Monday, May 2, 2016

MEDIA SOSIAL - Monolog Basa Sunda

Kungsi teu percaya kana ieu beja, naskah anu ditulis dina waktu anu samporet, kacida dirurusuhna asup kana nominasi Pasanggiri Nulis Naskah Monolog 2016 nu dikokolakeun ku PAMASS UNPAD.


MÉDIA SOSIAL
Ku Iwan M. Ridwan
BAGIAN 1
LAMPU CAANG. TÉMBONG HIJI KAMAR BASAJAN. AYA LOMARI, EUNTEUNG, RISBANG JEUNG SAJABANA ILAHARNA KAMAR.
JAJA ASUP SEMU LÉGÉG. NYETÉL MUSIK DANGDUT KOPLO. NGÉNGKLAK SAKEDAPAN. MUSIK DILAUNAN. REUG EUREUN BARI HARUHAH HARÉHOH. GAP KANA CAI NGINUM LAJU NYAMPEURKEUN PANONGTON.
Jaja ngaran kuring téh. Ukur sakitu kituna. Paméré ti kolot almarhum, teu ditambahan teu dikurangan ku kuring mah. Ngaran mah jimat. Kuring téh lahir ti kulawarga jalma beunghar. Aki anu jugalana mah. Si Raja Kaya téa. Sadésa mah moal aya nu bireuk kana ngaran Juragan Ghoni. Jalma anu kamashur salelembur. Kakoncara sadayeuh désa. Pakayana loba. Bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah. Sawahna upluk-aplak. Kebonna teu kaitung. Tangkal kalapa rajeg di unggal tempat, mun seug panén téh duka teuing hasilna sabara rebu hulu. Kitu deui émpang jeung balongna, teu sirikna lauk ogé sagedé-gedé orok, bibit lauk emas jeung guramé, nila, sepat jeung tamakang ogé ceuk anu bohong mah sagedé-gedé hihid. Mun mah kulawarga hayang papayoran kawasna moal béak ku tujuh turunan.
Ingon-ingon nya kitu kénéh, sapi, munding, domba, embé, kelenci tepika marmot riab di mamana. Geus puguh ari hayam, éntog, soang jeung meri mah pada-pada ngukut. Pada ngangon pada ngaropéa ku bujang-bujangna. Boga tugasna séwang-séwangan. Cenah kuda jeung sado ogé kungsi boga mangsa indung kuring budak kénéh.
DIUK DINA KORSI NU AYA DI JERO KAMAR. NGARAHUH BARI NYAWANG.
Hanjakal éta téh baheula. Basa kuring keur leutik. Saméméh aki kuring maot. Saméméh bapa kuring maot ogé. Sanggeus ditinggalkeun mah geuning bet milu laleungitan harta bandana téh. Bala putrana anu sakitu seueur téh jul-jol nyarungkeun warisan. Aki mah mani rajin kana ngawayuh téh.
GOGODEG. SEURI.
Hapunten Aki, sanés badé nguar-nguar kaawonan Aki. Ieu mah ukur panineungan anu jadi incu. Panineungan kana mangsa anu geus leungit. Mangsa anu geus kalarung tur moal bisa deui kasaba sanajan ku jalma sakti mandraguna. Mangsa anu geus moal bisa kapanggih deui. Ah lain mangsa hungkul kétang, tapi pakaya jeung kulawarga ogé jadi laleungitan. Ilang teuing kamana boa, sabab nya kitu geuning pasipatanana dunya mah aya mangsana urang jugala, dina hiji mangsa kudu panggih jeung talangsara. Kawas ayeuna anu kaalaman ku kuring.
NGARANDEG. KERUNG.
Naha ari kuring kungsi ngalaman beunghar?
NGAHULENG.
Kawasna mah acan.
JUNG DEUI. NYAMPEURKEUN KA PANONGTON.
