MANG KARNA

Ku Iwan M. Ridwan


Layung di tebéh kulon hibar lir gincu anu diulaskeun di langit. Masieup ringkang nu rék mulang ka sarakanna séwang-séwangan. Patalimarga ngantay di jalan pada-pada boga tujuan. Nu di mana nu di mendi pada-pada hayang geura-geura ka imah. Teu kawas Mang Karna anu ngalelengkur dina tempat diukna, kawas anu teu hayang buru-buru balik, lir anu teu kapangaruhan ku wanci nu geus méh baganti. Panonna ngulincer neuteup sakur jalma nu ngalalar. Teuteupna pinuh harepan ngawaskeun saban ringkang nu rék mulang.
“Bagja batur mah digawé unggal poé, awak bareresih, duit ngamalir unggal bulan,” kitu gerentes haténa sabot ngawaskeun saban jalma.
Jero ngalamun téh pipikiranana inget ka nu di imah. Anakna anu reuay keur meujeuhna bilatung dulang. Pamajikanana anu bureuyeung deui. Ras inget deui ka nu boga kontrakan geus nanagih waé ti dua bulan katompérnakeun. Leketey haténa kawas anu kapupul bayu. Mun mah dirina lain lalaki meureun geus sahing-hingeun ceurik.
 “Mang, béca!” Hiji sora ngagentraan ti tukang meupeuskeun panineungan Mang Karna. Bréh katénjo hiji lalaki kasép umurna moal géséh ti manéhna.
“Eh, Ncép Rusli. Mangga, Cép!” Mang Karna rengkuh,
Soloyong béca disanghareupkeun ka nu anyar datang. Clé nu ngaran Rusli diuk dina jero bécana. Ari Mang Karna teu buru-buru diuk dina sadel, sabab komplék paimahan Rusli mah aya di tebéh wétan, cenah éta ogé sabab manéhna can kungsi nganjang. Wawuh sotéh ka manéhna duméh remen méré dadahareun sabab kantorna teu jauh ti tempat Mang Karna ngetémkeun béca. Béréhan Rusli mah, cacakan jalma aya daék wawuh jeung tukang béca.
Mang Karna meuntaskeun bécana ka jalan belah kénca. Béca téh didorong, hésé nakeranan sabab patalimarga mani pagegek. Mang Karna ngulang-ngulangkéun leungeun katuhu ti dituna mah méré tangara sangkan manéhna dibéré lolongkrang geusan meuntaskeun bécana. Tapi nya kangaranan pagegek, lolongkrang anu aya téh leutik kacida, katambah nu marawa motor mah teu sirikna unggal aya selah téh teu sirikna paheula-heula. Kawas harita Mang Karna anu rék sajungjungeun nyurungkéun bécana ana séak téh salah sahiji motor anu ditumpakan ku budak sakola ngadius méhméhan neunggar béca Mang Karna.
“Kasebelan siah, teu eucreug mawa motor téh!” Mang Karna kukulutus ka nu tumpak motor. Nu di jero béca ukur nyéréngéh nyaksian Mang Karna kitu péta. “Punten, Cép!” Mang Karna semu éra.
“Abdi turun heula atuh, Mang, méh teu beurat,” Rusli geus rék ngoléséd tina diukna.
“Teu kedah, Ncép. Calik wé, tos biasa Mamang mah. Éta wé kesel ka nu mawa motor kekebutan téh, teu nempo jalan macét,” Mang Karna némpas semu anu napsu.
“Barudak anu sok karikituan téh, nya, Mang?” Ceuk Cép Rusli.
“Nyaéta kéna-kéna budak jalma beunghar, sangeunahna wé di jalan téh,” Mang Karna kukulutus, kituna téh bari lalaunan meuntaskeun bécana. Sanggeus aya di peuntaseun jalan, kalacat Mang Karna naék kana sadel, sukuna nincak pedal sabeulah, jung suku anu hiji deui ngaléngkah muru pedal hiji deui. Tapis pisan Mang Karna mah bubuhna geus manukna mawa béca téh sanajan bari kaayaan kawas anu teu paur-paureun.
