Monday, December 24, 2012

Puisi Keur Unaida

(Mangle no. 2166)

Puisi keur Unaida
(Iwan M. Ridwan)

“Saha Unaida téh?” cenah
Sawatara jalma tumanya ngeunaan anjeun, Unaida
“Lain!” cekéng
Unaida teu kungsi nampik cinta kuring
Teu ngaraheutan ieu haté
Teu nyasaak ieu awak

Unida teu ngalaman raket jeung kuring
Padureujeung saban beureng atawa peuting
Siga bulan reujeung méga
Angin reujeung kalakay

“Saha Unaida téh atuh?” cenah deui
“Nu mana?” ceuk nu lian
Pada-pada hayang nyaho jeung panasaran
Silih teuteup sakapeung ngiceup jeung ngajungjungkeun halis

“Teu penting saha Unaida”
Hiji ngaran cukup boga hiji sawangan
Unaida
Manéhna
Hiji wanoja nu ngalantarankeun
haté nyawang kana implengan, kana puisi
hiji mojang nu nyaangang haté, nyaangan kahirupan
lain bulan, lain béntang
lain awan, lain méga,
tapi jomantara nu murbeng pangharepan

Bandung, 7 Méi 2006 


Deudeuh
(Iwan M. Ridwan)
neuteup anjeun dina kelemeng cahaya néon,
diharudum simbut panglamunan, panineungan kuring
muter ka saban mamangsaan. kuciwa. gumbira
atawa pancarobana kuciwa jeung gumbira
hiji-hiji carita némbongan dina bulu panon anjeun
sieup. ngajalan satapak mapay waruga
némbong wirahma, ngagaris paroman rasa

anjeun
deudeuh
nyangsaya sina kamelang. tatu nu jadi alatan
sakujur awak ngalungsar dina kanyaah balaréa
dina pamisah antara belegbeg peuting reujeung hiliwir angin
jempling. peureum anjeun medem cangcaya

bandung, 23 januari 2007

0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com