ku Iwan M. Ridwan
Ceuk dina Kamus Besar Bahasa Indonesia novél mangrupa karangan prosa anu panjang, ngandung ranggeuyan carita kahirupan hiji jalma jeung jalma lianna di sabudeureun kahirupanana kalawan tabéat katut sifat anu ngalalakon. Dina novél hiji tokoh nyanghareupan mangpirang pasualan ti mimiti mucunghul, konfliks tepi ka réngsé. Galibna novél anu ngalalakon téh tokoh utama (protagonis), dibaturan ku tokoh-tokoh séjén. Dina novél “Carita Anu Duaan” karya Abdullah Mustappa terbitan Pustaka Jaya tungtung taun 2023, tokoh anu ngalalakon téh duaan, Néndén alias Nonon jeung Kuswana atawa Engkus. Loyog kana judulnna Carita Anu Duaan.
Novel Carita Anu Duaan medar lalakon Nonon anu geus teu indung teu bapa hirup dirorok ku Emang jeung Bibina ti leuleutik. Indung bapana kabéjakeun perlaya dina kajadian imahna aya nu ngaduruk. Kitu deui Kuswana, hirupna jauh ka sintung kalapa. Ti saprak lulus ésdé ninggalkeun indungna milu ka sobat bapana Mang Jaja saurang pangusaha di Bandung, supaya bisa neruskeun hirup jeung sakola. Ari bapana tilar dunya ku pangrogahala pangawasa. Anu jadi margalantaranana majar Barnas lanceukna biluk kana gerakan organisasi anu dilarang ku pamaréntah harita. Bapana kaciwit kulit kabawa daging tepi ka diinterogasi di markas tentara. Boh Nonon boh Engkus ngarandapan nasib anu sarupa, hirupna lainjeung indung bapa, duanana patepung dina dunya anu matak ahéng keur maranéhna, dunya kampus,anu euyeub ku mangpirang élmu, seni, pilsapat jeung agama.
Carita Anu Duaan, euyeub ku iber ngeunaan seni jeung pilsapat ogé ideologi. Karasa beurat jeung kudu tenget macana. Babakuna kudu nuturkeun ajén-inajén kahirupan anu jadi cecekelan para tokoh. Saliwatan lalakon kahiji jeung ka dua téh kawas anu euweuh patalina. Lantaran carita bagian kahiji nyaritakeun Nonon jeung Ohim. Malah dina lalakon kahiji carita téh bet ngabuntut bangkong, utamana dina jujutan saha anu geus ngaduruk imah kulawarga Nonon tepi ka indung bapana paragat nyawa? Naha enya kulawarga Ohim? Naha caritana teu guar? Teu dibéjérbéaskeun. Lalakon kadua karasa matak lungleng macana, loba ideologi jeung sawangan hirup para tokoh anu ngalalakon. Bagian anu katilu, ari kahayang nu maca mah Nonon jeung Kuswana téh bisa ngajodo supaya happy ending.
Tapi Carita Anu Duaan lain novél biasa. Ieu novél matak jadi pikir keur nu maca. Carita dina éta novél raket patalina jeung dunya akademisi, seni, agama jeung pilsapat. Mun seug teu timu mah bakal ngarasa bangga kahartina, boa-boa bakal susah ngabédakeunana jeung tulisan ilmiah. Sanajan kitu, pan ari karya seni mah teu kudu sakumna bisa ngartieun, lamun ceuk Bambang Sugiharto mah karya seni nu alus téh anu ngéfék (mawa pangaruh). Sanajan kurang timu kana eusina tapi pangaruhna ka nu maca karasa gedé pisan. Buktina satutas maca éta novél jadi loba pipikiran itu ieu anu dumadak mucunghul.
Anu kapanggih dina éta novél aya dua ideologi anu pada-pada kungsi geunjleung di lemah cai, nyaéta gerakan anu dipingpin ku Sekarmadji Maridjan Kartosoewirjo Darul Islam/Tentara Islam Indonesia (DI/TII) jeung gerakan anu dikokojoan ku Dipa Nusantara Aidit (D.N. Aidit) Partéy Komunis Indonesia (PKI). Lalakon Nonon dierong boga pakaitna kana gerakan DI/TII, sanajan teu pati dicaritakeun, tapi dina éta novél Nonon bisa dicindekeun korban katelengesan DI/TII, percisna mah kolotna anu tilar dunya lantaran imahna di duruk. Ceuk kolot, DI/TII téh kitu, lamun geus ngaranjah lembur teu asa-asa ngagasab harta banda bari tuluy imahna diduruk. Najan teu nembrak dina ieu Carita Anu Duaan, tapi nu maca pikiranana di bawa ka lebah dinya.
