Wednesday, December 30, 2015

KEMBANG API TAUN BARU

Galura, Edisi 1 Januari 2016

Ku Iwan M. Ridwan

“Pa, Wildan mah hoyong ka alun-alun malem taun baru téh, hoyong ningali kembang api, ” omong Wildan bari rap dibajuan ku indungna sasatna karék bérés mandi.

“Enya, engké dicandak ka alun-alun ku Apa, sok ayeuna mah anggo heula acukna, tiris,” indungna bari ngabajuan téh ngabébénjokeun.  

“Saur saha di alun-alun aya kembang api?” kuring nalék.

“Saur Adit. Adit mah badé ka alun-alun, Pa. Wildan gé hoyong,”

“Jauh alun-alun téh, Wildan, apanan urang mah teu gaduh motor komo deui mobil,” kuring minangkana mah nyarék ku cara anu rada lemes.

“Nyéwa wé atuh, Kang,  motor mah piragé lima puluh rébu,” ceuk pamajikan kawas anu ngahayuan kana kahayang anak.

“Moal meunang sakitu malem taun baru mah, meureun dua tikel lipetna naékna ogé,” kuring keukeuh nolak.

“Ih kawas nu teu nyaah ka anak téh, tara unggal poé ieuh atuh, taun kali gé biheung,” pamajikan semu jebi.

“Sareng Ema wé yu, keun Apa mah ulah diajakan,” Wildan ngomongna mani daria. Matak ngajenghok keur kuring mah éta kekecapan téh. Horéng budak téh boga kahayang anu enya-enya.

“Ku naon Wildan téh mani hoyong pisan ka alun-alun?” ayeuna mah bari cingogo nalék téh, taktakna dicepeng ku dua leungeun kuring.

“Saur Adit di alun-alun mah seueur kembang api, arageung, Adit mah unggal taun baru ogé ka alun-alun.  Wildan gé hoyong terang. Wildan mah teu kantos ka alun-alun,” pokna ayeuna mah aya anu ngembeng dina héhérang panonna.  

Gabrug awakna ku kuring ditangkeup, sina nyuuh kana taktak. Ngahelas haté mah nyaksian nu jadi anak boga kahayang bari jeung teu sapira lamun rék dibabandingkeun jeung kahayang jalma séjén mah. Nyaéta atuh kaayaan ukur batan sakieu.

“Keun atuh, ngké Apa badé milarian heula artos kanggo nyéwa motor sareng ongkosna, nya. Du’akeun Apa sing hasil,” kuring ngabeberah. Padahal mah duka teuing rék ti mana meunang duitna.

“Asyik! Wildan badé ka alun-alun, badé taun-baruan!” Budak téh mani ajrag-ajragan. Kawas anu meunang kabungah.

“Hayu Ma, urang ameng ka Si Adit,” pokna bari nungtun ramo indungna, tuluy ka luar.

Sakedapan mah kuring ngarahuh. Panon ngawaskeun ka nu ngingkig ka lebah wétan, anak anu nungtun indungna. Rét ka pangkéng. Kojéngkang suku hideng ngaléngkah. Reug eureun hareupeun bupét wadah baju. Pantona dibuka. Leungeun ngaragamang kana handapeun baju. Aya nu karampa handapeun baju pamajikan téh, lokét leutik semu kucel. Diteuteup sakedapan. Selétingna dibuka. Eusina diakuarkeun bari diteuteup. Salambar pelastik anu dirapet ku perekat warna beureum ngageleng. Plastik téh dibuka, jerona aya kertas jeung lélépén indung budak anu ditampa ti kuring satutasna ijab kobul di balé nyungcung. Sup deui éta dompét téh diteundeun kana tempat asalna.

Kuring narik napas panjang. Kahayang mah beunghar jadi jelma téh. Méh teu susah nyumponan kahayang anak jeung pamajikan. Boga duit nu matak mahi. Imah weweg. Boga motor, keun waé motor urut gé asa jagjag. Jajauheun atuh kudu ngalamunkeun boga mobil mah asana téh lahuta teuing, teu ngukur ka kujur, cacakan hirup sakieu gé geus uyuhan. Hirup ti leuleutik cukleuk leungweung cukleuk lamping. Indung budak nya kitu kénéh, nunggeulis ti keur manéhna orok. Sasat dirorok ku bibina, uyuhan bisa sakola tepi ka tamat ésdé ogé. Kuring mah apanan teu ngalaman-ngalaman acan anu nelah sakola téh.  Keun da ayeuna mah geus lain pakeunana mikiran sakola mah. Kiwari mah geus kudu mikiran kulawarga. Sanajan buktina karék semet kieu, tapi geus kudu ngarasa sukur bisa nyiruruk di imah kieu ogé. Nu penting mah bisa dipaké ngiuhan tina hujan jeung panas.

