Friday, December 28, 2012

Sajak Sora-Sora Simpé



Sora-sora Simpé
(Galura, Edisi I Juli 2014)

Can gé reureuh langit ceudeum
Méga cireumbayan
Waktu dikeput haseup
Panas tingharéab ngarérab kasab
Lebu-lebu ngampar ngagadabah dungus banusan
Rungkun ngalumuk
Imah-imah rebah
Haté pabalatak

Dina waktu anu samporét
Leungeun-leungeun arca ngagadabah lembur,
Ngaranjah babakan, nguwak-ngawik patalimarga
Dina mangsa pamekasan
Lambak-lambak tingjelegur
Angin motah
Sora-sora tinggeleger, tinghariung
Jerit patarik-tarik
Getih pabeureum-beureum
Muka mangsa ngabagéa jaman

Dina lulurung taun sagala kapeurih lir aplusan
Ngalongok mondok di imah-imah urang lembur
Nyaksian sagala rupa kajadian ngaliwatan geter kadeudeuh
Ngaliwatan cimata nu ngamalir jadi nasib dayeuh…

Bandung, Mei 2011 



Langit Luhur Flyover

Aya séngsérang puray luhureun lulurung langit flyover
Ngalalambak dina kenténg-kenténg pabrik, supermarkét,
kabel listrik jeung saampar antrian kandaraan
Ngembat satungtung jalan Jakarta tepika Soekarno-Hatta

Sisi-sisi lamping gedong sigrong tinggelebur patamorgana ngaduruk dayeuh
Ngarérab jagat sabada ibun ditenjrag panon poé nu teu kungsi haneut
Raga badag pias konéas kabuntang-banting gilinding
Kahariwang beuki motah dina satiap rénghap nu teu bisa ngahuap

Aya nu nyangsaya dina kongkolak mata
Kumareumbing nahan kanyeri, sepa.
Sagala kakeueung nyaliara
Ngulayaban sapanjang engab tepika manggih tunggara

Bandung, 19 April 2011



Lampah Nyorang Mulang
(Galura, Edisi I Juli 2014)
Ras, sabengras cahaya surga
Rigig tangginas
Nyorang pilampah kasab
Gedig dipirig dalingding asih
Mentangkeun jamparing kawih
maténi balilih

Nu gumuruh mangpirang lalakon waktu
Nyusun kalimah jeung kecap-kecap
Nyurahan tapak-tapak jaman

Nu halimpu ukur laku nu geus kalarung
Jadi tineung saban nu nineung
Nyipta kamelang nu ngahariwang mangsa jasad mulang

Bandung, 19 April 2011



Peuting Teuing Kujemping

Ukur simpé jeung sakolanding kasono nu nampeu hareupeun
Mawa sasab lampah lamunan nu beuki lampar
Laun-laun nganjang ka saban tempat nu kungsi kasaba
Unggal kecap reujeung paripolahna nyambuang kana lelembutan
Kumarayap dina satiap réngahap
Kumareumbing dina diri nu teu weléh nyaring

Simpé teu puguh déngé
Haté teu wéléh ngadalingding asih pangaping
Mirig lalakon katresna basa mangpuluh rasa kasono anjog kana haté urang
Imut salira mawur payuneun bangku taman, kembang kertas jeung sapasang kukupu pulas gandola
Teu kendat méré rasa kana haté nu beuki kumeleter

Peuting téh teuing ku jempling
Hawar-hawar nu kapireng ukur laguning dangding
Dipirig lalakon awaking nyeueung peteng sakuriling bungking
Mangsana kaasih urang ngamalir ka sagarana masing-masing

Bandung, Juli 2011




Bulan Peuting Ieu

Bulan moncorong luhureun papan réklameu, tower jeung kabel listrik nu pakuranteng
Disidik-sidik bet siga nu pias, konéas. Alum. Ngungun. Kebek ku kapeurih
Sorot socana angkeub, cumalimba ku cimata.

Bulan, naha anjeun surti kana laguning ati?

Bandung, 11 Agustus 2011

1 comments:

  1. Ieu mangrupikeun kasaksian anu kuring bakal béjakeun ka sadayana pikeun ngupingkeun. abdi parantos nikah salami 4 taun sareng dina taun kalima perkawinan kuring, awéwé sanés ngagaduhan mantra pikeun nyandak pameget kuring jauh ti kuring sareng salaki kuring ngantunkeun kuring sareng murangkalih sareng kami parantos sangsara salami 2 taun dugi ka maksadna tulisan dimana ieu lalaki Dr.Wealthy parantos ngabantosan batur sareng kuring mutuskeun masihan anjeunna nyobian ngabantosan kuring nyandak salaki kuring ka bumi sareng percanten ka kuring kuring ngan ukur ngirim gambar kuring ka anjeunna sareng salaki kuring sareng saatos 48 jam sakumaha anjeunna parantos ngawartosan, kuring ningali mobil nyetir ka jero bumi sareng éta éta salaki kuring sareng anjeunna parantos sumping ka kuring sareng murangkalih sareng éta sababna kuring resep ngajantenkeun anjeun sadayana dina masalah anu sami pikeun pendak sareng lalaki ieu sareng kakasih anjeun balik ka diri anjeun na email: wealthylovespell@gmail.com atanapi anjeun ogé tiasa ngahubungi anjeunna atanapi whatsapp anjeunna dina +2348105150446 Blog ieu: https: //wealthylovespell.blogspot.com ..... hatur nuhun pisan Dr.Wealthy. ...

    ReplyDelete

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com