Mangle, Nomer 2557 (24 - 30 Desember 2015)
Ku Iwan M. Ridwan
Asa
teu téga kuring mah nyaksian Annisa ngagandong ransel anu sakitu jangkung
badagna bari kaayaan awak anu ceuk manéhna keur kurang séhat. Awak anu pantesna
dinangna-néngné teu meunang babawaan beurat, teu meunang leledokan, ieu kapaksa
nikreuh mapay-mapay jalan satapak asruk-asrukan ka jero leuweung bari mawa
beungbeurat. Ransel anu nangkod dina tonggona téh pasti karasa beuki beurat dibawa
leumpang turun naék gunung. Wajar mun meus-meus eureun leumpang téh sok sanajan
dibekelan tongkat pramuka sangkan aya pamuntangan ogé. Lain Annisa hungkul anu
kitu téh, batur sakelompokna ogé loba anu leuwih ripuh batan manéhna. Tapi nya
kitu téa kangaranan lunta ka jero leuweung teu bisa lila-lila teuing
aristirahat sabab bisi kapeutingan di jalan.
Annisa
leumpang pangtukangna dina kelompokna, hareupeun pisan kuring anu mingpin
kelompok salapan, orokaya saléngkah-saléngkana téh éstuning jadi pamandangan
pisan. Aya ku pantes tangtunganana téh. Maké baju jeung calana pédéél warna hideung
bari jeung rimbil ku saku, maké bajuna dikajerokeun. Cangkéng dibeubeur ku
sabuk ketimang, dina sabuk ngagantung Vedlples,
wadah cai anu biasa dipaké ku tentara di leuweung. Tungtung calana
diasupkeun kana jero sapatu jungle anu
dipakéna sangkan léngkah laluasa. Rét kana pundukna, témbong pisan boborélakanana
katojo cahaya panon poé, atra nakeranan sabab buukna dibeungkeut bari
diasupkeun kana jero topi rimba anu nutupan mastakana.
Leumpang
téh aya kana sajam satengahna, kituna téh bari jeung patinggorowok unggal
kelompok patémbalan ku lagu-lagu mars jeung yél-yél. Ngarah leuwih sumanget
majarkeun téh, utamana mah peserta oriéntasi pengenalan jurusan anu
diabringkeun. Tapi sok sanajan kitu ari anu mopo mah mopo wé teu beunang
diubaran ku lalaguan ceuceuleuweungan. Nu matak atoh kacida basa anjog ka perkémahaan
anu mangrupakéun tempat anu négla téh. Saréréa gasik nyariapkeun ténda anu
dibawa ku tiap-tiap kelompok. Sakelompok mawa dua ténda ajangkeuneun keur ténda
putra jeung putri. Enya kangaranan meuting di leuweung apanan kudu tarapti
sagala rupana kaasup ténda anu teu meunang disagebruskeun antara awéwé jeung
lalaki.
Ténda
anu diadegkeun luyu jeung urutan kelompok. Kelompok hiji minangka ténda anu
panghareupna. Ari anu disebut panghareupna téh pangdeukeutna ka gerbang tempat
perkémahaan anu ngahaja dijieun. Urutan ngadegna ténda putra heula, tuluy
dituturkeun ku ténda putri. Lamun rék diitung mah ténda nomer hiji ténda putra
kelompok hiji, ténda nomer dua ténda putri kelompok hiji, ténda tilu ténda putra
kelompok dua, ténda nomer opat ténda putri kelompok dua. Kitu satuluyna ténda
ngabentuk tapal kuda dina éta tempat anu négla. Ari Annisa mah lamun diitung
geus pasti ténda nomer genep welas.
Teu
burung anggeus ogé, aya tilu puluh ténda anu ngadeg di éta patempatan luyu
jeung jumlah kelompokna anu aya lima belas. Geus kitu mah barudak diriungkeun
di tengah-tengah pakémahan. Pok Kang Yuda anu mangrupakeun panata calagara téh
muka omongan.
“Sekarang kalian boleh istirahat.
Sebentar lagi magrib silakan untuk beribadah. Di sana ada sungai untuk kalian
berwudu atau mengambil air minum. Jangan ada yang buang air ke sungai atau
membuat air sungai keruh. Dipastikan pukul 18.30 wib sudah siap melaksanakan
makan malam dan menerima materi. Paham?” Kang Yuda nerangkeun panjang lébar.
“Siap, paham!” témbal peserta
saur manuk.
“Terima
kasih. Sampai bertemu jam makan malam,” Kang Yuda mungkas omongan, kituna téh
bari ngaléos ninggalkeun éta patempatan.
