Friday, February 20, 2015

RENANG



Ku: Iwan M. Ridwan

Renang. Hiji kecap anu keur kuring mah miboga harti gelap anu nyamber tengah poé éréng-éréngan. Jantung ratug  tutunggulan kawas nu ngadadak boga panyakit eungap. Haté kaduruk seuneu anu leuwih ngabebela batan kahuruan kilang minyak, léléntaban nyameran saban anu ngadeukeutan. Panas lir dina lautan seuneun. Awak leuleus taya tangan pangawasa. Pikiran beuki rocop ku mangréwu anak panah anu ngabelesat kana sirah. Panah anu dileupaskeun tina mangréwu kecap basa ngadéngékeun caritaan Narti.

Baheula mah ngan ukur semet ginggiapeun kana kecap renang téh. Keur leutik, resep pisan renang jeung barudak salembur. Di irigasi. Ngojay kétang leuwih pantesna mah. Enya kokojayan alias guyang téa. Unggal tengah poé biasana mah tepi ka soré. Balik sakola. Resep pisan gugujubaran bari ngajuralitkeun manéh. Salto ceuk basa deungeun mah. Keur kokojayan téh sok naréangan tempat anu aya gawiran. Ngahaja paluhur-luhur. Sakapeung mah sok pirajeuneun naék kana tangkal kiara nu ngaroyom kana beungeut cai. Gurawil, gurawil. Gajleng. Gejebur. Caina mancawura ka ditu ka dieu. Ger saréréa surak.

Loba nu dilakukeun salila guyang téh, kayaning ucing sumput jero cai, papalidan numpak gebog, atawa popotoan. Lain ku kamera dipoto téh tapi ku bujur anu sina nonggé kaluhur. Témbong dina beungeut cai téh palebah bujur jeung taeun. Dasar bolon. Teu boga pisan kaéra. 

Lain sakali dua kali kuring sabatur-batur guyang di irigasi téh, tapi ampir unggal poé. Indung mah teu kendat nyeuseulan. Teuing ku kanyaah kawasna mah. Majarkeun téh bisi kabawa palid. Tapi ku resep téa tara ieu di waro. Disingsieunan mindeng. Majarkeun aya Lulun Samak alias jurig cai anu ngarupakeun samak. Mun seug aya budak ancrub ka beungeut cai sok langsung digulung tuluy dibawa teuleum. Tara mucunghul deui majarkeun téh da dibawa ka alam manéhna. Alam demit. Aya deui Orok Sapotong. Sirahna orok ari ka handapna awak lauk. Jeung réa-réa deui panyingsieun indung harita. Tapi sakabéh panyingsieun téh taya nu digugu. Kuring sabatur-batur angger guyang di walungan, dina cucurugan irigasi.

Hiji waktu mah kuring kaasupan cai kana ceuli. Si Jaja nu jadi ulon-ilonna. Karék ogé datang barudak téh geus langsung digujubarkeun. Disurungkeun ti tukang satakerna. Atuh orokaya kuring sabatur-batur anu leumpangna ngabring dina galengan sawah sajajar téh ngagejebur kabéh. Si Haér jeung Si Amin mah asup caina ogé kana irung tuluy kateureuy ka jero beuteung. Mani babalongkéngan kacida, panonna burial buncelik kawas monyet kabeureuyan siki kadongdong.

Teu lila harita mah garuyang téh da puguh kabéh ampir-ampiran kaasupan cai kana  sungut jeung ceuli. Baralik ogé ka imah séwang-séwangan henteu tuluy arulin deui. Kabéh barébéja ka indung bapana. Kuring mah bébéja ka Ema. 

“Tah nu matak nyaram téh Ema mah melang ka hidep. Geuning ayeuna lebet cai kana cepil teu tiasa ngubaran nyalira.” Saur Ema téh. Kitu basana sok sanajan ka budak, teu weléh sopan. Éta saurna mah cara ngadidik anu gampang nerapna.

“Enya puguh, Ma, ieu ogé dicurulungan deui cai téh kalahka nyeueuran. Henteu kacandak kaluar didéngdékeun ogé.” Kuring ngajawab saujratna. Ceuli mah beuki dengdengan waé. Rarasaan mah sirah anu sagedé kitu téh eusi cai hungkul. Cageur-cageur sotéh sanggeus dikenyot ku Mang Adnan. Bubuhan manéhna mah tukang tutulung. Nyeri kacida harita téh.

