Monday, February 11, 2019

SENDAL CAPIT DINA PIGURA



Ku Iwan M. Ridwan
(Galura, Minggu Ka V Januari 2019) 

Teu dikumbah-kumbah acan sendal capit tèh naplok jero pigura. Dina kotak pasagi dua katilu jeungkal. Rapet kana dadasar pigura sabab ngahaja dielèm. Ditutup makè kaca hèrang. Ngadaplok dina tèmbok jero pangkeng kobong. Diteuteup anteb bari nyangsaya. Talajak Si Asèp Rahman dikitu-kitu. Bet matak wirang diri. Sangkan jadi bukti majar tèh. Padahal mah lain sendal kuring wungkul anu rajèt lebah keuneung jeung  indung suku tèh, anu sèjèn ogè teu jauh bèda.

“Èh, pan anu manèh mah sendalna ogè maskot,” omong Si Asèp harita basa ngasongkeun sendal kuring anu anyar dipiguraan.

“Èra atuh Sèp, dikitu-kitu teuing mah, saruwa jeung ngabolèkèrkeun kèrod salawè,” tèmbal tèh semu kesel. Sendal capit anu diasongkeun dina pigura tèh dikèpèskeun.

“Èh, ulah sok kitu. Justru ieu tèh sendal capit anu kawentar saalam dunya. Sendal capit Bèbèn Saèfulloh anu jadi saksi perjuangan nanjeurkeun Agama Alloh,” Si Asèp mani pertèngtang. Siga nu enya pinter cumarita ninggang giliran diajar khutbah mah sakitu aga-eugeuna. Geumpeur pok-pokanana tèh.

“Ceuk tadi ogè lain sendal kuring hungkul anu bisa jadi saksi mah.”

“Yeuh, Bèn, tingali èta suku, manèh anu pangripuhna, tepi ka baloboran getih,” Si Asèp tutunjuk kana suku kuring.

“Enya pan batur mah aralus sendalna, jadi teu babari gugus.”

“Tah geuning apal pangna kuring miguraan ieu sendal tèh, sugan jadi prasasti,” pokna bari tuluy ngagantungkeun èta sendal anu geus dipiguraan dina paku tèmbok kobong.

“Ulah dina paku èta atuh, paranti ngagantungkeun kopèah,” kuring nyarèk.

“Kopèah mah dipakè lain digantungkeun,” Si Asèp noyod. Rap pigura sendal tèh diteundeun dina paku tèmbok. Kojèngkang   ka luar, kituna tèh bari semu gumasèp.

Ditinggalkeun ku Si Asèp kuring maksakeun hayang hudang. Nyanda. Puguh gè ssa kesel dua poè ngaringkuk waè tèh. Ceuk pangrasa mah suku tèh da teu kukumaha. Der ieu malah dibaguded. Cenah bisi impèksi ceuk tim kasèhatan anu ngaping abringan mah. Tuluy ngumbah suku kuring ku cihaneut. Atuh rada ngerenyed. Komo waktu diusapan ku kapas anu geus dibaseuhan cai alkohol mah bet karasa nyayautanana. Hadèna wè diupah-apèh ku Ang Fudin.  Teu asa-asa kuring mah ka Ang Fudin tèh. Asa ka lanceuk sorangan. Keur mah umurna karèk tilu puluh taunan, katambah nyaahna ka kuring jeung ka barudak anu diwurukanana tèh kawas ka adi-adina sorangan.

Èta salah sahiji margalantaran kuring daèk milu aksi tèh, Ang Fudin. Kètang lamun euweuh Ang Fudin kuring ogè pasti milu kangaranan sakobong milu kabèh, piraku kuring cicing. Palangsiang ngadon mabur mah batur arindit, pan niatna ogè hadè, piraku teuing milih jalan sorangan anu can karuhan aya ganjaranana. Istigosah tuluy solat Jumaah di Monas tèh kaasup amal solèh bari didadasaran ku ngabela Agama, ngabèla Al-Quran. Komo ieu di Monumen Nasional. Enya Monas. Tempat anu gedè ajèn sajarahna. Bet matak panasaran. Saumur nyunyuhun sirah can kungsi nyaksian Monas ti kadeukeutan. Kungsi ari dina tipi mah. Panasaran kacida puguh. Cenah Monas tèh gedurna sumanget perjuang para pahlawan. Silokana emas kawas seuneu keur ngabebela, luyu kana gedurna sumanget bangsa Indonesia anu merjuangkeun kamerdèkaan. Nu matak basa nguping Mama cumarios gaduh paneja miang ka Monas seja aub dina aksi Bèla Islam tèh, kuring atoh kacida. Gesat-gesut hayang milu sabab Mama ogè ngawidian ka saha waè anu hayang milu.  