Indung kuring Ma Ijah. Basa kuring kelas dua ésdé, bapa kuring maot. Nya ti saprak éta Ma Ijah teu daékeun deui boga salaki alesanana mah cinta mati. Hésé rék boga deui téh. Lain teu aya anu hayangeun, tapi manéhna teu daékeun narima anu séjén. Ah duka teuing atuh kuring mah teu pati ngarti kana urusan haté indung. Rumasa teu kungsi diajar neuleuman hakekat cinta. Tug tepika ayeuna geus ampir tilu puluh lima taun, asa karék ayeuna ngarasakeun geter kacinta ka hiji wanoja.
SEURI
Ti baheula ogé kuring teu kungsi boga kabogoh, komo ka urang kampung mah. Ah asa euweuh rasa. Euweuh nu matak ngirut kana ati. Teu kapincut ku mojang lembur. Sanajan cicing di kampung, kuring mah gaul. Teu tinggaleun jaman. Kuring mah up date kana média sosial. Melék téknologi. Buktina ieu boga hénpun smartphone anu bisa muka facebook, twitter, instagram, path. Ieu hénpun téh paranti narsis nga-upload poto-poto selfie. Teu weléh dibabawa ka mamana kaasup nempo cai ka sawah. Inggis aya babaturan ngadadak nga-inbox, atawa sakalieun selfie bari nempokeun sawah anu upluk-aplak, sanajan sawah batur anu legana mah. Sawah kuring, enya sawah indung kuring titingal Aki anu diwariskeun ka indung kuring ukur satalapok kuda.
Resep dina média sosial mah jalma téh teu panta-panta urang mana-manana. Teu sugan embung jadi babaturan jeung kuring pédah urang kampung. Pédah geus kolot. Ah kolot sotéh umur, waruga mah nonoman kénéh. Nu geus kolot mah nu geus huisan jeung paréot.
Enya, abong papada jalma pinter dina média sosial mah, karasa pisan komunikasi téh lancar. Enya papada jalma loba luang pangalaman. Loba pergaulan. Nyakola. Béda pisan jeung urang lembur mah anu sapopoé ukur nyenyekel pacul jeung urek. Kuring mah enya gé boga sawah da ngokolakeunana mah muruhkeun ka batur.
NGOJÉNGKANG NGALUARKEUN HÉNPUN TINA LACI LOMARI. LAJU MUKAAN FITUR.
Babaturan dina facebook jeung instagram téh lain ngan ukur lalaki, awéwé ogé loba. Gareulis. Maranis. Matak uruy ciduh pokona mah. Urang kota. Anu halisna malelengkung siga katumbiri. Aéh buukna kétang siga katumbiri mah. Beureum. Konéng. Héjo. Ah sidowna puguh anu kitu mah. Buukna mah ukur sawarna. Aya anu beureum, kayas, péang. Dangdanan mah komo deui, ngota. Euweuh nu lagedu kawas urang kampung. Enya dina potrét jeung video. Apan dina facebook jeung instagram mah bisa katénjo. Sautak saeutik téh bisa kanyahoan. Keur naon, keur naon téh éstuning narémbongan. Si anu keur aya di mana, si itu keur aya di mendi téh teu weléh aya béjana.
Néng Mona, babaturan dina facebook jeung instagram anu mindeng ngobrol téh. Kuring nu ngamimitian nga-add. Tuluy chatting, kadieunakeun mah manéhna ogé osok nga-inbox tiheula. Ngobrol ngalor ngidul, tepika tukeuran nomer pin bébé jeung nomer WatsApp. Anu asalna ukur chatting téh, kadieunakeun mindeng ngobrol dina telepon. Saumur-umur ngadéngé sora awéwé tepika uruy ciduh. Lila kalilaan bet jorojoy aya rasa. Manéhna kitu cenah. Sabab kuring mindeng méré perhatian. Malah lain ngan ukur perhatian, sakapeung mah sok ngeusian pulsa najan manéhna teu ménta ogé. Ieu meureun nu ngalantarankeun kuring hésé boga rasa cinta ka urang lembur téh, nyaho mojang kota anu berséka.
“Kopdar, yuk! Biar lebih asik,” ceuk Néng Mona dina WatsApp.
