Ujung Galuh, Edisi 18 - 2011
Ki
Umbara téh ngaran samaran H. Wireja
Ranusulaksana anu dina umur 70 taun masih kénéh produktif dina kurung-karangna.
Heunteu ngan ukur ngarang dina basa Sunda Ki Umbara téh, tapi ngarang ogé dina
basa Indonesia, dalah kawilang onjoy karya-karyana téh.
Salaku
pangarang Sunda anu boga komara, tangtuna Ki Umbara boga ciri has anu ngabédakeun
jeung pangarang-pangarang Sunda séjénna. Anu paling karasa mah nyaéta pesan
da’wahna. Ajip Rosidi sorangan
nandeskeun yén Ki Umbara mangrupa pangdeudeul Sastra Da’wah Islamiyah.
Karangan-karanganana anu nyaritakeun alam siluman téh mangrupa hiji tarékah Ki
Umbara dina daw’ah ka kaum muslimin jeung muslimat yén manusa téh leuwih luhur
darajat jeung martabatna daripada siluman atawa jin. Kukituna dipiharep sing
saha waé anu macana ulah tepika kapangaruhan ku siluman atawa jin.
Ki
Umbara anu lahir di Desa Bendungan, Kuningan ping 10 Juli 1914 cenah ti keur leutik kénéh geus resep kana
hal-hal gaib. Kungsi ngadon saré di astana anu ceuk pangeusi lembur astana éta téh
mangrupa tempat bumén-buménna sabangsa jin jeung siluman. Lian ti éta sok
tatanya ka ajengan, atawa dukun anu ngarti kana hal-hal gaib. Nu matak teu anéh
mun dina sababaraha karya-karyana aya jangjawokan atawa jampé.
Taun
1963 Ki Umbara ngamimitian nyarpon téh. Judul carpon munggaranna “Kasilib”
medal dina Majalah Manglé, sarta meunang panglélér Hadiah Sastra Manglé taun
1964. Tah ti saprak harita karyana anu miboga téma hal ihwal gaib mimiti
ngalobaan. Karya-karyana téh dibukukeun dina sababraha antologi. Di Di antaranya: Diwadalkeun Ka Siluman (1965), Teu Tulus Paéh Nundutan (1966), Jurig Gedong Sétan (2003), jeung Haréwos Ti Nu Gaib (2005).
Ki Umbara akrab pisan kana alam pikiran Urang Sunda. Utamana
anu masih kénéh percaya kana tahayul, sétan, siluman, jin jeung sabangsana.
Ajip Rosidi dina makalahna anu diancokeun keur Seminar Tamaddun Melayu II di
Kualalumpur taun 1989 nyebutkeun yén carita-carita Ki Umbara mangrupa tutuluyan
tina Sastra Lama (heubeul). Nu matak teu anéh mun dina kabuktianana karya-karya
Ki Umbara dilélér hadiah katut layang pangajén saperti karya anu judulna Si Bedog Panjang (Dina edisi Bahasa
Indonesia Si Golok Panjang) jadi
pinunjul dina Sayémbara Ngarang Carita Basa Sunda jeung Bahasa Indonesia anu
diayakeun ku IKAPI taun 1967. Pon kitu deui carita “Kasilib” saperti nu geus
dipedar di luhur. Taun 2003 karya lalaki pangsiunan Kepala Sekolah SMP Muslimin
III Bandung ieu anu judulna Utara-Utari dilélér
Hadiah Samsoedi ti Yayasan Kebudayaan Rancagé dina katégori Buku Bacaan Anak Basa
Sunda.
