Monday, December 24, 2012

DOKTER DINAR


Jangkung. Pakulitan héjo carulang. Nganggo kacamata ucing. Sedeng dangdosan bararuni. Mastakana dicindung lengkung. Acuk tangan panjang, ka handapna lancingan jeans coklat. Simpel. Tapi mungguh katingalina matak pikaresepeun balaréa. Tong boro jajaka saumuranana dalah kaum wanita ogé kolot budak teu sirikna taya saurang ogé anu teu mikaresep. Unggal énjing angkat ka kantor nganggo hartop beureum ati. Nyupiran nyalira. Sugan mah kasampurnaan wanoja dunya téh aya di anjeunna. Aéh, sareng ahératna kétang. Widadari surga. Sasatna kana ibadah tara ieu kaliwat. Kasasama teu weléh nyebarkeun imut pangirut tandaning jiwana suci bersih tara ieu aya sifat panyakit haté. Basana sopan santun. Tatakramana dianggo, luyu jeung katangtuanana.  

Dokter Dinar namina. Lulusan sarjana kedokteran héwan Institut Pertanian Bogor taun kamari. Lulus sarjana langsung diangkat jadi dokter héwan ku dinas peternakan Jawa Barat. Tugasna ngontrol kaayaan peternakan tatar Priangan Wétan. Ti mimiti kaséhatan ternakna, panyakit anu biasana sumebar di peternakan tug tepika tata cara penanggulanganana. Tos pasti ari penyuluhan ka désa-désa mah ngeunaan kaséhatan anu aya patula-patalina jeung sato. Kayaning sosialisi pencegahan penyebaran wabah virus H5N1, alias flu burung. Cara ngarawat ingon-ingon anu hade, jeung sajabana ti éta. 

Énjing kénéh Dokter Dinar tos angkat. Nganggo hartop beureum ati anu satia nyarengan salalawasna. Sinarieun angkatna rada nyubuh. Saurna mah dines ka daérah Wado, aya peternakan anu mahabu deui panyakitna. Hayam ternakna méh unggal jam pararaéh. Dina sakali téh aya welasna. Mun mah dikumpulkeun dina sapoé aya kana ratusna. Kitu ibar nu katampi tina telepon. Ku lantaran éta anjeunna asa ngagaduhan tangel waler anu pohara. Mun mah teu geuwat ditalungtik, teu pamohalan bisa ngabarérang ka ternak-ternak anu séjén. Kawas anu kajadian di Singaparna saminggu katukang. Mun mah teu geuwat dicegah hamo bisa katulungan.
    
Sok sanaos salira wanoja anu campernik, nyeplés Nyimas Putri Diahpitaloka, tapi ari ngajalankeun mobil mah moal éléh ku pembalap rélly anu biasana offroad. Da éta anjeuna ogé teu bénten ti offroad. Cacakan jalan pakampungan anu sawaréh ukur dibalay ku batu, anjeuna ngajalankeun mobilna teu ieu sugan ngeuyeumbeu kawas tutut. Ieu mah éstuning muru waktu malar bisa sagancangna anjog ka tempat tujuan.

Sapanjang jalan ogé teu ieu aya nu maturan ari lain anu PPL mah. Kari-kari ayeuna anu PPL-na geus bérés. Nyorangan, keur anjeunna mah tara ieuh jadi soal, majar gubrab ka alam dunya gé sorangan. Ayeuna cacakan bur-ber kaditu-kadieu teu weléh nyalira téh ieu sugan aya inggis ku bisi rémpan ku sugan. Tapi éstuning dijalanan kalayan ikhlas lilahita’ala. Nu majar padamelan anu ayeuna dilakonan téh itung-itung ibadah. Meungkeut silaturahmi kaditu-kadieu. Tutulung kanu keur meunang kasusah, utamana para peternak di kampung-kampung. Sakalian jadi tantangan pikeun negerkeun kakuatan jiwa ragana. Enya ari kitu téa mah bet arang langka pisan aya wanoja anu siga dirina. Teger dina nyandangan sagala pasuala. Kuat pisik kuat batin. Sugan aya paribasa ngangluh atawa luhlah. “Taya kecap mustahil mun urang bisa ngusahakeun.” Kitu babasaanna téh. 

