Galura No. 47 Taun ka-43 Edisi Minggu I April 2018
Ku Iwan M. Ridwan
Kiwari tèknologi digital geus rèa dipakè ku masarakat Sunda utamana anu
mikahaat kana basa jeung sastra Sunda. Pangna kitu tèh kiwari masarakat Sunda sapopoèna
teu leupas tina gadget katut internèt.
Tah ku alatan èta kiwari sastra Sunda tingpucunghul dina wangun sastra digital,
sebut waè aya fiksimini basa Sunda, haiku Sunda Majuma, Carponn jeung sajabana.
Fiksimini
upamana. Asal kecap fiksimini tina mini-fiction,
nyaèta karya
sastra antara carpon jeung sajak anu sifatna prosais. Hartina boga unsur prosa jeung sajak. Mucunghul munggaran di
Amerika Latin abad ka-20.
Dina sastra
Indonesia, Fiksimini mucunghul dina
jejaring sosial Twitter
katut Facebook
kira taun
2010.
Dina
sastra Sunda sorangan, fiksimini mucunghul satutas ngadegna grup
facebook Fiksimini Basa Sunda (FBS) anu ditaratas ku Nazarudin
Azhar, tanggal
16 Sèptèmber 2011. Anu dipiharep tina ngadegna èta grup fiksimini tèh
jadi pangbeberah manah sangkan rasa
kasundaan aya parèasina, sanajan bari babalagonjangan. Dina èta grup sakumna anggota bèbas mosting karya dina wangun fiksimini kalawan jumlah kecap maksimal 150 tur saban poèna diwatesan tepi ka tilu karya, tah luyu
balukar rèana jumlah anggota anu beuki nambahan tur remen anu mosting, anggota
ngan dibèrè
lolongkrang mosting hiji karya dina sapoèna.
Di
sagèdèngeun èta, saban fikmin anu diposting bèbas dikomèntaran ku para
anggota turta nu nulisna
sorangan. Teu jarang dina hiji postingan tèh tepi ka ngaratus komentar. Utamana
mah fikmin anu ditulis ku para pangarang kahot kawas Godi Suwarna jeung
sajabana.
Haiku
sorangan, mangrupa puisi singget has Jepang. Èta sastra tèh mangrupa rèvisi pamungkas abad ka-19 ti Masaoka Shiki tina genre puisi Hokku anu geus leuwih
tiheula ayana. Hokku teu bisa nangtung sosoranganan tapi aya Haikai (Haikai no renga). Hokku mangrupa puisi
bubuka (sawanda jeung introduksi/abstrak) dina hiji runtuyan puisi panjang anu
disebut Haikai no Renga. Hokku jadi
inti nu bakal ngawarnaan dina sisi jero jeung jembarna eusi dina simpay Haikai.
Di dieu pisan yèn Hokku mah teu aya judulan, polana
5-7-5 engang. Ieu nu jadi cikal bakal haiku.
Saèstuna haiku geus disosialisasikeun ku salah saurang sastrawan
angkatan Pujangga Baru, Amir Hamzah taun 1939 anu tuluy medal dina buku Stanggi Timur (Oktober, 1939). Samalah
sawatara pangarang ogè geus kungsi narulis Haiku, boh pangarang sastra
Indonesia boh sastra Sunda kawas anu ditulis ku Wahyu Wibisana dina Manglè, 1
Nopèmber 1957, sanajan disebutna puisi tur boga judul.
Eusi
èta haiku sorangan kudu aya patalina kana alam anu kacida pentingna pikeun
kahirupan manusa. Dina Haiku alam teu welèh nembrak ngaliwatan kigo, nyaèta ciri ngeunaan waktu katut usum.
Alam galibna mawa katingtriman, kajujuran, sifat basajan tur spontanitas.
Kajadian-kajadian alam anu karandapan teu welèh dumasar kana èta pasipatan. Tah
ieu anu jadi titincakan haiku.
Grup
haiku di Indonesia kawilang gedè. Diadegkeun ku salah saurang sastrawan
Indonesia, Diro Aritonang tanggal 7 Nopèmber
2014. Anggotana kiwari leuih ti tilu belas rèbu
akun facebook. Sedengkeun haiku Sunda
anu katelah Haiku Majuma (lima tujuh lima), anggotana tepi ka ieu tulisan
dijieun jumlahna aya 2.854 urang. Dikokolakeun ku sajumlahing sastrawan katut
seniman Sunda kawas Yusef Muldiana, Chye Retty Isnendes, Rinrin Citraresmi
jeung sajabana.
