Ku Iwan M. Ridwan
Mangle No. 2715| 24 - 30 Januari 2019
Indit
tèh ukur tiluan, Jupri, Juragan Ghoni, jeung asistènna, Sonaya. Si Abraf jeung
Si Jansen batur satim Jupri papada pangawal mah malah diijian cuti mulang ka
nagarana cenah rèk kariaan mapag taun baru di lemburna. Padahal mah Jupri anu ngarep-ngarep mulang tèh.
Manèhna sonoeun ka kulawargana, cenah budakna di lembur hayangeun meuli motor
anyar bubuhan sakeudeung deui asup kuliah. Pamajikanana deuih mèh saban waktu kirining
deui, kirining deui ngabèl hayang ngarèhab imahna. Majarkeun èra rèk aya sobat
dalitna waktu SMA nganjang ngadon tepang sono. Merenying hatèna mah, tapi dalah
dikumaha dirina ukur bisa sadrah kana putusan nu jadi dunungan. Keur mah duit wèselkeuneun
ogè tacan cukup keur nedunan pamènta anak jeung pamajikanana. Diajak indit tèh
atoh sabab tangtu dununganana mèrè presènan. Kitu ilaharna mun tas nyaba ka
luar negeri mah sok aya buruh paleuleuwihna.
Aya
nu hèmeng pikeun Jepri. Indit tèh teu dititah singkil kawas rèk nyanghareupan
bisnis, teu makè jas jeung dasi. Ngan ari kaca panon hideung mah teu welèh dibabawa keur nyinglar
serab pabeubeurang di nagara deungeun. Dangdanan tèh kawas rèk ulin. Teg wè
panyangka Jupri mah Juragan Ghoni tèh rèk senang-senang. Biasana ogè kitu.
Jupri beuki yakin kana sangkaanana basa anu didatangan mimiti tèh kantor salah
sahiji bank sèntral. Rèk naon deui ari lain nyairkeun duit mah. Rèk pelesir
atawa barangbeuli kitu? Hatè Jupri noroweco.
“Nyanggakeun.
Jumlahna luyu sarèng pamundut juragan,” ceuk pagawè bank dina basa Inggris.
Dunungan
Jupri tèmbong seuri, tuluy nutupan
koper. Song ka Sonaya. Gap dicokot. Leungeunna nataan jumlah baris ka hareup
jeung ka gigir. Dicokot sagepok tuluy dikorèhkeun tapak nyokotna. Duit anu
sagepok tuluy diitung. Rada lila ngitungna sajanan ngitungna ku opat ramo anu
piligenti asup kana sela-sela lambaran duit. Rèrès ngitung tuluy diteundeun
deui kana tempat samèmèhna. Koper ditutup. Sonaya unggeuk ka juragan Ghoni anu tèmbong
seuri. Mèmèh amitan koper tèh diasongkeun ka Jupri. Orokaya hatèna ngagebeg
bakating reuwas. Duit anu sakitu lobana tèh titah dibawa ku manèhna. Sanggeus
sasalaman, jung sarèrèa nangtung tuluy ngalèos ninggalkeun rohangan.
“Sabaraha
ieu?” Jupri ngaharèwos ka Sonaya.
“Teu
katempo duit lima ratusan?” Sonaya nèmbal pondok.
“Nyaho.
Sabaraha lambar?” Jupri panasaran.
“Lima
rèbu,” Sonaya nahan sorana. Beureukeuteuk seuri.
Aya
anu ngabagel dina genggerong Jupri. Duit anu cenah ukur lima ratusan, geuning
aya lima rèbu lambarna. Leuheung lamun duit rupiah, pan ieu mah Euro. Lamun
dirupiahkeun mah kana sabaraha puluh miliyareun. Nya rèk dibawa ka mana atuh
duit saloba kitu? Hatè Jupri galècok. Manèhna tacan kèneh ngarti. Piraku teuing
ka tempat hiburan mah. Biasana ogè tara ieu mèakeun duit sakitu lobana. Atuh
lamun seug duit keur borah bisnis mah apanan geus tara dicairkeun jadi duit
lambaran, tapi dina e-banking kari transfer nominal-na.
Pipikiran
Jupri jadi kumalayang ka nu teu pararuguh. Ras ka dununganana anu kalan-kalan
sok resep ngadatangan tempat-tempat hiburan. Boa enya rèk liburan. Rèk
senang-senang jeung para biduan. Jupri
ngahuleng deui. Ceuk pikirna asa pamohalan ka tempat hiburan mawa duit sakitu
puluh miliyar, galibna ogè ukur mèakeun puluhan atawa ratusan rèbu dolar, kawas
basa indit ka Reeperbahn. Mungguh pangalaman anu moal bisa kapopohokeun keur
dirina. Jupri nyaksian jalma-jalma anu kahirupanana dina wanci anu tibalik.