Lian
ti carita ngeunaan dunia siluman jeung sabangsana, Ki Umbara nu lulus taun 1933
ti Normaal School Serang, ogé nulis
carita-carita Islami jeung komédi. Sababaraha karyana nu Islami téh di antarana
Nu Tareuneung (1986, terbit deui taun
2003) nu mangrupakeun carita sajarah Islam, Pahlawan-Pahlawan
Ti Pasantrén (1966 babarengan jeung S.A Hikmat), jeung Sempalan Tina Taréh Islam (Taun terbit tacan kacutat). Ari carita
komédi atawa nu leuwih merenah disebut carita “pandir” ngabogaan judul Si Lamsijan Kaédanan nu mangrupa carita jenaka
mirip Si Kabayan kalayan teu ngaleupaskeun kana pesan dakwahna.
Masih
numutkeun Ajip Rosidi dina Eundeuk-Eundeukan (1998), Ki Umbara kungsi
nyebutkeun yén niat nyieun carita ngeunaan siluman téh taya lian hayang ngaleungitkeun
tahayul anu salila ieu dipercaya ku masyarakat Sunda. Lian ti éta manéhna
ngaharepkeun karya-karyana téh bisa nambahan kayakinan kaum muslimin yén
ibadah-ibadah saperti solat, puasa, jeung sajabana mangrupa kawajiban anu teu
bisa ditinggalkeun ku kaum Muslimin.
Hal
ieu anu ngajadikeun karya-karya Ki Umbara pinuh ku papagah ngeunaan kaislaman.
Ku ayana hal ieu, netelakeun yén urang salaku nu maca kudu ngaronjatkeun
kapercayaan urang ka Alloh swt sangkan ulah sieun jeung keueung ku nu ngaranna
sétan atawa siluman jeung jin. Sabab salaku manusa, urang boga darajat anu
leuwih punjul batan maranéhna.
(Tina sababaraha sumber)
Salah sahiji Carpon Ki Umbara anu dileler penghargaan
DIGUSURAN JURIG
Ari batur mah
cenah asa boga hutang tèh mun kaliwat solat, kuring mah lain, nyaèta… mun aya
lalajoaneun teu lalajo. Teuing atuh, da mun ngadèngè sora goong tèh ceuli
ngadak-ngadak rancung, suku ngadak-ngadak garètèk. Keur digawè ogè teu welèh
èlèkèsèkèng. Lain ka nu deukeut-deukeut baè, malah ka nu jauh ogè ari ngadèngè
bèja mah tara teu mangkat. Mun teu mangkat tèh nyaèta asa boga hutang. Lain
babasan. Poèk dibèlaan ooboran, hujan dibèlaan papayungan tèh, jeung tara
gumantung ka batur deuih, batur mah rèk indit rèk henteu tara jadi sual, asal
awak waras duit boga … Ah, indit baè sorangan ogè!
Lain sakali dua
kali, tampolana keur gering ogè kuring mah ari ngadèngè sora goong tèh sok
ngadak-ngadak cageur.
Teu anèh mun
kuring disarebut lulutu. Tapi kuring
ogè tara ambek da enya.
Kawasna kuring
resep lalajo tèh, lalajo wayang atawa pèsta, turunan ti Aki, aki ti Bapa. Da
èta baè kuring kungsi ngadèngè bapa nyarita ka Ema,”Enya, aya budak resep-resep
teuing lalajo. Turun ka manèhna meureun karesep akina tèh!” Bèjana Aki mah
jenatna komo, lian ti resep lalajo tèh, resep ngibing, resep … mabok!”
Simana deuih
cenah Aki mah anu punjul tèh. Ceuk Bapa, “Sakumaha jagoan jeung bulubudna
jelema, tara teu kokoplokan dipuncerengan ku aki manèh mah. Teuing ngaji naon!”
Kaharti mun
Bapa teu terangeun “cecepengan” Aki tèh, da Bapa mah ku Aki dipasantrènkeun ti
bubudak.
“Keur mah Bapa ngabulubud, leuleugeur atuh manèh mah teu jadi kiai ogè, ngarti-ngarti kana
agama!” ceuk Aki ka Bapa basa miwarang masantrèn.