“Teu nyandak mobil, Cép?” Mang Karna muka carita.
“Ku pun bojo, Mang, abdi mah dijajap wé tadi énjing téh.”
Mang karna ukur ngarérét kawas anu hélok.
“Biasa mulang jam sabaraha, Mang?” Giliran Rusli anu nanya.
“Teu tangtos, Ncép, kadang dugi ka tabuh tujuh kadang dugi ka tabuh salapan. Kumaha parengna,” ceuk Mang Karna. Panonna mah tonggoy ka hareup ngawaskeun patalimarga anu sakeudeung-sakeudeung eureun. Dirina ogé nya kitu kénéh, meusmeus nincak erém meusmeus ngaboséh tepi ka tinangtung-nangtung. Kawasna mah seunggah ngaboséh béca dina kaayaan macét téh.
“Euleuh geuning dugi ka wengi?” Rusli bangun nu hémeng.
“Sakitu mah teu acan wengi, Ncép. Malah mah teu jarang saré dina béca ogé,” Mang Karna némbalan.
“Euleuh, naha teu tiris, Mang, saré dina béca?”
“Ari atos kumaha, Ncép. Badé naon uih ogé, hasil teu sapérak-pérak acan mah nya naon anu kudu dicandak?”
“Har kungsi teu beubeunangan, Mang?”
“Sanés kantos deui, Ncép, remen,” omong Mang Karna kawas anu pasrah kana nasib diri.
“Euleuh, karunya teuing,”
“Ah nasib tukang béca, Ncép, ayeuna mah kasilih ku kendaraan anu langkung cepet sareng langkung praktis,” Mang Karna nyaritana kawas anu neuteuli. “Komo nu daramel mah gampil pisan hoyong gaduh motor atanapi mobil ogé. Uyuhan wé aya kénéh anu kersa naék béca ogé, sapertos Ncép,” sambung Mang Karna kawas anu ngahinakeun diri.
“Ah aya-aya waé nanaon téh.”
Éh buktos, Cép, dugi ka wengi kieu nembé kéngéng panumpang duaan saréng Ncép téh,” Mang Karna daria naker ngomongna kawas anu sieun teu percayaeun.
“Ngké mah giliran Mang Karna anu senang téh, Mang, boa sakeudeung deui gé boga mobil,” Rusli semu ngabebénjokeun.
“Giliran kumaha, Ncép, saumur-umur Mamang mah angger wé ripuh, teu di kota teu di lembur. Can kungsi ngalaman senang. Ningali batur mah mani raos Ncép, artos tiap sasih ngamalir, bumi saé, atuh mobilna ogé hurung hérang. Mamang mah ah keur nyumponan dahar anak pamajikan sapopoé ogé teu bisa diarep-arep,” Mang Karna panjang lébar.
“Ah Emang mah sok kaleuleuwihi. Sok keuna kana paribasa ripuh paaku-aku senang pasangka-sangka. Nu hurung-hérang mobilna téh langkung seueur rereged hirupna, Mang,” Rusli bangun anu ngabeberah.
“Tapi aranjeunna mah moal ngémutan naon tuang naon enjing, Ncep,” Mang Karna embung éléh.
“Tapi jalma mah hirup saluyu jeung kasusahna, Mang. Mun mah manéhna boga kasenangan sakitu puluh, nya sakitu puluh ogé nu jadi reregedna,” Rusli némpas deui.
“Ah mustahil, Ncép. Nu seueur artos mah gampil nanaon ogé…” Mang Karna ngomongna teu kebat sabab bécana ngadadak ngabangkieun.
“Aduh. Aya naon mang ieu téh?” Rusli reuwas sabab béca nu ditumpakanana ngadadak nyanggeyeng jeung ugag-igeug. Mang Karna ngeureunkeun bécana sisi jalan. Jrut turun laju niténan kaayaan ban tukang.
“Hapunten, Ncép, kempés,” omong Mang Karna bangun hanjelu. “Mangga, Ncép, bilih badé ngalih ka nu sanés mah,” pokna deui kawas anu nahan kasedih.