Kuring mani gegebegan. Saminggu ka tukang ngontak kituna téh. Tapi kuring tacan boga bekel. Ngarti atuh kuring gé, moal kumawani kopdar alias ketemuan lamun teu boga duit. Éra lalaki teu boga duit mah. Méré alesan ka manéhna mah kuring téh sibuk. Loba bisnis itu ieu. Enya atuh sangkan gaya kadéngéna. Apanan lalaki anu sibuk bari jeung loba duit mah matak ngirut haté awéwé. Cenah éta ogé. Kuring apal kadieunakeun sanggeus loba maca tulisan dina internét. Mun mah euweuh internét, meureun kuring katinggaleun jaman pisan. Moal meureun kuring bisa kenalan jeung Néng Mona anu sakitu hérang mencrangna. Geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina. Moal aya babandinganana di lembur mah.
NYERENGEH. NYOKOT AMPLOP HANDAPEUN KASUR. NEMBONGKEUN DUIT.
Paniatan kuring nepungan Néng Mona ka kota laksana. Kuring geus boga duit. Duit sawah warisan ti aki. Bongan dipasrahkeun sagembengna ka kuring satutas bapa maot, jadi rék kitu kieu ogé kumaha kuring. Indung mah omat-omatanana ulah ngajual sawah, cenah keur bekel hirup sapopoé. Lain paré hungkul pangasilan tina sawah téh, kalapa, cau, sampeu, taleus, lauk ogé sok boga. Komo mun rapékan mah bisa melak hui atawa kacang jepun, bonténg atawa hirbis nyelangan paré téh.
Keun baé da indung kuring ogé keur gering wales ayeuna mah, boboraah inget kana sawah, inget dahar jeung solat ogé geus uyuhan. Henteu pisan-pisan ari ngadu’akeun maot mah, da kitu-kitu ogé indung kuring anu  moal bisa kawales kanyaahna.
SORA HÉNPUN DISADA. GASIK DUIT DIASUPKEUN DEUI KANA HANDAPEUN KASUR. GAP KANA HÉNPUN. SEURI.
Tuh Néng Mona nelepon. “Halow!”  
NGADÉNGÉKEUN SORA DINA TELEPON
Jadi dong, cinta. Kakak sudah kangen pengen cepet ketemu, Kakak ini otewe. Mau dibawain oléh-oléh apa, biar sekalian Kakak bawain. Mau moci, manisan, atau apa?”
NGADEDÉNGÉKEUN DEUI SORA DINA TELEPON.
            Oh gitu. iya atuh, uang mah selalu bawa. Siap! Siap! Oke! Dadah babay Néng Mona, muach!”
MAREUMAN HÉNPUN LAJU DISAKUAN DEUI. AJRAG-AJRAGAN.
            Yes! Yes! Yes!
EUREUN. MELONG KA PANONGTON.
 Sora anu halimpu téh beuki ngageterkeun jajantung. Halon pisan. Sorana téh matak gantungdéngéeun. Nagih jangji meureun bieu téh. Enya kuring ngajangjikeun poé ieu rék manggihan manéhna ka kota. Ari jangjian mah jam tujuh peuting, tapi pan dadahut mah kudu ti ayeuna, perjalanan jauh. Kuring jangji rék mawa oléh-oléh has lembur kuring. Sanajan manéhna teu ménta, ari jangji téh apanan hutang? Nya kudu pisan ditedunan.
NEPAK DADA
Kuring lalaki pantang udar jangji. Komo ka bébéné.
NUNGKUP SUNGUT.
Éh naha geus jadi kabogoh atawa acan nya? Panggih ogé karék arék ayeuna? Ah paduli teuing da geus asa enyana ka kabogoh najan dina dunya maya gé, komo poé ieu rék jadi dunya nyata. Komo tadi nitah mawa duit urang indehoy cenah, urang jalan-jalan, candle light dinner. Duuuuh. Yes! Yes! Yes!
NGADEUKEUTAN LOMARI MUKAAN BAJU HIJI-HIJI.
Maké baju nu mana nya? Baju anu mantes keur kuring sangkan témbong gaya, ngota. Sangkan bisa mapakan kana stélan Néng Mona.
SABABARAHA KALI GANTI BAJU. TAYA NU KAPAKÉ.