Aki tèh teu
damangna lila pisan, nepi ka pupus aya tilu taunna. Dina sakitu lilana, ngan
kuring anu langka absèn ngemitan ari peuting tèh. Anak jeung incu-incu nu
sèjènna mah teu cara kuring, ngaremitanana tèh ngan ari katingal rèpot baè.
Mun panyawatna
keur aso, Aki sok ngagelendut ngadongèngkeun pangalamanana. Resep ngadèngè
dongèng Aki mah, pitunduheun ogè sok ngadak-ngadak leungit. Teu cara
ngadèngèkeun dongèng Nini, ngan raja-jeung raja, ngan putri jeung putri baè,
jeung sok tuluy ditungtungan ku papatah deuih, matak bosen jeung matak ngajak
heuay. Nu didongèngkeun ku Aki mah kabèh ogè pangalamanana. Kayaning basa gelut
jeung bagong, gelut jeung bègal, dikoroyok ku limaan alatan parebut … ronggèng.
Nyaritakeun resep ngibing, pokna, “Mun Aki keur ngèjèr ngigel, kabèh nu
gareulis nareuteup ka Aki, marèntah diajak … imut!”
Geus lima taun
Aki tèh pupusna.
Bada isa bulan
kolot. Di langit teu aya bulan. Pihujaneun ngagarayot. Gang-ging-gungna sora
goong, di Dèsa Sèdaraja, geus kadèngè hawar-hawar kabawa angin ririh. Suku geus
kekejetan, hayang jung hayang jung geura indit. Tapi Bapa can sumping kènèh baè
ti masigit, teuing tuluy ka mana. Ari rèk indit baè, karunya Ema sorangan
keueungeun. Babaturan tangtuna ogè geus birat marangkat. Kacipta nu baroga
kabogoh, ngariringkeun kabogohna. Kuring geus teu ngeunah cicing …
Kurutak Bapa
sumping. Lakadalah, ceuk hatè.
“Tuluy ka mana
Bapa tèh?” ceuk Ema bari mangnyampaykeun sajadah dina parantina.
“Nyèta tuluy
ngalongok Ki Arma ngadadak gering payah.”
Ki Arma tèh
incu Aki kènèh,anak Bibi. Saenyana dulur kuring tèh ngan kari èta-ètana, da
lanceuk jeung adi-adina mah geus maraot, malah bibi jeung paman ogè geus teu
araya di kieuna. Ari kuring puguh budak nunggal, teu lanceuk teu adi.
“Kumaha
ayeuna?” Ema nanya deui.
“Rada aso basa
ditinggalkeun mah …Pèsta di mana tatèh, bangun ramè-ramè teuing?” Bapa nanya ka
kuring.
“Wartosna mah
pèsta bujang di Sèdaraja.”
“Geuning teu
lalajo?”
“Ngantosan
Bapa.”
“Da Bapa mah
moal lalajo.”
“Ema keueungeun
nyalira.”
“Euh, sugan tèh
…” pokna deui bari brek calik dina korsi. “Diuk heula di dinya, Bapa boga
picaritaeun!”
Beu, peuting
teuing atuh, ceuk hatè. Brek kuring diuk dina panuduhanana.
“Barèto
kira-kira genep bulan sadugna aki manèh pupus, Bapa keur nagog di sisi balong.
Teu kanyahoan ti mana jolna , gigireun geus aya lalaki kereng pikasieuneun.
Manèhna nyarita kieu, “Kaula tèh jauh ti Karawang.”
“Di mana
Karawangna?” ceuk Bapa.
“Moal
disebutkeun,” tèmbalna, “Da teu kabèh jelema terang lebah-lebahna, ari teu
kawènèhan-kawènèhan teuing mah. Ngan bapa andika di antarana nu geus terangeun tèh.”
“Jenatna Aki
barudak?” ceuk Bapa.
“Enya. Malah
pangna ayeuna kaula ka dieu ogè rèk ngala barang nu baheula diinjeum ku
inyana.”
“Barang naon?”