Saprak kajadian éta, teu hayang deui-deui guyang. Ginggiapeun. Jadi embung wé najan disalampeur ku babaturan ogé. Tong boro guyang, dalah diangir waé sok roroésan kawas anu titeuleum. Atuh jadi arang pisan kuramas téh mun teu dipaksa ku Ema mah.

Di sakola SMP, aya pelajaran renang. Kuring mah sok kabur sabab tempatna ogé jauh. Atuh peunteun olah raga dina lapor téh goréng da unggal jadwal renang tara aya. Kungsi basa ujian ahir aya tést renang, da kumaha dipaksakeun ogé kuring keukeuh embung turun. Tungtungna mah meunang nilai renang téh tina daftar absén hungkul bari jeung dititah meuli rakét badminton ancokeuneun di sakola.

Asup ka SMA nya kitu kénéh. Hadir waé hungkul da guruna kétat pisan kana absén. Kitu jeung kitu wé unggal pelajaran renang. Kajadian kuring trauma dibejakeun ka guru jeung babaturan ogé. 

“Lamun boga trauma, ulah dikukut éta mah sugésti. Lakonan deui saeutik-saeutik. Engké ogé bakal leungit sorangan.” Saur Pa Ade harita. Enya guru renang téa. Rada digugu éta omongan téh ku kuring. Sakali-kali mah maksakeun turun bari jeung lalaunan. Si Asép batur sabangku, mani haat nununtun. Ger atuh barudak téh saleuseurian. Majarkeun kuring jeung si Asép mani romantis. Sedil. Tapi da kitu geuning dicoba ku dicobana ari haté teu méréan mah keukeuh waé sieun kana cai téh. Hasilna tina diajar deui ngan ukur wani leumpang salébarna biwir kolam.

Ayeuna kuring geus hirup jeung Narti anu resep pisan kana renang. Sok cacarita cenah keur sakolana pelajaran anu paling dipikaresep téh renang. Ceuk manéhna mah renang téh nyehatkeun pisan, ti mimiti pernapasan, otot-otot leungeun jeung suku, sarta kasaimbangan awak bakal kajaga. Atuh basa keur bobogohan ogé mindeng ka kuring ngajak renang, tapi ku kuring ukur digugu sababaraha kali. Milu ancrub téh basa renang di Ciwalini bubuhan caina haneut. Aya anéhna puguh kana cai haneut mah kuring teu sieun teuing ti teuleum. Kitu ogé ngahaja dinu déét. Paling jero téh sadada. Ngadon ngeueum hungkul. Narti mah sosoloyongan kaditu kadieu. Sakapeung nubruk batur, meureun teu kantempo sabab beungeutna teuleum. Enya pinter pisan Narti mah kana renang téh jauh béda jeung kuring. 

Geus nincak dua taun kuring rumah tangga, tapi masih kénéh tacan diparengkéun boga turunan. Ceuk Narti hiji mangsa, keun waé tacan diparengkeun meureun. Barina ogé kétang da henteu keyeng hayang boga anak. Kumaha dipasihanana ku Gusti. Majar Narti mah resep kénéh can rimbitan, salaki jeung pamajikan téh kawas anu bobogohan. Rumah tangga kuring jeung Narti mah kawas barudak ngora anu keur meujeuhna ngangon katrésna. Layeut éstuning kawas peueut. Komo basa Narti masih kénéh gawé di garment, balik peuting téh atoh hayang sakalian jalan-jalan. Majar téh itung-itung nyaksian Bandung peuting-peuting.

Ceuk Narti hiji waktu, di garment mah gawé téh capé pisan najan gajihna lumayan gedé. Pangpangna mah tina lemburan. Tapi ripuhna asa teu kabayar ku duit sakitu. Unggal poé téh ngan ngarenghik wé hayang dipencétan. 

“Engké mah ngalih wé atuh damel téh. Urang milarian deui anu rada ringan!” Kuring nyarita minangka ngabébénjokeun. 