Lalakon Kuswana, ieu mah rada nembrak najan dina porsi anu leutik. Ari pangna kitu, Pa Sutarman bapana Kuswana tilar dunya babakuna balukar dirogahala dina interogasi pangawasa pédah Barnas anakna anu jadi guru di Karawang cenah aub dina gerakan PGRI Nonvaksentral, organisasi pecahan PGRI anu anggotana guru-guru anu boga ideologi Komunis afiliasi ka Partéy Komunis Indonesia (PKI), dipimpin ku guru-guru anu mihak arah pulitikna ka Pamaréntahan ordeu lama. Barnas anu teuing kumaha nasibna, teu kajujut lalakonna. Meureun kawas ilaharna dina kajadian jaman ordeu baru anu loba kacaritakeun, sing saha waé anu kapanggih boga aviliasi kana ideologi kuminis remen leungit raratanana. Sutarman anu ogé guru sakola jeung guru ngaji kudu kaciwit kulit kabawa daging dina pasualan anakna. Dirina kudu mondok moék di markas militer dina kaayaan samulangna ka imah téh awakna régrog, sirahna tatu nu mawa geugeumeueun keur Kuswana tepi ka remen jadi impian riwan.
Ideologi Komunis jeung Islam Konservatif dina enas-enasna kungsi jadi cucuk ruruhit dina kahirupan bangsa urang anu mawa pangaruh keur generasi satuluyna, anak incuna. Najan dina emprona aya anu ngarasa reueus jadi turunan kekentong PKI atawa DI/TII, tapi sanajan kitu teu ieu bisa leungit kitu waé pangalaman tromatikna pikeun nu jadi korbanna. Ngan anu matak panasaran téh naha dina mangpirang karya sastra anu kapanggih, anu loba dikritik dina sual ideologi kuminis téh ngeunaan sikep pangawasa ordeu baru ka pihak anu dierong boga afiliasi kana haluan komunis. Lain kritik kana idelogi komunisna anu ngaruksak ideologi Pancasila. Kawasna asa can manggihan anu némbongkeun bahayana kominis ka nagara jeung bangsa ari lain dina film G30S/PKI sutradara Arifin C. Noer, anu cenah filmna pesenan Pamaréntah Ordeu Baru. Duka meureun kurang loba maca baé can kapanggih téh. Sawatarana aya carpon Alm. Usep Romli anu sok nyaritakeun PKI téh tapi da can manggihan anu nyaritakeun kakejemanana, nya kitu wé réana mah kajadian satutas G30S. Lebah carita ngeunaan gerakan DI/TII mah asana loba anu némbongkeun kumaha getirna katelengesan gorombolan DI/TII, upamana dina carpon- carpon Wahyu Wibisana “Halimun” jeung “Sora”. Anu dipiharep keur para pamaca awam, para pangarang senior satingkat Abdullah Mustappa kahareupna bisa méré pencerahan ngeunaan éta dua gerakan anu kungsi ngageunjleungkeun bangsa Indonesia.
Balik deui kana Carita Anu Duaan. Dina éta novél lega pisan ambahan idéalismeu jeung pilusupina. Upamana baé, tokoh-tokoh dina éta carita kawas anu boga ageman hirup séwang-séwangan keur cecekelan. Tokoh Emang (nu ngarorok Nonon) upamana kungsi nyarita “ngaranna ogé nganteur karesep teu kudu susah-susah ditanyakeun sabab-sababna”. Kalimah samodel kitu téh némbongkeun kaikhlasan anu geus luhur. Geuning aya paribasa cinta mah sanajan lain ku sabab ngandung harti ari geus resep mah teu kudu nénéangan marga lantaran, dalah sanajan kitu-kieu ogé teu burung dilakonan.
