Monday, September 8, 2014

NASIB BÉAS CIANJUR

(Iwan M. Ridwan)
Galura, Edisi V Agustus 2014

Usum panén basa mudik ka Cianjur téh. Mun mah baheula mangsana kuring keur budak, panén téh sok kaitung ceuyah. Anu karuli dibuatna[1] riab ti unggal lembur. Dalah aya anu ngahaja datang ti lembur jauh seja muru pipanéneun. Anu ti girangna atawa anu ti  landeuhna. Girang keur urang Cianjur mah taya lian ti urang Cipanas atawa Gékbrong, lamun landeuh biasana datang ti pawétanan saperti Garut jeung Tasik. Ceuk kolot mah ngahaja datang milu nyiruruk di dulur-dulurna anu geus bumén-bumén di Cianjur. Bérés usum panén baralik ka lemburna séwang-séwangan. Marawa babon[2] anu geus mangrupa duit atawa béas  meunang mopolahkeun samangsa reureuh.

Tapi sainget kuring anu kitu téh teu pati loba, meureun kabéhdieunakeun mah mimiti ngurangan. Éta wé anu kitu téh ukur samet dulur kuring ti pihak bapa. Ari kitu téana mah wajar sasatna alo teges bapa, sakalian bunta-bantu. Nya balikna geus jadi kawajiban anu jadi emang kudu mekelan anu jadi alo. Atuh hasil kula-kulina éta mah eukeur-eukeurna. 

Inget basa kuring umur wewelasan taun sok dibéré pancén kunu jadi bapa titah ngamandoran anu karuli dibuat. Cenah paréna bisi amarayah, maklum ari anu kuli kitu mah sok muru gancangna. Tayohna coko jeung batur. Ari ngamandoran anu kuli dibuat mah teu bisa ukur nénjokeun tina galengan tapi kudu sabari ngabrag[3] ka unggal kotakan. Horéam ari kudu dibawa mah paré meunang ngabrag téh, sok diteundeun dina tumpukan panggebugan anu dibaruat. Ngahaja diilukeun sangkan kabawa kana kiloan. 

Paré ti sawah téh biasana dibawa ka pabrik sisi lembur pangdeukeutna. Dibeuli ku tangkulak dina kaayaan paré baseuh anu ngan ukur kisaran haregana 50 rébu tepika 100 rébu rupia sakwintalna. Enya kajadian éta téh dina mangsa kuring SMP - SMA antara taun 1998  tepika 2004.  Kiwari harga paré ti patani anu dibeuli ku tangkulak dina kaayaan baseuh téh ukur semet 300 rébu tepika 350 rébu rupia sakwintalna.

Nu Karuli milih gawé di Industri

Poé kadua lebaran isuk-isuk indung geus kuar-kieur néangan anu kuli dibuat. Ampir ka opat lembur nataan tatangga anu bariasa kuli dibuat. Jog ka lembur ieu suwung, jig ka lembur itu sepi. Antukna paré anu ngan ukur dua bébécék deui téh dipanén ku   sakulawarga.  Lanceuk jeung indung anu dibantuan ku kuring. Cenah ceuk indung mah anu karuli dibuat téh arembungan sabab hasil paréna tibeubeut. Paréna ngapung. Ampir anu boga sawah nyebutkeun paréna kaserang hama anu mahabu. Kungkang jeung wereng. Tepika loba anu lapur teu kaarah saranggeuy-ranggeuy  acan. 

Antukna katurug katutuh. Harega paré jadi murah, anu kuli dibuat hésé katut mahal buruhna. Mun mah baheula ukur dibabonan 10% ayeuna mah leuwih nikel lipet. Mun mah sababaraha taun ka tukang muruhkeun paré ukur 100 pérak tina sakilo, ayeuna mah geus kudu 500 pérak kitu ogé bari kuru kuar-kieur heula néangan anu daék. 

Ngadegna pausahaan industri bangsa Asing saperti pabrik tékstil, éléktronik, wig, bonéka jeung sajabana. Ogé jadi masalah keur patani. Orokaya loba warga anu katarik milih digawé di tempat industry tinimbang kudu jejeblogan di sawah bari jeung hasilna can karuhan. Anu boga ijazah semet SMP ka luhur mah kaitung loba di pilemburan téh. Keur mah pabrik industrina  masih kénéh bisa narima lulusan SMP. 

Ayana Pangwangunan Mangaruhan Kana Kasuburan Sawah

Niténan tumuwuhna pausahaan industri, Kepala Bidang Penanaman Modal Badan Pelayanan Perizinan Terpadu dan Penanaman Modal (BPPTPM) Kabupaten Cianjur Aries Heriansah negeskeun yén sajumlah kawasan di Cianjur Tengah cocog pikeun dijadikeun tempat industri. Luyu jeung Perda No 17/2012 ngeunaan Tata Ruang. Kacamatan anu diancokeun pikeun pangwangunan investasi industri téh nyaéta Karangtengah, Ciranjang, Sukaluyu, Haurwangi, Mandé, jeung Cikalongkulon. 

Dina réalisasina mémang ngabogaan standarisasi pikeun nangtukeun skala gedé leutikna lahan anu dipaké ngadegkeun lahan industri. Tapi wewengkon anu disebutkeun tadi téh mangrupa wewengkon pasawahan anu paling lega anu sakuduna dipulasara sangkan ngahasilkeun paré anu hadé. Alesan para Investor milih éta wewengkon sabab kaliwatan ku jalur jalan Raya Bandung.