“Muhun hoyongna mah!” témbalna. “Akang ogé saéna mah ngalih wé damel téh ulah di dinya. Geuning kitu pembayaranana. Keur alit téh elat.” Sambungna. Méré saran ti dituna mah.

Éra mungguh nilik ka lebah dinya mah kuring digawé anu gajihna ngan ukur satengahna tina gajih Narti. Éra temenan ku mitoha anu ngan tinggal sabeulah, Mamah. Meureun boga minantu anyar téh éléh pangupah ku anakna. Tapi keur Narti sagala rupa ogé éstuning ditarimakeun kalayan sabar tur tawekal. Engké ogé bakal pinanggih jeung bagja. Majar hirup mah moal kitu-kitu waé lamun urangna ihtiar. Geuning teu lila ti harita kuring diparengkéun meunang pagawéan di salah sahiji satsiun televisi jadi biro daérah. Tugas nyieun acara hiburan. Narti nya kitu ogé meunang pagawéan anyar di salah sahiji perusahaan gedé bagian administrasi staff kantor. Gawé teu capé teuing cenah, ngan uteuk anu muter. Enya capé pikiran mah keun waé bisa dibangbrangkeun jabaning poé Saptu jeung Minggu libur.

Sapoé dua poé. Kuring jeung Narti bétah digawé di tempat anyar. Saminggu dua minggu, masih karasa bétah ngan mimiti karasa kacapé. Sabulan dua bulan ayeuna geus aya kana sataunna, mimiti capé jeung sibuk sorangan-sorangan. Narti beuki loba pagawéan. Beuki dungdeng kana sirah majar téh. Balik ka imah ngan ukur cicing sabab kuring nu jadi salaki masih kénéh sibuk di luar. Saptu minggu Narti liburan di imah, sakapeung indit-inditan jeung Mamah. Tapi ngan ukur kitu cenah ngadon arisan atawa ka pasar. Teu matak ngabangbrangkeun kana pikiran. Narti mah hayang refreshing, jalan-jalann atawa renang. Ngajak kuring tara aya waktu waé poé Saptu-minggu bubuhan waktu éta mangrupakeun waktu anu paling loba pigawéeun. Antukna Narti rada rungsing unggal panggih di imah. Malahan saré ogé sakapeung mah nonggongan. Kuring ogé ngarasa dosa, teu boga waktu jeung kulawarga. Sidik pisan waktuna peré ngadon digawé. Waktuna libur gawéan ngadon ngaligur. Atuhda enya paling libur téh poé senén.

“Geulis! Hapunten wengi ieu mah Akang moal uih, kumargi ieu pidameleun disambung sareng énjing. Kedah nyubuh deuih, bilih teu kabujeng upami uih heula mah.” Kuring ngaésémés tengah peuting ti tempat gawé. Padahal harita téh melem Minggu. Harita téh bet aya live ti jam genep. Kuring diajak Kang Danu ngaasistena manéhna. Nya teu bisa nolak anu dunungan. Keur mah kuring ogé aya jadwal jam sapuluhna di Hotél Kuda Putih. Rék tapping keur acara Wisata.

“Nya mangga waé kumaha Akang da abdi mah teu kawasa ngalarang!” kitu jawaban Narti. Karasa éta kalimah téh ditulisna ku haté anu medenghel. Hampura Akang, Geulis, lain maksud teu merhatikeun, dalah dikumaha ieu téh hiji tanggungjawab. Tapi kaharti pisan kaayaan haténa kumaha.

Isuk-isuk. Sabot keur acara live. Narti ngaésémés pondok pisan. Cenah ulah waka uih, Narti sareng mamah angkat ka Ciwidéy, arisan kulawarga. Kuring ogé ngabales pondok. Ukur ngaenyakeun, teu kebat ku pagawéan anu disanghareupan. Bari digawé téh bet kaingétan waé kana uni ésémés Narti anu sasarina mah ngarep-ngarep kuring mulang, kari-kari ayeuna nyaram ulah waka balik. Tapi teu hantem waé dipikiran, meureun karunya ka kuring bisi euweuh sasaha di imah. Enya da osok éta ogé arisan kulawarga jeung mamah.