“Baé, Mang. Hayu wé urang néangan tambal ban,” ceuk Rusli bari ngoléséd tina tempat diukna.
“Di dieu waé, Ncep,” Mang Karna ngadorong bécana ka sisi jalan. Mang Karna niténan ban bécana gemet nakeranan, kodéhél aya paku sagedé tungtung harupat naceb dina ban bécana atra katénjo kacaangan lampu jalan. Geus nyaho kitu mah teu talangké Mang Karna ngaluarkeun pakakasna tina laci anu naklok tukangeun panyandaak panumpang. Mang Karna ngaluarkeun séndok tilu, gunting, gégép, kikir, karét tambal katut elém jeung kai sagedé hoé. Bru éta pakakas téh disimpen teu jauh tina ban béca anu kempés. Mang Karna nyokot kompa anu dibeungkéut pageuh handapeun erém titincakan. Cag kompaan diteundeun teu jauh jeung pakakas séjén. Rusli teu kemék teu nyarék dirina ngajanteng ngawaskeun Mang Karna anu ugal-ugil sorangan nyabut paku leutik nu naceb dina ban bécana maké gégép.
Satutas pakuna dicabut, Mang Karna nyokot séndok, hiji-hiji disungkaleun kana biwir ban béca, anggangna méh mertelu buleudan kikiping bécana. Apik pisan manéhna ngualkeun ban luar béca téh. Sanggeus biwir ban aya di saluareun véleg, Mang Karna ngadudut ban jero sina kaluar tina jero véleg. Péntilna dilelepkeun laju didudut kaluar ngaliwatan biwir ban luar. Panonna gemet kana lebah paku anu tadi nanceb.  Sanggeus ébréh urut pakuna, gap leungeun Mang Karna nyokot kirir. Urut nancebna paku téh dikikir sababaraha balikan, geus kitu nyadiakeun elém jeung karét tambal ban anu digunting sagedé tutup botol. Ban anu dikikir téh diulasan elém, geus kitu tel ditapelan karét tambal ban anu geus dieléman. Éta karét tambal anu némpél dina ban béca téh sisina diulasan elém bari diteundeun dina batang béca. Kusiwel ngaluarkeun panékér, cekés seuneuna dihurungkéun laju diantel-antel kana sisi-sisi karét tambal anu dielém. Gap deui kana kai anu sagedé hoé téa. Tungtung kai diteueul-teueulkeun kana sisi karét tambal bari sakapeung diasongan seuneu panékér aya kana sababaraha kalina.
Rusli mah gogodeg nénjo ketak Mang Karna sarupa kitu. Ceuk pikirna jalma anu hirup dina kakurangan leuwih loba akalna tinimbang jalma anu salalawasna hirup dina kacukupan. Ras inget ka anakna anu pagawéanana ukur namprak ka kolotna. Itu ieu teu weléh ditedunan ku dirina. Horéng cara manéhna ngogo ka nu jadi anak téh teu alus. Nu matak salila ieu budakna geus sawawa gumantung kénéh ka kolotna. Kawasna téh taya pisan tarékah pikeun nyumponan pangabutuhna atawa semet nedunan kahayangna.
“Hujan, Ncép. Ngiuhan pami henteu naék béca anu sanés ogé,” omong Mang Karna.
“Wios diantosan, Mang,” jawab Rusli bari nyampeurkeun.
“Sakedap atuh, Ncép,” Mang Karna tihothat ngawewelkeun ban jero kana véleg, dirapihkeun maké séndok kawas mimiti manéhna ngaluarkeunana, sanggeus rapih sawatara pakakasna diteundeun kana jero laci. Ban téh dikompa gancang nakeranan. “Enggal lebet atuh, Ncép,” pokna deui bari tibeberegég ngompa ban.
Teu lila ogé ban béca geus sabihara-sabihari deui. Gasik kompanan ditalian deui dina batang béca. Jung nangtung, ragamang kana aling-aling béca rup diturubkeun kana beungeut béca. Kira geus teu kahujanan anu dijero rap manéhna maké jas hujan tina pelastik urut turub kasur, rap deui kana cetok anu dijieun tina kardus dilapisan kérésék.