“Nyi, wayahna maskawin téh diinjeum heula ku Akang,” kuring ngaharéwos sabot ngagolér gigireunana. Budak mah témbong geus tibra.

“Maksad akang kanggo ka alun-alun badé ngical cingcin?” manéhna rada ngoréjat.

“Kumaha deui atuh? Sugan taun hareup akang loba pagawéan keur ngagantina” kuring rada melas-melis. Sakedapan mah manéhna ngahuleng.

“Nya atuh ari kitu mah teu langkung, Akang,” pokna semu nalangsa. **

Dina poé mapag bagantina taun, Wildan geus tuturubun hayang mandi, hayang meuli tarompét ka warung Apih Udin. Atuh sanajan anggang gé teu burung digugu. Ngan éta bacéo waé hayang geura-geura indit ka alun-alun.

“Ngké sasarengan sareng Adit.  Énjing kénéh kieu mah teu acan ramé di alun-alunna ogé,” kuring ngabeberah.

“Mani teu sabar nya, Wildan mah. Ké atuh tos asar angkat mah, tos emam heula, tos ibak. Motorna ogé apanan teu acan dianteurkeun. Upami tos aya motor urang angkat sasarengan, ngabring sareng Adit. Wildan nganggo acuk haneut, nya. Nganggo topi sareng kacamata bilih kapireunpeunan. Ngké calikna di payun,” indungna nataan prakprakan indit ka alun-alun, puguh gé parigel dina cacaritana mah.

Kawas anu kesel ngadagoan asar téh, pok deui, pok deui natanyakeun iraha indit. Mani aya ku bosen ngajawabna ogé. Enya matak kitu téh atoh kacida meureun hayang geura-geura indit ka alun-alun. Sasatna salila ieu ukur apal tina béja, kari-kari kiwari rék diajak ka tempat anu jadi impianana.

“Tah Ema tos bedug asar, hayu atuh angkat,” Wildan kaciri teu sabarna téh.

“Urang netepan asar heula, sakantenan ngantosan motorna nya,” indungna anu teu bosen-bosen némbalan téh.

Mareng jeung bedug asar, Mang Juha datang mawa motor  séwaan jeung hélmna. Datangna téh dituturkeu ku anakna anu maké motor séjén. Reug duanana eureun di hareupeun imah laju uluk salam. Kuring ngajawab bari nyampeurkeun. Song atuh konci motor jeung susuratan motorna dibikeun ka kuring, ku kuring ditampanan. Geus mikeun motor mah léos Mang Juha balik deui diboncéng ku anakna. Kuring asup deui ka imah nyampeurkeun budak jeung indungna anu tas ti cai rék ngalakonan solat asar. Tara-tara budak téh ménta diimaman solat di imah, majarkeun méh bisa sagancangna indit ka alun-alun. Padahal mah biasana milu ka masjid.  Kangaranan ka nu jadi anak, sagala rupa oge sok loba diturut.  Cong solat babarengan, manéhna gigireun pisan kuring, indungna ditukangeun.

Satutas solat, kuring jeung pamajikan saged darangdan, budak mah geus didangdanan ti saprak dur asar. Maké baju pangalusna, teu poho maké jékét, topi, kamacata. Tarompét mah teu leupas ti isuk mula geus ditiupan.

Sanggeus  saged tur taya nu tinggaleun, kuring nyampeur ka Mang Ucén bapana Adit. Enya geus jangjian saméméhna rék indit bareng jeung Mang Ucén téh sangkan aya batur pakumaha. Cukup nenggang puguh gé lembur kuring mah, kahalangan ku sawah katut pasir pikeun ngajugjug ka lembur séjén anu boga jalan ka dayeuhkeun téh. Ninggang di usum ngiji, éta galengan téh laleueur kacida, nu teu tapis pisan kana motor mah sok remen anu tiseureuleu. Hadéna téh teu hujan waktu rék indit mah. Keur mah ti isuk panon poé hadé sorot, atuh galengan ogé tuus.  

