Tuesday, May 31, 2016

“GAJJAH! GAJJAH!”




Mangle, No. 2578 - 19 - 25 Mei 2016
Ku Iwan M. Ridwan
Jam sapuluh peuting budak can waé reup. Curukna anu lentik téh nunjuk waé ka lawang panto kamar bari ti cameuh-cameuh. Halisna kaluhur neuteup kuring nu geus katerapan jurig tunduh. Kawasna mah ngajak kaluar ti kamar sabab apal bapana keur anteng nyanghareupan laptop di tengah imah.
“Bobo atuh, geulis. Tos wengi,” kuring nangkeup budak laju digolérkeun dina bantal gambar kartun.
“Gajjah! Gajjah!” pokna tipepereket.
“Enjing deui gajah mah. Ieu saé tah, méméng,” kuring nunjuk kana bantal anu biasa dipaké saré ku manéhna.
“Enghhh… Gajjah! Gajjah!” Pokna bari ngoréjat deui.
Korondang ka tungtung ranjang. Pasti niatna mah hayang nyampeurkeun bapana. Sukuna miheulaan turun. Leungeunna muntang pageuh kana sepré. Kituna téh teu weléh nyalukan gajah. Satutas nyaba ka kebon binatang budak téh bet inget waé kana gajah. Meureun pédah dituduhkeun ku bapana basa anjog ka hareupeun kandang gajah.
“Gajah, Nis,” ceuk bapana harita.
“Jah,” ceuk budak.
“Ga, jah,” kuring merenahkeun kekecapanana.
“Gajjah,” pokna bari seuri. Panonna mah mencerong kana awak éta sato.
Capétang budak téh sasat karék umur tilu welas bulan. Leungeunna ti bentik-bentik nunjuk gajah nu keur nyaratu. Salaki ngaluarkeun kaméra laju sélfi hareupeun gajah. Pikeun sababaraha kali mah kaméra téh jeprat-jeprét tayohna maké timer bari diteundeun dina tripod.
Potrét hareupeun kandang gajah téh diédit dihadé-hadé. Warnana dikandelan. Cahayana ditaékeun. Geus témbong pantes laju dijieun wallpaper laptop jeung hénpun. Méh saban waktu katémbong ku Unis. Ditunjuk bari disebut-sebut ngaranna. Bentes nakeranan. Atoheun kacida mun seug nongkrong hareupeun laptop bapana bari nempoan potrét sélfi di kebon binatang téh. Seuri ti cengir-cengir mun seug potrét nu katénjona hareupeun gajah.
Ti saprak harita anak kuring remen gegeroan nyebut gajah unggal hayang nempo sasatoan dina laptop atawa hénpun téh. Sautak-saéutik téh gajah jeung gajah, sanajan ditémbongkeun potrét uncal atawa kasuwari ogé. Kawasna mah kecap gajah gampang nerapna keur manéhna mah. Teu boga hurup vokal sejen lain ti “a” anu kacida gampangna dikedalkeun ku budak pantar manéhna.
“Bapbap, tah Unis turun!” Kuring satengah ngagorowok. Bapbap téh kecap anu kaluar tina biwir budak basa hiji mangsa ngageroan nu jadi bapana, ari nyebut ka kuring mah Mam-mam.
“Gajjah! Gajjah!” Unis masih norowélang,  
“Geura bobo, bageur!” Salaki nyampeurkeun kana panto kamar. Melangeun budak labuh tina ranjang kawasna mah. Ari kitu téa mah ranjang téh teu pati jangkung nu matak budak bisa turun sorangan ogé.
Bari mélétét katénjo salaki ngaregeyeng mangku budak. Celepot dicium. Budak nu dipangku téh angger nuduh-nuduh waé ka luar kamar bari nyebutkeun gajah. Awakna tidoyong-doyng hayang kaluar kamar.
“Gajahna atos bobo, Unis gé bobo, nya. Jung sareng Mam-mam,” salaki nangkeup budak bari dibawa hanjat deui kana ranjang.
“Pépéndé atuh, tos wengi ieu téh, Bapbap seueur kénéh éditeun,” salaki ngagerendeng.
“Alimeun, Bap. Siga anu teu tunduh puguh,” kuring némbalan, panon mah reup peureum.
“Gajjah!”
“Itu hoyong énggal dicétak saurna,” salaki ngedengkeun budak gigireun kuring.
Diécagkeun ku salaki téh budak ngerenying bari angger nyebutkeun gajah. Léos bapana budak ngadon ceurik.
“Bap atuh ieu kumaha geuning nangis?” kuring cengkat. Diuk bari mangku budak.