Peuting dipakè nyorang kahirupan, ari beurang rèhè combrèk. Nyaksian hurung hèrangna
tempat hiburan malam anu ngagindingan kota. Sora musik ti mimiti pop elektrik, hip hop, tepi ka rock n roll ngeungkeung piligenti.
Inuman jeung fasilitas hiburan ti sajumlahing nagara aya di dinya. Rèk nu
kumaha ogè aya. Samalah dirina ogè kungsi ngalanto ka Spielbudenplatz, nyaksian
sajumlahing pintonan akrobat, juggling, katut sulap. Panungtungan manèhna
dibawa ka Herbertstrasse anu tempatna dijaga ku petugas kawas pulisi. Mèakeun
peuting anu beuki nyaring. Nyeuseupan kembang-kembang pupulasan anu saenyana
ukur hampasna. Pangalaman anu moal aya duana keur dirina mah.
Inget
ka lebah dinya, Jupri jadi gorèng sangka ka nu jadi dununganana. Boa-boa rèk
ulin deui ka tempat sarupa kitu? Rèk mèakeun duit sakoper di tempat anu pinuh
ku kasenangan dunya, anu saèstuna ukur rereged jeung gegedoh dosa. Boa aya
tempat anu leuwih matak hookeun batan anu ditataan dina kalangkang panineungan
Jupri.
“Tong
malaweung, Jupri!” Sonaya ngagebah Jupri anu leumpangna mèh-mèhan nabrak batur
sabot pasangrog dina panto lift.
Koper anu dicekelna ampir-ampiran murag lamun teu gasik ditahan ku leungeun kèncana
mah.
Jupri
gancang nuturkeun deui Sonaya jeung dununganana. Asup ka rohang lift ngajugjug
ka lantèy dasar. Sajeroning lift tèh
Jupri ngaharèwos.
“Sabaraha
ieu duit?”
“Duit
nagara manèh mah opat puluh,” tembal Sonaya.
“Opat
puluh Juta?” Jupri panasaran.
“Miliyar,”
Sonaya ngaharèwos.
Panon
Jupri burial buncelik kawas monyèt neureuy siki kadongdong. Bet kawas anu
seuseut Jupri neureuy ciduhna. Sukuna dumadak kawas anu beurat. Leungkahna
mugen sanajan panto lift geus muka
deui. Lamun teu disurungkeun ku Sonaya mah kawasna bakal ngajejentul bakating
hookeun.
“Kawas
anu kakara mawa duit sakitu,” Sonaya ngajèwang peupeuteuyan Jupri anu seseg.
“Puguhan
karèk ayeuna duit cash mah, pan
biasana ogè cèk atawa rèkening,” Jupri nèmbalan bari ngagedig.
Duanana
leumpang gancang nuturkeun dunungan anu muru mobil opel. Sonaya gasik mukakeun
konci mobil tina rèmot dina leungeunna. Bus sarèrèa asup kana èta mobil.
Kasebutna dunungan Tuan Ghoni tèh, tapi tara ieuh ngaboss, muka mobil mah ku sorangan
muru panto tukang. Diukna di tengah. Korsi hareup mah apanan didiukan ku Jupri,
ari Sonaya nyupiran. Cacakan pangawak awèwè, Sonaya mah parigel pisan nyupiran
tèh.
Mobil
kaluar ti gerbang parkir. Lèok ka kènca muru jalan ngembat. Sapanjang
perjalanan hatè Jupri teu welèh galècok. Hèmeng ku duit anu sakitu lobana naha rèk
dibawa ka tempat hiburan atawa ka mana? Ras deui ka nu di lembur, mun seuk èta
duit enya rèk dibawa curak-curak komo deui rucah, tada teuing lebarna. Mun mah
bisa dibawa kabur ka lembur, tada teuing bagjana kulawarga Jupri. Enya ceuk
pikir Jupri mawa kabur duit hancengeun dosa jeung maksiat mah kaitung
nyalametkeun harta. Bisa dipakè ka nu leuwih mangpaat. Ngurangan hisab nu
bogana. Keur ari pasualann dirina mah, meureun kasebutna lagi maling, tapi nyalametkeun.