Ah naha teuing kawas jalma sangsara, meuli heula wé di jalan sakalian ka salon rék ngahoding.  Kudu seungit atuh rék kopdar mah. Baju weuteuh. Mawa oléh-oléh. Mantep!
NGADEUKEUTAN PANTO KAMAR. KALUAR.
BLACK OUT.


BAGIAN 2.
PIKEUN NÉMBONGKEUN SUASANA ANU BAGANTI MULTIMEDIA BISA NÉMBONGKEUN KAAYAAN KOTA. PASULIWERNA PATALIMARGA. GEDONG NU JARANGKUNG. DUNIA HIBURAN JEUNG RÉA-RÉA DEUI.
MULTIMEDIA PAREUM LALAUNAN. BRAY LAMPU CAANG. JAJA ASUP KA KAMARNA SEMU KUCEL. GÉK DIUK DINA RISBANG.
Hampura kuring, Ma. Hampura. Sing sumpahna gé moal sakali-kali deui. Moal. Teu sudi teuing. Nu matak kieu gé dosa ti indung meureun. Indung keur gering dibohongan. Indung teu walakaya ngadon dikaniaya. Hampura, Ema.
NGAGUKGUK CEURIK. TEU LILA SEURI MAUR. TULUY KALAMAS-KÉLÉMÉS ÉRA KU PANONGTON.
Jadi éra ku nu nongton. Enya mangkukna téh pan kuring miang ka kota rék nepungan Néng Mona kabogoh dina dunya maya. Kuring beberengkes meuli oléh-oléh di jalan téh, meuli moci, meuli manisan, meuli nata de coco. Mani asa teu sabar hayang geura-geura panggih. Naék beus ka kota téh, ngahaja ti terminal. Nepi ka kota téh jam tilu soré. Mani hookeun nénjo kota jaman ayeuna. Kakaraeun kuring mah nempo gedong anu sakitu ngajaulna méh adek kana méga. Mani samar polah waktu turun di terminal téh.
Najan kitu, kuring teu nembongkeun kabingung sakumaha urang lembur anu nganjang ka kota. Kuring mah tetep gagah, atuh harita gé naék taksi sakumaha anu dituduhkeun ku Néng Mona. Turun tina taksi hareupeun mall. Éta mah da mall téh aya ku harérang jeung lalecir pisan. Loba nu gareulis jeung karasep. Kuring ngarasa aya dina dunya kuring. Dunya anu gaul, dunya anu pinuh ku jalma-jalma pinter.
Geuwat kuring nelepon Néng Mona. Tapi teu diangkat waé. Antukna kuring nga-bébéém. Kuring cindekul ngadago jawaban Néng Mona. Meunang jawaban ti Néng Mona geus wanci magrib, cenah asup wé ka jero mall tuluy naék ka lantéy pangluhurna, téangan kantorna Mona Consult. Manéhna aya di kantor. Atoh kacida. Néng Mona téh boga kantor geuning. Kacipta nu geulis téh hiji wanita karier anu ku kuring didama-dama. Pibagjaeun mun seug kuring bisa ngajadi jeung manéhna.
Kuring geuwat asup natanyakeun ka satpam. Manéhna nunjukeun jalanna, naék lift. Beuki degdegan we ieu haté téh. Kaluar tina lift kuring dibagéakeun satpam anu teu jauh ti panto lift. Satpam natanyakeun kuring rék kamana jeung ka saha. Édas geuningan di lantéy pangluhurna mah mani ditanyaan sagala rupa. Nya kuring ngadadarkeun rék nepungan Néng Mona di kantor Mona Consult. Satpam rada mésem, kawas anu nyeungseurikeun kuring. Sebel. Padahal kuring geus sakieu bersekana. Maenya katempo kampungan. Tapi bari jeung kitu téh manéhna nunjukeun kantorna di pojok blok V cenah.
Rurusuhan kuring ka dinya téh ngaliwatan bar and longue, café, jeung réa deui rohangan anu teuing eusina naon. Tina hiji lorong katénjo kantor Mona Consult mani hurung hérang kaca-kacana dilapisan gambar-gambar wanoja anu hérang méncrang teu béda jeung Néng Mona. Euleuh, ari Mona Consult téh pausahaan naon? Kuring hémeng. Tapi ah da lain rék natanyakeun pausahaanana, kuring mah rék nepungan Néng Mona.