Najan tunduh gé budak dibawa turun tina ranjang. Kaluar ti kamar nyampeurkeun salaki. Jen nangtung tukangeun salaki anu keur nyanghareupan photoshop dina layar komputerna. Ébréh potrét Cép Adit jeung Neng Ica keur silih sangkéh bari galumbira. Dibebenah ku salaki kawas  ngabebenah potrét sélfi hareupeun gajah.
“Gajjah,” Unis nunjuk kana layar laptop.
“Sanés, éta mah kang Adit nuju pra-wedding. Teu kéngéng ngawagel Bapbap nuju damel,” kuring mapalérkeun.
“Dina hénpun wé atuh, Mam. Tuh tos pinuh meureun batréna ayeuna mah,” salaki nunjuk ku gadona.
Kuring ngojéngkang bari ngéngklék budak nyampeurkeun hénpun salaki nu keur dicas gigireun tipi. Dibawa ngaléngkah téh budak kawas nu mugen. Awakna doyong balas ku hayang nénjo layar komputer nu keur disanghareupan bapana. Biwirna teu cicing nyebut-nyebut gajah.
“Ieu gajahna di dieu, bageur,”
Kuring nyabut charger tina terminal. Hénpuna dilésotkeun tina kabel charger. Bray layar hénpun dihurungkeun. Ditémbongkeun poto sélfi hareupeun gajah. Manéhna ngabeureukeuteuk bari nyebutkeun gajah. Sababaraha kali kituna téh. Pamustunganana mah keukeuh hayang nyampeurkeun ka bapana. Kawasna mah hayang nempo gajah dina laptop.
“Gajjah! Bapbap!” Pokna nunjuk ka bapana.
Kuring ngupah-ngapeh deui. Ngabébénjokeun sangkan manéhna teu ngaganggu bapana. Ngahaja dibawa ka dapur maksud mah néangan cakcak. Biasana sok céplak niru-niru sora cakcak saban dituduhkeun kana lalangit tempat cakcak remen narémbongan. Dipapatahan ku bapana kitu téa mah. Mun mah bapana nu niru-niru sora cakcak téh létah sisi kéncana anu ngaluarkeun sora téh, ari budak mah sakujur létahna céplak dikenyot-kenyotkeun tepi ka ngaluarkeun sora. Budak téh resep pisan kana sasatoan. Tong boro sasatoan lucu anu dipikaresep ku ilaharna barudak, cakcak, sireum jeung ucing gé manéhna mah kawas anu hayang nyoo. Lamun pareng diuk dina ubin kawénéhan aya sireum ngarayap, curukna anu bentik téh tutunjuk bari seuseurian. Geuwat disingkahkeun kanyahoan ku bapana mah majar bisi nyoco.
Saban ngadéngé sora cakcak, ribut tanggah kana lalangit atawa témbok nu adek jeung lalangit. Curuk anu bentik leutik téh tilempeng-lempeng nunjukeun kana cakcak nu ngadaplok dina témbok. Seuri bari jeung teu weléh ngabagi teuteup, boh ka indung boh ka bapa kawas anu nunjukkeun manéhna manggihan sato. Nu leuwih lucu mun seug manéhna ngadéngé sora manuk bogana tatangga, saban disada teu weléh seuri bari jeung teu puguh teuteup. Ukur mencrong beungeut kuring atawa bapana anu anteb téh, lantaran manukna teu katémbong. Manéhna kawas anu keur ngababayang bangsa sato kumaha ari anu kadéngéna kawas kitu.
Ucing minangka sato anu ku manéhna remen dicabak mah. Ucing liar éta ogé. Anu beresih tangtuna. Ari anu kotor mah jajauheun dicabak, deukeut ogé kuring tara ngijinan, komo bapana mah. sakalieun aya ucing hanjat kana téras gé budak sok riweuh tutunjuk bari nyebut-nyebut “méméng” najan can pati béntés nyebutna.
Mangsa munggaran diajak ka kebon binatang budak téh atoh kacida. Nu mimiti dideugdeug kandang méong congkok. Manéhna rungah-ringeuh sabab ku bapana dituduhkeun kana éta sato anu harita keur saré dina dahan luhur tangkal.
“Sieun ah, Bap, hayu urang ningal nu sanés,” kuring harita ngajak buru-buru ngajauh tina kandang méong congkok. Sebér haté téh niténan sasatoan anu sok ngerekeb kitu téh. Sieun.
Anjog ka hareupeun kandang maung, salaki nunjukeun ngaran-ngaran éta sato. Cenah nu éta mah harimau sumatra, nu itu mah singa afrika. Deui-deui haté kuring sebér ningali sato galak téh, ari budak mah rungah-ringeuh deui waé, kawasna mah sarua rarasaanana jeung nu jadi indung. Teu hayang lila-lila hareupeun kandang singa, kuring geuwat ngajak salaki anu harita keur jeprat-jeprét motrét sato jeung pengunjung.
