Wednesday, December 12, 2012

Warisan




Galura edisi II Desember 2012

Panon poé geus lingsir ngulon. Bérés solat lohor indit téh. Ngahaja wé hayang ulin. Panasaran pangpangna mah. Padahal mah sawah éta-éta kénéh. Hayang dibarengan téh ku Ambu dumeh ti baheula ogé  tukang ngingintil mun seug usum ka sawah. Meureun ayeuna téh minangka malikeun deui kakangen. Mapayan deui kasono nu baheula kungsi ka papalerkeun. Sanggeus mangtaun-taun ninggalkeun kahirupan pilemburan, karék ayeuna deui nincakeun suku dina galengan sawah. Leumpang handapeun panon poé anu panasna beuki narikan. Ray poé ray poé téh kalah mingkin nyongkab karasana. Kaayaan lembur jeung kota téh geus teu geseh deui. Panas. Nyongkab. Siga harita.  

Geus loba parobahanana jalan anu diliwatan téh. Pangpangna mah tatangkalan geus teu sarempeg baheula. Kebon-kebon geus lalénglang. Paimahan beuki nambahan. Cai walungan geus teu saherang baheula. Dalah kaitung saat. Cucuruganana kawas anu geus kasaeur. Sédong-sédong nu nyarangkedong teu katingali aya tanda-tanda kahirupan. Kawasna geus ditaringgalkeun ku pangeusina sabangsa lélé jeung bogo atawa kokocol. Atuh pon kitu deui rungkun-rungkun awi nu aya luhureunana teu saiuh baheula. Sawaréh kari tunggulna. Sawaréh geus buruk tapi témbong garing. 
 
Aya meureun kana tilu parapat jamna mah kakarék anjog ka nu di tuju. Lénglang ayeuna mah sawah téh. Tangkal kalapana kari tunggulna. Cenah dituaran keu si Akang keur nyieun garasi jeung gudang gemuk. Dibeuli éta ogé. Lain dipénta teu pupuguh. Ngan dibeulina ka Ambu. Basa can dibagikeun sawahna. Baé cenah ngarah hégar. Ngarah alus kana paréna. Jeung deui apanan sok bosen kudu ngayuman mun seug langari atawa baralakna ninggang ka tengah sawah.  

Ari tangkal manggah, geuning saruwa geus euweuh. Tangkal anu biasana ngiuhan sisi gawir téh kari tapakna. Tunggulna gé digali majar téh dijieun suluh. Padahal éta manggah téh sok leubeut nakeranan baheula mah. Buahna baradag puguh gé manggah golék. Anu matak dituar, saur Ambu mah paéh. Duka teuing kunaon. Majar tangkalna garorowong ku uter. Teuing hileud. Enya meureun sabab ayeuna mah geus euweuh caladi anu biasana patingkaletrok néangan  hakanan kana tatangkalan.   

“Sok ngarumas Ambu mah, Sujang.” Saur Ambu basa anjog ka lebah gawir anu masih kénéh aya tangkal nangkana.

“Ngarumas ku naon, Ambu?” Jawab téh pondok. Kitu ogé bari ngarérétan kaayaan.

“Enya apanan ieu téh titinggal Abah, sakikieuna. Bisa boga sawah téh éstuning ladang itikurih tikokorohét. Mélaan kuru cileuh kentél beujit. Puasa ampir unggal poé da boga pangasilan saeutik dikekempét hayang aya tapakna.” Saur Ambu deui.

Kuring ukur ngajawab ku cicing minangka ngaényakeun téh. Pantes atuh Ambu boga rasa kitu sasatna boga sawah téh ladang bajuang Abah jeung Ambu ti babaheula. Rumah tangga aya kana lima puluh taunna. Sagala dijalanan ku duaan. Sagala meurih. Sok inget kana caritaan aranjeunna, mimitina mah ukur ngagadé boga duit meunang kula-kuli téh. Lila-lila nya bisa kabeuli sabébécék. Tuluy saeutik-saeutik nambahan. Tina laladangan hasilna bari ditambahan jeung kula-kuli téa. Baheula mah Ambu gé kungsi wawarungan. Cenah lumayan untungna téh sabab anu mareuli kadang teu apal haregana.  

Enya atuh wajar wé Ambu bisa ngabatikeun saharga asal mah cacakan balanjana ogé meunang hasil leumpang aya kana sapuluh kilona. Teu sirikna indit ka pasar téh jam dua jam satu peuting. Ngemplad lalampahanana. Abah anu balanjana mah. Ambu biasana popolah ti subuh kénéh. Dakar-deker nyieun itu ieu sabangsaning goréng-goréngan jeung papais. Kitu mungguh jajanana baheula mah. Minangka kuah-kuéhna téh noga jeung téngténg. Atawa lapis legit jeung simping amis, kueh semprong. Kalolobananana mah sabangsaning kadaharan olahan wé saperti gegetuk, dodongkal, gulakatingker, bakecrot, jeung kuéh ali. Parajineun Ambu mah sok nyadiaan loték jeung karédok atawa sirop dawegan.

