Wednesday, January 16, 2013

Maut Nyéré ka Congona



(Iwan M. Ridwan)

Sabada akang lunta bet karasa beuki luwang nyanghareupan kahirupan téh. Kajadian-kajadian nu geus kalarung ngadadak narémbongan. Suka bungah urang duaan. Susah jeung sedihna. Kabéh kawas nu mitineung. Nampeu hareupeun. Padahal geus ampir dua bulan akang ninggalkeun abdi téh. Teu werat geuning hayang mopohokeun sagala nu geus karandapan. Dipoho-poho bet kalah beuki ponyo. Disinglar-singlar kalah beuki kaguar. Kabéh narémbongan. Ti mimiti urang tepung di Kampus, di réntal VCD, di Sakola, di Gedung Pertunjukan, Kontrakan, kabéh natrat kagambar. Enya inget kénéh Akang nu ngadeukeutan abdi. Sagala rupa perhatian jeung pangorbanan akang ditamplokkeun ka abdi salaku mojang anyar datang nu mincut haté akang. Geuning teu lila akang ogé ngajak “jadian”. Nya atuh kuring anu ngarasa jadi pusat kanyaah jeung perhatian akang teu bisa nampik kaasih anu beuki nambahan ti poé ka poé téh. 

Éndah temenan waktu harita, Kang. Di Kampus, abdi jadi kembang kadeudeuh akang. Di imah akang, jadi tamu agung. Di kontrakan, nya akang pisan nu haat ngajaga abdi. Merhatikeun pisan kana naon pangabutuh abdi salaku jalma anyar datang ka kota. Geuning mani sagala seuseut seuat hirup di kota mah, Kang, meus-meus kudu ngaluarkeun duit. Nya akang pisan nu harita nyaah ka abdi. Sok haat mangmeulikeun rupa-rupa pangabutuh sapopoé. Enya akang mah teu nyaah kana barang béré. Tong boro ka abdi anu dipikanyaah ku akang, dalah kababaturan ogénan akang mah sakitu bro-broanana. Pantes ari kitu téa mah kang, da akang mah geuning sakitu lugar-ligurna di imah téh. Teu kurang itu ieu. Enya maksud téh mun rék dibandingkeun jeung diri abdi. Hiji awéwé anu datang ti kampung bari jeung teu boga kamampuh nanaon. Ngan ukur bekel neugtreug hayang kuliah ogé. Teu. Teu boga nanaon pisan. Indung bapa ngan ukur ngandeulkeun buburuh tani. Idek liher di sawah bogana Haji Sadili. Uyuhan aya keur sahuapeun ogé. Maksud lunta ka kota ogé abdi téh seja ningkatkeun darajat kulawarga. Sugan waé bisa ngajait tina kahirupan anu ayeuna. Sabab hirup-huripna jalma gumantung kana élmu pangaweruh nu dipibogana.

Balik deui kanu tadi. Teu abdi mah. Teu kawas akang anu sakitu calakanana dina sagala widang. Nya ku jasa akang pisan abdi bisa wanoh kana kahirupan di kota téh. Bisa wanoh jeung buku-buku sastra. Bisa wanoh jeung Shakespears, Ionesco, Freud, katut Samuel Becket. Nya ku akang pisan abdi bisa lancar numpak motor ogé. Abdi bisa wani cacarita hareupeun podium. Nya ku akang pisan abdi wawuh jeung dunia panggung. Maca sajak di mamana bari jeung teu weléh aya akang di sagedengeun abdi. Bagja tinemenan waktu harita, Kang.

Bagja pisan waktu jadi juara ka hiji pasanggiri maca sajak sunda. Pan akang sorangan nu ngalatihna. Unggal beres kuliah. Piala, piagam katut uang pembinaan téh sagemblengna ku abdi dihaturkeun ka akang. Tapi ceuk akang, éta mah sagemblengna milik abdi. Hak abdi. Sabab abdi anu tampilna ogé. Aya ku bageur ari akang.