Ampir jam tilu bérés kabéh pagawéan téh. Nepi ka imah satengh lima. Bener waé imah téh suwung. Mamah teu aya, Narti teu nyampak. Kitu deui Déndy jeung Mayang adi Narti. Sigana mah indit saréréa da motor ogé teu aya duanana. Biasana mah mamah sareng Mayang, Narti diboncéng ku Déndy.

Geus ampir jam genep, tacan aya kénéh mulang. Kuring nelepon Narti, tapi teu diangkat waé. Keur di jalan meureun, ceuk pikir. Tuluy kuring  nelepon mamah, nya kitu deui Mamah mah ngadon teu aktif hapéna. Kawasna mah euweuh sinyal. Antukna kuring ngadagoan di imah bari gogoléran ngareureuhkeun kacapé. 

Teu lila gurudug aya motor eureun ka hareupeun imah. Kuring geuwat hudang sok bisi aya tamu. Di rérét ti rohang tamu horéng Narti diboncéng ku hiji lalaki teu wawuh. Kuring kerung tuluy ka luar. Nempo kuring ka luar Si Lalaki nyéréngéh bari unggut, teuing naon maksudna mah da tuluy amitan. Rék digeroan sina asup heula kalah kaburu ngabiur.

Ari Narti nempo kuring mapagkeun dina téras téh kalah asup ka panto dapur anu pareng teu dikonci. Kuring asup deui ka imah maksud mapagkeun ka dapur. Ari Narti ngadon tuluy ka kamar cai ngécagkeun kérésék hideung tina jero tasna. Katempo ti dapur sabab kamar caina teu ditutupan. 

“Saha anu nganteurkeun uih téh, asa teu kenal?” Kuring nanya hayang apal. 

“Ah, ku saha wé atuh dianteurkeun mah, nu penting mah abdi tos aya di bumi. Da ari akang mah teu tiasa nganteurkeun apanan.” Jawabna teu pati maliré.

“Sanes kitu. Sakatérang Akang, sadayana wargi anu di Ciwidéy mah akang ogé kenal. Ari ieu asa nembéan.” Cekéng terus tetelepék. Tapi Narti angger teu ngajawab. “Ari kérésék anu disimpen dina émbér di kamar cai naon?” Narti teu waé ngajawab, manéhna kalah asup ka kamar. Muka tiung. Bréh katempo rambutna anu meles hideung téh baseuh. Kuring beuki héran. Tuluy dideukeutan. Narti kawas nu rék ngajéngkat.

“Ari Narti tos ti mana? Nyarios ka Akang!” sakali mah teu dijawab panalék téh. Ka tilu kalian kakara dijawab. Kituna téh bari jeung mutar-muter heula ngajawabna. 

“Pan abdi tos ngajak ka Akang. Abdi téh hoyong refreshing. Nya bongan wé henteu digugu. Aya nu ngajak mah nya pasti dihayukeun.” Jawabna rada bakeutut haseum.

Refreshing?” kuring kagét pisan kana jawaban Narti anu majar tos ti Ciwidéy jeung Mamah.

“Enya. Tos renang!” 

“Astagfirulloh. Tobat, Gusti. Narti téh tos renang. Jeung saha éta téh?” Kuring asa disamber gelap. Ngomong ogé jadi narikan

“Tong goréng sangka, Kang. Mémang inditna mah duaan, tapi da di tempat renangna ogé ramé. Abdi di mana manéhna di mana. Bongan saha atuh teu nyumponan kahayang abdi. Abdi téh butuh hiburan, Kang. Hayang renang cekéng gé. Akang mah tara pisan mawa jalan-jalan ka abdi téh. Akang mah apal wé kaditu kadieu. Tempat wisata. Tempat hiburan. Tapi abdi mah tara diajak. Tuh batur mah Kang cacakan babaturan sapagawéan, nyaah ka abdi mah teu burung nedunan kahayang jeung kabutuh abdi.”

Dada  ngadadak eungap. Pipikiran lungleng. Getih nyéak kana sirah. Téténjoan ranyay kararonéng. Suku jeung leungeun ngadadak tarariis. Leuleus. Jantung beuki ngageder. Leng. Bumi alam asa muter. Téténjoan kararonéng, lila-lila moékan. Les. Alam jadi poék.