Da kula mah teu kapasrahan.”
“Bener teu
kapasrahan?” omongna bari merong.
Sanggeus Bapa
sumsumpahan, èta jelema ngati-ngati, pokna, “Mun andika bohong, rasakeun ulah
sambat kaniaya!” Les manèhna ngiles, teu puguh ka mana ngalèosna.
Bapa lila
ngaheneng.
“Ari tadi
sareupna waktu Ki Angga balik ti sawah, cenah manèhna papanggih jeung jelema
makè pakèan sarwa hideung, nananyakeun incu Aki Jaya, basana rèk diala. Ari Aki
Jaya tèh kapan aki manèh. Matak ulah lalajo peuting ieu mah, sieun, bisi enya.”
Meg asa
ditonjok angen. Kuring mah kajeun dicarèk dahar saminggu batan dicarèk lalajo
mah. Da kaharti Bapa tèh nyingsieunan. Tapi lain gè incu Aki, ari mundur ku
disingsieunan mah.
Waktu Bapa asup
ka pangkèng kuring ngojèngkang kaluar bari ngarawèl batrè anu digantungkeun
dina bilik. Mangkat lalajo.
Babaturan geus
teu aya sapotong-sapotong acan, kabèh geus naringgalkeun.
Poèk, poèk
lètèk. Jeung pras-pris deuih.
Samping
dibebentingkeun, baju diparèt dikancingkeun, totopong diteregoskeun. Gidig
leumpang ngagidig. Geus jauh ti lembur mah teu poèk teuing, rada ogè
remeng-remeng. Goak…. Beluk sataker kebek.
Pohara atohna,
katingal remeng-remeng di hareup aya nu ngarungkug ka ditukeun. Nyay disorot ku
batrè. Jauh kènèh. Kuring gogorowokan mènta didagoan, tapi teu aya nu nèmbalan
jeung terus baè laleumpang. Bari ceuceuleuweungan beluk leumpang beuki
digancangan, hayang geura-geura nyusul. Beuki deukeut beuki deukeut. Jep kuring
eureun tetembangan, lantaran kadèngè hawar-hawar sora nu jejeritan mènta
tulung. Bari nyorotkeun batrè terus, derengdeng kuring lumpat. Geus deukeut
pisan katingal dina caangna cahaya batrè, jelema duaan marakè pakèan hideung
ngabèbètèng nu teterejelan jeung jejeritan tulung-tulungan. Teu sak deui nu
keur di bèbètèng tèh … Ki Arma dulur misan kuring. Pudigdig kuring ambek.
Nyay-nyay batrè ngacongan bengeut-beungeut nu ngabèbètèngna. Masya Alloh ….
Barosongot, halisna karandel, panonna balèèr beureum. Pada-pada nyarekel
pepentung. Katingal Ki Arma dibakutet ku rantè anu tingbaranyay hèrang, Bareng
jeung bregna hujan, kuring narajang … Habek pepentung kana sirah …leng
kapoèkan. Teuing sabaraha lilana teu inget tèh. Inget-inget awak ngahodhod,
pakèan rancucut. Hujan geus raat, di langit bèntang ancal-ancalan, malah bulan
ogè geus tèmbong ngelemeng sagedè sisir. Sirah karasa lieur, tapi kuring
maksakeun balik sasat ngorondang ….
Nepi ka imah
kuring ema-emaan, mènta dilaan tulak. Kulutrak tulak dibuka, bray panto muka.
Lain Ema nu muka tèh, tapi anak tatangga—Nyi Enèh.
“Geuning Nyai,
ari Ema ka mana?” ceuk kuring ka Nyi Enèh. Geus biasa pisan mun Ema jeung Bapa
angkat wengi sarta kuring teu aya di imah, Nyi Enèh tèh sok kapeto nungguan.
“Tadi aya nu
nyusulan cenah, … Ki Arma maot!”