Akang oge ngajarkeun nyieun sajak, carpon, dalah cenah kudu ngajaran nulis artikel jeung éssay, atawa laporan jurnalistik. Ah bet hésé nu kitu mah geuning, Kang. Abdi mah resep kénéh nulis carpon sok sanajan ngan ukur bagal-bagal carita hungkul. Ceuk akang éta gé. Cenah carpon abdi mah kudu kaalaman waé. Teu bisa meureun nyieun karangan kawas akang mah anu sok nerapkeun konsep: absurditas, defamiliarisasi, reinterprétasi jeung sajabana-jeung sajabana anu keur abdi mah matak pacélon pihartieunana. Tapi ceuk akang moal pahili mun urang mahamna bener-bener. Ah da keukeuh keur abdi mah. Ulah disaruakeun jeung akang nanaon téh kéna-kéna akang pinter. Tapi akang tara ieuh maksa supaya kuring ngarti kana naon anu didadarkeun ku akang. Akang sok ngarasa cukup mun kuring geus lieur, tandana mikir éta téh ceuk akang mah, dari pada teu lieur-lieur acan.

Kanyaah jeung kadeudeuh akang téh lain ngan ukur datang ti akang sorangan, tapi ogé ti kulawarga akang. Mamah, Papah, Ninit adi akang, Bapa Aki, Ma Eni, Uwa, Amang katut Bibi Akang sakitu haat tur nyaahna ka abdi téh. Geuning basa munggaran abdi ditepungkeun ka kulawarga akang, sakitu daréhdéhna saréréa nu aya di bumi téh. Komo Mamah mah, siga nu tos nganggap anak ka abdi téh. Saurna ulah asa-asa mun nuju aya di bumi akang. Anggap waé bumi nyalira. Keun waé sanaos teu aya Akang ogé abdi ka bumi mah moal di saha-saha. Nya Si Papah kitu deui, sok sanaos paromanana rada kereng tur dedeg pangadegna simbar dada, ka abdi mah sakitu soméahna. Bet jadi isin abdi mah kang. Geuning lami-lami mah abdi bet ngaraos pisan jadi kulawarga akang. Remen abdi aya di imah akang. Ampir unggal poé. Geuning saur Mamah ogé tinimbang kudu cicing sorangan di kontrakan, mending di imah akang.  Katampi pisan éta pangangken Mamah téh, Kang. Tapi da kumaha atuh sanés badé nampik pangasih, di henteu-henteu ogé abdi téh teu acan katalian ku hukum anu sah sareng akang téh. Bet ararisin ku tatangga. Moal enya meureun aya istri mondok moék di bumi pameget. Isin ka abdina kang, sok sanaos tara aya nu ngageunggeureuhkeun ogénan. Enya atuh bet saha jalmina anu wantun ngageungeureuhkeun kulawarga akang, cacakan kapala lurahna ogé nya Aki Akang nyalira. Aki sotéh kasebatna, da ari buktosna mah masih kénéh anom.
*** 

Hirup salulut paduduaan bari jeung tacan kakurung ku tikah, asana téh teu kungsi kaimpi-impi acan. Tapi geuning urang duaan bet ngalaman. Sagala rupa dilakonan ku duaan. Urang geus silih pikabutuh kumaha ilaharna salaki jeung pamajikan. Boh dina pangabutuh sapopoé, atawa kabutuhan lianna tepika urang silih cumponan dina pangabutuh anu paling dasar –ceuk akang, ari ceuk kuring mah pangabutuh anu paling réndah, salaku mahluk hirup: manusa. Enya urang geus aya dina kahirupan anu liwat tina batas. Hirup sagebrus geus teu ngarasa dosa. Eumh. Lain sakali dua kali. Lain sakeudeung dua keudeung. Tilu taun lain waktu nu samporét keur ngawangun hiji perjalanan hirup. Tilu taun lain waktu anu sakdeudeung keur silih pikawanoh ngeunaan diri masing-masing. Bageur benerna. Jujur jeung henteuna. Geuning akang ogé boga sifat goréng kawas abdi: gurat batu, belik, boga kahayang kudu pok sok. Mun sakali nyeri haté sok tuluy neuteuli. Atawa mun teu kitu akang mah sok ngajauh ti abdi. Siga nu hayang lumpat tina masalah. Enya kawas ayeuna. Sanggeusna kuring teu boga harga diri deui di hareupeun akang, akang bener-bener lunta. Akang bener-bener cua ka abdi. 