Kagiatan
anu dilaksanakeun luyu jeung jadwal acara, ngan hanjakal bet kapegat hujan. Ceuk
paribasa téa mah hujan téh kawas anu dibahékeun ti langit, ngagebrét bari jeung
angin ogé tinghariuk tuturubun ti luhur gunung. Hadéna teu lila hujan téh. Ngan
édas ténda loba anu awut-awutan, atuh bérés hujan téh saréréa pacieuh ngaruruskeun
peralatan anu baseuh, panitia mah rada mending ténda-téndana teu ruksak teuing,
sabab pakémahanana di handapeun tatangkalan, sok sanajan tempatna kawilang négla.
Anu riweuh mah peserta. Handapeun ténda téh ngaruyumbang cai, orokaya ari ku
gedé mah cai téh bisa rembes kana alas jero ténda. Anu pak-pik-pek téh lain
ukur peserta, tapi tim méntor, P3K jeung tim logistik ogé milu mantuan. Sakabéh
anu marantuan sabisa-bisa narulungan peserta tina kabaseuhan, aya anu mantuan
misah-misahkeun barang kana tempat anu tuus, aya anu ngecék kaséhatan peserta,
malah tim logistik mah marantuan menerkeun ténda anu rubuh, sawaréh deui nyieun
api unggun di tengah-tengah pakémahan.
Teu
burung bisa dikondisikeun deui pakémahan téh tayohna pada-pada marantuan. Barudak
bisa sabihara-sabihari deui ngareusi ténda, sok sanajan bari baseuh ogé maranéhna
tingrariung jero téndana séwang-séwangan. Atuh anu katirisan pisan mah geuning
nyalampeurkeun api unggun anu hurungna teu pati gedé di tengah-tengah pakémahan.
Neg,
kuring inget ka Annisa anu kayaanana cenah keur teu pati séhat, gura-giru
kuring muru ténda panitia, susuganan aya anu bisa dipaké simbut. Kasampak Kang
Dadan keur gogoléran tayohna ngarasa capé sabab cik kénéh mantuan peserta.
“Néangan
naon?” Kang Dadan nanya.
“Sarung,
Kang, manawi gaduh?”
“Oh,
éta we atuh paké nu akang, tah anu beureum,” Kang Dadan nunjuk ka juru ténda,
panonna mah témbong peureum.
“Wah
nuhun, Kang.”
“Hempék,”
témbalna angger peureum.
Geus
meunang sarung mah kuring gura-giru muru ténda peserta anu geus rada sepi,
meureun geus sararé. Teu hésé néangan ténda Annisa mah sabab ukur kahalangan ku
hiji ténda lalaki sanggeus ténda awéwé anu kelompok kuring, ceuk tadi ogé lamun
rék diitung mah ténda ka genep welas ténda Annisa mah.
“Nisa,
Annisa!” kuring ngaharewos sanggeusna aya di hareupeun ténda ka genep welas.
“Annisa,
buka téndana, Nis!” kuring ngageroan deui.
Sora
seléting ténda kadéngé nyérélék tandana aya anu muka ti jero. Bréh katémbong
reyem-reyem pangeusina patétéép maraké sleeping
bag, aya anu hudang sababaraha urang.
“Kang
Diman, aya naon, Kang?” ceuk anu di jero.
“Ieu
sarung Nis bilih katiisan, hawatos éta sleeping
bag-na baseuh,” kuring gasik mikeun sarung meunang nginjeum ti Kang Dadan.
Beungeut Annisa karasa tiis kacida basa leungeun kuring antel kana pipi jeung
tarangna.
“Euleuh
mani tiis kieu, Nis. Énggal anggo sarungna, nya!”
Manéhna
témbong unggeuk sok sanajan ukur kacaangan ku oncor anu marasang dina
tihah-tihang awi sisi pakémahan. Geus kitu mah buru-buru nyingkah deui bisi
katohiyan kunu lian, utamana mah ku Si Ridwan méntorna kelompok Annisa.
Rada
ngemplong haté téh ayeuna mah. Rarasaan asa jadi pahlawan anu nulungan Annisa
dina kaayaan katirisan sok sanajan nginjeumkeun sarung meunang nginjeum. Kuring
narik nafas panjang, karasa nyelecepna hawa gunung kana jero irung. Leumpang
ngagandeuang maksud rék nyampeurkeun barudak anu keur ngariung api unggun,
pikir téh rék milu ngahaneutan awak saheulaanan méméh balik deui ka camp
panitia, sakalian rék ménta wédang jahé atawa éstéémjé ka tim logistik anu tugur
di camp peserta.
Ti
kaanggangan témbong sababaraha urang peserta putri keur ngadaréangkeun
leungeunna bari jeung pagégéyé, ti tukang mah kawas barisan siki jagong dina
badulna. Peserta lalaki mah sidéangna carindekul biasa teu kawas peserta putri.