Nyorangan lain hartina taya anu haat mikanyaah. Apanan ceuk tadi gé rék saha jalmana anu teu resep ka anjeunna. Anu sagala tingkah lakuna éstuning pujieun. Geus puguh ari sacara visual mah, lalaki mana anu teu matak kairut. Loba jajaka anu tipoporosé nyieun tarékah sangkan diaku dina haténa. Loba nonoman pagaya-gaya sangkan kapeunteun ku anjeunna. Loba lalaki anu geus  mapan ngarajak serius ngiketkeun tali kaasih. Tapi anjeunna teu weléh nampik bari teu matak ngaraheutkeun haténa. 

“Pami jodo mah moal ieuh kamana lumpatna, ngan dina danget ayeuna sim kuring masih hoyong ngasakkeun karier dina widang kadokteran.” Kitu anu biasa dianggo jawaban ka satiap anu datang ngetrokan panto manahna. Saurna deui badé silaturahmi mah taya lepatna, ngan anjeunna moal tiasa masihan harepan anu langkung.  

Saminggu katompérnakeun anjeunna nembé mikawanoh wartawan tivi anu pareng ditugaskeun di wilayah Priangan Wétan. Teu ngahaja amprok di tempat kerja. Harita téh keur kaparengan aya wabah flu burung anu mahabu di Singaparna téa. Atuh anjeunna sibuk nangenan ternak sedeng si wartawan ngaliput éta kajadian. Anjeunna ogé teu kakantun diwawancara. Ti saprak éta si wartawan ngawanohkeun diri. 

Radhit ngaran éta wartawan. Soméah. Bubuhan kitu ari wartawan mah meureun. Sabab kahirupanan teu weléh baur jeung sasama. Boh jeung wartawan deui atawa jeung masyarakat. Malah ka pajabat ogénan bisa akrab. Larsup ka kantorna ogé. Radhit mah béda pisan jeung lalaki anu dipikawanon saméméhna. Radhit mah jalma basajan. Hirupna gé sederhana. Teu sugan mamérkeun itu ieu ka Dokter Dinar malah mandar hayang mincut manahna. Tapi Radhit mah jalmana belak-belakan. Jujur. Cenah lila-lila teuing pédékaté ari ujung-ujungna kadinya mah. Mun mah manéhna ngarasa resep nya manéhna sok jujur harita. Kawas anu kaalaman harita ka Dokter Dinar. Tepika dina saminggu éta Radhit getén neuleuman kahirupan Dokter Dinar. Sagala perhatian Radhit ditamplokeun. Kungsi nganjang ka bumina, anu sakitu daréhdéhna keluarga Dokter Dinar mah. Ibu ramana teu ieuh sugan ngasaha-saha. Kitu deui wargi-wargina. Éstuning Radhit henteu disémahkeun.    
Ngan kitu geuning Dokter Dinar mah sok sanajan kumaha waé ogé sikep lalaki ka anjeunna teu ieuh bisa ngalunakeun manahna. Angger dina prinsip hirupna. Masih kénéh palay ngasakkeun karierna. Bet asa mustahil puguh ceuk pikiran Radhit mah, naha milari anu kumaha atuh  ari Dokter Dinar. Anu sumping nganggo sédan teu diladénan. Anu nyandak kijang ukur cekap ku tepang. Anak juragan ukur cekap kenalan. Enya sakapeung mah Radhit poékeun pisan kumaha carana maca pikiran anjeunna. Mun mah mojang sapantaranana geus taya nu lalagasan dalah teu saeutik anu geus reuay ku anakna, Dokter Dinar mah éstuning teu kapangaruhan ku hal éta. Pamadeganana kuat moal gedag kaanginan.   