Bet teu disangka-sangka akang rek luluasanan merlakukeun abdi kawas sato. Enya disatokeun ku akang. Akang sabenerna sato anu paling keji. Geuning akang mah henteu cukup ngan ukur boga abdi. Sanggeus akang ayeuna aya di hiji tempat anu nelahna kantor, akang bet kabongroy ku parawan kolot anu cenah ceuk akang geulis, boga pangawak anu lintuh, deukeut-deukeut ka Jennifer Kurniawan. Beunghar deui tangtuna ogé. Da abdi mah sakieu buktina. Pangawak anu nya leutik nya kuru téh, taya kaboga deuih.

Memang salah abdi meureun bet kumawani nyarékan akang. Ngahakiman. Tepika abdi ngarampas hak-hak akang. Privacy akang. Enya ceuk akang éta ogé, sanggeusna abdi ménta tukeran hénpon, sanggeusna abdi ngaganti password pésbuk akang. Akang ngarasa hak pribadi akang dirampas ku abdi. Akang ngarasa teu boga privacy. Abdi mah hayang apal kang tepika mana hubungan akang jeung Si Salingkuhan akang téh. Hayang nyaho naon waé nu sok diobrolkeun. Geuning bukti kang, Akang jeung manéhna téh pada-pada boga rasa cinta. Pada-pada neundeun haté kadua leutik. Geus aya sabulanna. Nyeri pisan abdi mah kang. Sumpahna gé. Abdi ngahaja ngadagoan di kontrakan hayang milu ka imah akang, tapi akang geuning embung da geuning akang mawa kabogoh anyar ka imah, cenah isukna rék jalan-jalan, rék renang. Nyeri deui waé kang basa abdi ngahaja datang ka imah akang bari ngadagoan akang tepi ka peuting, sedeng akang mawa deui manéhna ka imah. Nyaho aya abdi di imah geuning akang kalah indit deui teuing kamana boa jeung éta awéwé. Naha geuning akang bet téga ka abdi merlakukeun kawas kitu, Kang? Naon kasalahan abdi? Sapeupeuting harita abdi ceurik kana lahunan mamah. Mamah nya kitu kénéh hayoh waé ngupah-ngapéh. Tapi lain malah beuki répéh, nu aya kalah ngajadikeun beban ka anjeunna. Mun mah akang geus teu cinta, hadéna mah kedal waé kang. Abdi nampi pisan kana kanyataan ieu. Abdi badé nyanggakeun ka akang sagemblengna. Rumasa jadi awéwé mah heureut deuleu pondok léngkah. Rumasa jadi awéwé mah teu bisa nangtukeun pilihan.

Ceuk akang, ieu geus jadi hiji takdir. Nasib urang duaan. Naha bet goréng-goréng teuing ieu nasib téh. Sanggeus akang bener-bener lunta ninggalkeun abdi, hirup karasa beuki lungkawing. Cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa. Nasib téh bet kejem, maksa ngajalanan lalampah sorangan sanggeusna diri teu walakaya. Sanggeusna balati nurihan ati. Sanggeus abdi teu boga harga diri.

Geuning peurih téh beuki teu karasa sabab geus liwat saking. Geuning batin téh geus teu kapahing teuing geus kumaha gering basa narima ondangan akad nikah akang jeung manéhna ahir bulan ieu, mernah pisan dina tanggal nu geus dijangjikeun ku urang duaan pikeun ngalaksanakeun akad…..

Rengse, bandung 2 Agustus 2011

0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com