Thursday, November 17, 2022

Sajak-Sajak dina Mangle No. 2902

 


SULAYA

 

Katumbiri nu baheula nutug kana haté urang duaan

Ayeuna geus ditinggalkeun widadari-widadari kahyangan nu ngayugakeunana

Hibarna srangéngé dina haté, pareum deui

Cucurugan nu mubus kana leuwi batin ngolétrak saat

Anjeun di mana?

Baheula, kukupu halaliber méh nyalampeurkeun rénghap anjeun

Sawaréh eunteup dina teuteup,

Sawaréh hiber ngurilingan pameunteu, ting kayapak luhureun citrésna

 

Basa mimiti tepung dina iiuh kabutuh,

Anjeun nganyari ngawurkeun kembang pangimpian

Saban mangsa aya dina keteg jajantung

Unggal rénghap kapaluruh tapak-tapak léngkahna jeroeun daging

Kamana ayeuna?

Dimana sagala nu kungsi karandapan mun ayeuna iiuh kabutuh geus jadi cimata kapeurih?

 

Bandung,  2007



PALASTRA


Hujan dina haté kuring

Mareuman duriat

Nu ngagugudag mang réwu-réwu taun

Keur anjeun....

 

Cianjur, 2007 

Monday, January 11, 2021

FÈNOMENA SASTRA DIGITAL

 



Galura No. 47 Taun ka-43 Edisi Minggu I April 2018

Ku Iwan M. Ridwan

 

Kiwari tèknologi digital geus rèa dipakè ku masarakat Sunda utamana anu mikahaat kana basa jeung sastra Sunda. Pangna kitu tèh kiwari masarakat Sunda sapopoèna teu leupas tina gadget katut internèt. Tah ku alatan èta kiwari sastra Sunda tingpucunghul dina wangun sastra digital, sebut waè aya fiksimini basa Sunda, haiku Sunda Majuma, Carponn jeung sajabana.

Fiksimini upamana. Asal kecap fiksimini tina mini-fiction, nyaèta karya sastra antara carpon  jeung sajak anu sifatna prosais. Hartina boga unsur prosa jeung sajak.  Mucunghul munggaran di Amerika Latin abad ka-20. Dina sastra Indonesia, Fiksimini mucunghul dina jejaring sosial Twitter katut Facebook kira taun 2010.

Dina sastra Sunda sorangan, fiksimini mucunghul satutas ngadegna grup facebook Fiksimini Basa Sunda (FBS) anu ditaratas ku Nazarudin Azhar, tanggal 16 Sèptèmber 2011. Anu dipiharep tina ngadegna èta grup fiksimini tèh jadi pangbeberah manah sangkan rasa kasundaan aya parèasina, sanajan bari babalagonjangan. Dina èta grup sakumna anggota bèbas mosting karya dina wangun fiksimini kalawan jumlah kecap maksimal 150  tur saban poèna diwatesan tepi ka tilu karya, tah luyu balukar rèana jumlah anggota anu beuki nambahan tur remen anu mosting, anggota ngan dibèrè lolongkrang mosting hiji karya dina sapoèna

Di sagèdèngeun èta, saban fikmin anu diposting bèbas dikomèntaran ku para anggota turta nu nulisna sorangan. Teu jarang dina hiji postingan tèh tepi ka ngaratus komentar. Utamana mah fikmin anu ditulis ku para pangarang kahot kawas Godi Suwarna jeung sajabana.

Haiku sorangan, mangrupa puisi singget has Jepang. Èta sastra tèh mangrupa rèvisi pamungkas abad ka-19 ti Masaoka Shiki tina genre puisi Hokku anu geus leuwih tiheula ayana. Hokku teu bisa nangtung sosoranganan tapi aya Haikai (Haikai no renga). Hokku mangrupa puisi bubuka (sawanda jeung introduksi/abstrak) dina hiji runtuyan puisi panjang anu disebut Haikai no Renga. Hokku jadi inti nu bakal ngawarnaan dina sisi jero jeung jembarna eusi dina simpay Haikai. Di dieu pisan yèn Hokku mah teu aya judulan, polana 5-7-5 engang. Ieu nu jadi cikal bakal haiku.

Saèstuna haiku geus disosialisasikeun ku salah saurang sastrawan angkatan Pujangga Baru, Amir Hamzah taun 1939 anu tuluy medal dina buku Stanggi Timur (Oktober, 1939). Samalah sawatara pangarang ogè geus kungsi narulis Haiku, boh pangarang sastra Indonesia boh sastra Sunda kawas anu ditulis ku Wahyu Wibisana dina Manglè, 1 Nopèmber 1957, sanajan disebutna puisi tur boga judul.

Eusi èta haiku sorangan kudu aya patalina kana alam anu kacida pentingna pikeun kahirupan manusa. Dina Haiku alam teu welèh nembrak ngaliwatan kigo, nyaèta ciri ngeunaan waktu katut usum. Alam galibna mawa katingtriman, kajujuran, sifat basajan tur spontanitas. Kajadian-kajadian alam anu karandapan teu welèh dumasar kana èta pasipatan. Tah ieu anu jadi titincakan haiku.