Bandung, 20 Januari 2015



Tuesday, January 13, 2015

Handapeun Lampu Mirror Ball

Carpon, Mangle No. 2526, Edisi: 7 - 13 Mei 2015

Ku : Iwan M. Ridwan

Mimiti amprok téh di Mansion. Hiji tempat anu munggaran dianjangan. Handapeun tinggurilapna cahaya warna-warni. Mirror ball, laser jeung spotlight. Héjo, beureum, biru, konéng, bungur, mancawura ka unggal tempat anu poék. Tempat panyumputan sagala kasusah nu nandasa mangsa beurang. Tempat nu nyumputkeun rusiah pangalaman batin peurih saban nu boga lampah. Nu daratang marawa dunya séwang-séwangan. Ngabahé-bahékeun gegedoh kahirupan nu teu elat namper dina uteuk jeung ketug jajantung. Saharita tumpah.  Ngahiji jeung sagelas bir, jeung birahi. Nyaksian lumangsungna kahirupan peuting. Suka seuri balakécrakan. Sukma kumalayang éak-éakan. Meupeus-meupeuskeun jempling. Nganteur pakarepan nu teu weléh ngahariring. Haseup roko mulek minuhan rohangan. Musik rémik awor padukdek jeroeun haté, jeroeun sirah. Mun mah bisa katempo moal béda ti pabuisna siraru ngahuru lampu. Di juru-juru rohangan anu poék, raga-raga katandasa nyarangsaya. Ngararasakeun dungdengna sirah sabada dada rupek ku saab vodka. Sabada utah uger mancawura.

Manéhna hareupeun Disc Jockey. Ngacung-ngacung leungeun sabeulah. Ngagular-gilir sirah. Beungeut sakapeung katutup buuk nu teu weléh hojah nuturkeun wirahma musik nu beuki motah. Dina tungtung lalancipna ramo, roko ngelun nyurahan rasa. Kalan-kalan diseuseup kerep nambah sieup. Haseupna hiber campur baur milu kaluhur. Milu ngageter bareng jeung ngagulidagna lambak sagara rasa jeroeun dada. Dada nu teu weléh ngaguruh, mapaés pinareup tempat satiap paneuteup lalaki euntreup. Mungguh ukur dibungkus panyalindung bikini. Baju ngan saukur nyangsang  dina dada, nutupan babagian anu nyeungseung tepika sajeungkal luhureun pingping. Awak sampulur témbong matak uruy. Pakulitan konéng umyang matak hayang ngaragamang.

“Shanny!” omongna harita basa diwanohkeun ku Si Dika. Biwir méh adek kana ceuli. Haseup roko taringgaleun dina buuk. Tuluy pada-pada guyang dina lautan sagara musik rémik, saab panas awak nu marotah, jeung haseup roko nu beuki peurih kana panon.

Jadi remen panggih jeung manéhna, di Amnesia, Embassy, Legacy, Sobber, jeung  Golden Monkey. Ngadon guyang késang peuting. Curak-curak. Mopohokeun kasusah tadi beurang. Antukna tuluy deukeut. Ngahaja kétang kuring ngadeukeutan, najan teu gampang. Kuring nyaho ngeunaan diri manéhna sok sanajan ukur tina caritaan ngaliwatan bébéém, watsApp, twitter, jeung telepon anu arang diangkat. Kuring tetelepék ngeunaan pagawéanana, padumukan, kaayaan kulawarga anu cenah arang langka araya di imah, jeung tempat sapopoéna. 

Kungsi rék datang ka imah manéhna anu can puguh lebah-lebahna. Tapi malah nyebutkeun euweuh. Cenah keur di luar. Kuring harita keuheul pisan sabab saméméhna ngomong gering ngaliwatan bébéém nepika teu asup gawé, kari-kari kuring rék datang majar manéhna keur di jalan rék ka imah babaturan. Jauh ti tempat kuring nelepon. Teu bisa majar kumaha, kuring lain sasahana. Kitu deui sabalikna, manéhna lain sasaha keur kuring. Duka teuing acan. Enya ari kahayang anu ngancik dina batin mah hayang ngapimilik. Hayang bisa méré panyalindungan, saeutikna bisa merhatikeun. Tapi unggal kuring nawarkeun jasa hayang nganteurkeun indit atawa balik gawé, teu weléh ngahulag. Majar bisa kénéh sorangan. Naék taksi atawa angkot gé teu masalah. Atawa naék ojég. Sok sanajan peuting-peuting balik gawéna leuwih milih mulang sorangan atawa saré di imah babaturan awéwé. Kuring apal manéhna teu boga beubeureuh, ceuk Si Dika, nu matak diwanohkeun ka kuring téh éta salah sahiji alesanana. 

