Monday, December 24, 2012

Sajak Hujan



 Galura, Edisi III Mei 2011
Pananya Cihujan.
(Iwan M. Ridwan)

Aya nu baris ditanyakeun ka keclak cihujan panungtungan peuting ieu
Dimana lambaran-lambaran nasib kuring maluguran sanggeusna burinyay gelap ngaheumbat panghareupan nu karek diwangun tina kacinta?

Bandung, 2010


Panineungan nu digadabah
(Iwan M. Ridwan)
Aya haté nu mangkak basa hawa tiris ngagadabah sawangan
Dina elak-elakan katineung anjeun masih kénéh anteng nurihan jajantung ku rupa-rupa kaéndahan nu kalarung. Poho ka temah wadi. Tuluy diri kumalayang luhureun tingkaretipna kota Bandung.

Bandung, Mei 2008


Pinaringan anjeun
(Iwan M. Ridwan)

Anjeun masih kénéh inget kana jalan satapak nu kungsi disorang?
Jalan nu dicipta tina sasalingkuhan urang.
Sisi-sisina ngampar seuseungitan kembang nu mangkak handapeun srangéngé
Ngan di tengah-tengahna aya kapeurih nu ngagolontor bareng jeung cimata
Kuring panggih jeung anjeun handapeun béntang silantang
Tuluy urang pada-pada salingkuh.
Nyalingkuhan Pangéran.

Bandung, 26 Pébruari 2008


Hujan Wayah Wanci
(Iwan M. Ridwan)

Pras! Pris!
Girimis singpiripis
Maseuhan jalan
Maseuhan kandaraan

Cluk! Clak!
Hujan singparalak
Maseuhan haté
Maseuhan lamunan
Panghareupan milu palid jeung cileuncang

Bandung, 11 Agustus 2010

0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com