Kuring asup ka kantorna dibagéakeun ku pagawé di dinya. Kuring ditanya rék nepungan saha-sahana. Nya kuring bari hariweusweus ogé nénjo pagawé anu gareulis téh, kuring ngajawab rék nepungan Néng Mona. Kuring ngajenghok basa éta pagawé ngasongkeun kuitansi anu kudu dibayar ku kuring, cenah biaya registrasi. Naha maké kudu aya registrasi sagala rék patepung téh. Memang enya cenah di dinya mah kudu aya aturanna. Sajuta satengah waragadna téh. Cenah mah keur uang muka. Naha uang muka naon. Dari pada kuring paduregeng jeung pagawé golosor kuring mayar administrasi. Keur mah éra mun seug kuring padurenyom jeung pagawé, bisa-bisa diusir ku satpam.
Sanggeus mayar administrasi, kuring asup ka rohang tunggu di jero. Kuring ngabébéém deui Néng Mona, natanyakeun dirina di mana. Manéhna ngabales nitah ngadagoan, ngké aya nu mapagkeun ka rohang konsul. Bari jeung enyana, sanajan nungguan rada lila tapi kuring gumbira sabab bakal dibawa nepungan Néng Mona. Kuring beuki degdegan sanggeus pagawé ngajak kuring ka rohang konsultasi. Geus pasti nepungan dununganna, Néng Mona téa. Kuring beuki teu sabar hayang geura-geura panggih. Pikeun sawatara waktu mah kuring nataan rohangan tamu anu sakitu raresikna. Aya lukisan kuda keur lalumpatan di basisir. Potrét Marilyn Monroe anu rokna nyingsat kaanginkeun. Bréh deui teu jauh ti éta potrét aya gambar botol inuman dina pigura. Keur anteng nataan gambar botol, aya nu nyampeurkeun ka kuring nitah asup ka hiji rohangan leutik. Teu antaparah deui kuring nuturkeun éta pagawé, sup ka hiji rohangan anu buni. Kuring ditagih duit deui di ieu rohangan mah. Majar mun hayang manggihan Néng Mona kudu ngaluarkeun waragad genep puluh juta. Kuring ngajenghok béak karep. Naha éta pamenta téh enya-enya tawa heureuy. Kuring sakali deui natanyakeun éta pamenta. Tapi si pagawé keukeuh kuring kudu mayar sakitu lamun hayang tepung jeung Néng Mona.
Kuring beuki bingung, duit anu dibawa ka kota ukur sapuluh juta, dibeulikeun kana oléh-oléh, baju, dipaké ongkos, dipaké mayar administrasi tadi di hareup. Duit kuring kari tujuh juta, ari ieu kuring kudu mayar genep puluh juta. Naon maksudna.
Cenah kuring anu salah mah. Naha kuring teu apal Néng Mona téh saha? Kumawani nepungan bari teu mawa duit. Apanan Néng Mona téh lain sakadar selebritis biasa. Néng Mona mah kawentar ku sasaha ogé. Lalaki anu bisa nepungan Néng Mona mah lalaki anu duitna mangmilyar-milyar. Ari kuring? Majar téh kuring mah ukur lalaki kampung bau lisung nu teu mapakan kana kahirupan dunya Néng Mona.
Kuring gancang ka luar ti éta rohangan, gasik nelepon Néng Mona. Sawatara lila telepon teu diangkat. Sabada aya kana tilu kalina kuring nelepon karék diangkat. Ari anu némbalanana lain Néng Mona, tapi sora hiji lalaki anu nyarékan laklak dasar ka kuring, majarkeun telepon ti kuring ngaganggu kajongjonan manéhna. Kuring buru-buru balik inget ka indung.
LUMENGIS
Ma, hampura kuring, Ma.
NGAGUKGUK CEURIK.
BLACK OUT
Rengse, Bandung 31 Maret 2016





0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com