Lamun roko cenah keur laku-lakuna harita mah roko cap munding. Atawa bako. Bako cap nona téa. Sok sanajan ukur warung siga kitu gé eusina teu burung ramé. Cacakan di éta lembur ukur indung kuring nu ngawarung. Malah ti lembur séjén ogé sok ngahaja daratang. Da éta meureun di lembur manéhna mah euweuh warung. Mun ras inget deui ka dinya, ngawarung sotéh éstuning ngahaja usaha. Kampal-kumpul sasieureun sabeunyeureun susuganan jadi onta. Geuninganan meunang wawarungan téh teu cumah. Tapi bisa nambahan gadéan sawah. Ngan eureun-eureun sotéh sanggeus boga si akang anu ka tilu, majar jamanna geus beuki dieu mah beuki ramé. Loba warung anyar. Keur mah deuih apanan arang kasiwer da boga gadéan téa katambahan ku paparoan bogana Haji Sadili urang Cipanas, loba éta mah sawahna. Atuh orokaya ngawarung téh dieureunan. Da ceuk pamikir Abah, mending tatanén waé. Wawarungan mah dina hiji mangsa bisa bangkrut, da enya wé atuh éta ogé loba nu nganjuk ngahutang. Nu matak saméméh ngalaman rugi anu leuwih gedé mending dieureunan harita.  

“Kunaon siga anu ngalamun?” saur Ambu.

“Ah henteu, Ambu.” Témbal téh sakasampeurna.

“Tah anu hidep mah ti handapeun tangkal manalika ka tungtung itu.” Ambu nuduhkeun sawah tonggoheun anu disanghareupan. Enya wé aya tangkal manalika sok sanajan geus témbong ngarangrangan. Majar téh anu kuring mah panglegana sabab teu meunang tanah darat. Sedeng lanceuk-lanceuk anu séjén mah apanan geus narempatan imah di tanah darat anu aya sisi jalan mangsa Abah aya kénéh. Orokaya teu pati gedé kabaragéan tanah sawahna téh. Nya sakitu gé tiba uyuhan atuh, titinggal ukur sacangkéwok dibagikeun ka sakitu ahliwaris anu loba. Mun téa mah pasipatan anak-anak Abah sararakah geus pasti bakal pipaséaeun. Tapi ieu mah éstuning salaladar jeung sabar. Kawasna téh teu dibagikeun  ogénan moal ieuh naranagih. Buktina geuning titinggal téh karék dibagikeun sanggeus dua taun ditinggalkeun ku Abah. Enya itu ieu patunjuk-tunjuk pajarkeun pék waé kuring mah teu kudu pipilueun, nyaho bérés wé. Tapi pan ceuk katangtuan kabéh kudu nyaksian pikeun nyegah boh bisi aya salah sahiji anu teu sugema. Nya ahirna mah saréréa bisa kumpul ogé sok sanajan tiba ngukur hungkul kawas kuring jeung Si Étéh ka tilu. Sabab manéhna teu bisa lila-lila ninggalkeun kulawargana. Ninggang waktuna dipasing-pasing mah kuring jeung manéhna baralik deui ka pangumbaraan. Anu ngaruruskeun nya Si Akang anu kahiji, kadua jeung katilu. Sasatna kuring mah lalaki pangleutikna jadi sagala ogé sok loba dipasrahkeun ka Si Akang anu panggedéna.   

Éta ogé cenah ngan ukur mutuskeun sagalana, ari leuwih getén mah apanan diurus ku Si Akang anu kadua. Enya da Si Akang anu ka hiji mah lolobanana tara aya di imah. Kaditu-kadieu waé pagawéanana téh. Keur mah sibuk nguruskeun pagawéna ogé deuih. Enya kangaranan di kampung mah anu disebut pagawé sotéh pagawé kasar tukang aras-urus. Tukang kula-kuli. Siga tukang ngaléktor, tukang moé kacang jepun, tukang moé jeung ngala cengkéh mun dina usumna. Sok sagala dicabak atuhda manéhna mah. Teu betah cicing di imah. Pajar turunan Abah anu ti leuleutik hirup dipangumbaraan. Ah naha bet los-los ngomongkeun Si Akang. Enya meureun asa aya anu ngaganti Abah, ceuk Ambu éta ogé.

“Omat nya, sing inget wasiat Abah. Boga titinggal satapok tutut ogé ulah hayang ngajual. Keur bekel hirup-hurip, ala tina hasilna wé. Lamun hayang anu leuwih gedé, ikhtiar ku sorangan ti luar. Kumaha waé carana mah anu penting halal. Da urang mah manusa dibekelan akal ku Gusti.” Saur Ambu minangka pangéling-éling Abah anu kungsi disaurkeun ka kuring.

Enya. Kuring gé teu wani ari kudu ngalanggar kana wasiat Abah mah. Tapi kuring ayeuna keur kasedek ku pangabutuh anu duka teuing kudu kumaha ngungkulanana sasatna kuring geus buleud hayang asup deui ka Universitas nuluykeun pasca. Geuning sakitu tohagana waragad anu kudu dikaluarkeun. Sedeng kuring kudu ngandelkeun ti mana da apal sorangan pakasaban wartawan mah geuning matak pikawatireun. Hapunten Abah, Ambu, mun isuk jaganing géto kuring udar tina wasiat sarta ngalanggar amanat. (Iwan M. Ridwan)

(Rengse, Bandung 10 November 2012)




0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com