Lian ti fiksimini katut haiku, aya anu disebut carponn (baca: carpon èn)
nyaèta carita pondok naker. Diadegkeun ku Taufik Faturrohman tanggal 2 Juli 2016.
Anggotana aya 7.460 urang basa ditoong tengah peuting waktu nyarungsum ieu
tullisan.
Anu matak unik dina Carponn, nyaèta carita diwatesan ku jumlah maksimal
dua kalimah. Diutamakèun pisan mah ukur sakalimah. Dina kalimah anu singget tèh
kudu bisa nyaritakeun kajadian salah sahiji tokoh jeung konflikna. Aturan dina
prak-prakan nulisna kawilang kèkèp, upamana baè kudu makè basa Sunda anu
merenah ti mimiti kecap, tanda baca reujeung logika basana. Teu meunang
nyacampah salah sahiji pihak, teu meunang makè kecap-kecap anu jorok, geuleuh,
jeung sajumlahing kecap anu dipahing. Eusina kudu boga unsur humor. Upama
ngarempak kana aturan bakal “dipiriwit” ku admin alias dipèpèlingan.
Lian ti genre anu tilu ieu,
kawasna rèa kènèh wangun sastra anyar dina dunya digital tèh, ngan kawatesan
lebah ngaleukeunan maluruhna. Keun ari lebah dinya mah, hiji mangsa ogè bakal
ngampul tur kapanggih.
Jenglèngan èta sastra anyar tèh dina emprona masih jadi padungdengan di
papada sastrawan, kritikus turta akademisi basa Sunda. Kawas anu kabandungan harita
dina sawala jeung loncing buku antologi Haiku Sapamentangan Sunda di Auditorium
Pascasarjana UPI Bandung.
Dina èta sawala tèh Cècèp Burdansyah salaku panyatur nyebutkeun tingpucunghulna sastra digital tèh minangka rèspon
para pangaran Sunda kana ayana tèknologi digital. Matak ngirut puguh. Lajuning
laku ti dinya, jenglèngan sastra Sunda digital geus bisa ngahiap masarakat
sangkan narulis deui dina basa Sunda. Upama geus aya karep kana nulis basa
Sunda, tangtu bisa mucunghulkeun duriat kana sastra Sunda. Tah upama duriat
geus nguniang, saha waè bisa ngagugulung basa jeung sastra Sunda tepi ka iraha baè
samalah tepi ka paèh poso ceuk paribasana. Upama masarakat geus ancrub ka lebah
dinya tangtu bakal mucunghulkeun karancagè-karancagè dina widang sastra, satuluyna
nya kawas kiwari mucunghul genre-genre
anyar dina sastra Sunda.
Fènomèna sarupa kitu tèh kudu dihiap ku sarerèa tapi tangtuna kudu
dikritisi, dimutola’ah tur dipènta pertanggungajawabanana ngeunaan konsèp èstètikana.
Ulah ngan ukur ngahiap tapi kudu aya tanggung jawab sacara intelèktual. Utamana
keur kamajuan katut nasib kahareupna.
Tah di dieu fènomèna sastra Sunda digital tèh ngahudangkeun rasa duriat
kana basa Sunda ogè bisa ngahudangkeun intelèktual masarakat sangkan leuwih
kritis. Ti dinya bakal mucunghul wacana atawa dialèktika-dialèktika kana prosès
krèatif dina sastra Sunda.
Ku tingpucunghulna wanda sastra anyar tèh, dipiharep bisa leuwih
ngabeungaharan kasusastraan Sunda, sakumaha jenglèngan sastra anu sèjènna, anu
kiwari hirup di masarakat. Keun waè pasualan cangkangna ngundeur ti deungeun mah
apan anu jadi puseur panitenan katut èsènsina sidik ngeunaan kasundaan, basa
jeung budayana. Lainna urang kungsi hariwang nu marakè basa Sunda utamana barudak ngora bakal kasilih ku basa deungeun? Tah
lebah dieu sakuduna kahariwang tèh disieuhkeun sabab dina enas-enasna tèknologi
digital tèh rèa diparakè ku para nonoman tuturus bangsa, mun mah urang anu ngaku mihaat kana basa
Sunda mayeng nyumebarkeun basa Sunda dina dunya digital meureun bakal nerekab
ka generasi ngora. Ku kituna basa katut sastra Sunda tèh dipikaresep ku para
nonoman. Cag.
0 comments:
Post a Comment