Sapoé harita mah kuring pundung. Teu ngontak. Teu. Teu hayang ngabébéém atawa ngawatsapp, sumpahnana gé. Mémang kumejot waé hayang ngontak mah, tapi balas ku masih kesel téa. Ukur bisa nahan sapoé antukna mah. Kaduapoéna mah kuring kalah ménta dihampura geus maksa hayang datang ka imah. Manéhna ogé geuning sarua ngadon ménta dihampura. Sapada harita akur deui. Bisa heureuy deui kawas mimiti. Malah jangjian deui tepung di Amnesia.

Never happy not satisfied
Always complains for nothing
Hope and dreams are fading away…..

Waktu geus ampir nyedek ka janari tapi Moony masih ngahaleuang dina “I don’t know why”-na. Lampu laser jeung ball light masih tinggurilap. Mirror ball muter kénéh. Haseup roko kawas sasari. Nu jalingkrak tetembangan éak-éakan, marengan sora Moony nu diputer ku disc jockey. Di sudut-sudut nu paroék jalma rentul kawas sasari. Dina table ting rariung anu geus alumuran. Sawaréh digaléntoran kunu geulis atra sok sanajan ukur dina kelemengna. Reyem-reyem. Témbong nyakakak. Seurina kasirep ku lagu rémik.

Kuring datang sosoranganan, ngahaja teu dibaturan ku sasaha. Éstuning hayang nyorangan téh lain bobohongan. Butuh waktu anu privacy pisan. Jangji rék manggihan manéhna. Lamun biasana tepung sok raraméan, dina peuting ieu mah béda. Aya maksud jeung tujuan anu teu biasa.

“Abdi di méja bartender.” Kitu eusi bébéém anu dikirim ka manéhna. Teu buru-buru ditutup aplikasi téh, tapi malah anteng diteuteup report-na. Huruf “D”-na masih kénéh can robah jadi “R” cingcirining manéhna teu ngarasaeun aya data anu asup. Bet kaluman tuluy nga-ping. Geuning geus sababaraha nga-ping mah teu burung aya balesan.

“Antosan. Salagu deui.” Cenah ukur kitu. Geus aya kapastian kitu mah sup hénpun téh diasupkeun kana saku jero jakét. Kusiwel ngaluarkeun si méntol bodas jeung korék apina. Cekés. Seneuna kakalicesan. Dampal leungeun kénca teu nungguan dititah, rikat midingan.  Sedot. Pelenyun haseupna milu pabuis jeung haseup tina sungut-sungut séjén. Teu hayang-hayang teuing ngaroko sabenerna mah, ieu mah tamba teuing ngalamun. Sok teu puguh laku meun seug aya di tempat anu kieu bari henteu nginum atawa ngaroko.

Ngahaja peuting éta mah teu mesen inuman. Diri hayang bener-bener sadar ulah tepika kapangaruhan alkohol. Kawantu hayang bener-bener méakeun waktu jeung manéhna kalayan sadar. Ditawaran ku bartender ogénan nyebutkeun engké deui, engké deui. Padahal mah geus diniatan moal rék mesen nanaon.