Kuring atoh lain dikira. Rèk nganjang ka Ibu Kota bari niatna ibadah. Jihad. Mèla Al-Quran sakumaha kasauran Mama. “Sing inget, Alloh subhanahu wa ta’ala parantos ngadawuh, pasualan bangsa katut sèkèsèlèr mah tos takdir Anjeunna. Ulah dipikangèwa. Kitu deui pasualan bèda Agama. Pidawuh Alloh kènèh, lakum dinukum walyadin, pèk Agama maranèh keur maranèh, Agama kuring nya keur kuring. Atuh Alloh subhanahu wa ta’ala teu maksa sakumna manusa kudu asup Islam. la iqroha fiddin, taya paksaan dina ngagem Agama Islam. Hartina urang kudu hurmat kana perbèdaan boh Agama boh sèkèsèlèr. Anu jadi pasualan mah upama salah saurang manusa geus ngaliwatan watès wangen. Anu teu sakuduna dilakonan, der dipilampah. Atawa ngalakonan hiji perkara lain dina tempatna. Tapi omat urang ulah boga rasa cua ka hiji jalma. Cua kana talajak atawa sikep anu gorèng, pèk. Samalah lamun kawasa mah pèk robah kagorèngan tèh ku bebeneran. Ulah nènjo saha-sahana. Kasalahan kudu angger salah, bebeneran nya kudu angger bener. Ari salah jeung bener tèh ceuk saha? Nya ceuk Agama ari urang mah. Èta nu jadi tetekon kahirupan,” saur Mama dina biantarana wengian samèmèh miang.

Ari ka lèbah dinyana mah kuring ukur unggut-unggutan. Tacan kataèkan. Ngaji ogè karèk samet parukunan bagbagan ibadah. Ari anu keur disanghareupan mah meureun bagbagan muamalah anu leuwih jauh. Boa-boa bab aqidah atawa nanjeurkeun amar ma’ruf nahyi mungkar. Duka tèh teuing naon kitabna tacan kataèkan. Keur saukuran santri atah kawas kuring mah ngagugu kanu jadi guru ogè muga-muga jadi hiji kasolèhan.

“Lian ti èta, urang bakal ngalakonan istigosah. Urang ngadunga babarengan pikeun kasalamètan nagara urang tina pangrongrong anu teu dipiharep. Anu bisa ngabuburak beungkeutan nagara. Keun, sagala rupana urang pasrahkeun ka Nu Kagungan Alam, Alloh subhanahu wa ta’ala. Indit tèh ulah aya beungbeurat dina hatè, ulah aya rasa kapaksa dumèh nu jadi guru marilu. Pèk waè upama di antara hidep aya anu moal milu mah, ulah maksakeun. Kangaranan jihad fisabilillah ogè teu kudu sarèrèa indit. Kudu aya anu ngawurukan ngaji, ngajaga lembur, kudu aya ngariksa kulawarga sèjèn anu teu kataklip ku parèntah. Komo ieu ukur sawates nèmbongkeun sikep urang ka Alloh, yèn urang teu ngantep kana kajadian anu ngarendahkeun ayat suci,” saur Mama neraskeun biantarana.

Ngeleketey hatè tèh ngadangu cariosan Mama sapertos kitu. Ku bumèlana kana Agama sanaos tos sepuh, teu èlèh sumanget ku nu aranom. Sontak harita nu araya talakbir sababaraha kali tepi asa inggeng sapangeusi kobong. Sabada dipungkas mah Mama amitan. Omat-omatan kudu ngajaga kasèhatan. Sing cukup istirahat sabab isukna bakal nyorang lalampahan anu sakitu panjangna bari laleumpang.

Leumpang. Hiji kaputusan anu dicindekkeun ku Mama satutas nampi iber teu aya kendaraan anu daèk naèkkeun rombongan. Nampi iber kitu tèh Mama mah nyanggem tos sèèpeun angkutan wè meureun. Nya ti harita sarèrèa sapuk pikeun leumpang. Sumanget dina hatè pikeun miang ka dayeuh beuki ngabèbèla. Ceuk paribasana rèk tepi rèk moal nu penting bisa miang. Top badak top maung tèh lain babasaan. Apanan harita tèh keur meumeujeuhna usum ngijih, ceuk beja anu sumebar mah rèa jalan anu rempag, lamping urug, lembur carem balukar caah dèngdèng. Ari jalan anu kudu diliwatan apan teu welèh didodoho ku èta sajumlahing musibah. Boa-boa kabulusan di jalan. Palangsiang kaurugan lamping atawa palid kabawa caah. Palias teuing.