Kang
Sofyan témbong keur ngoér-ngoérkeun
durukan dibaturan Si Wiwin anu ngadon sidéang kawas anu kabulusan. Kang Jana
jeung Si Ipung mah haged mareulahan suluh bari meusmeus diasurkeun kana
durukan. Aéh geuning aya Téh Muti tim P3K, mani nikmat kitu nginum cai haneut, moal
salah wédang jahé nu diinumna.
“Viva Sastrasia!” ceuk kuring bari
nyampeurkeun, minangkana mah ucapan salam mun seug papanggihan atawa rék
ngagabung jeung sasama panitia atawa peserta.
“Bravo!” ceuk anu araya,
minangka jawaban kana kekecapan kuring mimiti.
Na
atuh ana bréh téh salah saurang peserta téh geuning Annisa. Haté keketegan
samar polah. Ti tukang mah teu sidik sabab kabéh ogé maraké ciput bari jeung
bajuna jekét kandel. Sakedapan mah kuring olohok nempo Annisa. Naha ari tadi
saha anu dibéré injeum sarung dina téndana atuh.
“Diuk
Man, sidéang!” omong Kang Sofyan anu tungkul kana seuneu.
Kuring
unggeuk. Léngkah bet asa-asa nyampeurkeun téh. Haté ngadadak tagiwur duka pédah
rék pahareup-hareup jeung Annisa anu ukur kahalangan ku geburna seuneu, atawa pédah
geus nginjeumkeun sarung bari ngarampaan rarayna anu sakitu lemesna. Sajongjongan
mah kuring ukur ngajejentul neuteup seuneu anu lila-lila ngagedéan sabab
meusmeus dibanjur spirtus jeung minyak tanah ku Kang Sofyan.
“Nisa, cepet sembuh ya, saya mau balik
lagi ke P3K,” saur
Téh Muti rada ngagareuwahkeun lamunan kuring.
“Iya, Téh, makasih banyak,” témbal Annisa
bari unggeuk.
Jung
Téh Muti nangtung, léos ninggalkeun camp. Loba pertanyaan anu ngadadak
barijilan tina sirah, naha Annisa geus dirawat ku tim P3K, tuluy dianteurkeun
ku Téh Muti kadinya? Naha ari anu tadi dicabakan beungeutna saha karasa
nyelecep kacida, bari jeung unggeuk-unggeukan basa kuring nitah maké sarung?
“Si Annisa mah ngeunah ti tatadi gé di camp
P3K batur riweuh kabanjiran téh. Éta cenah asmana kambuh. Hah, dasar anak
mamih,” omong Si Wiwin bangun anu laporan ka kuring.
“Ampun, Téh,” omong Annisa kawas anu boga
dosa.
“Oh
nya?” kuring mairan.
“Enya,
tah kadieuna ogé dianteurkeun ku Téh
Muti bieu, sina sidéang di dieu,” omong Si Wiwin deui kawas anu sedil.
Geus
apal kitu mah kuring tuluy amitan. Niat mah rék balik ka camp panitia, rék
ngahuleng ngaraga meneng di ténda. Mun nyampak euweuh sasaha rek saré, atawa
api-api saré. Anjog ka ténda méntor kasampak Si Ridwan keur gujrud. Kawasna mah
keur kurah-koreh kana barang anu ngahunyud di juru ténda sabab kadéngé
karasak-kurusukna. Nyaho kaayaan kitu kuring teu waka nyampeurkeun tapi ngadon
cicing sisi tangkal tukangeun ténda.
“Ku
saha dibanyutnya cenah nya, aing mah ngahaja mawa sarung téh ngadon aya anu
ngagubug? Kasebelan,” kitu nu kadéngé ku kuring harita.
“Kang
Dadan apal teu kusaha sarung kuring dipaké?” tanya Si Ridwan deui. Geuning aya kénéh
Kang Dadan di dinya téh.
“Teuing
saha atuh tadi téh da aya anu néangan sarung ka kuring, nya dituduhkeun we di
juru dinya aya sarung beureum, nu kuring cekéng téh, ari sugan téh lain anu manéh,”
Kang Dadan nyaritana panjang lebar.
Teu
burung kagét kacida kuring ngadéngé omongan Kang Dadan éta, sugan téh enya
sarung anu diinjeumkeun ka kuring téh sarung manéhna, horéng sarung Si Ridwan,
palangsiang lamun kapanggih aya di ténda kelompok anu diasuhna. Beu, cilaka.
“Ah
Kang Dadan mah angger sok ngaku-ngaku boga didinya,” omong Si Ridwan bari
kaluar tina ténda.
Haté
kuring beuki keketegan, naha jadi ngabarérang kasaréréa. Rasa nyaah anu jadi
perhatian ka Annisa bet kieu balukarna.
Bandung,
November 2015
0 comments:
Post a Comment