Radhit sakitu keukeuhna ngayakinkeun anjeunna. Tapi lebeng taya régrog-régrog kaputusanana. Tapi Radhit mah mémang béda tinu séjén. Haat jeung mikanyaahna mah angger wé teu jadi béda duméh geus apal rasa haténa nogéncang. Cenah ceuk manéhna, kaikhlasan anu matak manéhna teu ieuh asa ditampik atawa teu dilayanan. Da geuning kabuktianana mah Dokter Dinar sugan aya sakali mangsa ngapilainkeun Radhit. Ieu mah henteu, soméah waé. Itu ieu tara ieuh aya anu diantepkeun, boh perhatian atawa kanyaahna Radhit, Dokter Dinar teu weléh nampi. Ngan cintana hungkul sigana anu acan ditarima téh. 

Léok. Mobil méngkol ka katuhu. Sup ka jalan leutik. Kénca-katuhueunana sawah anu paréna karék tutup rampak. Jalan téh baseuh kénéh sok sanajan wanci geus ampir jam salapan. Ibun masih kénéh aya nu témbong tinggrenclang dina tungtung-tungtung daun paré. Tingborélak katojo mata poé. Sawaréh maluragan kaendagkeun manuk piit nu geus ligar néangan hakanan. Breng  halaliber basa mobil hartop beureum ati ngaliwat. Hartop anu dianggo ku Dokter Dinar ngalangkung seja muru hiji tempat. Léok deui ka kénca. Hartop téh asup ka pakarangan paviliun. Parkir diburuanana. Gesat-gesut Dokter Dinar lungsur tina hartopna. Nyandak tas jingjing hideung badis koper. Eusina pereték ku alat-alat kadokteran héwan.  

Jrut turun langsung muru ka tukang ngaliwatan pipir paviliun. Brasna ka kandang peternakan. Kasampak jalma geus ngagimbung. Pangpangna mah nu garawé jeung anu boga peternakan.  Sawaréh pahibut kénéh ngarumpulkeun anak hayam anu geus ngajalalepeng. Hayam téh kawas anu karacunan. Bruh-brah patulayah di ditu di dieu. Pamatukna ngelay. Awakna heuras. Kawas anu karacunan tina hakanan.  

Nu boga kandang rawah riwih. Kawas lain lalaki. Cakah-cikih kaditu-kadieu. Kawas hayam rék endogan. Bet aya ku kituna éta mah jelema. Lain aya ku sabar jeung tawakal.  

“Tah geuning Bu Dokter datang. Kumaha ieu teh, Bu?” omongna basa Dokter Dinar dugi ka payuneun kandang.

“Mangga urang parios heula, Pa!” Walonna rada tenang. Kitu mungguh anjeunna mah mayunan pasualan anu sakumaha gedéna ogé teu ieuh jadi geumpeur.

Sabada ngawalon, anjeunna lebet. Bari mapah, anjeunna masang masker sareng sarung tangan karét. Nyaketan hayam anu geus meunang ngagundukeun pagawé ternak dina émbér. Méméh niténan bugang hayam, anjeunna ngaluarkeun sénter sareng kaméra digital tina tas hideungna. Jeprét dipoto aya kana tilu kalina. Laju nitenan deui waruga hayam.   

“Ieu mah sanes karacunan pakan atanapi obat, Pak.” Sanggem anjeunna.

“Lain karacunan kumaha ari Bu Dokter? Sidik éta téh gagara pakan dicampur jeung obat ti dokter. Tuh sungutna ogé ngarelay kitu. Pokona saya teu hayang nyaho, dokter kudu tanggung jawab. Dokter kudu ngaganti karugian usaha sayah.” Anu bogana popolotot. 

Dokter Dinar ngahuleng sakedapan. Bet jadi kieu pasualanana. Manéhna téh apanan lain konsumén anyar-anyar. Naha tara-tara biasana gé teu pernah kaalaman kasus samodel kieu. Malah sababaraha bulan katompérnakeun asa ku bageur ieu klien téh, ayeuna bet dumadak jadi kieu. Enya atuh saméméhna mah geuning mani osok daréhdéh pisan. Teu sirikna anjeunna gé sok dituangleueutkeun. Kari-kari ayeuna jadi kieu.   