Lèok
mobil ngènca muru ka hiji gedong jalugjug. Hotèl. Kitu idèntitas èta wangunan
anu katèmbong ku Jupri. Sup tiluanana ka lobby
anu pantona kaca tur muka sorangan. Tiluanana arasup tuluy nyampeurkeun receptionist. Tiluanana dibagèakeun ku
salah saurang receptionist. Sonaya
anu nèmbalan mah. Sajongjongan mah kawas anu keur uplek ngobrol. Ngan teu lila
kituna tèh. Tiluanana tuluy nuturkeun receptionist
anu ngobrol jeung Sonaya, muru lift. Bray pantona muka. Jupri jeung juragan
Ghoni nuturkeun Sonaya anu masih asup mèh bareng jeung receptionist. Lift maju
ka luhur. Reg dina angka 9. Pantona muka deui. Receptionist miheulaan kaluar dituturkeun ku nu tiluan ngajugjug ka
salah sahiji rohangan anu di jaga ku security.
Rohangan
tèh kawilang lega. Ditataan ku panon Jupri sakurilingeunana. Anu pangheulana katènjoeun
tèh sajumlahing mèja makan anu korsina ukur opat-opat. Sisi lebah katuhu mah kaca anu hordè`ngna
narutup. Teu kebat nataan rohangan tèh sabab kaburu dititah diuk ku receptionist. Diuk mah dina sopa geuning
lebah kènca anu can katènjo ku panon Jupri. Sopa pulas ganola aya tujuh tempat pangdiukan.
Mèjana tina kai tapi dimèni. Luhureunana geus nyampak gelas kristal kosong ditutupan
ku turub kertas. Gedengeun anggur hèjo.
Satutas
diuk panon Jupri mimiti nataan deui tempat. Sisieun lawang asup ka èta rohangan
tèh geuning aya mèja bartènder, tèmbong
rapih tur harèrang kawas anu anyar mèmèrès. Jupri teu kalalanjoanan nataan èta
rohangan sabab kagareuwahkeun ku juragan Ghoni anu nitah neundeun duit dina mèja
hareupeun sopa.
Teu
talangkè Jupri neundeun koper anu dicekelna. Sanajan geus diècagkeun panonna
mah mah mencrong kèneh kana èta koper. Ras ingeteun deui ka kulawargana,
budakna anu merenying hayang dipangmeulikeun motor. Pamajikanana anu geus pok
deui, pok deui natanyakeun iraha rèk ngawangun imah di lembur. Ceuk pamikirna
tong boroning ukur sawates kuriak gedong sigrong jeung meuli motor, meuli mobil
sport ogè tangtu bisa upama èta duit
dina koper jadi milikna. Atuh imah anu bisa dijieunna ogè rèk sagedè kumaha ogè
tangtu kahontal, moal tepi ka mèakeun duit dina èta koper. Cita-cita manèhna
anu hayang miangkeun indung bapana katut mitohana ka tanah suci tangtu bakal
laksana. Hanjakal pikeun jupri èta duit tèh lain milikna sanajan dikeukeuweuk
ku dirina. Tapi naha keur meuli naon atuh dununganana ngaluarkeun duit sakitu
gedèna tèh, welèh manèhna teu bisa neguh. Buktina geuning teu dibawa ka tempat
hiburan atawa curak-curak. Manèhna ukur dititah mawa èta duit ka hotèl anu teu
pati alus keur ukuran Eropah mah, nya bisnis naon atuh juragan Ghoni tèh? Lebeng,
Jupri masih poèkeun.
Sajongjongan
ngalamun tèh Jupri tuluy hookeun ku jalma tiluan anu arasup ka èta rohangan.
Jajaka umuran wewelasan taun nyalampeurkeun. Lalaki duaan, wanoja saurang. Papakèanana
anu lalaki mah marakè jas jeung dasi ari anu awèwè makè papakèan siga-siga anu rèk
rapalan. Gaun pulas bulao anu handapna ngembang eros. Ari kaluhurna semu ngètat
samalah teu nepi ka nutupan puhu harigu. Nyi mojang anu lambeyna euceuy ku
gincu tèh tèmbong imut ka juragan Ghoni. Tuluy sasalaman satutas jajaka duaan
anu ngapingna sasalaman ka juragan Ghoni turta Sonaya katut Jupri. Hanajakalna
Nyi Mojang mah teu sasalaman ka Jupri jeung Sonaya.
“Kumaha
damang, tuan Ghoni?” ceuk salah saurang jajaka dina basa Inggris.
“Hade,” juragan Ghoni ngajawab dina basa Inggris ogè.
Tuluy
duanana saleuseurian kawas anu meunang kabungah. Ngan kituna tèh teu lila sabab
Si Jajaka mindahkeun obrilan kana koper anu ngajugrug luhureun mèja.
“Dalapan
puluh persèn kanggo ngalunasan?” pokna bari nunjuk koper.
