Friday, January 8, 2016

SAJAK DINA GALURA 2 DESEMBER 2014



 Galura, Minggu ka-2 Desember 2014


Sajak Panineungan II

Aya urat tunggara dina soca salira
Urat nu ngelemeng mangsa urang paadu teuteup
Teuteup meumeut. Teuteup nu geus laas tina lambaran kahiruan urang
Ketug jajantung. Geter wirahma sora kalan-kalan mapayan pitapak rasa
Geuning, mangsa nu di tukang leuwih éndah batan paneuteup kahareup nu dianggap sieup
Geuning lalakon wirahma nu dipalar bakal satia kalah sulaya

Ibun jeung girimis lantip ngadingdingan diri
Lalangsé ahéng lir ngagurat garis lukisan astana anyar
Ngagambar lawang-lawang kaéndahan
Nyipta jalan pileumpangan anu brasna ka panineungan mangsa asih urang burakrakan

Bandung, Mei 2012

 

Peuting Teuing Kujemping


Ukur simpé jeung sakolanding kasono nu nampeu hareupeun
Mawa sasab lampah lamunan nu beuki lampar
Laun-laun nganjang ka saban tempat nu kungsi kasaba
Unggal kecap reujeung paripolahna nyambuang kana lelembutan
Kumarayap dina satiap réngahap
Kumareumbing dina diri nu teu weléh nyaring

Simpé teu puguh déngé
Haté teu wéléh ngadalingding asih pangaping
Mirig lalakon katresna basa mangpuluh rasa kasono anjog kana haté urang
Imut salira mawur payuneun bangku taman, kembang kertas jeung sapasang kukupu pulas gandola
Teu kendat méré rasa kana haté nu beuki kumeleter

Peuting téh teuing ku jempling
Hawar-hawar nu kapireng ukur laguning dangding
Dipirig lalakon awaking nyeueung peteng sakuriling bungking
Mangsana kaasih urang ngamalir ka sagarana masing-masing

Bandung, Juli 2011

 


Jalan Agama jeung Darigama

Kaasih ngamalir, kacinta ngamuara
Ngaleuya dina saban mangsa jeung huma katresna
Nyieun gurat aksara urang dina batu gunung, dina langit batin
Haté anu kungsi katambias ayeuna geus laas
Langit anu kungsi alum ngungun geus jadi catetan buhun
Hamo dipitineung komo disorang deui

Kiwari, jalan ngeumbat geus sasambat
Jalan panjang caang bulan sasapuan
Kembang-kembang nu can katincak geus ngarampidak
Tatapakan jeung hambalan ngagentraan
Geusan marengan lalampahan urang
Lalampahan dina jalan agama jeung darigama

(2014)



0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com