Leng…leng…
golèdag kuring meubeutkeun manèh kana tempat sarè. Sirah lenglengan,
titinggalan kararonèng.
Ti harita
kuring teu hudang deui, terus gering. Beurang peuting ditarungguan. Ema teu
eureun-eureun nangis. Bapa katingalna nguyung pisan. Mun peuting taya kendatna
ku nu ngaraos. Nu ngalandongan mah ngalandongan, ngesèh unggal Jumaah, tapi…
Inget kènèh
harita tèh bada isa, nu ngaraos rèang kènèh. Torojol-torojol … gulang-gulang
duaan marakè sing sarwa hideung. Nu saurang ngajingjing rantè munggah
babaranyayan bodas, nu saurang deui nyekel pepentung. Ningal
beungeut-beungeutna, ras kuring inget ka nu ngabarèbètèng Ki Arma barèto. Bari
teu ngomong sakemèk, reketek leungeun kuring dibakèkèng. Kuring adug-adugan
jeung jejeritan ogè teu dipalirè. Geredeg digusur ka luar. Kadèngè Ema
aluk-alukan, nu sèjèn rèang maridangdam.
Di buruan
nyampak kuda belang sadua-dua. Kuring ditaèkkeun ka nu hiji. Sala saurang
gulang-gulang tèa mancal kana kuda nu ditumpakan ku kuring, diuk tukangeun,. Nu
saurang deui nyorangan. Kuda digaredig … ditegarkeun. Cijoho, Cilimus, mèngkol
ka Sumber, Paselaran, Palimanan …. Bray beurang tèh geus nepi ka Kadipatèn.
Anèhna najan kuring tulung-tulungan sapanjang jalan, kabèh jelema anu kaliwatan
saurang ogè teu aya nu mirosèa, arongkoh-ongkoh baè. Ti Kadipatèn terus ka
Nyalindung. Liwat kota Sumedang. Mèngkol ka katuhu mapay jalan dèsa, bras ka
Subang. Ti Subang ka Kalijati, Cikampèk, Dawuan, Karawang … gampleng kuring
diteunggeul sirah satakerna. Lengngng…teu inget di bumi alam.
Inget-inget
geus dirariung ku jelema-jelema anu teu warawuh. Ningal beungeut-beungeutna,
bangun anu careuceubeun ka kuring tèh. Di antarana aya anu geus kolot pisan.
Awakna kuru kawas rorongkong jeung tina palebah cungcurunganana terus-terusan
merebey getih.
Ana gerem tèh
nu gigireunana ngagerem, peresis sora maung, “Silaing tèh bener incu Aki Jaya?”
“Bener!” tèmbal
kuring, males teugeug.
“Nyaho ka Nyi
Sarni?”
“Nyaho, bibi
kami, tapi geus maot!”
“Nyaho ka Ki
Nata?”
“Nyaho, salaki
Bibi Sarni, ogè geus maot!”
“Nyaho ka
Sarmun, ka Si Asman, ka Si Marni, ka Si Arma?”
“Nyaho, kabèh
anak Bibi Sarni jeung Mang Nata. Kabèh geus maraot.”
“Kabèh
digusuran ka dieu!”
“Hah?”
“Bongan Aki
manèh, Aki Jaya teu nohonan jangjina.”
“Na jangji naon
aki kami tèh?”
“Ayeuna ogè
manèh digusur ka dieu,” manèhna teu mirosè pertanyaan kuring. “Moal
dipulangkeun deui, mun manèh cara dulur-dulur, bibi jeung paman manèh teu
bisa nuduhkeun di mana disumputkeunana barang nu dijangjikeun ku Aki
manèh rèk dipulangkeun ka bapa kami.”
“Naon barangna
tèh?”
Sakali deui
manèhna teu mirosèa pertanyaan kuring, kalah ka pokna, “ Baheula, aki manèh
meredih ka kokolot kami di dieu, sangkan dibèrè jimat anu maunatna matak
dipikagigis ku sasama. Nya dibèrè kalawan perjangjian. Kahiji, anak incuna teu
beunang dipasantrènkeun. Kadua, Sanggeus aki manèh maot, èta barang kudu
dipulangkeun.”