Lamun rék ditata hiji-hiji tangtu moal nyukupan rohang ieu tulisan, ringkesna, réa pisan cecekelan samodel kitu anu nembrak dina tokoh-tokoh novél Carita Anu Duaan. Komo nu datang ti para seniman mah, Endang jeung Anton kitu deui Mang Ili. Endang anu hayang jadi diri sorangan boga tékad anu panceg dina ngajalanan hirupna, lamun ceuk batur boga bapa pangusaha kari neruskeun jalanna, tapi Endang malah milih jadi pelukis anu hayang boga jalur sorangan. Kitu deui Anton anu jadi kritikus film. Dina ieu novél, nu maca bakal réa manggihan rupa-rupa kasenian ti mimiti sisindiran, fotografi, seni rupa, téater, film tepi ka ilmu agama. Sisindiran dilarapkeun pikeun bahan kritik ka nu boga kakawasaan anu dina éta hal pamarentah Walanda. Bangsa urang ukur bisa nyieun sisindiran pikeun ngiritik téh, lantaran jaman harita kawasna ngarasa sieun atawa teu wani ngiritik sacara nembrak. Kangaranan ku penjajah meureun dina kapanggihna ngiritik téh moal teu nampa hukuman anu beurat. Fotografi mah réa dicaritakeun keur némbongkeun kaéndahan alam. Ari seni rupa, kawasna nu ngarang keur medar ngeunaan Seni Rupa Indonésia ku mucunghulna tokoh Affandie, idealismeu ngeunaan seni rupa tepi ka aliran suréalismeu jeung dadaismeu. Sababaraha kali disebutkeun ku tokoh Tiah maénya aya batu pulas beureum, éta téh pan aliran dadaismeu. Aliran suréalisme aya dina lukisan bango anu kailhaman tina dongéng Akina baheula ngeunaan bango anu ngabobodo lauk. Maénya cenah aya bango rupana curat corét. Biasana ogé bodas. Tapi éta lukisan bango téh némbongkeun harti jeung maksud anu ngalukis.
Téater mah kaitung saeutik kasabitna, tapi nya cukup informatif ngeunaan Toneel, Dardanela jeung sajabana. Ari film cukup réa ditataanana ti mimiti film India, film Cina, film Eropah (Prancis) jeung film Western anu dina éta carita disebut film koboy. Kitu deui pasualan agama. Ilaharna di Indonesia lamun hayang nyuprih élmu agama téh udaganana ka Al-Azhar Mesir. Meureun sabab musababna mah aya pakuat-pakaitna jeung madzhab anu diparaké di urang nyaéta Madzhab As-Syafe’i. Sanajan kitu, éta informasi ngeunaan mangpirang élmu boh seni boh agama atawa pilsapat téh cukup euyeub keur nganteur nu maca sangkan nambahan pangaweruh. Dina éta novél mah ukur tuduh-tuduhna. Keun sina nu maca ngeuyeuban pangaweruhna sorangan dumasar kana naon anu geus diisarahkeun dina éta novél.
Cindekna, dina novél Carita Anu Duaan jalma-jalma anu boga kasang tukang salaku korban ideologi boh kiri boh kanan, kahirupan di hareupna teu weléh dikukuntit ku pangalaman riwan, teu kawas batur- baturna anu teu boga pangalaman alatan éta hal. Panceg dina cecepengan hirup. Bisa nangtukeun diri jadi itu jadi ieu. Keur jalma anu lahir tina pangalaman riwan, tina katelengesan ideologi komunis jeung Islam Konsevatif, hirupna pinuh ku pertanyaan, kudu kumaha hirup jeung kudu jeung saha. Ku kituna harepan tina ieu novél pangarang méré siloka yén ideologi dina kahirupan téh geus ulah jadi pasualan.
Kiwari ageman hirup geus teu bisa diwatesanan, ieu meunang itu ulah. Bebeneran geus lain milik salah sahiji pihak. Jaman geus nincak dina abad post-modern anu teu ngan ukur hideung jeung bodas, tapi aya abu-abu jeung rupa-rupa séjén. Malah hirup téh geus bébas milih rék kitu, rék kieu nu penting tanggung jawab kana naon anu jadi pilihan.
0 comments:
Post a Comment