Panon museur deui. Nataan léngkob-léngkob anu poék. Nataan satiap ringkang nu datang. Nataan rentulna sirah anu jarogéd. Paneuteup anjog ka hareupeun panggung disc jockey, sababaraha mojang maraké bikini témbong aréak-éakan. Ngabaris dina upfront panggung. Sirahna digular-gilir bari ngacung-ngacungkeung leungeun. Ramo-ramo léncopna nyapit sabatang roko anu ngelun tina tungtung burahayna. Moal bireuk manéhna geus pasti aya di antara éta jalma. Ditataan hiji-hiji. Panon nyidik-nyidik saurang-saurangna. Paneuteup eureun kanu maké gaun clubbing pulas gandola, diteuteup anteb nakeranan sabab nukangan. Sarérétan bet kawas manéhna. Lenjangna saruwa. Rumbayna buukna teu jauh béda. Ngan basa malikeun awak sidik pisan lain dirina. Rét deui kanu maké gaun cocktail hideung semu pungsat. Anca pisan nenget-nengetna. Sok inggis kapalingan. Dina waktu keur kitu mah ngadak-ngadak sarimbag wanoja téh. Gareulis maranis. Teuing pédah panon anu ukur bisa nénjo atra sabot cahaya ngagurilap kana awakna.  Geuning lain deui waé. Rét deui kanu lian. Ampir kabéh anu jalingkrak diimeutan, weléh teu manggihan. Manéhna duka keur di mana. Ku panasaran paneuteup dibulak-balik, ti kénca ka katuhu, ti katuhu ka kénca nataan satiap nu araya  tepika reg music remik eureun.

“Thank you clubbers” ceuk sora awéwé dina sound system.

Kawas biasana saréréa keprok minangka apresiasi pamuji ka disc jockey. Nu jarogéd puray saharita. Jrut tarurun tina upfront panggung disc jockey. Atra nakeranan manéhna keur nyanghareupan méja turntable jeung DJ mixer. Headset dina sirahna témbong dilésotkeun. Gura-giru leungeunna ngajéwang hanpun jeung si méntol bodas karesepna. Jrut turun tina panggung disc jockey, jalanna muter ka tukang sabab ka hareup mah mémang euweuh lawang.

Diteuteup ku panyeueung. Manéhna malipir jalan katukang. Ngaliwatan rohangan soundman, tuluy kaluar leumpang hareupeun méja-méja nu biasa. Tempat balakécrakanana bapa-bapa. Geus moal salah mun seug kuring boga pikir manéhna bakal ditaroél kunu keur tingcakakak nyaleungseurikeun nasib dirina. Teu rék pada ngagonjak kumaha atuh awak anu sakitu matak uruy téh ukur maké tank top jeung rok mini. Digaronjak kitu téh keur manéhna mah geus teu anéh deui. Majarkeun satiap lalaki anu datang ka éta patempatan mah geus dimaklum kabéh. Duka téh teuing naon hartina éta kekecapan. Tapi keur kuring mah aya rasa teu rido manéhna diperlakukeun kitu. Jrut turun tina korsi bar. Léos ninggalkeun méja bartender. Niat rék mapagkeun.

Leumpang rurusuhan. Hayang geura-geura anjog ka hareupeun panto rohangan soundman. Teu burung anjog tiheula sok sanajan kudu kukurubutan dina rajegna jalma nu araya.

“Héy!” Manéhna satengah kagét basa muka panto rohangan soundman disampakeun kuring.

“Sugan téh kamana. Dipilarian ti tatadi.” Méméh ngajawab manéhna seuri semu ditahan.

“Peuting kahiji ieu téh. Kumaha énakeun teu hasil mixing-na?” Témbalna kawas anu reueus. Horéng ayeuna mah geus mitembeyan ngadijé. Kuring ngacungkeun jempol nandakeun satuju.  Teu kungsi loba omong manéhna miheulaan leumpang ngajauhan rohangan soundman.

“Uuhhh! Ampun dijé, ampun!” manéhna ngagorowok basa Disc Jockey anu ngaganti manéhna muterkeun lagu stay the night. Lagu anu mindeng jadi lagu bubuka mangsa Disc Jockey ngamimitian perform.

“Putri Una éta téh?” Kuring nanya sanggeusna ngarérét panggung.

“Enya. Manéhna mah sok kalah milu jingkrak ngadijéan téh.” témbalna semu anu nyeungseurikeun.

“Émang Shanny henteu?” Kuring nalék. Sabenerna mah lain patalékan, sabab apal pijawabeunana, anu kangaranan DJ komo FDJ saupama keur perform téh da bari jeung ajrag-ajragan. Dikitukeun téh ngabeureukeuteuk bari neunggarkeun tas Roussillon-na kana peupeuteuyan kuring.

Are you gonna stay the night?
Doesn't mean we're bound for life
So oh oh, are you gonna stay the night?