“Naon sababna
anak incuna teu beunang dipasantrènkeun?”
“Lantaran nu
ngigama mah moal bisa digusur ka dieu, saperti Bapa jeung indung manèh. Untung
nu sèjèn-sèjèn mah teu ngarigama, manèh ogè henteu.”
Mèmang Bibi
Sarni, Mang nata jeung anak-anakna tèh henteu ngarigama pisan. Nya kitu deui
kuring. Kakara kuring ngarasa hanjakal. Meureun mun kuring barèto daèk mah
dipasantrènkeun ku Bapa, ayeuna tèh moal kasarad kieu.
“Ayeuna aki
manèh geus maot, geus aya lima taunna. Tapi èta barang tèh lain dipulangkeun,
malah disumputkeun. Ayeuna kami rèk nanya, di mana èta barang disumputkeunana?
Mun manèh teu bisa nuduhkeun, sirah manèh baris dipakè tatapakan di dieu, cara
bibi, paman, jeung dulur-dulur manèh.”
“Enya, naon
atuh barangna tèh?”
“Tuh tènjo!”
bari nunjuk ka aki-aki nu kawas rorongkong tèa. “Geus mangtaun-taun bapa
kami disiksa, diteukteuk tungtung cungcurunganana ku kokolot. Paneukteukanana
dibikeun ka aki manèh dijadikeun jimat tèa. Ayeuna èta kokolot nu telenges tèh
geus diganyang ku kami sarèrèa, ku rahayatna. Pok sebutkeun, di mana
disumputkeunana èta barang ku Aki manèh?!
Leng kuring
nginget-nginget …. Tapi asa tacan kungsi nènjo Aki kagungan jimat nu kitu.
Cenah tungtung cungcurungan, boa-boa … tungtung cungcurungan-cungcurungan kitu
mah … buntu. Ras kuring inget, mèmèh pupus tèh Aki maparin iteuk ka kuring.
Saurna, “Sumputkeun sing buni!”
“Teu nyaho ari
nu kitu mah,” tèmbal kuring, “Aya sotèh nu dipiwarang disumputkeun tèh …
iteuk.”
“Iteuk naon?”
“Waregu.”
”Kumaha
rupana?”
“Lorèng-lorèng
kawas buntut maung.”
”Enya, èta!”
omongna giak pisan. Nu sèjèn caruringhak. Komo si aki mah. “Di mana ayeuna?”
“Di imah,
diselapkeun di jero bilik.”
Gancangna èta
jelema nyalukan gulang-gulang nu nyarulik kuring. Maranèhna dititah mulangkeun
kuring bari nyokot iteuk tèa.
Kuring
ditaèkkeun deui kana kuda cara tadi basa dibawa ti imah. Berengbeng-berengbeng
kuda dilumpatkeun …
Nepi ka imah
kasampak waruga kuring geus digojodkeun nyanghulu ngalèr, bari pada
nyaleungceurikan.
“Itu iteuk
waregu jeroeun bilik pangnyandakkeun, alungkeun kaluar ka nu poèk!” ceuk kuring
bari nunjuk. Puguh baè rèa nu tibuburanjat, malah teu saeutik anu laumpatan
sarieuneun.
“Hirup deui!
Hirup deui! Allohu Akbar!” Kolot-kolot mani rècok.
Uwa marebot
ngojèngkang, ngadudut iteuk tina jero bilik, sakumaha panuduhan kuring.
Tuluy dibawa kaluar, dialungkeun.
“Aya nu
nyanggap ti nu poèk!” omongna ka nu araya.
Ayeuna kuring
jadi wekel solat, da sieun kasarad deui.
Tina Jurig Gedong Sètan, Karya
Ki Umbara
0 comments:
Post a Comment