Kalacat Mang Karna anjeucléu deui dina sadel laju ngaboséh bécana. Dina kaayaan hujan mah jalan téh teu pagegek teuing. Keur mah geus ampir nepi ka gerbang komplék imah Rusli atuh Mang Karna ogé laluasa dina mawa bécana, kagejed sotéh pédah meusmeus kudu ngusap beungeut sabab hujang mindeung ngagarajag.
Salila di jalan téh ayeuna mah Rusli jeung Mang Karna teu loba omong tayohna pada-pada katirisan. Minangka anu jadi omonganana téh panuduh jalan hungkul kitu ogé geus rék anjog. Basa anjog téh hujan pareng rada raat. Béca eureun hareupeun pager imah Rusli anu ceuk erongan Mang Karna mah éta imah téh agrengna tur mahal kacida. Pager beusi pulas hideung paselang jeung tihang tina témbok anu dicét bodas. Jeroeun pager aya patamanan leutik anu rempeg ku tangkal bungbuahan kawas rambutan, manggah arumanis, dalima katut sarikaya. Imahna teu pati gedé katémbongna ti luar mah, pédah aya loténgan. Sajongjongan mah Mang Karna olohok nempo imah Rusli. Méh-méhan teu apal nu tumpak béca geus turun nangtung hareupeun gerbang laju mukakeun gerbangna.
“Mang, artosna di bumi, kalebet yu sakalian ngiuhan!” Omong Rusli bari miheulaan asup.
Mang Karna kagét. Jrut turun tina becana laju ngagolongan aling-aling becana. Sup kana lawang gerbang nuturkeun Rusli. Bari leumpang teh pelastik anu dipaké nyalindungan awakna dikibring-kibring minangka nuuskeun cihujan. Basa Rusli unggah kana téras, Mang Karna ngajanten hareupeun garasi anu nutup.
“Hayu, Mang, ka jero!” Rusli ngageroan pédah Mang Karna ngajanteng waé gigireun bécana.
“Wios,  ngantosan di dieu wé,” Mang Karna rengkuh.
“Éh hayu, urang ngopi heula geura, haneut di jero mah,” Rusli nyampeurkeun.
“Hatur nuhun, Ncép, teu kedah. Baraseuh abdina ogé!” Mang Karna tetep mugen.
Dipapaksa gé teu daékeun waé ka jero Mang Karna téh, antukna Rusli éléh géléng asup sorangan. Mang Karna nungguan dina téras, gék diuk bari ngegerendeng jero haténa.
“Bagja temenan Cép Rusli. Hadé milik hadé rupa, basa jeung tatakrama. Moal manggihan deui jalma kawas manéhna, bageurna, soméahna, beungharna. Kabagjaan téh tumplek di manéhna. Aing mah jauh bumi ka langitna kana kecap bagja téh, padahal kurang kumaha tihothatna ihtiar. Nasib téh teu robah-robah. Pédah aing mah bodo meureun,” Mang Karna narik napas panjang. Rét ka lawang panto.
“Kamana nu nyokot duit ongkos téh mani lila?” Haténa galécok deui.
Ras deui inget ka kulawargana, mun mah manéhna anu boga éta imah tada teuing galumbirana anak pamajikanana. Moal tepi ka parebut simbut lantaran katirisan meureun. Moal pamajikanana riweuh nénéangan baskom jeung émbér lantaran parana iris. Ngomong ku ngomongna kanu boga kontrakan, tapi kalah dibalikeun deui majar ngadagoan duit pamayar ti manéhna. Kateuteuari. Kitu ceuk haténa harita.
“Mang, ngopi heula aya sukun, yeuh!” sora Rusli semu ngagebah lamunan Mang Karna.
Mang Karna gasik malik. Bréh cikopi dina cangkir jeung lodor eusi goréng sukun ditumpangan roti tawar anu ngarangkep eusi coklat tilu rangkep, goréng sukun mah teuing sabaraha keureut da témbong pagegek dina lodorna.
“Duh, Ncép, teu kedah ngarérépot, Mamang mah moal lami da tos wengi.”