“Perkawis karugelan Bapa, janten tangel waler perusahaan anu gaduh obat, upami mémang leres karacunan obat mah. Ieu mah sanes karacunan tina obat, Pa. Namung aya zat kimia anu sanés anu lebet kana patuangan hayam.” Tandes Dokter Dinar.

Éh Dokter masih kénéh teu ngaku. Dokter téh bisa teu sih sabenerna. Boa-boa dokter gadungan, teu ngarti kana obat. Boa-boa dokter mah sirik pédah ternak hayam saya salila ieu tara kaserang panyakit. Daék dokter dilaporkeun ka pihak berwajib?” cenah jejebris bari indit. 
 
Keclak! Satungtung digawé kakara harita Dokter Dinar ngeclakeun cisoca.  Haté asa katurih. Sumanget ngadadak ilang. Enya rék saha jalmana atuh anu moal nyeri haté meunang perlakuan kawas kitu. Cacakan jiwa anu biasa teger ogé bet ngaleketey. Bari pinuh kukapeurih anjeunna neraskeun tugasna. Mungguh kawajiban mah teu bisa tinggalkeun kitu waé. Bari nyumputkeun kuciwa, anjeunna satékah polah ngubaran ternak anu masih kénéh témbong engapan. Lolobana mah disuntik hayam téh. Éta ogé sawaréh bisa kapuluk. Cacakan dibantuan ku sababaraha pagawé ternak.   
“Istirahat heula, Bu.” Ceuk salah saurang pagawé ternak.

“Ah moal, hoyong bérés sakalian.” Walerna satengah imut. Enya wé teu lami deui ti harita sadayana tos bérés. Teu ngantosan lami deui, anjeunna saged deui laju amitan kanu aya di dinya.
  
Teu kungsi lila hartop beureum ati kaluar deui ti pakarangan paviliun peternakan hayam. Muru tempat séjén luareun kota. Mangprung deui dina jalan pakampungan. Jalan anu ngan ukur dibalay ku batu. Tapi hartop beureum ati teu ieu ngalaunan lajuna. Luak-léok mapay jalan tarahal. Kénca  katuhueunana jungkrang. Mobil téh hantem beuki narikan. Gejrug ngagéléng batu sakedé kalapa. Pul ngampul dina bélokan. Léok mobil teu bisa nahan kasaimbangan anu sakuduna méngkol ka lebah kénca ieu kalah lempeng. Kurusuk kana rungkun. Gorobas. Koleang. Hartop beureum ati murag kana jungkrang. Gebrus.  Kana dasar jurang.

Nu nyérangkeun ti kaanggangan seuri nyakakak bangun anu gumbira pisan. Kawas anu meunang sarebu macem kabagjaan. 

“Rasakeun siah Dokter Dinar, barukanan kumaha rasana nyeri haté téh. Ulah kéna-kéna manéh bugak ngora geus jadi dokter, kumawani nolak juragan ternak. Rasakeun siah fitnah aing. Ternak aing diracun ku aing sorangan supaya manéh anu katempuhan. Tepi kadinya geuning nasib manéh téh. Teu pira aing ukur megatkeun kabel rém.” Omonganana tatag pinuh ku kabungah.
*** 

“Hatur nuhun Kang Radhit parantos kersa jajap abdi ka rorompok. Hapunten parantos dirérépot.” Saur anjeunna. 

“Sami-sami Néng Dokter. Kedah diistirahatkeun pami kirang séhat mah.” Waler Radhit.

“Nu mawi nelepon bagian umum kantor ogé bet asa ku seunggah nyandak mobil téh. Asa teu aya sumanget dinten ieu mah hoyong énggal-énggal uih. Hadéna waé Kang Radhit parengan sumping ka tempat tugas abdi.” Waler Dokter Dinar bari neuteup anteb kana panon Radhit. (Iwan M. Ridwan)

 (Rengse, Bandung 20 Desember 12)  

0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com