Bari leumpang téh manéhna nyempetkeun ngahaleuang. Nuturkeun wirahma musik anu keur diputer ku FDJ. Léngkah milu nuturkeun kana ketukan. Ngaliwatan rajegna jalma. Nyuay-nyuaykeun awak anu dikadalikeun jungle beat jeung black jack. Leumpang muru panto kaluar ngaliwatan méja bar urut tadi ngadagoan manéhna. Skuriti anu awakna méh mapakan Adé Ray hideng mukakeun panto.

Sora Haley Williams - Stay the night kadéngé ngalaunan bareng jeung léngkah anu ngajauhan. Turun tina undakan tuluy kaluar. Léos ka parkiran muru picanto anu satia nungguan dunungan. Teu buru-buru asup ka jero mobil sabab nempo manéhna ngadon ngajanteng. Kuring surti moal bisa maksa mun seug manéhna mugen. Antukna pacicing-cicing. Simpé. Ukur kadéngé hawar-hawarna sora ketukan lagu rémik di jauhna.

“Kumaha jawaban téh?” Kuring muka caritaan sabada lila peheneng-heneng. Lila pisan ngadagoan manéhna ngajawab.

“Hampura.” Reg eureun.

Neg. Aya nu nyelek kana dada. Nafas ngadadak eungap. Teu ngarti. Padahal ukur sakecap bet mampu ngandegkeun harepan.

Kamu mah nékad waé dina sagala rupa. Padahal geus dilarang. Bet asa teu genah diperlakukeun kitu téh. Lain rék nampik pangasih atawa nyapirakeun, tapi salila ieu asa masih kénéh mampu ngalakonan hirup sorangan.” sambungna, diselang ku cicing sakeudeung. “Lian ti éta, hate téh masih kénéh ginggiapeun ku lalaki.” Jep. Manéhna jempling. Paneuteup anteb nyeueung ka hareup. Kawas aya nu diteuteup dina belegbeg peuting. Kawas keur nataan deui mangsa katukang. Tina juru-juru panon aya nu merebey katojo lampu PJU ti jalan anu jauh, geuwat disusut diganti ku imut. Imut kapaksa.

Nyaksian kitu ukur bisa ngaheneng ngaraga meneng. Neuteup dirina ku paneuteup pangseukeutna. Susuganan bisa tembus kana haténa.

“Dua taun ka tukang kuduna geus kawin urang téh.” Sambungna ngaurangkeun. 

“Geus sapuk dua kulawarga. Geus ngararancang sagala rupa. Tapi mungguh dodoja bet aya kalanna datang teu bébéja. Tunangan urang bet kabongroy kunu lain. Ku batur sapagawéanana. Tepika akhirna teu disangka-sangka maranéhna kausap sétan…” keclak. Cipanon nu pangheulana murag diteureuy peteng, tuluy nu kadua milu nuturkeun. Ramo-ramo léncopna ngusap biwir panonna. Jep deui. Manéhna maut imut. Témbong teger deui.

“Dalapan taun urang jeung manéhna hahadéan téh. Estuning rikip, lancip manéhna nyumputkeun rusiah kahirupanana. Leuwih ti sakali ngabohongan, nyasalingkuhan. Leuwih ti sakali urang ngalaman kuciwa, tapi dina dodoja panungtungan, sagalana taya nu bisa dipertahankeun.” Manéhna nyempetkeun ngarahuh. Narik napas panjang.  

“Ayeuna, kamu datang salaku jalma anyar pinanggih. Salaku jalma anu can bisa kateuleuman ku diri urang. Mani hampang pisan ngedal cinta. Mani gampang méré perhatian. Ninggang dimeunang kuciwa gampang ogé neuteuli. Gampang mulak-malikeun rasa. Hampura, dina waktu ieu urang masih kénéh ginggiapeun ka lalaki sedeng diri geus teu suci.”

Hawa tiis janari papalimpang jeung kaayaan batin diri. Kilat ngaburinyay dibarung guludug handaruan jeroeun dada. Sorana matak neumbrag jajantung. Awak ngadadak tingsariak. Bulu punduk maruringkak. Horéng urang duaan boga lalakon anu sarua, moal mungkin giliran kuring cumarita.

Bandung, tungtung taun 2014
                                                                                                                         

                                                                             
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com