Juragan
Ghoni unggeuk, tuluy marèntahkeun Sonaya muka èta koper. Satutas dibuka koper tèh
disanghareupkeun ka jajaka gedengeun Nyi Mojang. Èta jajaka tuluy mariksa
jumlah duitna. Satutas yakin jumlahna luyu kana catètan dirina, Si Jajaka imut
tuluy nutupkeun èta koper.
“Akur?”
Juragan Ghoni ngayakinkeun. Si jajaka unggeuk. Jupri mah anu ngabandungan teu
nyoara sakemèk-kemèk acan. Ukur ngembang kadu.
Tètènjoan
anu leuwih matak hèlok pikeun Jupri, Si Jajaka anu gedengeun katuhu nyi mojang tèmbong
ngaluarkeun sawatara kertas geus disiapkeun. Song ka juragan Ghoni bari
nunjukeun lebah kertas anu kudu ditanda. Rèngsè juragan Ghoni song ka Nyi
Mojang, sarwa nanda tangan. Satutas Nyi Mojang kakara salah saurang ti jajaka
anu duaan anu nanda. Geus kitu maranèhna sasalaman deui.
“Mangga
ayeuna mah sadayana siap-siap heula, kumargi acarana badè dikawitan sajam deui.
Tuan Ghoni sarèng Nona Gisellene tiasa tatahar di palih ditu dijajap ku sobat
abdi Marky. Nyonya Sonaya sarèng Tuan Jupri parantos disayogikeun ogè palih
ditu,” ceuk jajaka anu nampa koper nunjuk ka kènca katuhueun rohangan.
Horèng
di èta rohangan tèh aya tempat sèjèn pikeun leleson anu bisa nyaksian kaèndahan
kota. Jupri salila papisah jeung dununganana tèh tèmbong huleng jentul,
sakapeung digonjak ku Sonaya anu kawas geus teu ragab deui jeung manèhna.
Pikiran
Jupri kawas anu keur nginget-nginget wanoja anu cikèneh aduhareupan jeung
dirina. Kawas anu asa-asa. Enya hatèna galècok, nya dimana jeung iraha dirina
panggih jeung èta mojang. Pikiranana kumalayang, nginget-nginget èta beungeut.
Lebeng manèhna can kungsi amprok. Tapi imut èta wanoja kawas anu kungsi katènjo
samèmèhna ku Jupri. Enya kungsi. Jupri kungsi neuteup èta imut dina hape Si
Jansen basa rèk sararè. Si Jansen batur satimna kungsi ngasongkeun potrèt.
Cenah kasengsem ku èta wanoja. Ngan hanjakal moal kabual. Teu sanggup ari kudu
ngayakeun duit lima puluh miliyar mah. Ti mana boga duit sakitu. Jupri kungsi
tetelepèk harita tèh, naon maksud Si Jansen nyarita kitu. Ngan teu manggih
kacindekan lantaran Si Jansen teu ngajentrèkeun leuwih atra.
“Mending
mandi, Jupri ngarah cenghar. Jung tuh manèh di kamar itu,” Sonaya nunjukeun
kamar sèjèn.
“Juragan
tèh meuli naon?” Jupri kalah nanya.
“Naha
can nyaho?”
“Naon
atuh?”
“Ari
tadi anu gaun bulao tèh naon?”
“Maksud?”
Minangka
ngajawab tèh Sonaya ngasongkeun hapèna. Jupri gasik nampanan. Brèh potrèt anu
kungsi diasongkeun ku Si Jansen harita. Percis potrèt èta anu diasongkeun tèh.
Potrèt Nyi Mojang anu cikèneh adu hareupan jeung dununganana katut dirina. Potrèt
nyi mojang tèmbong neuteup anteb dina
layar hapè, imutna masih kawas harita nalika diasongkeun ku Si Jansen. Ramo
Jupri ngèsèrkeun potrèt sèjènna dina layar hapè. Brèh deui Nyi Mojang nu èta-èta
kènèh. Dina poseu anu bèda. Leungeunna nyepengan keretas anu ditulisan Cinderella Escort. Handapeun èta potret
aya tulisan dina basa Inggris “Girl sells
virginity for £2.7 Million.”
Leng,
sirah Jupri karasaeun kawas aya anu ngenyang. Tètènjoanana ririakan kawas nènjo
kica-kica anu rabeng. Les manèhna teu inget dibumi alam. Awak anu sakitu simbar
dada tèh ngarumpuyuk hareupeun Sonaya anu molohok.
Panglawungan
13, Tungtung 2018
#cerpen #sunda #sastra #bahasa
#cerpen #sunda #sastra #bahasa
ayo segera bergabung dengan kami hanya dengan minimal deposit 20.000
ReplyDeletedapatkan bonus rollingan dana refferal ditunggu apa lagi
segera bergabung dengan kami di i*o*n*n*q*q