“Hayu, Bap urang ningali manuk!” kuring ngajak salaki bari  miheulaan. Salaki nuturkeun bari ngéker-ngéker kaméra.
Kandang uncal jeung domba diliwatan. Salaki weléh nodongkeun mata lensa kamérana. Duka teuing geus sabaraha puluh jeprétan. Budak dina aisan tutunjuk kana saban sato nu diliwatan. Minangka ménta dipotrét téh basa anjog ka kandang kasuwari. Budak dipangku dipangku, dipotrét ku salaki. Budak imut kuring seuri. Foto téh alus ari dijeprétkeun ku ahlina mah. Enya salaki kuring téh fotografer anu geus lumayan boga pangalaman, tepi ka ngalaman motrét di Labuan Bajo, Balitung, Raja Ampat jeung sajabana, acan téh ka luar negri.
“Tah, Mam, ieu nu namina surili. Tuh, Nis, tingal!” Salaki ngadeukeutan hiji kandang anu semu canéom. Sepi.
“Éy, monyét, Bap, surili téh?” kuring nyampeurkeun.
“Monyét has Jawa Barat. Kasép nya. Éraan Surili mah. Ukur hiji-hijina di dieu téh. Tos ampir punah ieu téh, Mam,” salaki ngadadarkeun. Kuring mah tiba unggut-unggutan.
Suku ngaléngkah deui nuturkeun jalan. Jog ka hareupeun gajah. Budak curinghak. Kawasna pikeun anu munggaran manéhna nénjo sato atawa mahluk anu sakitu gedéna. Pulas abu-abu semu coklat. Pulas nu teu ilahar aya dina hiji barang. Dina huluna ngagapuy tulalé. Ceuli anu rubak téh kawas nu teu bisa cicing. Budak tutunjuk kawas anu natanyakeun éta sato.
“Gajah, Nis,”
“Jah!” ceuk manéhna.
“Ga, jah!” kuring merenahkeun kekecapanana.
“Gajjah!” pokna bari seuri.
“Foto heula, Nis!”
Salaki bebenah masang tripod anu ti tadi digagandong. Suku tripod dijégangkeun. Mountingna dilaan laju diterapkeun kana dadasar kaméra. Satutas kaméra masang dina tripod, gasik manéhna nyampeurkeun ka kuring anu keur ngéngklék budak.
Tahan, tiga, dua, satu!” cekrék, sora kaméra disada.
Tiga, dua, satu,” cekrék deui sora kaméra nuturkeun sora salaki anu ngitung counting down.
Aya kana limana hasil potrét hareupeun gajah téh. Diilikan hiji-hiji. Horeng anu sélfi téh kuring jeung salaki, budak mah anteng nénjo gajah anu keur tonggoy nyatu.
“Geura bobo, tos tabuh sabelas,” sora salaki nyeuleungkeung ti tengah imah.
Kuring teu némbalan, sieun budak kagareuwahkeun. Geus mimiti peureum budak téh. Nyangkéré bari ngeukeuweuk hénpun némbongkeun poto sélfi hareupeun gajah. Hénpun lalaunan dicokot tina leungeunna. Koréjat manéhna beunta.
“Gajjah,” pokna.
Kuring ngusapan deui awakna. Hénpun diantep dina tangkeupan budak. Reup deui peureum. Tina lawang kamar salaki ngelol, kawasna mah geus bérés digawéna. Salaki ngadeukeutan budak. Katémbongeun hénpuna keur ditangkeup. Lalaunan pisan ngaleupaskeun hénpun tina leungeuna. Tadina mah dihulag sabab budak bisi hudang deui. Tapi meureun geus tibra mana kitu ogé hénpun téh bisa dicokot. Teu langsung saré salaki téh, tapi ngadon mukaan hénpun. Teu lila ujug-ujug ngorejat.
“Innalillahi, Mam,” pokna kawas anu reuwas kacida.
Awak kuring ngadak—ngadak ngadégdég. Ratug tutunggulan nyaksian salaki sarupa itu. Inggis aya baraya nu tilar dunya.
“Aya naon, Bap? Aya nu pupus?”
“Tingali ieu, Mam!” Salaki ngasongkeun hénpun.
Bréh dina layar hénpun akun instagram Pa Wali. Salaki nitah maca ka kuring. Gemet pisan kuring maca postingan Pa Wali.
"Barusan kabar masuk. Gajah yang tadi pagi ditengok yang bernama Yani mati jam 18-an ;(," kitu unina postingan anu diwewegan ku potrét anjeunna nuju nginuman gajah.
Teu karasa cipanon kuring ngaberebey maseuhan pipi, kitu deui salaki kawas anu neureuy catang bobo. Celengok kuring jeung salaki méh-méhan bareng nyieum budak.
Sungkawa keur pangeusi derentén
Bandung, 12 Mei 2016


0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com