Mémang teu bisa dipondah, kaayaan pangwangunan geus beuki maju. Cianjur anu  kasebutna kabupatén berkembang anu deukeut jeung Bogor, Sukabumi ogé Purwakarta, boga karép hayang mapakan tingkat perékonomian kota jeung kabupatén sabudeureunana. Tapi dina masalah pangwangunan ieu pamaréntah kudu adil dina mopolahkeunana lahan ulah tepika jati kasilih ku junti.

Ceuk  bisnis-jabar.com aréal pertanian di Kabupatén Cianjur unggal taunna leungit manghéktar-héktar. Tug tepika taun 2013 lahan pertanian di Cianjur kari 350.000 héktar. Hal ieu ogé kapaliré ku Komisi II DPRD Kabupatén Cianjur anu terus ngadongsok sangkan instansi-instansi anu pakait kana leungitna lahan pertanian sagancangna ngeureunkeun proyék pangwangunana. Dipiharép sangkan milih lahan anu can kamangfaatkeun. Dalah ceuk kalolobaan warga masyarakat mah leuwih hadé mopolahkeun lahan ka pakidulan anu masih kénéh leuweung gerotan dari pada kudu ngaruksak lahan pasawahan jeung padumukan warga mah.

Sacara geografis, Cianjur mémang mangrupa kabupaten anu strategis tur cukup subur. Loba pisan ragem pangasilan anu dihasilkeun ti unggal wewengkonna. Boh hasil bumi atawa hasil industri lokalna. Tapi dina émporna, pausahaan asing geus militian culcel di ditu di dieu tur bisa ngajangjikeun kahirupan anu leuwih layak ka warga masyarakat. Saperti industri milik investor  ti Korea Selatan CV. Aurora World pausahaan bonéka jeung PT. Hanyoung Electronic Indonesia pausahaan komponén éléktronik. Dina enas-enasna loba pisan ngalibetkeun pagawé hususna kaum wanita. Mun mah baheula maranéhna loba anu ka sarawah, ayeuna paheula-heula hayang kapake di pausahaan kasebut. 

Lian ti industri, ngadeg ogé perumahan-perumahan anu méakeun lahan pasawahan. Mun seug datang ti Bandung, asup ka wewengkon Cipeuyeum, Ciranjang tuluy ka Karangtengah dina kotakan-kotakan sawah geus tarembong gedong-gedong perumahan rajeg ngajalegir. Kitu deui ka béh kiduleunana saperti Cilaku, Gékbrong jeung Warungkondang. Pasawahan téh geus ngajanggélék jadi perumahan. 

Pamustunganana lain ngan saukur lahan pertanian anu beuki ngurangan, tapi ogé limbah anu dihasilkeun boh tina industri atawa limbah rumah tangga, geus tangtu ngaganggu kana kasuburan taneuh sawah anu masih kénéh aya di sabudeureunana. 

Mun rék nyokot conto, salah sahiji limbah anu dihasilkeun ku industri téh mangrupa logam-logam bahaya anu ngahiji jeung cai. Éta logam téh asup katégori logam beurat, nyaéta logam anu ngabogaan massa atom leuwih ti 40 saperti beusi (Fe), nikel (Ni), timbal (Pb), séng (Zn), tambaga (Cu), cadmium (Cd), air raksa (Hg) jeung krom (Cr). Leburna éta  logam kana cai limbah leuwih badag batan logam anu lebur sacara normal (Susanto, 2004). Ceuk para ahli, logam beurat jadi racun pikeun lingkungan utamana cai sabab teu bisa diancurkeun (non-degradable) ku organismeu hirup, jeungna deui bakal kakumpulkeun ngahiji kana unsur-unsur taneuh. Nambleg dina leutak saban anu kakocoran caina. Pisakumahaeun weureuna mun seug éta cai diinum ku pepelakan. Matak wajar mun dina waktu kiwari paré anu dihasilkeun ti unggal sawah geus mimiti ngurangan kualitasna, dalah tepika hanteuna sabab dibarung ku hama kungkang jeung wereng. Ti handap digorogotan ku racun limbah industri ti luhur dirogahala hama. Nu matak ku jaman kiwari mah geus uyuhan bisa dahar ogé tina hasil tatanén, leuwih-leuwih aya keur ngamodal deui nyawah anu waragadna ampir leuwih badag ti batan hasilna. Enya teu rék kitu kumaha apanan anu garawé di sawahna beuki hésé, anu aya ogé taripna beuki mahal. Acan deui béaya perawatan saperti gemuk alias pupuk anu hargana teu weléh undak. Katambah meuli pestisida sabab geus pasti di unggal usum hama kungkang jeung wereng pasti mahabu. 

Kahayang mah nagara urang anu kasebutna nagara agraris boga perhatian husus ti para gegedén anu ngawasa di ieu nagari sangkan leuwih meurhatikeun kana nasib patani. Kilang bara sistem tatanén urang kawas di Jepang atawa nagara-nagara séjén anu geus ngagunakeun sistim téknologi, atuh perhatikeun masalah harga jualna hasil panénna, tuluy subsidi waragad tatanénna sangkan teu eungap-eungapan teuing pikeun modal tatanénna. Kilang bara atuh bisa ékspor béas ka luar nagri, atuh ulah deui-deui nagara urang impor béas ti Thailand anu nagarana leuwih leutik ti urang.  (Cag)

Bandung, Agustus 2014


[1] Ngala paré
[2] Bondot anu diancokeun pikeun muruhan nu derep
[3] Nyokotan tangkal-tangkal pare anu bacacar

0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com