Friday, September 12, 2014

Siaran Langsung



(Iwan M. Ridwan) 
Mangle, No. 2492. 11 - 17 September 2014

Jam sapuluh kurang sapuluh menit. Lampu tungsten geus hurung kabéh. Cahayana ngempur nyaangan rohangan anu geus disetting ti anggalna. Sofa bungur, méja kaca, kembang eros jieunan luhureunana. Diaping dua gelas kristal nu ngabigeu kawas arca kabulusan. Enya aséna tiis kacida. Duka keur anteng nataan toplés nu ngajajar hareupeunana. Gedé leutik loba jinisna. Kawasna mah kitu. Sabab loba aksaraan dina tiap toplés téh, tapi anu paling sidik mah “Cobra Oil”. Atra pisan katempona. 

Alketip beureum ditincak méja. Geus biasa, teu ieuh sirik pédah ayana panghandapna. Puguh ari pangluhurna mah LCD nu teu eureun-eureun muter bumper. Kitu biasana salila lumangsung acara. Minangka tetengger yén nu disanghareupan ku penonton téh keur ngabahas masalah kaséhatan. Sidik gambarna ogé aya gambar halu, lulumpang jeung obat hérbal. Meureun ti dituna mah siloka jajamu. Ari jajamu téa apanan obat tradisional. Ieu meureun anu jadi cicirén bahasan dina peuting ieu.   

Tilu unit kaméra geus masang dina tripod-na: kaméra hiji keur cover presenter, kaméra dua keur master, kaméra tilu keur narasumber. Kabeh geus di-white balance, iris, shutter speed jeung gain-na geus diatur luyu jeung caangna cahaya. Atuh kabel HDMI ogé geus nyambung ka monitor VD di ruang MCR. Clearcom nya kitu kénéh geus kahubung jeung audioman di ruang téknik. Enya monitor keur preview ogé geus hurung ti tatadi da ngarah nyalsé. Biasa cicingna téh gigireun kaméra hiji da ngahaja nyadiaan presenter ngarah bisa kamonitor ku manéhna. Padahal mah di sakuriling studio gé aya LCDTV tilu unit anu ngahaja dipasang keur nempo freeview, pédah di luhur neundeunna. Meureun kagok.     

Dina frame élsidi kaméra mah nyeplés pisan studio téh kawas di hiji rohangan tengah imah, matak pikabetaheun, da puguh éta rohangan dihaja méh siga di tempat anu genah. Padahal ngan ukur sakitu-kituna. Sawaréhna mah, kitu wé teu pantes keur dicaritakeun. Presenter jeung narasumber geus dariuk ti tatadi ngadagoan waktuna prung. 

Téh Héra anu jadi presenter dina peuting ieu mah. Geulis manéhna téh ngan rada galak, mun seug crew aya nu ngomong atawa seuri mangsa live, sok dipolototan, atawa ngadadak bangkenu. Meureun ti dituna mah kudu professional mun keur gawé. Buktina waé manéhna mah sugan aya kacaritakeun elat datang. Paling leuir ogé satengah jam bari jeung geus meunang dangdan. Atawa aya kacaletot letah nu matak jadi salah kana kecap informasi atawa salah nyebut istilah. Éstuning rikip pisan, lugas, tatag, matak pikahartieun bari teu kudu méakeun waktu loba.

Pas pisan jam sapuluh atawa 22.00 WIB, count down geus kadéngé dina clearcom. Sorana halimpu da puguh VD-na Néng Kiki anu jadi béntang balaréa di studio. Teu weléh imut kasasaha. Mawurkeun paroman anu marahmay. Sing saha waé anu ngadéngé sorana boh dina clearcom atawa asilna moal burung gantung déngéeun. 

Standby! Three… two… one… action!” Cenah ku basa Inggris. Kitu manéhna mah resep kénéh maké basa deungeun mun seug intruksi keur siaran langsung téh. Ari kitu téana mah wajar manéhna dididik ku tévé nasional anu mangrupakeun adopsi ti tévé luar nagri. 

Kuring ogé anu ngadéngéna milu nuturkeun. Téh Héra surti kana naon anu diucapkeun ku kuring minangka panyambung ti VD. Gelenyu Téh Héra imut laju ngabagéakeun pamiarsa di bumi ngalangkungan televisi. Didadarkeun harita keur aya dina acara naon-naonana.  

Nya sakumaha mistina sanggeus dibuka acarana Téh Héra ngabagéakeun narasumber anu geus diuk ti tatadi. Dibagéakeun ku Téh Héra téh sura-seuri bangun anu boga kabungah. Panonna pinuh ku kayakinan. Satuluyna mah dijujut ngeunaan diri manéhna jeung tempat usahana.

Ceuk manéhna, dijamin sing saha waé anu boga keluhan dina masalah reproduksi bakal cageur. Rek masalah diabetes, ejakulasi dini, ereksi, kaputihan tepika hésé boga  turunan majar téh bisa ditarékahan. Duka tah ari sipilis mah asa tara diungkit-ungkit da béda deui ségménna meureun. Sipilis mah dibikeunna ka dokter.