“Ah karék jam dalapan, Mang, cenah sok tepi ka peuting. Santéy wé Mang, tah goréng sukun haneut kénéh, bisi kurang mah Si Bibi gé masih ngagoréng.”
“Teu kedah ngarérépot, Ncép. Badé teras waé, hujan kieu mah tiiseun biasana gé,”
“Enya méméh mulang, ngopi heula méh haneut awakna.”
Lain teu hayang sabenerna mah ngopi téh, tapi manéhna inget anak jeung pamajikanana boa teuing dalahar atawa acan poé éta. Tapi Rusli hayoh waé mamaksa Mang Karna kudu nguyup heula cikopi nu geus dijieunkeunana, atuh kapaksa Mang Karna nyokot cikopi dina gelas, suruput bangun anu nikmat pisan, kawas teu panas-panaseun. Gap kana goréng sukun, am dihuapkeun mani cacamuilan kawasna mah lapar. Béak tilu keureut ditungtungan ku ngaregot deui cikopi tepi ka ledis. Mang Karna amitan.
“Dibekel nya, Mang, sukunna!” omong Rusli matak ngabubungah haténa.
“Mangga, Ncép, punten janten ngarérépot.”
“Teu nanaon, Mang, justru nuhun pisan, Mang Karna bébélaan huhujanan nganteurkeun kuring. Ké dagoan atuh urang kérésékan,” Rusli balik deui ka jero imah, teu kungsi lila mawa kérésék anu geus aya eusian sukun babaraha keureut. “Tah, Mang, ditambahan keur barudak, nya,” pokna deui.
“Hatur nuhun, Ncép,” Mang Karna atoheun pisan.
“Keun waé da sukun mah meunang ngala ti tukang. Tah ieu ongkos béca, nya, Mang!” Rusli ngasongkéun amplop.
“Teu lepat ieu téh, Cép? Ageung-ageung teuing?” Mang Karna reuwas basa nempo eusi amplop aya duit saratus rebuan duak sabaraha lambar.
“Ongkos bécana mah salembar, Mang, leuwihna mah kaingetan wé ka Mamang,” omong Rusli bari ngasup-ngasupkeun goréng sukun jeung roti eusi coklat kana kérésék anu geus dilapisan kertas nasi.
“Nuhun, Ncép, mugia sing janten amal kasaéan kanggo Ncép sakulawargi. Artos sakieu ageungna kanggo mamang mah teu tiasa ngayakeun énténg-énténg.”
“Sami-sami, Mang, sing mangpaat nya,” ceuk Rusli bari ngasongkéun bungkusan.
“Mangga atuh, Ncép, Mamang permios,” Mang Karna atoh pisan hayang geura-geura balik. Hayang geura-geura ngitung duit jeung kulawargana.
“Mangga, Mang, ati-ati.”
Mang Karna geuwat muru bécana anu kabulusan di saluareun pager imah Rusli. Rusli gé nuturkeun kawas anu hayang ngajajapkeun ku paneuteup. Sanggeus aya di luar gerbang kalacat Mang Karna naék kana bécana, diuk dina sadel. Haténa pinuh ku kabungah mawa bagja anu lain dikira. Sanggeus amitan anu kadua kalina, Mang Karna ninggalkeun Rusli anu masih ngajanteng di buruan imahna.