Anjog ka lembur gedé mah réa anu rék arindit ka alun-alun. Itu ieu nyarebutkeun rék mapag bagantina taun di alun-alun. Bring atuh motor aya kana welasna arindit ngajugjug ka kulonkeun mapay jalan aspal anu rubakna semet saméter satengah.  Jalan téh mani pungal-péngkol kacida, meus-meus tinemu jeung calobak. Ah lain calobak ieu mah, leuwih pantes disebut jalan taringgul. Tapi nya kudu kumaha deui, sasatna éta jalan téh hiji-hijina.

Beuki soré beuki nyedek ka peuting lalampahan beuki jauh. Lembur ka lembur diliwatan. Ti jalan désa ka jalan kacamatan, tuluy jalan kabupatén, jalan provinsi. Anjog ka jalan anu beuki ramé. Jalan anu ngahubungkeun kabupaten jeung ibu kota propinsi. Beuki deukeut ka puseur dayeuh, beuki pagegek ku nu pada-pada rék mapag bagantina taun. Tarompét mah geus réang patémbalan ditariupan barudak nu narangreu tukangeun stang motor.

Saumur-umur bet asa kakara ayeuna ngalaman abring-abringan dina motor bari dipapaésan ku sora tarompét, lir anu mapag hiji kabungah nu digubragkeun ti langit.  Padahal éta kariaan téh ukur pupulasan. Sajatining bagantina taun téh ngurangan umur manusa jero sataun, kitu jeung kitu tiap waktuna mun rék ditapakuran mah.

Lain hayang-hayang teuing mapag bagantina taun. Lain pédah hayang lalajo kembang api, tapi ieu mah rék nganjangkeun budak ka alun-alun, ka masjid agung, bongan budak ngerenying. Meureun matak kitu ogé aya panggero ti Masjid Agung sangkan dianjangan.

“Tiiidh….” sora klakson di tukang kadéngé mani melengking.

“Tong malaweung atuh euy, ieu téh di jalan raya, ngagokan pisan,” ceuk hiji sora nuturkeun dengék klaksonna.

Puguh atuh matak reuwas. Matak sebér kana haté. Saumur nyunyuhun hulu karék harita aya nu nyarékan mani hahaok kitu, leuheung mun wawuh tur kuring boga salah, ieu mah apanan jalma saliwat.

“Nyisi atuh!” cenah, ceuk anu tadi hahaok téh bari nyiap. Biur motorna mangprung dina lolongkrang anu méh-méhan euweuh sabab kandaraan mingkin pagegek.  

“Astagfirulloh, Kang, mani asa sieun ku nu kitu téh,” pamajikan milu hariweusweus.

“Enya. Ari Mang Ucén jeung nu séjénna ka marana nya?”

“Tos di payun, Kang. Ka sisi wé atuh urang mah, apanan akangna ogé teu acan lancar nyadak motor di kota mah,” sambungna.

“Enya, urang kasisi wé,”

Léok motor dipéngkolkeun semu ngénca. Ti tukang kadéngé klakson leuwih tarik jeung leuwih gedé. Sora klakson beuki réang pabaur jeung tarompét anu ditiup ku barudak. Hiuk aya angin anu ngagelebug neumbrag kana motor nu keur disupiran. Jedak. Bangkieung. Sorosod. Silalatu  mancawura tina awak motor . Kocéak budak ngajerit dituturkeun ku indungna anu ting jumpalik dina aspal. Les kuring teu inget di bumi alam.

Selengseng angin ngadalingding kawas hawa seger kembang malati. Nyah beunta. Wildan jeung indungna imut nempo kuring. Maranéhna gugupay. Nya kuring nyampeurkeun. Awak kacida hampangna.

“Apa, tuh tingali kembang api téh tos mancawura di jomantara. Hayu urang udag,” Wildan nunjuk langit paul nu pinuh ku rupa-rupa kembang api. Awakna kumalayang lir anu kabawa angin. Kuring jeung indungna milu nuturkeun. Awak kuring jeung pamajikan lir kajungjungkeun angin anu ngahiliwir nuturkeun nu jadi anak.

“Apa, itu geuning alun-alun téh,” Wildan nunjuk ka handap.

“Enya, kasép. Ayeuna mah tos terang alun-alun téh, nya. Teu kedah hoyong deui ka alun-alun,” ceuk indungna bari bari neuteup ka handap.  

Bandung, Tungtung taun 2015

0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com