Kesel sabenerna mah ngabandungan program ieu téh, asa jarijipena ngadéngéna. Enya atuh masalah rusiah pribadi pisan, privacy lah. Ieu diumbar ka jomantara. Jeung loba deuih anu ngahaja narelepon. Dasar jelema ayeuna mah geus owah kabéh. Teu ieuh ngarasa éra atawa pamali, lamun geus nyaritakeun nu kararitu patut téh bangun kawas nu atoh. Der ditémpas ku itu ku ieu. Ceuk pamikiran kuring, masalah nu kitu mah teu kudu hambur bacot, mun rék datang mah datang wé ka klinik langsung.

Teu saeutik anu nelepon maké basa teu ngeunah kadéngéna. Ah teu pantes dicaritakeun. Kéna-kéna ségmén déwasa bari jeung tayangna ampir tengah peuting.

Sok baluas mun ngaritakeun masalah nu kitu téh. Teuing pédah kaayaan kulawarga kuring teu kawas batur dina sual nu kituna. Duka atuh. Mun mah disebutkeun kuring teu normal, asa jajauheun, ti baheula boga bébéné awéwé tulén kabéh. Atuh ayeuna kawin ogé ka awéwé tur kawilang geulis. Ceuk dulur anu di Padang mah mani rancunit pamajikan téh, ngan hanjakal can kungsi panggih tepika ayeuna. Jauh ari kitu téa mah, atuh piirahaeun teuing aya waktu kuring mawa pamajikan nepungan dulur sajauh di Padang, anu dilembur ogé apanan teu katepungkeun sakabéhna.   

Kageulisan ngan ukur bonus sabenerna mah. Mungguh kitu rupa mah alam ahir gé bakal pinanggih jeung ruksak. Geus kolot mah meureun moal sageulis ayeuna. Moal sageulis mangsa uumuran salapan welas tepika dua puluh opat taun. Mangsana jadi héhéjo bulu panon lalaki. Pan kitu kuring ka pamajikan gé samaméh jadi salaki jeung pamajikan. Saprak wanoh di kampus téh apanan teu sirikna bet kabayang beurang peuting. Sugan mah sapoé teu nempo manéhna téh asa aya anu kurang dina ngajalanan hirup. Éta basa ngadéngé kekecapan manéhna nampi kuring gé mani asa teu percaya sacongo buuk. Wanoja anu lir bidadari kaimpi-impi téh kari-kari ngabukti. Widadari anu perténtang nyarios basa Inggris jeung basa Arab. Tapi sok sanajan kitu ari ngawangkong sapopoe mah teu weléh ku basa Sunda, basa anu mangrupa cicirén diri sorangan salaku wanoja Sunda. Widadari anu leubeut ku pangaweruh agamana. Widadari anu manis ku raksukan hijabna. Mun mah di dunya ieu euweuh nu sampurna, ceuk kuring mah aya, nyaéta manéhna.   

Lungguh kemayu ceuk basa légégna mah. Sorot soca anu cureuleuk téh matak waas anu neuteup. Soca lir talaga dina carita karajaan Pakuan Pajajaran. Linduh matak pikabetaheun. Matak poho kana sagala rupa permasalahan hirup anu karandapan. Permasalahan hirup anu matak jangar kana sirah. Pangambung rancunit, lambey ipis kawas anu geus ditaker ku Nu Kawasa seja masieup raray anu teu weléh marahmay. Mun mah aya imut anu murag kawasna matak parebut lalaki anu nganyahoankeunana.   

“Studio, telephone!” sora neng Kiki ngagareuwahkeun kuring anu keur ngabayangkeun pamajikan sorangan. Sontak kuring ngangkat papan telepon anu ngagolér dina luhureun teve monitor. Cung diarahkeun ka Téh Héra anu keur guntreng ngawangkong jeung narasumber. 

“Nampaknya sudah ada yang bergabung berasama kita, Pa Gatot, kita sapa terlebih dahulu. Hallo dengan siapa di mana?” omong Téh Héra bari nyanghareup ka kaméra hiji anu disanghareupan ku kuring. Si Ardi di kaméra tilu ngadon nundutan, katémbong pisan lelenggutanana.

“Halow salamualaikum!” ceuk anu dina telepon. Kadéngé ngoncrang dina speaker jero studio mah.
Sora anu teu asing dina ceuli kuring. Moal kapalingan jeung moal nyalahan. Sora anu teu weléh ngagalindeng jero ceuli. Sora anu teu weléh écés kadéngé basa manéhna unggal peuting natanyakeun balik jam sabaraha. Rey getih asa naék kana sirah basa anu dina telepon nyebutkeun sandiasmana. Sandiasma anu mindeng dijadikeun ngaran dongéng mun mangsana peuting paduduaan di kamar seja ngabébénjokeun manéhna. Beungeut beureum lir beusi atah beuleum. Naon anu keur dipadungdengkeun bet teu kadéngé. Dada karasa eungap. Ngaguruh lir lambak sagara basa manéhna nyaritakeun naon anu jadi bangbaluh dina permasalahan rumah tanggana. (Réngsé)

Bandung, 16 Juni 2014



0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com