Serial : MELAK CAU
Hiji mangsa
mah sakadang monyét jeung sakadang kuya keur ulin sisi wahangan. Lar aya tangkal
cau anakna palid. Sakadang monyét rikat ngarawél daunna anu pareng ngagulusur
ka lebah biwir wahangan. Gep beunang rawél. Sakadang monyét gegeroan ménta
bantuan sakadang kuya geusan narik anak tangkal cau ka darat. Ugal-ugil ku
duaan teu burung bisa kaangkat ka luhur anak tangkal cau téh.
Sanggeus aya di luhur sapuk éta tangkal cau rék
dipelakeun, tapi duanana parebut pada-pada hayang miboga.
Pamustungananan
duanana sapuk rék motongkeun éta anak tangkal cau jadi dua bagian.
Sapotong keur sakadang kuya sapotong keur sakadang monyét. Tapi duanana
pada-pada hayang kabagéan luhurna sabab ceuk pamikirna anu téréh
buahan pasti luhurna. Duanana parebut kénéh waé. Geus jadi kabiasaan atuh anu
ngéléhan
mah sakadang kuya. Ahirna mah anu abagéan luhurna sakadang monyét, ari
sakadang kuya kabagéan handapna. Kudu kumaha deui atuh sakdang kuya ari lain
kudu tumarima mah.
Gancangna
carita geus pada-pada melakeun tangkal cau séwang-séwangan. Pajauh-jauh supaya
pada-pada jongjon ngurusna majarkeun téh. Gancangna deui carita geus ampir sataun
ti harita. Tangkal cau handapna anu dipélak ku sakadang kuya alus jadina.
Motok pisan subur nakeranan. Buahna gé dalah mah kuatka bareuncing. Geus aya
anu karonéng
sagala tandaning geus asak. Anak-anakna anu ngurilingan tangkalna rempeg ogé
cul-cel sakurilingeunana. Bet matak uruy nempona.
Béda
deui cau luhurna anu dipelak ku sakadang monyét. Éta tangkal cau kalah paéh.
Enya atuh ninggang dina saréat ogé tangkal cau bogana sakadang monyét
mah euweuh akaran rék kumaha bisa buahan, jadi gé moal. Ari bébéjana
ka sakadang kuya mah cenah buahna mani ceuyah. Ruhay pisan. Arasak. Tapi barang
dilongok ku sakadang kuya geuning tangkalna kalah garing.
Apal kaayaan
cau bogana sakadang kuya geus siap dipanén, sakadang monyét nawarkeun jasa
cenah rék
mangalakeun buahna. Sabab sakadang kuya mah apanan teu bisa naék
keuna ku paribasa saban kuya. Katempona mah siga anu enya sakadang monyét teh
bageur. Daék
pangngalakeun teu ieu ménta buruhan. Tapi nya kitu téa otak licikna geus kabaca ku
sakadang kuya.
Teu ngadagoan
hararésé
sakadang monyét naék kana tangkal cau. Buahna anu geus ruhay téh
témbong
matak pikabitaeun. Bareuncingna. Paranjangna. Top markotop ceuk basa sakadang monyét
mah. Abong sato ngala cau téh hiji-hiji dipetikan kawas anu rék
dihuapkeun saharita. Da éta gé enya geuning dipetik hiji, sup diasupkeun kana koja.
Metik deui hiji, dipesék. Am didahar. Kitu
jeung kitu wé
tepika seubeuhna. Dina haténa sakadang monyét seuri konéng.
“Dasar
sakadang kuya mah belegug. Uing mah seubeuh di luhur manéhna mah nungguan di handap
bari lapar.” Kitu gerentes haténa. Sakadang monyét jongjon gawéna
téh
kitu jeung kitu. Hiji diasupkeun kana koja, hiji dihuapkeun tepika beuteungna
kamerekaan.
Lila ku lila
mah geuning cau dina turuyanana téh béak diala. Butitina ogé
euweuh nu nyesa. Bari jeung beuteung bucitreuk sakadang monyét naékna
ngaluhuran. Gurawil. Gulayun. Sakadang monyét pindah kana tangkal sélong.
Kojana digandong bangun anu hampangeun pisan. Haténa bungah bungangang sabab
boga cau anu sakitu lobana. Térékél deui pindah kana tangkal anu
séjén,
tuluy ngajauhan. Teu nolih sakadang kuya anu gegeroan. Sanggeus aya di tempat
anu singkur manéhna ngecagkeun kojana anu panjang ngarumbay. Dirampaan. Ditoongan.
Manéhna
kacida hélokna
sabab geuning koja téh kohok alias bolong.
Caturkeun sakadang
kuya anu tadi gegeroan ningali sakadang monyét lumpat ngajauhan manéhna.
Salila sakadang monyét naék kana tangkal cau, sakadang kuya mah anteng nyieun
lombang keur ngagundukeun cau beunang ngala sakadang monyét. Sakadang monyét
teu apaleun kojana dibolongan ku sakadang kuya saméméhna. Unggal manéhna
ngasupkeun cau kana koja, si buah cau tuluy morojol ka handap laju dicokotan ku
sakadang kuya tuluy diasup-asupkeun kana lombang jieunanana.
Cau téh
metet minuhan lombang. Sakadang kuya andekak ngabaheuhay bari ngadaharan cau. Deui-deui
manehna leuwih pinter batan monyét anu sok boga niat deleka. (cag)
0 comments:
Post a Comment