Grup haiku di Indonesia kawilang gedè. Diadegkeun ku salah saurang sastrawan Indonesia, Diro Aritonang tanggal 7 Nopèmber 2014. Anggotana kiwari leuih ti tilu belas rèbu akun facebook. Sedengkeun haiku Sunda anu katelah Haiku Majuma (lima tujuh lima), anggotana tepi ka ieu tulisan dijieun jumlahna aya 2.854 urang. Dikokolakeun ku sajumlahing sastrawan katut seniman Sunda kawas Yusef Muldiana, Chye Retty Isnendes, Rinrin Citraresmi jeung sajabana.

Lian ti fiksimini katut haiku, aya anu disebut carponn (baca: carpon èn) nyaèta carita pondok naker. Diadegkeun ku Taufik Faturrohman tanggal 2 Juli 2016. Anggotana aya 7.460 urang basa ditoong tengah peuting waktu nyarungsum ieu tullisan.

Anu matak unik dina Carponn, nyaèta carita diwatesan ku jumlah maksimal dua kalimah. Diutamakèun pisan mah ukur sakalimah. Dina kalimah anu singget tèh kudu bisa nyaritakeun kajadian salah sahiji tokoh jeung konflikna. Aturan dina prak-prakan nulisna kawilang kèkèp, upamana baè kudu makè basa Sunda anu merenah ti mimiti kecap, tanda baca reujeung logika basana. Teu meunang nyacampah salah sahiji pihak, teu meunang makè kecap-kecap anu jorok, geuleuh, jeung sajumlahing kecap anu dipahing. Eusina kudu boga unsur humor. Upama ngarempak kana aturan bakal “dipiriwit” ku admin alias dipèpèlingan.

Lian ti genre anu tilu ieu, kawasna rèa kènèh wangun sastra anyar dina dunya digital tèh, ngan kawatesan lebah ngaleukeunan maluruhna. Keun ari lebah dinya mah, hiji mangsa ogè bakal ngampul tur kapanggih.

Jenglèngan èta sastra anyar tèh dina emprona masih jadi padungdengan di papada sastrawan, kritikus turta akademisi basa Sunda. Kawas anu kabandungan harita dina sawala jeung loncing buku antologi Haiku Sapamentangan Sunda di Auditorium Pascasarjana UPI Bandung.   

Dina èta sawala tèh Cècèp Burdansyah salaku panyatur nyebutkeun  tingpucunghulna sastra digital tèh minangka rèspon para pangaran Sunda kana ayana tèknologi digital. Matak ngirut puguh. Lajuning laku ti dinya, jenglèngan sastra Sunda digital geus bisa ngahiap masarakat sangkan narulis deui dina basa Sunda. Upama geus aya karep kana nulis basa Sunda, tangtu bisa mucunghulkeun duriat kana sastra Sunda. Tah upama duriat geus nguniang, saha waè bisa ngagugulung basa jeung sastra Sunda tepi ka iraha baè samalah tepi ka paèh poso ceuk paribasana. Upama masarakat geus ancrub ka lebah dinya tangtu bakal mucunghulkeun karancagè-karancagè dina widang sastra, satuluyna nya kawas kiwari mucunghul genre-genre anyar dina sastra Sunda.

Fènomèna sarupa kitu tèh kudu dihiap ku sarerèa tapi tangtuna kudu dikritisi, dimutola’ah tur dipènta pertanggungajawabanana ngeunaan konsèp èstètikana. Ulah ngan ukur ngahiap tapi kudu aya tanggung jawab sacara intelèktual. Utamana keur kamajuan katut nasib kahareupna.

Tah di dieu fènomèna sastra Sunda digital tèh ngahudangkeun rasa duriat kana basa Sunda ogè bisa ngahudangkeun intelèktual masarakat sangkan leuwih kritis. Ti dinya bakal mucunghul wacana atawa dialèktika-dialèktika kana prosès krèatif dina sastra Sunda.

Ku tingpucunghulna wanda sastra anyar tèh, dipiharep bisa leuwih ngabeungaharan kasusastraan Sunda, sakumaha jenglèngan sastra anu sèjènna, anu kiwari hirup di masarakat. Keun waè pasualan cangkangna ngundeur ti deungeun mah apan anu jadi puseur panitenan katut èsènsina sidik ngeunaan kasundaan, basa jeung budayana. Lainna urang kungsi hariwang nu marakè basa Sunda utamana barudak ngora bakal kasilih ku basa deungeun? Tah lebah dieu sakuduna kahariwang tèh disieuhkeun sabab dina enas-enasna tèknologi digital tèh rèa diparakè ku para nonoman tuturus bangsa, mun mah urang anu ngaku mihaat kana basa Sunda mayeng nyumebarkeun basa Sunda dina dunya digital meureun bakal nerekab ka generasi ngora. Ku kituna basa katut sastra Sunda tèh dipikaresep ku para nonoman. Cag. 

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com