Dimuat dina Majalah Mangle No. 2731, Sasih Romadon 2019 | 23 - 29 Mei 2019
Tacan lila ngadeg tur diresmikeun
ku Prèsidèn Joko Widodo, Alun-alun Cianjur
kiwari ngajanggèlèk jadi primadona pangjugjugan
wisata lokal keur warga Cianjur. Pernahna di hareupeun kaum atawa Masjid Agung
Cianjur èta alun-alun tèh ngadegna. Ari gerbangna anu dipapaèsan ku icon hayam jago minangka salah sahiji simbul Cianjur aya di
Jalan Suroso. Warga anu ngadeugdeug ka èta alun-alun ngaliwatan gerbang utama
langsung dibagèakeun ku
panggung pertunjukan anu wangunanana siga-siga waditra Sunda kacapi turta suling.
Ari katuhueunana èta panggung, sajumlahing tempat diuk anu wangunna badis
kacapi ngajajar aya kana puluhna. Kacapi suling tèh mangrupa waditra has
Cianjur pikeun mirig tembang cianjuran atawa anu nelah mamaos.
Satutas ngaliwatan panggung jeung
tempat diuk anu siga-siga waditra kacapi suling, di sapanjang jalan muru ka
tempat utama rajeg pilar-pilar melengkung di kènca-katuhueun jajalaneun. Èta pilar-pilar anu melengkung tèh
luhurna dipapaèsan tulisan
Asma’ul Husna nyaèta nami-nami
Alloh anu èndah. Bèh katuhueun èta jalur tèh wangunan
leutik badis leuit aya kana welasna ngadeg kawas anu ngahaja dijajarkeun. Dina
kahirupan masarakat Sunda leuit tèh mangrupa tempat neundeun parè, sanajan kiwari mah arang langka
anu bogaeun kènèh leuit. Ari Cianjur apan
kakoncara ku bèasna, bèas cianjur tèa, pandan wangi. Èta leuit kawasna
mah ngahaja diadegkeun minangka simbul yèn
Cianjur tèh kabupaten anu ngahasilkeun bèas
anu kualitasna hadè.
Lian ti kacapi suling jeung leuit
tèh, èta alun-alun lir anu jadi miniatur pilar kabudayaan kabupaten Cianjur. Kèncaeun jalur atawa lorong anu
dipapaèsan ku pilar tèa aya panggung arena anu kawilang lega. Tempat diukna
ngèntèp ka luhur, siga-siga panggung tèatèr Yunani
Kuno. Dina tungtung tempat diuk èta panggung aya sawatara patung ipis tina
beusi anu adeg-adegna kawas jawara pencak silat. Saban patung mètakeun jurusna
sèwang-sèwangan. Èta panggung arena tèh nuduhkeun yèn Cianjur boga kasenian has nyaèta
pencak silat, anu katelah maèn
po tèa. Sigana èta panggung bakal leuwih ceuyah mun seug saminggu sakali aya
pintonan maèn po ti para pendèkarna, bari dilalajoanan ku nu
daratang ka èta tempat.
Lian ti maèn po, Cianjur katelah ku nu palinter ngaji. Cianjur dilandih
kota santri, samalah dina falasifah masarakatna, urang Cianjur mah pinter
ngaos, mamaos jeung maèn po.
Tah lebah ngaos mah simbulna dipernahkeun hareupeun pisan Masjid Agung Cianjur,
di tengah-tengah jukut sintètis.
Jenglènganana mangrupa kitab
suci Al-Quran anu keur dibuka. Ngadeg weweg dina luhureun kolam panjang ampir
jangkung bari caina hèrang,
anu meulah ngèmplohna èta jukut sintètis.
Bet matak kajojo atuh. Nu arulin
bari ngabuburit di alun-alun tèh tunaminah pisan. Barudak mah tingalajrag dina
jukut sintètis tèh bari sawarèhna arulin bal. Ari kolot-kolotna
ngadon dariuk bari dipalotrèt,
samalah teu saeutik anu galogolèran
ogè. Riska Mèidiani salah saurang nu ngabuburit
ka alun-alun tèh. Dirina sakulawarga anu ngadeugdeug ti kota Bandung pikeun
silaturahmi ka kulawargana di Cianjur, ngahaja datang ka èta tempat pikeun
nyacapkeun kapanasaranan.
“Pangling ayeuna mah alun-alun
Cianjur tèh, janten saè
sareng ramè. Kapungkur waktos
ameng ka dieu tèh nuju masih taman biasa,” pokna bari imut. “Panasaran puguh
ningal ramè dina berita
sareng mèdia sosial yèn alun-alun Cianjur parantos rèngsè diwangun sareng diresmikeun. Geuning langkung lega ti
alun-alun Bandung,” Riska ngèmbohan.
Lian ti Riska, sawatara siswa ti
salah sahiji SMA di kabupaten Cianjur nembrakeun, satutas mulang ti sakola
ngahaja ngabuburit ka alun-alun Cianjur. Samalah lian ti bisa arulin tèh èta
para siswa bisa maraca buku babarengan anu disayagakeun dina lomari kotak anu
dingaranan Kolècèr singgètan tina Kotak Literasi
Cerdas.
“Raoseun ayeuna mah aya tempat
kempel anu langkung tumaninah. Tiasa ameng, ngabuburit malihan tiasa ogè kanggo tempat diskusi sareng
diajar sasarengan,” ceuk Utami ngaran salah saurang di antara èta para siswa anu
tingrariung dina bangku siga-siga kacapi.
Basa ditanya ngeunaan harepanana,
boh Riska boh Utami pada-pada miharep èta fasilitas anu tohaga kitu tèh bisa
dijaga diriksa ku sakumna warga anu ngadeugdeug ka alun-alun, malah mandar kaèndahanana tetep kajaga.
(Iwan M. Ridwan)
0 comments:
Post a Comment