Kahariwang tèh teu tinekanan. Dina kanyataanana mah horèng matak bagja. Leumpang pangratus-ratus kilo tèh kawas anu indit bari ulin. Teu ieuh ngarasa capè. Teu sugan ngarasa hayang balik deui. Di sapanjang jalan anu ngembat tèh ngajajar dahareun jeung inumeun. Maranehna lain keur daragang. Èstuning sakumna anu dijagragkeun sapapanjang jalan di saban lemburna ancokeuneun kuring sabatur-batur. Nu natawarkeunana ogè ibu-ibu bari dipapaèsan keclak cimata. Teu bèda jeung indung ka anakna. Saban anjog ka hiji wewengkon saban jalma ngabagèakeun. Masjid-masjid mararuka nyaradiakeun tempat pangreureuhan. Gedong-gedong ngagero nataharkeun tempat ngaso. Geuning anjog ka dayeuh Bandung mah ngadon dihiyap pangagung, samalah pamustunganana mah dijajap dipangnyèwakeun beus.

Anjog tèh dibagèakeun kawas mapag pahlawan anu tas jurit tur mawa kaunggulan. Tempat anu sakitu pagegelek tèh disayagakeun lolongkrang panghareupna husus keur rombongan kuring anu laleumpang. Saban nu kalilwatan murubutkeun cipanon bari jeung sakapeung ngagalèntoran. Mun seug sarèrèa diayonan kahayangna meureun leumpang dina sakitu riabna jalma tèh teu kaur maju.

Hiji pangalaman anu moal bisa kaukur. Mangjuta-juta jiwa riung mungpulung dina tempat anu lain mistina pikeun ngumpulkeun mangjuta-juta jiwa. Marakè papakèan anu mèh saruwa pada-pada bodas. Jul-jol ti di ditu ti dieu, ti mangpirang sèkèsèlèr anu bèda. Tapi kabèh ngarasa sabeungkeutan dina tali Agama jeung tali nagara. Dina handapeun papayung Bhineka Tunggal Ika jeung papayung Agama. Bagja nu taya papadana. Bagja nu susah pikeun ngedalkeunana.

Taun ieu mah kuring moal milu, Sèp. teu kawas harita. Kuring moal paheuyeuk-heuyeuk leungeun deui jeung manèh sabatur-batur. Ngaleut ngeungkeuy bari ngagalindengkeun solawat. Enya lain teu hayang. Tapi kuring leuwih teu hayang ngaraheutan hatè indung bapa anu peupeujeuh ulah milu kana aksi ayeuna. Geus bèda jeung harita cenha. Rek merjuangkeun naon deui, apan nu jadi margalantaranana ogè geus ngaliwatan prakprakan hukuman. Samalah geus lila rengse nebus kasalahanana. Geuning Mama ogè ayeuna mah teu maksakeun angkat.  Saur Mama nu badè angkat mangga ari niatna kanggo nyambungkeun silaturahim mah, ulah aya paniat sèjèn. Anu henteu nya teu kedah ngaraos janten dosa sabab taya kawajiban naon-naon. Mama nyalira teu angkat margi ngaraos langkung penting aya di pasantren tinimbang kedah miang. Hampura deui, Sèp, sendal anu meunang miguraan tèh geus teu nyampak di kobong.

Bandung, Januari 2019
Catetan Pangarang: Ieu carpon èstuning imajinasi, mugia teu nguniangkeun kabendu upami seueur anu kirang sapagodos





1 comments:

  1. Depo 20ribu bisa menang puluhan juta rupiah
    mampir di website ternama I O N Q Q.ME
    paling diminati di Indonesia,
    di sini kami menyediakan 9 permainan dalam 1 aplikasi
    ~bandar poker
    ~bandar-Q
    ~domino99
    ~poker
    ~bandar66
    ~sakong
    ~aduQ
    ~capsa susun
    ~perang baccarat (new game)
    segera daftar dan bergabung bersama kami.Smile
    Whatshapp : +85515373217

    ReplyDelete

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com