Mang Karna ngaboséh béca lira nu boga tanaga anyar, lir anu didorong ku kakuatan mangpuluh-puluh tikel lipet kabedas dirina. Tayohna hayang geura-geura amprok jeung anak katut pamajikan, hayang geura-geura murak beubeunangan peuting éta. Mawa béca téh mani nyuruntul kacida, teu kungsi dua menit geus kaluar ti komplék imah Rusli. Serepet deui ngenca muru jalan gedé anu ngajugjug ka jalan liliwatan basa manéhna nungguan nu tumpak. Geus kaitung lowong ayeuna mah jalan téh sanajan karék tabuh salapan. Keur Mang Karna mah kaayaan jalan sepi kitu téh beuki atoh sabab bakal leuwih cepet ngajalankeun bécana. Mun leuwih cepet, bakal leuwih gancang nepi ka imahna. Séak deui bécana ngageuleuyeung dina jalan anu lempeng, Mang Karna teu inget lebah jambatan téh aya tikungan, manéhna ngaboséh satakerna, ana séak téh ti hareup aya mobil anu majuna leuwih tarik batan béca Mang Karna. Cekiiit! Sora erém ditincak satakerna. Sorolok! Jegér! Béca Mang Karna sapada harita riksek kaséréd mobil nu ngaérédna. Mang Karna mental kabalangkéun kana pager jamatan anu teu jauh ti dinya. Bru awakna rubuh neunggar pisan kana témbok pancuh jambatan. Leng. Les. Mang Karna teu inget dibumi alam. Getih seger ngaley tina baham jeung sirahna anu soéh. Bungkusan goréng sukun, roti coklat katut duit lambaran ngacléng ka walungan anu caina umpal-umpalan handapeun jamatan.
“Tabrakan, euy!”
“Téang ambulan!”
“Béjaan pulisi!”
Sora-sora warga anu pareng keur ngariung di warung kopi pating corowok bari lalumpatan muru kanu kamusibatan. Deregdeg sabagian warga nyampeurkeun Mang Karna anu geus teu walakaya, sawareh deui nyampeurkeun mobil anu nabrak béca Mang karna. Teu lila jul-jol jalma ti imah-imahna. Breg ngariung pada-pada narulungan.
“Tiwas euy tukang béca mah!” ceuk salah saurang anu ngaroris Mang Karna.
“Aya kénéh ieu mah euy, tuh ibu-ibu, ngora kénéh, getihan tarangna!” gorowok deui hiji sora  anu nitenan kaayaan mobil.
“Ambulan euy, ambulan! Gancang! Bu, buka, bu!”
“Peupeuskeun kacana!”
“Ulah, nambah cilaka!”
Sora-sora beuki pabaliut. Nu di jero mobil témbong nguniang ngaleupaskeun awakna tina stir. Cetrék mukakeun panto mobil, nu araya geuwat mangmukakeun ti luar.
“Punten! Hh… Hh… Telepon… Hh… carogé ab… di…” ceuk nu karék kaluar tina mobil bari nunjuk ka jero. Sorana pegat-pegat kawantu dadana eungap neueul pisan kana stir. Geuwat disangkéh kunu araya dibawa leumpang muru warung.
Salah saurang warga rarampa néangan henpun, kodéhél henpun aya dina handapeun kupling jeung erém. Geuwat dicokot laju nyampeurkeun ka nu bogana.
“Saha nami carogé ibu téh?” ceuk anu nyepeng henpun.
“Suamiku… dina henpun mah!” témbalna.
Nu nyepeng henpun geuwat néangan ngaran ‘suamiku’ dina phone book. Teu kungsi lila kapanggih laju ditelepon. Sanggeus kadéngé nyambung song dibikeun kanu bogana.
“Halow, Pa, Mamah… tabrakan…. cenah sorana angger pegat-pegat.
Sanggeus dibéjaan tempat éta kajadian, teu kungsi lila gurudug aya motor anu ditumpakan ku duaan, anak jeung bapana. Sanggeus deukeut anakna mah langsung nyapaan indungna, ari bapana natanyakeun kaayaan dirina turta tabrakan jeung saha-sahana.
Sanggeus nganyahokeun kaayaan pamajikanana anu teu pati parna tatuna, éta lalaki gasik nyampeurkeun jalma-jalma anu ngagimbung korban katabrak. Sanggeus aya dihareupeun korban anu nyangsaya dina trotoar jamatan, gebeg téh éta lalaki teuing ku reuwas sabab sidik pisan anu ditempo téh tukang béca anu cik kénéh geus ti imahna nganteurkeun dirina.
“Mang…. Karna….!” gantawang éta lalaki kawas anu kanyenyerian. Gabrug kana awak Mang Karna. Nu araya silih teuteup kawas anu hélok.
Sora sirineu ambulan jeung mobil pulisi ngalanglaung kawas anu patémbalan ngadareukeutan éta tempat.
Bandung, 20 Januari 2016

0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com